MANGLE, NO. 2332, 21-27 JULI 2011
Bayeungyangna beurang lantis dibanjur hujan kasorénakeun. Ngagebrét badag pisan. Sageretekan, laju baganti jadi ngepris. Ngepris ngaririncik. Ngadaweung na beungeut jandéla kamar di tingkat dua, paneuteup mah anteng mencrong ka lebah situ. Jung nangtung, rérégan nu mapaésan kaca jandéla lalaunan ditutupkeun. Atra na teuteupan, ngeprisna cai hujan ninggang kana beungeut situ, cluk-clak laluncatan. Ragragna piligenti, siga nu ngahaja meunang badami.
Teu karasa, jejeg dua taun rumah tangga jeung manéhna téh. Rarancang hayang boga budak geus disapukan ku duaan. Ongkoh deuih usaha nu ditaratas geus mimiti kapetik hasilna. Saeutik-saeutik kuring bisa nabung keur bekel pikahareupeun. Enya da bapana mah teu bisa diarep-arep sagemblengna. Boh rejekina boh kanyaahna.
Untungna, tepi ka poé ieu mah manéhna henteu jalir kana jangjina. Malah karasa beuki mideudeuh. Komo basa apaleun kuring ngandeg mah. Mun pareng datang ka Purwakarta teu weléh rébo ku babawaan. Paribasa, hayang nyukakeun nu keur ngandeg cenah. Ari kuring tara ieuh moro babawaanana. Nu diboro téh sok jinisna. Réngsé mairan cai kuring sok tuluy maskét. Si Utun nu resepeun kitu téh, cékéng. Sok tuluy imut dikitukeun téh.
Beuki lila beuteung téh beuki mendeyang. Beuki ogo rarasaan téh. Kahayang mah salilana dibarengan ku manéhna. Diparéndé, diméménan. Ari ieu bet sabalikna. Manéhna keur sibuk pisan, loba uruseun. Pausahaanana di Bandung keur loba nampa orderan. Komo deuih ayeuna cenah keur boga maksud. Si Tétéh hayang ngalegaan imah, diloténgkeun. Kaharti dina kituna mah, ku heureutna lahan di kota Bandung ngalegaan imah téh jadi ka luhur. Jeungna deui alesanan utamana mah barudak maju galedé. ABG téa keur meujeuhna loba kahayang. Hayang kamarna merenah, misah hiji séwang. Tangtuna gé hal éta téh merelukeun waragad nu teu saeutik . Ari kuring? Ana pareng boga kahayang gé sok mikir sababaraha kali. Ngarumasakeun manéh, kuring mah ukur jadi bagian dina kahirupanana.
Sanggeus aya kana tilu mingguna manéhna henteu ngelol, poé ieu mah pareng ngurunyung. Saperti biasa rébo ku babawaan. Tapi kuring henteu rébo mapag ku rasa. Mimiti hambar. Peurih cocogna mah boa. Logikana kapan kudu adil ngabagi jadwal kilirna. Komo deui sasatna di dieu téh keur gedé beuteung. Tapi geuningan bet kieu buktina. Wajar asana mun ati diunggahan ku kapeurih.
“Badé tuang heula atanapi badé siram heula?”
“Atos geulis, istirahatkeun. Hawatos ka Si Utun, dicacandak baé cakah-cikih!”, leungeun kuring dituyun, didiukeun sisi ranjang. Biasana mun geus adeganana kitu, kuring tuluy ngagéléhe kana taktakna. Ku manéhna diusapan. Tapi ayeuna mah bet teu hayang. Haté galécok ngomong sorangan. Ngalétakan rasa sorangan. Ulah sina tuluy ngaberung nuturkeun kaambek, ambek ka salaki nu puguh meulahkeun rasana. Nempo ulat kuring kitu, kaciri manéhna bangun anu reuwaseun. Pantes rék reuwas gé da biasana kuring mah tara kitu. Pasemon teu weléh marahmay. Teu weléh ogo, salawasna mapag tur ngarungrum ku kasono, komo kapan jeung salaki téh puguh langka pisan bisa tepung.
“Capé geulis? Naha bet alum?”, paneuteupna nu nyeleksek ngajojoan jejeroan haté kuring. Hayang téh ngajawab bari nyengor. Ngabudalkeun kaambek. Leuir teuing kilir atuh da! Sok, saha nu teu ambek, kesanna téh asa nyapirakeun pisan. Tapi bet teu wasa kedal. Bari tungkul, lalaunan sirah gideug.
“Hapunten Akang nya! Urusan di kantor teu tiasa dikantunkeun. Katambih deui noron ngajajap-jajap Si Teteh, piraku Akang henteu nyarengan!”, cenah. Hampang nakeranan lentong nyaritana. Teu apaleun yén kekecapanana téh nurihan batin kuring. Komo basa pareng manéhna nyebutkeun kecap “Si Tétéh”. Kacipta dina wangwangan, sakulawarga aleut-aleutan, abring-abringan ka ditu-ka dieu, sabataé pastina gé. Kaayan ciga kitu téh boa saumurna moal kaalaman ku kuring mah. Sabab, mun pareng indit jeung kuring salawasna rerencepan, salawasna gagancangan. Paribasa, wayahna cenah, ngarah rikip. Tuh pan!
“Teu sawios!”, hideng biwir mangnémbalkeun. Sok sanajan sabenerna tojaiah jeung eusi haté. Goloyoh ka enggon, ngagéléhé kana kasur, nonggongan manéhna nu angger kénéh diuk sisi ranjang. Teu lila tuluy manéhna pipilueun ngagolér.
“Teu kénging mengkeran carogé, pamali!”, haréwosna. Najan haté mah ambek, kapaksa lalaunan awak téh malik. Da enya, kitu kuduna kapan. Prok paadu teuteup. Nyéh manéhna imut. Lalaunan pipina diusapan. Teuing nepi ka iraha bisa tuluy ciga kitu!
“Tos wengi, urang bobo yu! Yap, ku Akang urang usapan, ngarah tibra.” Anggel dibebener, dipaké nanggeuy sirahna, tuluy kuring disangkéh, sirah digolérkeun na dadana. Tuluy diusapan deui. Ku nyaan, panon bet hésé pisan dipeureumkeun. Haté, rasa, jeung pikir bet tuluy marojéngja baé. Béda jeung manéhna, bakating ku capé di perjalanan meureun teu lila gé tuluy ngaguher, tibra nakeranan. Sedeng kuring bet tuluy ngacacang ka alam panglamunan.
Isukna, basa sajungeun rék mulang deui ka Bandung manéhna ngedalkeun jangji. Rék marengan kuring dina waktuna ngalahirkeun. Sirah unggeuk ngaenyakeun, sedeng haté mah bet juba-jebi, asa hamham kaparengkeun!
Piduabulaneun deui ngalahirkeun, kuring beuki rajin nataharkeun sagala rupana. Sakur nu dipapatahkeun ti kolot kabéh digugu. Unggal isuk gé ngahajakeun rajin leuleumpangan ngurilingan Situ Buleud. Kitu deui senam hamil gé dilakonan. Sakabéh kagiatan kuring sok didongéngkeun ka manéhna. Boh via sms atawa via telepon. Hanjakal jinisna tara norojol datang. Demi nu jadi alesanana sibuk cenah! Ukur kolu ngajurungan jalma kapercayaanana pikeun ngalongokan. Enya dina kituna mah rébo ku babawaan, tapi kapan teu cukup ku pangirimna wungkul nu dipiharep téh. Nyeri karasana kana haté. Beuteung nu mendeyang diusapan. Halon pisan jumeritna eusi batin diharéwoskeun, ngagentraan kasadaran, ngagentraan kaihlasan, sina tumampi kana titis tulis kadar awak. Emh, anaking! Jaga hidep mah sing tinemu jeung kasinugrahaan hirup. Sing parigel ngawelah rasa kacinta. Matéahkeun galurana sina angger pengkuh dina wengkuan adeg-adeg logika, henteu ukur niheulakeun rasa!
Geus deukeut cigana kana waktuna ngalahirkeun. Bari cungar-cengir ngararasakeun mulesna beuteung, kuring ngirimkeun sms. Samenit, dua menit, nepi ka saparapat jamna manéhna taya malesan. Nyel keuheul. Tuluy ponsél dipareuman. Geus karasa rada kerep mulesna tuluy indit ka bidan nu teu pati jauh ti panganjrekan. Di dinya, tarungna kanyeri lahir jeung kanyeri batin ragot pisan. Tumerapna kuring ukur bisa rambisak. Ngagugu napsu mah hayang ceurik gagauran. Dina waktu kuring bajoang, antara hirup jeung paéh manéhna henteu marengan. Ngadekeman baé anak pamajikanana di Bandung. Ari ieu, nu ayeuna arék dijurukeun téh anak saha? Kapan anak manéhna kénéh! Kapan cenah meunang hayang boga anak awéwé téh. Kari-kari bet henteu ditungkulan gurudagna!
Ngan dua poé aya di bidan téh. Poé katiluna kuring geus meunang balik. Tuluy ngajurungan Mang Adun sina ngabéjaan manéhna ka Bandung. Teu kasampak di kantorna cenah, da saréréa keur araya di lembur Si Tétéh. Mentegeg haté téh. Deui-deui urusan Si Tétéh. Kabayang, Si Tétéh ngabedega nulak cangkéng, mupuas bari émprak. Tuluy tutunjuk ka kuring. Tanda manéhna nu meunang dina ieu peperangan. Bakating ku ngarasa teu kuat nahan aworna mangrébu rasa, antukna hing baé ceurik. Walungan bedah caahna. Sakuat-kuatna kuring, sabedang-bedangna kuring, angger ukur pangawak awéwé, resep niheulakeun rasa manan logika. Minculakna rasa nu ahirna ngéléhkeun logika, malindes ka diri sorangan. Tungtungna, ajur haté. Rét ka nu keur tibra, lalaunan diharéwosan.
“Enung mah sing iatna ngajaga rasa kacinta nya, ulah siga Mamah...!” Sumegruk ceurik balilihan nu terus nuluykeunana.
Tasyakuran opat puluh poé téh rék dilaksanakeun ba’da isa. Manéhna kakara norojol. Kitu gé bubuhan baé cenah anak pamajikanana keur suwung. Indit pakansi ka Jogjakarta. Lawas teu patepung lain gandrung kapidangdung. Kalah ka hambar rasa nu dipibanda. Satékah polah dipeper. Dalah dikumaha baé ogé adeg-adeg étika nu kudu pangger dicekel. Nu datang téh tuluy dipapag. Celengok leungeunna dicium. Dina sela-sela aktivitas jalma-jalma nu marantuan popolah, kuring yakin maranéhna nyaksian éta adegan. Boa nyarahoeun kana kapura-puraan kuring meper rasa nu sabenerna keur pagaliwota jeroeun dada. Sup manéhna ka kamar. Kamar nu geus aya kana opat bulanna teu dilongokan. Enya, panungtungan nepungan téh basa kuring ngandeg tujuh bulan. Rurat-rérét ka sakurilingna. Karasa beuki rupek meureun kamar téh. Katambahan box bayi jeung lomari wadah papakéanana. Tangtuna jauh tangéh jeung kamarna di Bandung nu lalega ublug-ablag.
“Mana putri Papah téh!” cenah muru kana box. Budak téh bet ngabelenyéh, ciga nyaho yén bapana nu salila ieu dianti ayeuna aya nepungan.
“Geulis nya Nung putra urang téh!”, marahmay paromanna. Nu keur ngageubra téh dipangku. Tuluy nungtun kuring, gék duaan dariuk dina sisi ranjang. Celengok budak téh dicium. Tuluy panonna beunta, diusapan tarangna lalaunan, reup peureum deui.
“Socana cureuleuk ciga mamahna!”, tuluy neuteup kuring. Teu hayang némbal.
“Pangambungna ogé bangir ciga mamahna, tapi lambeyna mah ciga Akang nya?”, manéhna neuteup deui. Nyao ah! Haté galécok sorangan. Paguneman, antara napsu jeung kasadrahan.
“Yap urang gentos acukna. Sakedap deui pangaosan dikawitan!”, ceuk kuring. Bérés ngabajuan budak, tuluy nyayagikeun baju ganti keur bapana. Réngsé salin manéhna kaluar ti kamar ngamprokan para tatamu nu geus daratang ka imah. Teu lila acara téh dimimitian. Ustad Endang nu mingpinna.
Sajeroning acara lumangsung kuring teu husu merhatikeun. Tarung batin beuki campuh ngabratayuda. Antara nuluykeun mupusti katresna atawa megatkeunana. Enya diuk mah ngaréndéng, tapi teuing, asa ngaréndéng jeung saha. Kakapeungan kuring maling-maling neuteup. Nu keur sila mendeko téh diteuteup. Rasa cinta, rasa nyaah, bogoh, jeung katrésna ngusapan pigura haté nu geus renghat kabéntar rasa kuciwa. Anteng rasa téh anjeucleu na beubeulahan haté. Kalayang deui wangwangan ka mangsa kurang leuwih opat bulan ka tukang. Mangsa kanyeri jadi simbut unggal peuting. Mangsa karingrang jadi panyandaan waruga nu taya tanaga. Mangsa manéhna arang nganjangan. Kapeurih kahudang deui.
Basa acara lekasan kuring buru-buru ngampih, miheulaan numpi di kamar. Sanggeus tamu teu kadéngé deui tinggerendeng, manéhna asup ka kamar.
“Geuning teu acan kulem!”, pokna bari mesem. Teu riuk-riuk ngarasa boga dosa.
“Tacan tunduh, sarengna deui abdi aya pisanggemeun!”, sora mimiti dareuda.
“Perkawis naon téa geulis? Oh...enya, urang legaan nya bumi téh, rarupek. Pan ayeuna mah tos aya Si Jimat!”, cenah. Leuh, kitu geuning jejeroan pamikiranana. Meunteun rasa jeung eusi haté ukur cukup ku pangolo haliah dunya. Paingan salila ieu téga teu embol-embol da pangrasana geus diwakilan ku pangirimna. Ujug-ujug asa gedé tanaga jeung kawani téh. Sora gé bet jadi tatag. Nyingkah geuning dumareuda téh.
“Sanés perkawis éta. Ieu mah perkawis urang duaan, badé kumaha kapayunna?”, beungeutna diteuteup.
“Maksadna?”
“Kang, hapunten abdi. Abdi nyaah ka Akang. Tapi, ti danget ieu ka payun mah urang titipkeun baé kanyaah téh dina diri budak. Tos buleud pamadegan abdi seja masihkeun deui sagemblengna diri tur kacinta Akang kanggo Tétéh!”
“Asih, nyarios naon ieu téh?”, manéhna ngadeukeutan.Tuluy pageuh nangkeup kuring.
“Rumaos ahir-ahir ieu Akang tambélar. Tapi teu gaduh maksad badé mungkas lalakon. Komo deui ayeuna katalian ku budak!”, rangkulanana beuki pageuh.
