Jumat, 22 Oktober 2010

OPRASI

OPERASI

oleh Hena Sumarni, 15 Juli 2010 
Rebo, 14 juli 2010. Rada hariwang hatѐ tѐh. Ongkoh cenah geus miang ti Ciparayna mah budak tѐh, tadi isuk jam 08.00., tapi geus jam 10.30 tacan norojol kѐnѐh waѐ. Kapan biasana gѐ ti Ciparay ka Cimahi tѐh ukur sajam saparapat. Leuh...pikahariwangeun baѐ budak tѐh.
Kuring narik napas panjang, rumahuh, meupeuskeun kahariwang nu motah ngagalura. Gerung sora motor ka hareupeun imah, satengah ngajleng muru kana panto. Kulutrak dibuka, alhamdulillah, ahirna nu keur ditungguan tѐh norojol. Nu turun tina motor tѐh diteuteup, riuk beungeutna bet bѐda ti sasari. Ngungun tur alum sarta ciga ngemu kaceuceub anu luar biasa. Satengah ngabeubeutkeun manѐh diuk kana korsi gѐ. Ku kuring disampeurkeun, bari dicekel taktakna pok ditanya, “ Ko naon Isep tѐh?’
Jeung ngajawab mah budak tѐh kalah ka nyegruk ceurik. Leungeunna nu katuhu dipeureupkeun. Tuluy diteunggeul-teunggeulkeun kana dampal leungeunna nu kѐnca, bangun anu kacida ambekna. Diantep ku kuring tѐh, sina budal heula kakeuheulna. Lѐos ka dapur rѐk nyokot cai.
Sirop tiis tina kulkas diasongkeun ka Isep. Isep teh alo kuring ti Ciparay. Ngahaja poѐ ѐta ulin ka Cimahi, nganteurkeun bѐas anyar, saur mamahna, hayang kaasaan ku kuring.
Leguk cai tѐh diinum. Meni ngalekik ciga nu halabhab pisan. Ti mimiti datang polahna tuluy disidikkeun. Kuring banget ku ngarasa hѐlok. Panasaran, sanggeus budak tѐh leler, pok baѐ ditanya, naon anu ngabalukarkeun manѐhna kitu peta tѐh.
“Ku naon ari Isep, tara-tara ti sasari, bet ciga nu ambek geuning barang jol ka dieu tѐh?” ceuk kuring.
“Hapunten Bibi. Muhun abdi tѐh ambek. Keuheul deuih. Tapi da sanѐs ka Bi Irna!”, ceuk Isep bari dareuda.
“Bet elat nepina. Macet?” , ceuk kuring.
“Henteu Bi. Mung nuju aya operasi gabungan. Ampir di unggal parapatan aya pamariksaan. Lebah Parapatan By Pass abdi dicegat. Saurna abdi ngalanggar peraturan. Da SIM sareng STNK mah nyepeng abdi teh. Lampu hareup sareng lampu sѐn motor Mio abdi dipolѐt ku warna beureum. Variasi ciga kitu tѐh teu kѐnging saurana. Ahirna abdi karoroncodan Rp. 35.000. Jaba mung sakitu-kituna artos nu aya dina dompѐt tѐh. Ditawar Rp. 5000 gѐ teu masihkeun. Sanggem abdi tѐh sѐsakeun lima rѐbu wѐh keur meuli cai. Ari dijawabna tѐh “euweuh, teu bisa” cenah. Bari ti popolotot kawas ka sato baѐ ka abdi tѐh. Sok Bi, saha anu teu ambek dikitukeun. Asa dirampog abdi tѐh”, ceuk Isep.
“Nyaah teuing, keun ke ku Bibi dipasihan kanggo bekel uih mah, cing kagentosan deui artos anu dirampog tѐh”, ceuk kuring bari ngusapan taktakna.

Cimahi, 15 Juli 2010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar