oleh: Hena Sumarni, 07 Juni 2010
29. Nomer calana jeans anu biasa dipake ku kuring teh. Beurat awak kuring 52 kg, ari jangkung 157 cm. Sok sanajan teu kaasup kana ukuran ideal tapi sakitu mah lumayan. Henteu kuru teuing, ogѐ henteu lintuh teuing. Henteu pendek teuing ogѐ henteu jangkung teuing. Malah sok ngarasa reueus sakapeung mah, sabab sok jadi panyirikan babaturan di kantor. Majar cenah kuring mah awak sampayan, disangsangan karung butut ogѐ pantes baѐ. Beu, ari karung butut teuing mah piraku kѐtang! Alhamdulillah......ieu sabagian ni’mat nu dipaparinkeun ku Gusti keur diri kuring, tina mangrѐwu-rѐwu ni’mat Mantenna keur sakumna umat di pawenangan.
Henteu ojol-ojol jadi kieu awak kuring tѐh. Ngeusi jeung singset. Baheula mah kaasup begѐng awak tѐh. Kutilang dara cenah ceuk nu di mah gѐ. Kurus, langsing, dada rata. Ah....! Katambah deui cѐѐhan pisan boga awak tѐh, babari gering. Meus-meus nyareri awak. Meus-meus panas tiris. Ari rumahuh baѐ, nu di imah sok sambutut, bari pokna, “Meni babarian pisan boga awak tѐh!”. Ihhhh..meni euweuh karomantisan pisan ka pamajikan tѐh. Lain diupahan batur rumahuh tѐh, kalah ka dibѐrѐ tutut. Biwirna manyun siga tutut. Kapanan rѐk babari capѐ gѐ pantes, sagala rupa didekulan ku sorangan. Ti mimiti urusan dapur, mayar listrik, mayar telepon, antar - jemput budak, istuning ku sorangan, tara sok ngariripuh manѐhna. Nya ahirna kuring curhat ka nu jadi indung.
Pun biang tѐh bumina rada nyingcet ti tempat kuring nganjrek. Anjeunna linggih di Kampung Randukurung, Cimahi pasisian, babatesan jeung Desa Pakuhaji, Kabupatѐn Bandung Barat. Ari kuring, beunang disebutkeun cicing di dayeuh, da ka puseur dayeuh Kota Cimahi tѐh beunang dijugjug ku waktu nu ngan saukur memenitan.
“ Atuh da tara nyempetkeun olah raga meureun Tѐtѐh mah! Jaba aktivitas sapopoѐ sakitu padetna.
Olah raga atuh saminggu sakali baѐ mah sempetkeun. Da geus randutdut ciga Emih kieu mah bakal kaduhung engkѐna geura. Lalaki mah nyahona urang tѐh belejag baѐ, dina kaayaan kumaha baѐ oge”, anjeunna ngawurukan, basa kuring bѐbѐja yѐn awak tѐh sok loba nu karasa.
“Muhun Mih, rumaos. Da ku ѐmutan tѐh ngepѐl sareng nyeuseuh gѐ tos kalebet olah raga”, ceuk kuring bari tungkul.
“Bѐda deui atuh, nyeuseuh jeung ngepѐl mah lain olah raga. Tѐtѐh mah cicing di kota, meureun loba sanggar-sanggar atawa tempat kebugaran. Cik nyempetkeun!”, saur Emih. Teu lila ngobrol tѐh da rѐk moro nganteurkeun Si Jimat kursus Basa Inggris. Tuluy kuring amitan ka nu jadi indung.
Sanggeus ngobrol jeung nu jadi indung, nepi ka imah kuring mikir. Aya leresna kasauran Emih tѐh.
Kuring galѐcok na jero hatѐ. Keur ngahuleng kitu torojol Ēla, kapiadi kuring.
“Nembѐ uih Tѐh Risma? Wirѐh tadi abdi ka dieu Mio-na tacan aya!”, bari gѐk diuk di ruang tamu.
“Enya. Ti bumi Emih heula tadi tѐh bari nyimpangkeun gepuk kasenengna”, ceuk kuring.
“Teh Ris, terang teu di urang aya GOR anyar?”, Ela nanya ka kuring.
“Henteu. Ah, Tѐtѐh mah da tara apal nanaon ari teu dibѐjaan mah. Mulang ti sakola dekul kana PR di dapur. Bѐrѐs-bѐrѐs nya tuluy ngaguher kѐrѐk”, ceuk kuring.
“Di Kebon Jeruk, caket kapling perumahan. Kagungan Pa Imam anu janten pulisi tѐa. Tѐh Ulan nami istrina mah. Putrana tѐh kapan rѐrѐncangan A Raka basa di TK”, manѐhna ngajelaskeun.
“Oh...., Mamah Rully!”, kuring kakara apal. Kitu pan kabiasaan di sakola mah. TK atawa SD kitu gѐ. Lain ngaran asli indungna anu sok disebut tѐh, tapi disebut ku ngaran anakna, contona Mamah Rully, Mamah Ilham, Mamah Raka jeung sajabana.
“Saurna mah di ѐta GOR tѐh diayakeun senam aѐrobik . Ngiringan yu Teh!”, Ēla ngajak kuring. Asa mobok magih gorowong kuring tѐh, asa ditonjok congcot. Keur mah geus aya niat, katambah deui manggih jalanna, aya batur deuih. Meni giak kuring ngahayukeun.
Satuluyna kuring jeung sabagian ibu-ibu di wewengkon kuring rajin miluan senam di ѐta GOR. Saminggu tѐh dua kali. Poѐ Salasa jeung poѐ Kemis. Ti tabuh dua beurang nepi ka tabuh satengah opat sorѐ.
Lolobana mah ibu-ibu anu garendut wungkul di tempat senam tѐh. Tapi, anu awakna ciga kuring ogѐ loba,jeung rata-rata ngarora kѐnѐh, sapantaran kuring. Malah nu gadis kѐnѐh gѐ aya, tapi nya kitu awakna bagbrag-bugbrug, teu puguh rupa.
“Euleuh...meni resep ningali awak Nѐng Risma mah. Cangkѐng leutik, bujur ngeusi. Sugan mah gitar Spanyol wѐh. Jangkung alit caperenik. Mun abdi boga awak ciga kieu moal sunum-senam ah kacapѐ-capѐ”, cenah ceuk Bu Tati ka kuring.
“Enya nya Tѐh Risma mah, awak leutik gѐ imbitna ayaan, teu ciga abdi tѐpos!”, Neng Isni mairan.
“Komo abdi mah, ceuk nu di imah gѐ pajar cenah Si Bujur kojong, da pѐdah ieu parabot calik abdi mah gedѐ pisan. Sagedѐ kojong. Jaba beuteung, tingali geura siga nu keur bulan alaeun. Ah..pusing mikiran awak”, Ceu Nina milu nѐmbrong. Kuring mah ukur imut. Teu nyahoeun nu diparujina tѐh awakna hѐngkѐr jeung cѐѐhan pisan.
“Keun lah ulah hariwang, urang dimodifikasi ku abdi, asal rutin, rajin jeung panteng kahayangna, dijamin parabapana nararapel, lѐngkѐt kaya perangko”, saur Bu Enung instruktur aѐrobikna. Sarѐrѐa saleuseurian.
Ku lantaran poѐ ѐta tѐh munggaran pisan ngamimitian senam, instruktur mѐrѐ heula pengarahan. Pelaksanaan senam tѐh kabagi 3 bagian. Warming up, latihan inti jeung cooling down. Intina cenah, lamun urang rutin ngiluan senamna, lain baѐ stamina urang anu kalatih tapi bagian-bagian vital dina awak urang ogѐ bakal kaolah. Saperti cangkѐng, dada, taktak sarta urat-urat sѐjѐnna.Tangtuna baѐ sakumna nu geus hirup rumah tangga mah bakal surti, pentingna ngajaga kelenturan jeung kakuatan cangkѐng pikeun aktivitas dina ngalaksanakeun hirup rumah tangga, utamana dina urusan “kontek body”. Kuring gѐ beuki sadar sanggeus narima katerangan ti instruktur. Pangpangna cenah, lamun kaom ibu, sakumna awѐwѐ maksudna mah, henteu merhatikeun kana kumaha pentingna olah raga, bakal gancang kaserang ku osteoporosis. Iy.......bararaid!
Bener. Karasa pisan mangpaatna miluan senam tѐh. Lila-lila stamina awak kuring tѐh asa karasa nambahan. Cangkѐng nu babari cangkeul tѐh rada ngurangan. Malah teu cukup ku senam wungkul, kuring tuluy sakalian miluan batminton di ѐta GOR. Beuki dieu beuki karasa ngeunaheun awak tѐh, henteu beyѐ
jeung ararѐnoy. Tapi singset, jeung sѐhat deuih.
Hiji mangsa, Ēla nyampeur senam. Manѐhna ngagorowok di buruan imah kuring.
“Tѐh Risma hayu! Badѐ mapah atawa kana motor?”
“Urang mapah wѐ, sakalian nyampeur Mamah Farhan”, kuring saged nyampeurkeun.
Bral kuring duaan laleumpang muru ka jalan gedѐ nu brasna ka imah Mamah Farhan tѐa. Biasana mah sok motong jalan, ka gang leutik gigireun imah kuring. Tapi teuing kunaon, poѐ ѐta dikeresakeun hayang jalan ka hareup, ka jalan gedѐ paragi liliwatan angkot nu ka Pasar Atas-keun. Kasampak aya ibu-ibu opatan keur singrariung hareupeun toko Pa Bangbang. Toko sembako nu kawilang panglengkepna di deukeut imah kuring. Opatanana gѐ tatangga kuring. Maranѐhna mah ibu rumah tangga sajati, teu bari kula-kuli ciga kuring. Jaba kahirupanana geus marapan, cukup sandang genah papan, sarta henteu kakurangan pangan. Jadi baroga waktu pisan keur tingrariung bari ngarobrol, ngobrolkeun sinѐtron dina tѐlѐvisi, atawa teuing naon baѐ nu diobrolkeunana tѐh. Teu apal jeung kuring mah teu hayang apal.
“ Parunten!”, ceuk kuring basa ngaliwat ka hareupeunana.
“ Badѐ senam?”, salah saurang di antarana nanya ka kuring, Bu Maѐ nu nanya tѐh.
“ Muhun, hayu atuh bilih badѐ ngersakeun!”, Ēla hideng nѐmbalan.
“ Mangga ah, teu acan purun!”, Bu Bangbang nu ngajawab tѐh.
“ Enya, abdi gѐ mikir heula rѐk miluan senam tѐh. Padahal baju senam mah aya kana opat setѐlna, ngahaja bapana mangmeulikeun”, ceuk Bu Deni.
“ Lebar atuh Bu, ѐta acuk tara dianggo”, ceuk kuring.
“ Lain lebar-lebar teuing ku baju, lain acan purun deuih, tapi rada sieun abdi mah rѐk senam tѐh”, cenah Bu Deni nuluykeun omonganana. Bu Deni tѐh carogѐna boga jabatan penting di hiji perusahaan swasta di kota Bandung.
“ Naha bet sieun Bu?”, kuring nanya deui.
“ Tara nongton TV kitu? Identik jeung nu kararitu ningan awѐwѐ di sanggar senam mah. Api-api sibuk ku kagiatan senam ka ditu-ka dieu,nepi ka tara ngariung jeung tatangga, ujung-ujungna kapanggih bet jadi mahmud, mamah muda, alias istri simpenan”, cenah bari gudas-gadeus, mantak peureus kana ceuli omonganana tѐh. Ah, lain layaneun nu kieu mah. Ceuk kuring na jero hatѐ. Gancang baѐ pamitan bari satengah rurusuhan indit. (hanca)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar