Rabu, 28 Desember 2011

NU HAYANG TEPUNG

MANGLE, 29 DESEMBER 2011-4 JANUARI 2012

Mangsa hujan raat meueusan manéhna leumpang mapay-mapay trotoar sapanjang Jalan Raya Baros. Jéans warna kopi tutung jeung kaos streetna nu ngepas mungkus awak, kacirina rada baseuh. Lebah Parapatan Baros, léngkahna kandeg. Panonna ngarérét ka lebah warung kopi peuntaseunana. Dituyun ku nyecepna hawa nu tembus kana balungna, manéhna méngkolkeun léngkah.
“Mie rebus , Bu!”, pokna ka nu boga warung.
“ Nganggo endog?”
Sirahna unggeuk.
“Eueutna naon? Téh manis?”, ceuk tukang warung.
“Kopi wéh!”, témbalna.
“Mangga, diantos sakedap!”
Diukna pindah ka béh juru. Kusiwel ngaluarkeun roko sabatang tina tas leutikna. Cekés, sada zippo dicekéskeun. Nyot rokona dikenyot. Serebung, haseup rokona nyerebung, tuluy narungtutan ngiles nuturkeun léokna angin. Tukang warung nyérangkeun ti lebah dapur. Kawasna ngarasa héran mireungeuh pamolah jalma nu keur ngadon jajan di warungna. Teu lila, song, tukang warung ngasongkeun pesenan. Sanggeus nganuhunkeun, dekul baé ku manéhna dihanca.
“Ibu, badé ngiring reureuh sakedap. Hujanna kalah ageung deui geuning!”, ceuk manéhna sasadu.
“Mangga, teu sawios. Muhun, diteraskeun lumampah ogén kalah ka bakal jibreg!”
Ngareungeu caritaan tukang warung kitu, manéhna tibang bisa imut. Gap deui kana rokona. Nyot dikenyot, bangun nu nikmateun nakeranan. Panonna tuluy nunutur kamana ngilesna haseup roko. Teuing nu ka sabaraha batang. Sainget manéhna, ti keur SMP kénéh geus wanoh kana roko. Dévin, sobatna nu harita kakara pindah ti Jakarta, ngawanohkeun manéhna kana roko.
Mimitina mah ukur nyacapkeun rasa kapanasaran. Enya, panasaran, lantaran cenah ceuk Dévin ngaroko téh asik. Tina nu tadina ukur nyacapkeun kapanasaran, manéhna bet tuluy jadi nyandu. Bener. Karasa asikna cenah. Pangpangna pikeun mapalérkeun kakeuheul mun geus dicarékan ku bapana. Sahaok kadua gaplok kapan bapana téh.
Mun geus kitu, nya ka imah Dévin manéhna kabur. Mondok-moék nepi ka sok tara inget kana balik. Di imah kontrakan Dévin manéhna ngarasa betaheun. Dévin nu bageur. Dévin nu nyaaheun ka manéhna. Kitu deui lanceukna Dévin. Atoheun pisan lamun aya manéhna ngéndong téh. Pokna gé reugreug cenah, Dévin jadi boga batur. Teu nyorangan aya di imah mun pareng elat mulang ti pagawéan. Lila-lila, imah kontrakan Dévin jadi markas. Bébas atuh da. Taya anu nalingakeun. Indung-bapana kapan matuh di Jakarta. Sedengkeun lanceukna digawé di pabrik. Manjing waktu maju ka isa kakara mulang ka imah.
Mimindengna mah duaan aya di imah téh. Ukur Dévin jeung manéhna. Nya ka Dévin manéhna ngabudalkeun sakabéh katugenahna. Katugenah dina kahirupanana. Bapana nu sahaok kadua gaplok. Lanceukna nu sok télér baé. Jeung adina nu kiwari teuing aya di mana.
“Mun teu ras ka Si Mamah, urang geus kabur ti imah Vin!”
“Nya entong atuh. Mun aya nanaon jeung indung manéh rék saha nu mantuan.”
“Enya, kitu puguh ogé. Urang mah hayang buburu tamat sakola. Tamat SMP urang mah moal nuluykeun, Vin. Lain teu hayang, ti mana atuh biayana. Rék néangan gawé wéh. Jang mantu-mantu Si Mamah. Karunya geus kolot ulah sina buburuh baé nyeuseuh.”
Harita taktakna ku Dévin diusapan. Tuluy leungeunna ogé diusapan. Lila-lila awakna ditangkeup. Silihrangkul pageuh pisan. Ahirna, antara Dévin jeung manéhna geus teu bisa dipisahkeun deui. Malah, jorojoy dieunteupan rasa nu teuing nanahaon ngaranna.
Sakumaha raketna silihpikanyaah, geuning dipisahkeun takdir. Dévin mulang deui ka Jakarta pikeun nuluykeun sakola. Sedeng manéhna meunang gawe jadi pelayan toko kolontong bogana Babah Liem. Sabulan-dua bulan mah Dévin sok méré kénéh iber. Tapi ka béh dieunakeun pleng les teu aya béja- béjana acan.
“Néng, badé teras kamana?”, tukang warung ngagareuwahkeun lamunanana. Gebeg, manéhna ngagebeg. Ngagebeg da puguh keur uleng ngalamun. Napak tilas ka lebah sabagian panineungan lalampahan hirupna.
“Aduh, meni reuwas, Bu!”, cenah bari ngusapan dadana.
“Alah, hapunten atuh nya!”, ceuk tukang warung bari seuri.
“Badé ka Kérkop, Bu! Badé ka makam réréncangan. Dua minggon kapengker ngantunkeun.”
“Oh!”
“Tuh geuning hujanna tos raat. Diétang atuh, janten sabarahaeun?”
“Mangga. Mie rebus lima rébu, teras ci kopi sarébu lima ratus. Janten genep rébu limaratuseun.”
Créng dibayar. Ngaléos ti jero warung, muru ka kalérkeun mapay-mapay deui trotoar. Leumpangna rada digancangkeun ayeuna mah. Leungeunna ngodok saku jéansna. Awakna pepel tur ngeusi. Sakapeung leumpangna tungkul, sakapeung deui bari tatanggahan.
Nepi ka nu ditujuna kira-kira manjing waktu asar. Manéhna ngajengjen heula lebah panto gerbang pajaratan. Narik napas panjang. Sanggeus kawanina kumpul, tuluy asup ka jero pajaratan. Lalaunan ngaléngkahna. Semu anu sieun ngabarubahkeun pangeusina. Manéhna terus ngaléngkahkeun sukuna muru ka juru beulah kalér. Lebah dinya Dévin dikurebkeun. Kitu nurutkeun béja nu katampana.
Sanggeus ngaliwatan dua makam anu jarujul tetenggerna, manéhna nepi ka makam Dévin. Aya kénéh sésa-sésa kembang dina luhureun kuburan. Dina tetengger kabaca ngaranna. DEVIN PURANTI MURIKA. Manéhna tuluy sideku. Lalaunan tetenggerna diusapan.
“Vin, kapan urang kungsi jangji, moal rék silihpopohokeun. Salilana bakal tuluy silihpikanyaah. Kapan urang kungsi jangji arék tepung unggal taun. Mapag datangna taun anyar babarengan.” Leungeunna angger ngusapan tetengger. Mimiti kareungeu inghak-inghakan. Pok deui cumarita.
“Kunaon manéh bet tuluy raket jeung Délon. Ahirna kieu jadina. Manéh jeung calon anak manéh aya di dieu! Kumaha urang ayeuna, Vin? Saditinggalkeunana ku manéh beuki tiis ieu rasa.”
Tuluy nyuuh dina tetengger. Nyuuh bari inghak-inghakan. Sakapeung leungeunna ngusapan tetengger. Sakapeung deui dipeureupkeun.
“Pileuleuyan, Vin. Sing tibra di kalanggengan. Najan manéh jeung urang teu kungsi amprok heula, tapi urang apal naon nu dipikahayang ku manéh ayeuna. Dina maleman taun baru ayeuna, Si Délon ku urang rék ditepungan. Sina marengan manéh di dieu nya!” Jung manéhna nangtung lalaunan. Tuluy ngagedig indit nuturkeun pangajak haténa.
Cimahi, Désémber 2011

JIHAD

CARPON TRIBUN, 27-29 DESEMBER 2011


Ba’da asar biasana gé. Nyambung nepi ka wanci magrib. Nerus salat berjamaah di éta tempat. Geus kitu mah narungtutan baralik. Tara ngabring kituna téh, boh nalika datang pon nya kitu deui dina waktuna mulang, rerencepan baé, ngahaja supaya rikip.
Saban poé Rebo ngalaksanakeun ieu kagiatanana téh. Sakabéh anggotana mahasiswa di kampus kuring, ngan béda fakultas. Nu jadi murrabina mahasiswa tingkat ahir sarta kakara nikah genep bulan ka tukang.
Basa ngamimitian ieu kagiatan, murrabi méré penjelasan, cenah kagiatan liqa’ téh rupa-rupa istilahna. Aya méntoring, usrah, tarbiyah, halaqoh jeung sesebutan séjénna. Tapi, nu pangpentingna mah lain ngaranna cenah. Tapi minhajna. Sistemna! Sistem anu digunakeun henteu méngpar tina ajaran agama, nyaéta Qur’an jeung Sunnah. Nu pangutamana deui, ieu liqa’ téh dipiharep jadi sarana pikeun prosés tu’alimunal kitab bimma kuntum tadrusun. Jéntré pisan kateranganana. Sumanget kuring beuki ngabebela pikeun tuluy nyuprih élmu bag-bagan kaagamaan ngaliwatan ieu kagiatan.
*****
“Matéri munggaran, urang mimitian tina ngaguar ma’na sahadat. Yakinkeun kaimanan urang, yén taya deui illah nu wajib disembah iwal ti Alloh, jeung teu aya deui rosul nu jadi panutan urang, iwal ti Nabi Muhammad”, saréréa bareng ngucapkeun solallohu ‘alaihi wassalam.
“Mugia adi-adi waspada. Nalika urang diajar hiji élmu, aya kurikulum anu dijadikeun cecekelan”, nyarita bari ngurilingkeun paneuteupna ka sakabéh mad’una.
“Kurikulum anu dicekel téh kudu puguh. Puguh matérina, puguh susunana, puguh éntép seureuhna. Matéri nu munggaran biasana medar bab tauhid, diteruskeun kana bab ma’rifatulloh, rukun iman, rukun islam jeung sajabana. Sarta satuluyna dipiharep bisa paham kana ma’na jihad. Jihad anu kumaha?”, ngarandeg heula nyaritana.
“Jihad anu dimaksud di dieu nyaéta jihad merangan hawa napsu! Ēta jihad nu pangrohakana nu diajarkeun agama urang. Sakieu heula adi-adi, bari nganti wancina salat magrib, urang tuluykeun bari sawala”, mungkas caritaanana, bari tuluy memener diukna.
Ragot sawala téh. Lebah medar bab geunjleungna kaayaan di wewengkon nagara-nagara Arab, Warsito nu katémbong pangsumangetna. Majar cenah, urang Yahudi nu dikokojoan ku AS ngahaja boga niat pikeun numpurkeun kaom muslimin ku cara ngélékéték urusan politik jero nagrina. Sina rariweuh saendeng-endeng. Ahirna, kaom muslimin di sakuliah dunya ancur burakrakan. Sabab, konséntrasina pikeun nanjeurkeun ajaran agama dipéngkolkeun kana rupa-rupa urusan. Sorot panonna seukeut, ngemu kaceuceub. Ku Kang Badrul diélingan, sangkan tetep ngajaga ukhuwah bari suméndér kana naon anu geus diréngkolkeun dina ajaran agama nalika di antara urang aya nu béda pamadegan.
Ras émut kana piwejang ibu. Anjeunna mapadonan, sangkan gancang-gancang ninggalkeun kagiatan nu ayeuna, lamun murrabi-na geus ngudukeun kuring merangan hiji komunitas. Piwejang ibu bener-bener jadi pamecut pikeun kuring nuluykeun ngalap élmu pangaweruh, ngajembaran wawasan tur ngeuyeuban pangalaman.
“Akhi Irsyad! Antum nu jadi séksi acara dina seminar di Jalan Citarum bulan hareup,” ceuk Kang Badrul. Enya, padet pisan kagiatan bulan hareup téh. Geus dirarancang deuih, téma nu baris dipedar dina éta seminar téh nyaéta “Jihad Mangrupa Falasifah Hirup Umat Muslim”.
“Mangga Kang!”, haget ngaenyakeun.
“Sok pingpin ku Akhi Irsyad, sawalakeun rarancang kagiatanana. Ayeuna, akang jeung tétéhna aya kagiatan di tempat séjén, sing jongjon baé, aya khadimat anu nyayagikeun opieun mah.” Léos baé Kang Badrul jeung geureuhana arindit.
Babagi tugas téh luyu jeung kamampuh masing-masing. Iwan bagian ngalatih grup nasyid. Hasan jeung Dadi bagian nampa pendaftaran. Warsito bagian akomodasi. Parigel pisan dina ieu widang manéhna mah. Kaweruhna dina urusan téhnik jeung éléktro leuwih onjoy ti batan nu lian. Yogi jeung Dani bagian konsumsi, ngarah tartib sina ménta bantuan ka geureuhana Kang Badrul. Ari kuring, wayahna nékel pancén nu panglobana. Ngurus perijinan, nyitak jeung nyebarkeun pamplét, masang spanduk, jeung nemonan paranara sumber.
Sajeroning uras-urus pikeun nataharkeun éta kagiatan, lajuna léngkah téh asa aya nu ngawaskeun. Kituna téh méh ka saban tempat anu jadi pangjugjugan kuring. Dedeg pangadegna sarembada. Dina tarangna aya tanda husus. Janggot ipis mapaésan gadona. Tapi, ngarasa hemeng téh ku sorot panonna. Seukeut pisan. Asa naranjangan awak. Tuluy ngeundeuk-ngeundeuk lébérna ieu wawanén.
Ihwal karisi nu kiwari karandapan moal deuk diuar-uar. Bisi mantak ngaruksak konséntrasi. Heug ngarémbét kana tuluy bolayna kagiatan. Moal sologoto deuih. Karisi téh rék dipiguraan ku iatna jeung taki-taki. Sabab, mun aya nanaon, aya maung ngamuk gajah meta, aya siku siwulu-wulu, nu ngaganggu kana lajuna ieu kagiatan tinangtu kuring nu bakal katempuhan. Ngordinir ieu seminar téh kapan jadi tanggung jawab kuring. Satékah polah rék diusahakeun sangkan lumangsung kalayan lancar. Uleng uteuk dipaké mikir. Ngatur lampah nyusun stratégi pikeun kaamanan tur kasalametan saréréa. Bréh ngolébat dina pikiran.
Kahiji, data nu aya dina netbook kudu diamankeun. Data kagiatan nu salila ieu dipaju téh kapan kabéhanana disimpen dina netbook kuring. Ti mimiti susunan matéri holaqoh, jadwal liqa’, jadwal kagiatan baksos, susunan kapanitian, sarta dokumén-dokumén kasékrétariatan séjénna. Kuring nu ditugaskeun ku Kang Badrul pikeun ngadokuméntasikeunana. Kadua, ngarobah ruteu. Ruteu mun rék indit jeung mulang liqa’. Ruteu nu salila ieu sok diliwatan ceuk rarasaan mah asa geus teu aman. Aya anu rajeun nalingakeun. Biasana mah kana motor indit téh, mapay-mapay gang sapanjang Jalan Nangkasuni, brasna langsung nepi ka hareupeun imah kontrakan Kang Badrul. Tah, ayeuna mah rék badarat baé. Leumpang ka tukangeun perpustakaan, mapay jalan satapak mipir-mipir kebon sampeu nu brasna ka tukangeun masjid di wewengkon Nangkasuni. Ti dinya kakara méngkol ngatuhu sarta nepi ka hareupeun imah kontrakan Kang Badrul. Motor mah rék dititipkeun baé di kontrakan Angga, babaturan sakelas nu perenahna teu pati jauh ti dinya. Enya ah rék ku cara kitu. Nyaru jeung warga sabudeureun éta wewengkon nu sok lalar liwat ka lebah dinya. Utamana nu sok ngaradon maén bal di lapangan tukangeun kampus. Katiluna ngurangan eusi ransel. HP jeung buku “Al Masturaat-Warisan Suci Do’a-Do’a Hasan al-Banna“ nu angger rék dibabawa. Qur’an leutik, netbook jeung kaméra mah deuk diteundeun baé. Ceuk pangrasa, ku cara saperti kitu bakal bisa ngaminimalisir hal-hal anu teu dipikahayang téa. Mugia baé Mantenna ngalungsurkeun panangtayunganana.
“Bu, abdi mios. Neda pidu’ana”, teu poho kuring amitan.
“Kunaon semu nu ngungun. Aya nu dipikiran?”, paneuteupna jadi pangingtrim.
“Numawi, salami ungkag-ingkig téh bet sok asa aya baé nu nalingakeun!”, malik neuteup rarayna.
“Ulah loba pikiran, bisi mantak jadi sugésti. Boa éta jalma téh ngahaja diutus pikeun ngawal hidep. Cing panceg léngkah. Hidep teu deuk milampah goréng. Malah kasebut rék jihad fisabilillah. Anggur muntang kana agungna panangtayungan Mantenna. Bral, ku ibu didungakeun. Dijauhkeun tina balai, ditangtayungan piasih Gusti”, pananganna ngusapan sirah. Basa tanggah seja neuteup deui rarayna, ibu mapag ku imut. Imut ibu jadi tanaga rohaka, tuluy méré kakuatan pikeun nyieuhkeun kahéngkér nu nyaliara dina haté. Bismillahi tawakaltu ‘alalloh. Gerung motor dihirupan. Lalaunan motor maju ninggalkeun buruan.
Kakara gé nyetandarkeun motor, Angga norojol ka luar. Dituturkeun ku sababaraha urang jalma nu dedeganana sarembada. Beungeut Angga pias. Panonna carindakdak. Teu lémék teu nyarék. Ukur wasaeun neuteup.
“Sad.... Dén!”, pokna teu parat. Kaburu disedekeun mantén ka sisi témbok. Rob, genep urang nyalampeurkeun. Kek leungeun kuring dicekel pageuh pisan. Tuluy dikatukangkeun.
“Anjeun dicangkalak!”
“Surat penangkapan”, ceuk kuring. Ukur werat nyarita sakitu. Kabur pangacian. Tuur leuleus. Awak ogé milu leuleus, rampohpoy, lalinu satulang sandi.
“Nanti menyusul!”, tandes pisan.
Raray ibu nu pangheulana kagambar. Pisakumahaeun teuing mun seug anjeunna nampa béja kuring ngarandapan musibah saperti kieu. Innalillahi wainna ilaihi roji’un.
“Ikut ke kantor, untuk pemeriksaan lebih lanjut!”, ceuk arinyana bari ngagondéng kuring diasupkeun kana mobil.
“Ga, omat, pangwartosankeun Ibu”, antara sadar jeung henteu kuring mapadonan Angga.
******
Teuing dikumahakeun atuh salila di jero mobil téh. Barang inget geus aya di hiji rohangan. Sirah karasa beurat. Maksakeun cengkat. Panon rucang-riceng. Tetempoan kahalangan ku teregos. Célak-célak cahya panon poé tina sela-sela kenténg, katémbong sari ngiceupan. Rét kana jam tangan. Hésé ningalian angkana. Panon teu sirikna dibelél-belélkeun, tapi teu sidik baé. Kaayaan di éta tempat kacida jemplingna. Kedeprukna léngkah jalma teu mantra-mantra kareungeu. Leungeun upuy-apay kana témbok, maju ngénca. Karampa bet beusi wungkul, ngajajar kawas pager. Hiuk kaambeu bau beusi karahaan. Barang sadar, dirasa-rasa bet siga di pangbérokan. Nu teuing aya di wewengkon mana!
Dina kaayaan saperti kitu, tagiwurna haté beuki ngandelan. Dada ngadak-ngadak karasa eungap. Mun teu ras kana pangawak lalaki, hayang ceurik lolongséran. Ngajerit sakuat tanaga, gagauran nyambat ibu. Dongsokan rasa tugenah, ngagerakeun leungeun kuring ngagujrag-gujrag jaruji. Ngagujrag-gujrag jaruji satakerna ku sésa-sésa tanaga nu apir-ampiran rék suda. Kolomprangna néma ka saban madhab. Angger simpé. Teu mantra-mantra aya jalma ngadeukeutan. Di jero éta patempatan, nalar nu janglar kabaguded ku rasa aral jeung subaha.
Ras deui ka inget ibu. Bet nongtoréng kasauranana. Meper rungsingna pikir, laju nungtun lampah ngalapadkeun kalimah dikir, hasbiyallohu laa ilaaha illa huwa ‘alaihi tawakkaltu wahuwa rabbul ‘arsyil ‘azhim. Lalaunan, kumpul deui pangacian téh. Nu pangheulana dipikainget téh ransel. Teuing di mana raratanana.
Hawar-hawar kareungeu guntrengna sora nu ngobrol. Tayohna ieu tempat téh dijaga ku lobaan. Teuing ku sabaraha urang. Dina ayun ambing samping peuting, atra pisan dédéngéan. Kareungeu, sada mesin mobil dihirupan, kawasna leuwih ti hiji. Pili genti kaluar asup sababaraha kali. Teu lila ti harita, ngedeprukna léngkah jalma ngadeukeutan posisi kuring. Sora sapatuna atra pisan kareungeu. Ngedeprukna rada tarik. Sada sapatu teuas paadu jeung lanté rohangan. Beuki dieu beuki deukeut. Beuki atra ngedeprukna. Sababaraha urang. Yakin aya sababaraha urang.
“Asupkeun kana sél nu hiji deui, urang langsung introgasi!”, cenah ceuk sora nu rada agem, semu peura kétang.
“Geus lila anjeun téh jadi DPO. Ngalolos ti wewengkon Dukuh Pringgi bet nyamur jadi mahasiswa di ieu wewengkon. Saha ngaran?”, angger kénéh sorana nu semu peura téa.
“Toto!”
“Lain! Ngaran anjeun lain éta!”
“Abdi mahToto!”
“Lain! Manéh Abu Zidan! Alias Umar Sahidin!”
“Sanes Pa!”
“Keukeuh rék ngangles?”
Bug! Kadénge sora nu ngageblug. Dituturkeun ku aduhna sora jalma. Siga nu nyerieun nakeran.
“Nu di sél itu kumahakeun?”, ceuk sora nu rada ngéngkréng.
“Leupaskeun, urang salah sasaran. Kahadé ransel jeung eusina teu meunang cocéng. Mun seug cocéng, isuk bakal gempar di média massa, majar aparat nyulik aktivis kaagamaan bari ngagasab harta bandana.”
“Leupaskeun baé?”, ceuk sora nu semu ngéngkréng.
“Heueuh, ngan kahadé pareuman audio-visualna!, sina teu apaleun jajalaneun nu disabana”, sorana nu semu peura geus teu kadéngé deui. Teuing tuluy ngaléos kamana.
Antara sadar jeung henteu, sarérétan katingali waruga jalma nu aya hareupeun sél kuring téh mamaké jakét. Jakét bungur cara jakét anu kuring. Jakét nu saminggu ka tukang diinjeum ku babaturan.

Cimahi, 16 Maret 2011

Katerangan:
1. liqa’ = ngumpul babarengan sacara rutin pikeun ngayakeun pangajian
2. murrabi = pangaping
3. halaqoh =kelompok jalma-jalma nu sacara rutin ngayakeun pangajian.
4. mad’u = murid
5. khadimat = lanjang
6. minhaj = sistem