Sabtu, 15 Januari 2011

NU LUNTA TI LEMBUR

Tribun Jabar
Saptu, 15 Januari 2011

                Moal aya nu bireuk deui ka grup jaipongan Baraya Deukeut mah,  sasat jadi catur balaréa. Pikeun wewengkon pakaléran  mah, moal aya nu bisa  mapakan. Lian ti sora sindénna aralus jeung gareulis, parapenarina gé ngarora kénéh. Salah sahiji diantara nyaéta Nyi Cicih Kuraesin.  Sok sanajan pendidikanana ukur tamatan SMP, tapi manéhna kaitung penari anu boga pangaweruh leuwih punjul ti batan penari séjénna di éta rombongan. Hal ieu katangen tina sikep manéhna nalika manggung, tina kostum panggung nu dipakéna, tina improvisasi gerakan tarina, jeung tina pola pergaulan hirupna.  Napak dina adeg-adeg étika nu sawajarna. Pangna bisa kitu téh, lantaran Nyi Cicih  sok loba tatanya ka beubeureuhna, Jang Iwan Wisnu Taryana, lulusan paguron luhur, nu jadi  guru honor di sakola dasar, teu pati  jauh ti lembur kuring. Ku lantaran kitu, pantes lamun Nyi Cicih jadi primadona téh.
                “Nyi, naha henteu giras ciga batur di panggung téh, kitu deui ka bajidor!”, ceuk kuring, basa nganteurkeun bako ti Mang Ita keur bapana Nyi Cicih.
                “Ceuk Kang Iwan, jaipong téh tarian pangéndahna sadunya Mang Tarsan!  Ēnérjik, dinamis, éstétis jeung atraktif. Ku lantaran kitu, urang kudu bisa ngamumuléna, sangkan unsur kaéndahanana bisa langgeng tur abadi. Ulah diruruksak ku improvisasi gerakan anu teu pararuguh. Komo bari ngumbar ajén érotisna wungkul mah”, cenah ngajawabna meni capétang. Enya, bener! Da kuring gé satuju pisan.
Kasebutna gé primadona grup, tangtu baé manéhna meunang perlakuan anu leuwih istimewa dibandingkeun jeung personil séjénna.  Bisa disebutkeun diogo ku pingpinan rombongan téh. Sasat cenah daya jualna pikeun dikomersikeun dina seni jeung hiburan ngadatangkeun hasil nu mucekil keur kalumangsungan ieu grup. Mun geus kitu, lain baé Nyi Cicih nu diuntungkeun téh, atawa Mang Ita  pamingpin rombonganana, tapi sakumna personil anu kagabung di Grup Jaipong  Baraya Deukeut kabawa senang. Dapurna bisa terus ngarebul sarta barisa nyumponan bubutuhna sapopoé.
                “Omat Cim, heulakeun ngajemput Cicih mah. Keur mah rada nyingcet imahna, katurug-turug bisi keseleun nungguan!”, cenah ceuk Mang Ita basa nitah néang  Nyi Cicih ka supir éta rombongan.
                “Enya, siap bos! Resep uing mah ngajemputna gé. Keur geulis téh bageur Nyi Cicih mah, tara kopét kana jereki, roko sabungkus baé mah sok meunang. Bong ka nu bageur, jerekina gé alus. Ayeuna geus dilamar ku nu beunghar!”, ceuk Mang Ocim bari ngaléos moro kana mobil Suzuki Carry deuk ngajemput Nyi Cicih téa. Salaku kenék, kuring gancang nuturkeun, bisi katinggaleun. Ari pancén kuring nyaéta sok mangakutankeun babawaan sindén jeung penari, diasup-asupkeun kana bagasi mobil. Geleser  mobil téh maju, rék nyampeur Nyi Cicih ka imahna di Kampung Mungkuk Jaya.
                “Tarsan, iraha euy kawinna Nyi Cicih téh, ningan mimilu kénéh nabeuh!”, ceuk Mang Ocim ka kuring.
                “Béjana mah sabulanan deui Mang”, ceuk kuring.
                “Maké diidinan ku Juragan Durli nya euy!”, ceuk Mang Ocim bari leungeunna anteng ngagulak-gilekeun setir.
                “Da can resmi jadi pamajikanana meureun Mang.  Ongkoh deui Nyi Cicihna jelema butuh. Saha atuh anu jadi tulang punggung kulawargana salila ieu ari lain manéhna”, ceuk kuring.
                “Bageur  tuda Nyi Cicih mah. Enya gé ukur jadi penari. Harga diri téh sakitu dipupustina ningan.  Bari pinter, nolak ajakan bajidor nu cunihin téh,  teu mantak nyigeung kana perasaanana. Mantak pantes padamikaresep ku bajidor gé!”, Mang Ocim nyarita deui.
                “Tapi siga teu katingali atoh sakitu rék meunangkeun jelema jegud gé nya Mang”, ceuk kuring.
                “Heueuh, teuing atuh! Sugan jeung didinya sok ngobrol. Kapan manéh nu sok dipercaya ka ditu-ka  dieu ku Nyi Cicih mah.” Ceuk Mang Ocim
                “Ah..teu wani tetelepék atuh Uing gé!”  ceuk kuring. Nepi ka imahna,  kasampak nu diomongkeun téh keur  nungguan dijemput. Sanggeus manéhna amitan ka indungna bari teu poho nyium leungeunna, Nyi Cicih asup kana mobil.
                “Ka mana Si Abah Nyai, teu katingali, keur suwung?”, Mang Ocim nanya.
                “Enya Mang, nuju ngangon domba bari sakalian ngarit!” témbal Nyi Cicih tungkul.
                “Duh..asa rada  beurat eusi koper téh Nyai  ayeuna mah. Boa-boa aya kagegelen keur Uing yeuh!”, ceuk kuring bari ngasupkeun koper kana bagasi. Geleser  mobil téh maju.
                “Enya Mang, kabayana loba mutéan. Modél panganyarna. Niron tina majalah bawana Yeni, babaturan abdi  ti Bandung!” témbalna bari imut.
                “Heu heu, gan téh aya taeun...!” ceuk kuring.
                “Atuh da tungtutan peran Mang. Jadi penari mah ningan  kacida pentingna merhatikeun penampilan téh. Ngarah nu lalajo jeung bajidor henteu baroseneun.” Ceuk Nyi Cicih
                “Enya satuju pisan Emang gé Nyi, ngarah masarakat arapaleun bédana grup jaipong urang jeung grup séjénna. Penarina gareulis tur bajuna henteu katinggaleun jaman. Harurung - harérang jeung buricak burinong”, ceuk kuring bari seuri. Nyi Cicih ogé milu seuri. Seuri maur saukurna, hambar katempona, taya dangiangan.  Kuring jadi panasaran.
                “Ēh..ieu aya roko Mang. Hatur lumayan nya, sabungkus éwang.” Ceuk Nyi Cicih bari leungeunna mukakeun résleting tasna. Kusiwel manéhna ngaluarkeun roko dua bungkus. Song dibikeun ka kuring  sabungkus, ka Mang Ocim sabungkus. Meni bareng kuring jeung Mang Ocim nganuhunkeun.
                “Pangirim Nyi?”, Mang Ocim nanya.
                “Enya Mang”, témbalna pondok.
                “Iraha Juragan Durli nganjang?” Mang Ocim nyusul tepus.
                “Kamari. Bari mulangna riributan heula jeung abdi”, témbal Nyi Cicih, paromanna robah jadi alum.
                “Naha bet bisa kitu? Lain atoh mun diamprokan pisalakieun mah!”, ceuk Mang Ocim.
                “Atoh sotéh mun urangna  bogoh!”, témbalna.
                “Ku naon mimitina pangna jadi paséa?”,  ceuk Mang Ocim.
                “Teu pira alatanana mah. Manéhna nyarék abdi milu nabeuh poé  ayeuna. Pédah urang rék nabeuh ka Tambakbaya lemburna Haji Wana nu ti heula kungsi deuk mileuleuheungkeun abdi. Timburuan meureun manéhna téh. Ari ceuk abdi téh kapan geus  aya perjanjian. Saacan sah jadi pamajikanana, abdi meunang kénéh milu nabeuh. Lamun teu diidinan, kajeun bedo kawin téh. Ceuk pamikir abdi, can boga hak sapinuhna manéhna kudu ngatur-ngatur abdi, da can jadi salaki. Abdi deuk eureun jadi penari lamun geus sah ditikah ku manéhna. Sarta, minangka kompénsasina, sagala rupa kaperluan abdi sakulawarga jadi tanggung jawab manéhanana. Taluk asin geuning dikitukeun mah, tuluy ngahempékeun.   Kuduna manéhna téh nyaho, nari téh dunya abdi. Leuwihna ti éta ieu téh pan pakasaban abdi nu salila ieu dipigawé keur ngusahakeun kulawarga abdi”, ceuk Nyi Cicih pinuh ku kakeuheul.
                “Alusna mah Nyai gé nurut. Da kalah dikumaha ogé Juragan Durli téh pisalakieun Nyai!”,  ceuk Mang Ocim mapatahan. Kuring mah jempé, ngahéphép wéh di jok tukang bari ngelepus udud.
                “Jadi Emang gé mangmeunangkeun aki-aki itu. Ciga  Abah jeung Ema baé. Naha meni taya nu ngartikeun kana perasaan abdi. Abdi téh kapaksa daék ka Juragan Durli téh. Demi Abah jeung Ema. Apan Mang Ocim gé apal meureun, salila ieu abdi téh keur papacangan jeung Kang  Iwan.  Abah jeung Ema teu doaeun lantaran manéhna ukur guru honor di sakola dasar.” Ceuk Nyi Cicih bari nyusutan cipanonna ku tisu. Ramona nu marucuk eurih ngaramesan tisu dina lahunanana.
                “Nyai, reungeukeun ku Nyai. Ieu mah ceuk Emang nu bodo. Teu salah pamikiran Si Abah jeung Si Ema téh. Lamun Nyai meunangkeun jelema beunghar, meureun Nyai téh bakal senang. Si Abah jeung Si Ema gé bakal kabawa senang. Da hirup rumah tangga téh teu cukup ku cinta wungkul bekelna. Kolot Nyai hayang ningali Nyai aya dina kasenangan. Pamikiran nu jadi kolot mah  kabéh  gé sarua, hayang ningali anakna hirup kalayan pinuh ku kabagjaan”. Ceuk Mang Ocim panjang lébar mapatahan.
                “Tapi pan Kang Iwan gé  engké mah boga gajih Mang!”. Nyi Cicih neuteup kana beunngeut Mang Ocim.
                “Lila kénéh meureun Nyai ceuk anggapan kolot Nyai téh!” Mang Ocim némbal.
                “Naha atuh Abah jeung Ema téh henteu sabar ngadagoan nepi ka Kang Iwan diangkat jadi pagawé pamaréntah”. Luk Nyi Cicih tungkul.
                “Sabar Nyai, meureun ieu babakti urang ka nu jadi kolot”, ceuk kuring milu mairan.
                “Mun teu inget ka dinya mah, kuring gé hayang kabur Mang Tarsan. Kabur sing jauuuh téh, nyumput paduduan jeung Kang Iwan. Sangkan kuring teu jadi kawin ka aki-aki bari jadi pamajikanana anu ngora.” Ceuk Nyi Cicih bari nginghak ceurik.
                “Geus,  susutan ci panon téh, geus nepi ka imah Obos. Tuh batur geus karumpul. Wayahna sing sabar!” ceuk Mang Ocim. Jrut kuring jeung Mang Ocim tarurun tina mobil. Nyi Cicih mah teu milu turun. Paingan kaayeunakeun paromanna téh sok alum baé,  horéng jejeroan haténa mah teu puruneun dikawinkeun ka Juragan Durli téh.
                Cunduk kana waktuna, manggung téh dimimitian ba’da isa. Haji Saripudin Bakar nu mangku hajatan téh. Jelema pangjegudna di Kampung Tambakbaya. Hajat nyundatan anakna anu bungsu. Sanggeus lagu Kidung nu sok biasa dikawihkeun minangka bubuka  réngsé, Mang Ita mimiti panén amplop. Amplop téh jerona duit, minangka tanda pikeun ménta hiji lagu,  sarta éta amplop bakal milu nangtukeun ogé penari anu baris  pinton ngigelanana.  Biasana eusi amplop téh pagedé-gedé. Saha nu panggedéna ngamplop,   éta anu baris pangheulana paménta laguna dikawihkeun. Pikeun bajidor kahot mah, hal kitu téh geus jadi budaya anu maneuh. Lebah dieu reputasina salaku raja sawér ditandonkeun.
Ku kabeneran, nu pangheulana dikobul ménta lagu téh Haji Wana téa. Sarta lagu nu dipéntana “Bangbung Hideung”, sedengkeun penari anu marengan ngibing di luhur panggung nya Nyi Cicih téa.
                Peuting éta, Juragan Durli ogé datang. Diuk panghareupna beulah katuhueun panggung. Ari Haji Wana diukna beulah kéncaeun panggung. Ngong Bi Ijah, juru kawih kahot  mimiti ngawih, coda,  dina lagu “Bangbung Hideung”.
                “Bangbung hideung........boro-boro teuing diriiiiiiii iiiiiii iiiii. Leuheung basa dicandak ka  suka galih. Situ pinuh balong jero”, sora  Ceu Ijah ngageureuleung dipirig wirahma nayaga nabeuh gamelanan.
                Jung Nyi Cicih nangtung. Sangeus rengkuh méré salam ka nu lalajo manéhna ngaréngkénék ngibing, nuturkeun wirahma kendang. Uyegna, ukelna, mincigna diréka dialus-alus. Asa motah ngibingna,  béda ti biasa. Biwirna nu ngagondéwa,  malédog-malédogkeun imutna ka saban mahdab. Nu lalajo surak ayeuh-ayeuhan ngeprokan sang primadona nu keur motah nuturkeun wirahma kendang. Léok awakna  diluak-léokeun, digibegkeun ka beulah kénca, leungeunna muka soléndang nu disampaykeun dina beuheungna. Lung éta  soléndang téh dialungkeun ka lebah Haji Wana diuk. Kep  éta  soléndang téh ku Haji Wana disanggap. Tuluy  disangsangkeun kana beuheungna.  Jung Haji Wana nangtung, ngadeukeutan kana panggung.  Nyi Cicih hideng  deku. Tuluy leungeunna diasongkeun ngajak sasalaman ka Haji Wana téa. Kep leungeun sang primadona téh dikeupeul, lila teu dileupaskeun. Leungeun kécana ngodok saku calana. Haji Wana  ngaluarkeun duit sawéranana. Duit téh diacung-acungkeun. Salambar-salambar duit warna biru téh dikeupeulkeun kana leungeun Nyi Cicih.  Nu geulis téh malik nyekel. Beungeutna  ngahaja dideukeutkeun kana lebah beungeutna Haji Wana. Ti beulah katuhueun panggung Juragan Durli panonna molotot. Beungeutna geuneuk nahan kaambek, kasorot ku cahya lampu néon.
                Kitu jeung kitu peta Nyi Cicih peuting éta. Ngibingna motah, imutna  diumbar. Tara-tara ti sasari. Nepi kalekasan manggung jam tilu subuh. Manéhna mandeurikeun manéh turun tina panggung. Nepi ka handap, Juragan Durli geus ngajega.
                “Nyi,  mulangna kana mobil Engkang, tong milu jeung rombongan!”, cenah, sorana teugeug sarta pasemonna sambutut manyun.
                “Ari koper jeung babawaan abdi kumaha?” ceuk Nyi Cicih meni ayem. Tenang pisan sikepna, teu katingali geumpeur nyanghareupan anu keur baketut haseum dirérab rasa timburu téh.
                “Tarsan! Akutan babawaan Si Nyai kana mobil. Tuh Avanza hideung diparkirkeun sisi jalan gedé!” ceuk Juragan Durli ka kuring. Regeyeng koper téh dipanggul. Juragan  Durli ngaléos bari nungtun leungeun Nyi Cicih. Nu ditungtun téh ngépéskeun leungeunna. Leumpang mandeurikeun manéh satukangeun kuring.
                Saminggu satutasna nabeuh ka Tambakbaya, Nyi Cicih rék dikawinkeun. Nu tadina sabulan deui téh bet dipajukeun,  lantaran ti pihak calon pangantén lalaki ngaburu-buru cenah. Béja kawinna Nyi Cicih geus sumebar kamana-mana. Majar cenah sang primadona téh ayeuna mah geus aya nu boga. Dikawin juragan beunghar kalayan maskawinna ku motor matic.  Loba  bajidor kahot anu milu handeueuleun. Lantaran  ibingan sang primadona, uyegna, mincigna, ukelna reujeung imutna moal  bisa  deui marengan maranéhna ngabajidor.
                Piisukaneunana rék dirapalan, kuring ngamprokan Nyi Cicih ka imahna. Sakalian mérékeun kado, kapihapéan ku Jang Iwan beubeureuhna Nyi Cicih téa. Nu ditepungan téh bet pikawatireun. Beungeut pias, panonna carindul balas ceurik. Ceurik nyeungceurikan nasibna anu geus diguratkeun ti azali. Song babawaan téh dibikeun.
                “Nyi, katitipan ieu ti Jang Iwan”, ceuk kuring teu hayang loba carita.
                “Kang Iwan?”, Nyi Cicih curinghak.
“Enya, mangkukna mihapékeun éta ka  Emang. Ka teuing naon eusina mah!”, ceuk kuring.
“Ka mana Kang Iwan téh  Mang?”, Nyi Cicih nanya ka kuring.
“Lunta ti lembur Nyi! Ka Batawi omongna mah cenah. Susugan meunang pagawéan nu gedé gajihna  cenah!”, ceuk kuring.
Segruk Nyi Cicih ceurik. Sorana rada dipegég sangkan batur teu milu ngareungeueun. Béréwék, bungkus kado téh dibuka. Jerona cupu leutik, aya alian. Sarta di jeroana aya surat sacewir dibungkus ku amplop bodas.
“Punten, pangmacakeun Mang!”, ceuk Nyi Cicih bari nginghak. Surat nu diasongkeun téh ku kuring ditampanan. Diuk téh ngésér, ngadeukeutan ka Nyi Cicih.
Nyai, jimat pupujaning haté Engkang. Hampura Engkang. Ieu haté gudawang jeung peurih mireungeuh Nyai jadi milik batur. Lain Engkang embung katuturkeun basa Nyai ngajak lunta. Da puguh Engkang mah batan sakieu, sieun teu bisa nyugemakeun ka Nyai. Ieu aya cingcin, ngan dua gram. Ngahaja nyésakeun tina honor Engkang unggal bulan. Maksud mah bulan hareup Engkang rék ngalamar Nyai, tapi geuning bet aya nu miheulaan. Simpen sing tarapti, minangka tanda  lelebna kanyaah Engkang ka Nyai, muga-muga Nyai sing tinemu jeung kabagjaan.  Engkang pamit, seja lunta ti lebur, nuturkeun panungtun umur”.
Segruk deui Nyi Cicih ceurik,  beuki angot . Bangun nu kanyenyerian pisan. Rap cingcin téh dipaké dina jari manisna. Batuna nu warna beureum boborélakan cahayaan. Lir cahya cinta di antara maranéhna duaan. Surat téh  dikeukeuweuk, ditangkeup kana dadana bari cimatana angger merebey maseuhan pipina.

Janari leutik di tungtung lembur guntreng sada nu ngobrol. Tukang ojeg, hiji jajaka, jeung hiji mojang nu tuluy-tuluyan sumegruk ceurik. Ahirna, bareng jeung reangna sora hayam kongkorongok, motor teh ngageuleuyeung maju . Panumpangna jadi tiluan. Nyemprung ninggalkeun tungtung lembur, ciga nu rusuh diudag waktu.