Kamis, 27 Oktober 2011

BULAN NYUMPUT DINA MĒGA

CARPON TRIBUN JABAR- 25-27 OKTOBER 2011

Ti saprak mulang ti imah éta awéwé kituna téh. Samar koléséh. Katempona téh samar koléséh. Siga nu ngemu kabingbang jeung kahariwang. Tapi satékah polah dibunian. Ngarah taya saurang ogé anu nganyahoankeun, naon anu sabenerna keur karandapan ku dirina.
Ceuk pamikirna sugan wéh geus didatangan ka imahna mah moal katutuluyan. Di hareupeun kulawarga éta awéwé sagalana dibalakakeun, yén Pergiwa Sulaksana téh tunanganana. Moal kungsi bubulanan deui gé deuk unggah ka balé nyungcung.
Puguh asa teu percaya cenah Pergiwa tuluy deukeut jeung éta awéwé téh. Pangkatna ukur tenaga administrasi. Sakolana ukur tamatan SMA. Jauh mela-melu lamun dibandingkeun jeung dirina. Teu kudu dipihamham deui urusan babat-bibit, jeung bobot kulawargana. Sasat aya tingalieun batur. Sakufu, sadarajat antara Pergiwa jeung dirina mah. Pada-pada sarua emasna.
Peuting éta, kasaksén ku manéhna bulan mabra cahayana. Langit lénglang, béngras-cékas ngondang kawaas. Kakapeungan méga hideung tingarudat ngahalangan. Laju nyingray deui digebahkeung angin lirih nu ngoconan. Ēndahna peuting purnama teu bisa mepes kahariwang na dirina. Dina waktu nu moal lila deui rék panganténan, Pergiwa ciga-ciga nu deuk sulaya kana jangjina.
Peuting éta manéhna ngalangeu dina jandéla kamarna. Paneuteupna dialungkeun ka lebah mabrana bulan. Nyéh imut, basa implenganana nganjang ka alam rarancang éndahna pésta kariaan. Pergiwa reujeung dirina diuk ngaréndéng diréncéng-réncéng. Diriung-riung ku dulur, dikawal ku kadang warga. Suka bungah galumbira.
Peuting beuki jempling. Angin ngahiuk neumbag kana beungeutna. Buukna nu hideung meles ririaban kaanginan. Sawaréh nutupan kana beungeutna. Nutupan irung bangirna, nutupan buleud panonna. Panon éndah nu kiwari kalimpudan pepedut liwung, dirobéda kahariwang kana nasib kahirupanana.
“Kang Iwa, naha bet kieu jadina? Naon kasalahan abdi nepi ka akang luas ngorbankeun sagala rupana. Ondangan geus dicitak. Gedong tempat engké kariaan geus dipanjer. Kitu deui tukang rias jeung kéteringna.”, manéhna ngagerendeng jeung dirina sorangan.
Paneuteupna dialungkeun deui ka lebah mabrana bulan. Lalaunan méga hideung tingarudat nyampeurkeun ngoconan bulan. Nébréngan sinangling cahayana sina kandeg nyaangan ka marcapada. Méga hideung lalaunan neureuy bulan. Kiwari bulan ngahiang. Bulan nyumput dina méga. Koréjat manѐhna cengkat. Panonna ngadak-ngadak semu hurung. Leungeun katuhuna dipeureupkeun. Tuluy sahabekna ditinggangkeun kana dampal leungeunna nu kénca.
“Kaya kieu mah teu bisa diantepkeun. Aing kudu hojah! Dikamanakeun beungeut aing. Dikamanakeun harga diri kulawarga aing lamun kudu bolay panganténan”, bari angger neunggeulan dampal leungeunna.
“Kang Iwa nu kitu téa mah. Bet teu pengkuh pamadegan!”, manéhna ngagerendeng deui.
Gék deui diuk. Tuluy nanggeuy gado. Luk tungkul. Biwirna teu reureuh gegereyeman.
“Toja’iah jeung lelembutan!”.
“Tapi, kapan ti leuleutik gé tara pernah ngasaan gagal lain? Sagala kahayang anjeun kabéh bisa katedunan”, ceuk hiji sora.
“Enya! Tapi pan ieu hal téh engkéna bakal aya hubunganana jeung urusan hu..........”, teu kebat cumarita. Deui-deui ti bѐh ditu aya nu nѐmpas.
“Alaaaaaaaaaaaaaaaaah, hukum? Hukum nanahaon! Anjeun lain jalma joré-joré. Moal béak saparapatna-saparapatna acan raja kaya kolot anjeun keur meuli sakarung hukum nu lumaku di ieu nagri!”, ngahatéan nu keur ringrang.
Nu keur nanggeuy gado téh ngoréjat. Jung nangtung ngadeukeutan méja rias.Teu poho jandélana ditutupkeun. Gék diuk nyanghareupan eunteung. Sajongjongan melong beungeutna sorangan. Nyéh imut. Teuing imut sari naon? Nu jelas mah ngadak-ngadak panonna bet beuki hurung. Leungeun katuhuna ngarawel handle laci mѐja rias. Sorolok dibukakeun. Goréhél péstol kaliber 9 mm merenah dina tempatna.
“Piraku kudu ku ieu? “, cenah! Péstol téh tibang ditunjuk.
“Gunakeun! Piraku éta barang téh haben baé dikerem”, ti béh ditu nyoara deui.
“Enya! Kapan aing téh geus kaitung mahér ngagunakeun ieu barang!”, gerendengna pinuh kareueus.
“Tuh pan! Anjeun téh calakan. Lain wanoja nu épés méér! Lain wanoja nu pondok léngkah! Loba kaum Hawa nu jarago jaman ayeuna mah. Nepi ka dipaké panyalindungan ku kaum Adam. Loba lalaki nu nyalindung ka gelung kapan ayeuna mah. Buktikeun ieuh! Anjeun wanoja prakosa!”, ceuk sora ti tebéh ditu deui.
Peuting laju beuki simpé. Nu keur paguneman geus henteu kareungeu deui. Ramo-ramona nu laléncop ngeukeuweuk sacewir keretas. Keretas nu katampa ti satpam kantor Pergiwa. Nyéh imut deui. Mabrana cahaya bulan kiwari geus teu katémbong. Katutupan méga hideung nu datang ayang-ayangan. Dak dumadak marcapada poék mongkléng. Kadya nu méré tangara, méga hideung nutupan caangna haté. Haté manéhna nu eukeur pareumeun obor.
Isuk kénéh Kania geus saged dangdan. Henteu mumuluk heula cara sasari. Starlét hideungna henteu dipaké. Manéhna ngaluarkeun motor métik. Méméh ngageuleuyeung maju, manéhna ngasupkeun sacewir keretas kana saku jas kulitna. Harita, nu aya dina pikirna hayang geura-geura tepung jeung Pergiwa.
Nepi ka nu dijugjug Pergiwa geus teu kasampak. Kania bati hareugeueun. Hélmna dipaké deui. Aya nu nyurungkuy na sela-sela panonna. Inghakna henteu dipengkek. Ngahaja dibudalkeun marengan gerungna sora mesin motor. Gilig karepna, geus buleud paniatanana. Motorna di gas deui. Mangprung ngajugjug ka hiji mall nu perenahna di deukeut kantor Pergiwa. Nya di ѐta mall pisan manѐhna manggihan Pergiwa reureujeungan jeung hiji wanoja.
Kirilik BBM-na disada. Pergiwa nu ngirim pesen. Ngajak tepung ba’da magrib di imahna. Tanteu Ros, ibuna Pergiwa ngajak babadamian deui. Basa ditanya di mana posisina ayeuna, Pergiwa ukur ngajawab saperluna: “Apoték Utama Jaya!”. Taya deui kecap honey, taya deui kecap bébéb dina pesen BBM-na. Kapeurihna asa beuki nyanyautan. Rét manéhna ngarérét kana pigeulang leungeunna. Jam tangan nu dipakéna geus nuduhkeun pukul opat kurang saparapat. Meujeuhna jalma-jalma balubar ti pagawéanana séwang-séwangan. Gura-giru manéhna ninggalkeun éta patempatan. Leumpang gagancangan muru ka lebah kantor grup Témpo nu teu pati jauh ti éta mall. Kania muru ka lebah motorna diparkirkeun. Kabeneran manggih tempat pangjuruna. Jakét kulitna dibebener. Syal warna coklat motif LV nu meulit kana beuheungna diasupkeun kana jero jakétna. Tasna disoléndangkeun. Rentang-rentang opat urang awéwé kaluar ti panto rohangan kantor grup Témpo. Nu tiluan muru ka tempat parkir mobil. Demi nu saurang deui muru ka lebah motorna. Motor métik warna bodas. Cocog jeung informasi nu katampa ku manéhna. Sabot éta awéwé udet dangdan, memener jakét jeung hélmna, Kania miheulaan maju. Reg eureun hareupeun tukang inuman. Teu lila, geuleuyeung motor mѐtik bodas ngaliwat ka hareupeunana. Kania laju nuturkeun. Motor téh patutur-tutur. Tina sakitu lobana motor nu minuhan éta jalan, kapan teu ieuh silihtalingakeun na saha hiji-hijina. Masing-masing anteng kana jajalaneun nu rék disorangna. Tapi teu kitu pikeun Kania. Panonna manco kana motor nu aya hareupeunana. Disidikeun plat nomerna. Diperhatikeun nu tumpakna. Dituturkeun siga nu embung kaleungitan tapak.
Lebah Parapatan Buah Batu, kapegat ku lampu mérah. Kania pageuh nyekelan setang motorna. Rét deui-rét ka lebah trafict light. Lampu héjo nu didago acan kénéh hurung baé. Jajantungna mimiti ratug tutunggulan. Késang ngagarajag maseuhan tonggongna nu kabulen jakét. Teu ieuh dipiroséa. Teu lila lampu héjo nu didago-dago téh geuning geus hurung. Basa aya hiji mobil anu rada elat majuna, kelakson disadakeun patarik-tarik. Nu tarumpak motor paheula-heula maju. Tingsalemprung meuntasan setopan. Kitu deui jeung Kania. Motorna digas. Nyemprung ngadeukeutan motor métik nu plat nomerna geus diapalkeun ti peuting kénéh. Motorna ngaréngkép motor métik bodas téa. Suku kéncana ngajejek awak nu tumpakna. Galéong manéhna ngagaléong. Ampir-ampiran tikusruk, kaséréd ku tanaga motor itu nu leuwih ti heula ngagubrag. Kania ngagas deui motorna. Nyemprung beuki tarik ninggalkeun tempat kajadian. Saha nu rék merhatikeun ngagubragna hiji motor nu keur pagancang-gancang maju meuntasan parapatan? Kania asa diuntungkeun pisan. Terus nyemprung teuing kamana ngaléosna. Nu aya dina pikirna rék nyumput saheulaanan. Siga bulan peuting tadi, anu nyumput dina méga.
Kania nu keur numpi nganti-nganti hiji warti. Kacilakaan lalu lintas di Parapatan Buah Batu nu niwaskeun hiji wanoja kacida diarep-arepna. Sanggeus aya kana dua peutingna Kania henteu ngaktifkeun BB-na, pesen munggaran nu katampana nyaéta: “Kania aya di mana? Pergiwa di ICU RS Rajawali. Motorna aya nubruk ti tukang, ba’da magrib kajadianana”.

Cipageran, 2011