“Abdi nu teu sanggem neraskeun!”, lalaunan leungeunna nu meulit kana cangkéng dileupaskeun. Tuluy kuring pindah diuk, kana sofa nu nyanghareupan télévisi. Manéhna milu nuturkeun.
“Akang nyaah ka Salira!”, cenah. Diukna ngésér ngadeukeutan. Leungeun kuring méré isarah sangkan manéhna henteu laju ngadeukeutan.
“Abdi gé nyaah ka Akang. Mana abdi kersa didua gé, bari Akangna sumput salindung ti Tétéh. Sanes abdi nu mungkas galur lalakon. Tapi Akang! Akang ku anjeun nu ngahaja mitembeyanana. Ngancurkeun kapercayaan jeung kaihlasan abdi!”
“Asih, rumaos Akang lepat. Moal! Moal diangles, enya Akang nu lepat. Waktos Salira tarung antara hirup jeung paéh Akang henteu nyarengan. Akang neda dihapunten. Alim pami kedah pipisahan mah. Komo ayeuna geus aya budak. Kapan sasat hoyong pisan boga budak awéwé téh, da geuning ti Si Tétéh mah tiluanana gé lalaki!”. Angger mamawa ngaran Si Tétéh. Si Tétéh nu salilana jadi panyirikan kuring. Naon sababna? Si Tétéh bisa salilana babarengan jeung manéhna sasukana. Sedeng kuring? Loba jangji nu ukur jadi mamanis biwirna wungkul, ari kanyataanana horéng ngan ukur fatamorgana.
“Enya gé abdi téh ukur pangawak awéwé, lebah dieu mah abdi kedah nangtukeun sikep. Kateuadilan Akang ka abdi salami ieu ngawewegan buleudna paniatan, atos baé urang dugi ka dieu!”
Bru manéhna nyuuh kana lahunan. Nu nyuuh téh diusapan. Lalaunan sina cengkat, didiukeun dina korsi. Kojéngkang kuring muru dispénsér. Top nyokot cangkir dua, curulung dieusian. Song hiji diasongkeun ka manéhna, ari nu nu hiji deui mah keur kuring. Suruput cai téh diinum.
“Teu kedah hariwang, abdi moal megatkeun silaturahmi. Megatkeun getih tina kokocoranana. Iraha baé Akang palay tepang sareng Si Jimat teu kedah asa-asa, sumping baé ka dieu!”, ceuk kuring. Koloyong manéhna kana ranjang. Budak nu keur ngageubra téh diciuman. Terus manéhna malikeun awakna. Gék deui diuk dina korsi gigireun kuring. Gap leungeunna ngaranggeum ramo-ramo kuring. Diképéskeun lalaunan, kalah beuki pageuh nyekelan.
“Kénging akang nangkeup Salira, sakali deui wéh?”, panonna nu beueus kénéh ku cimata neuteup leleb. Jung nangtung ngajungjungkeun leungeun kuring. Dina amparan sésa-sésa kanyaah, kuring hudang nuturkeun panungtunna. Leungeunna pageuh meulit kana cangkéng. Lalaunan sirah téh diusapan. Beungeutna beuki deukeut kana beungeut kuring. Rénghap napasna beuki kerep, haroshos, ngusapan pipi. Basa panangkeupna beuki mageuhan, bari ditompkeun kana ceulina kuring ngaharéwos, kalimah anu sarua diucapkeun nalika kuring léah narima panglamarna, kalimah anu sarua dicapkeun nalika peuting munggaran lalayaran dina jaladri asih.
“Buleudna Situ Buleud lir buleudna paniatan urang sanes?”
Rénghap napas duaan beuki haroshos wirahmana. Basa dua sukma keur ngoléang kakalayangan, kareungeu dengékna sora budak mungkaskeun adegan nu sakuduna. Adegan asih nu ujug-ujug reureuh wirahmana! Peunggas sapisan!
Cimahi, 29 Mei 2011
( Panineungan di Grand Hotél Situ Buleud)