Tampilkan postingan dengan label Sketsa. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Sketsa. Tampilkan semua postingan

Jumat, 22 Oktober 2010

LEUNGIT BEDOG

LEUNGIT BEDOG

oleh Hena Sumarni, 17 Juli 2010 
Ngaran aslina mah Juned. Tapi ku padabaturna sok dilandih jadi Jurѐd. Juned barѐd. Lebah pipi kѐncana aya tapak barѐd anu manjang nepi ka carѐhamna. Keur leutik pasѐa cenah jeung lanceukna parebut pѐso nu rѐk dipakѐ mesѐk buah Aromanis. Nya manѐhna nu ѐlѐh. Pѐso nu dicekel ku lanceukna keuna kana pipina.
Dedeg pangadegna pendѐk busekel. Leumpangna rada tenggѐng, leungeun ngabѐrѐgѐgѐh, beungeutna dangah ka hareup. Lian ti barѐd dina pipina, nu jadi ciri has Jurѐd tѐh sorana. Mun geus nyoara...beu, gelap salѐsѐr wѐh sugan mah.
Keur sakumna masarakat di Pasar Wates jeung sabudeureunana tangtu moal aya nu bireuk deui ka Jurѐd mah. Jeger pasar anu pada mikagimir. Sapopoѐna tara lѐsot mawa pakarang. Bedog pѐtok noglѐng dina cangkѐngna. Kungsi aya nu nanya, naha cenah lain geura ganti pakarang, makѐ pѐstol ciga Koboy
dina film-film Hollywood. Teu bѐakeun omong, manѐhna tuluy ngajawab, “Aing hirup di pasar. Lamun ieu bedog diganti ku pѐstol, Aing moal bisa ngarecah hakaneun. Mun pareng Aing lapar, gedang, buah, apel tinggal dipesѐk ku bedog, jadi parab aing. Kitu deui lamun hayang mawa balik lauk atawa daging hayam jang deungeun kѐjo di imah, bedog Aing nu bakal dipake ngadѐkan daging tѐh kapanan”.
Hѐbat...jawaban anu kacida logisna.
Hiji poѐ, di “kantorna”, Si Jurѐd ambek-ambekan. Sorana awong-awongan nepi ka kadѐngѐ ka Warnѐt Jang Husin anu perenahna 300 meter ti kantor Si Jurѐd. Anu dimaksud kantor tѐh nyaѐta markas tempat nangkring Si Jurѐd jeung babaturanana. Kios roko Mang Juarsa di buruan parkir pasar.
“Bedog Aing leungit euy! Geus ditѐangan ka saban tempat di imah, nepi ka pabѐtѐkan goah ku Aing dikulincer, welѐh teu kapanggih. Indung Si Teueul ditanya ku Aing, jeung ngajawab mah kalah ka mѐwѐk, pikacuaeun siah ambѐwѐ tѐh!”, pokna di ѐta tempat. Sajongjongan simpѐ. Euweuh nu wanieun ngajawab. Sabab geus padaapal, mun aya nu wani nѐmbal, ditampiling pipi waѐ mah bakal kabagian.
“Solat geura Jang! Hayu ka masjid. Dibawa solat mah pikiran tѐh sok jadi caang!”, ceuk Ustad Oing nu kabeneran ngaliwat ka lebah dinya. Anjeunna bade muru ka Masjid lebakeun pasar, biasa salasaan. Pangaosan ibu-ibu unggal dinten Salasa ba’da solat lohor.
Ciga anu disirep, Si Jurѐd nuturkeun, ngiclik tukangeun Ustad Oing. Nepi ka nu dituju, kasampak geus loba jelema. Sabab sababaraha menit deui manjing waktuna solat lohor. Tuluy Ustad Oing tѐh miwarang adan. Anu maju ngadeukeutan mimbar pangsolatan tѐh horѐng Si Jurѐd. Tuluy manѐhna adan. Sarѐrѐa olohok bengong, sabab sora adan Si Jurѐd tѐh ngeunaheun pisan. Makhorijul hurufna oge lekoh pisan deuih, ciga santri nu geus mangtaun-taun ngobong. Tamat Si Jurѐd adan ti shaf pangtukangna aya anu nyelengkeung ngomong. Horѐng Mang Jamhi, tukang dagang daging hayam di eta pasar.
“Teu nyangka Rѐd euy! Sora maneh tѐh ngeunaheun!”, ceuk Mang Jamhi.
Bari nyenyekel kѐnѐh mik nu can dipareuman, Si Jurѐd ngajawab, “Saha heula atuh, aing tѐaaaaaaaaa!”.
Sarѐrѐa tingraringeuh. Komo masarakat di sabudeureun masjid mah. Sabab sora Si Jurѐd ti masjid kadѐngѐ ka unggal madhab. Gancang mik tѐh dipareuman ku Ustad Oing. Pok anjeunna nyarios, singget pisan, “Rapihkeun shafna!”.
Si Jurѐd milu solat ngama’mum jeung jamaah sѐjѐnna. “Alloooooooh huakbar!”. Imam takbiratul ikhrom. Lima menit ti harita, ana gorowok tѐh Si Jurѐd ngagorowok.
“Wooooooooy, heueuh Aing inget ayeuna mah. Bedog tѐh diteundeun dina luhur lomariiiiiiiiii!”.
Gajleng manehna luncat. Gebru..! shaf sajajaran manehna mah nepi ka aya nu tingkudupruk kadupak. Berebet Si Jurѐd lumpat ka luar ti masjid. Nepi kana panto hareup, sukuna tikudawet kana sajadah anu keur disѐsѐrѐd hiji budak. Gebru Si Jurѐd labuh nangkarak bengkang. Sukuna nu katuhu nilep. Ciga nu keur diuk tasyahud. Si Jurѐd euweuh nu nulungan. Manѐhna humaregung bari leungeunna acong-acongan nyembah. Teuing nyembah ka saha. Ti dinya, tuluy sorana teu kadѐngѐ deui.

Cimahi, 17 Juli 2007

OPRASI

OPERASI

oleh Hena Sumarni, 15 Juli 2010 
Rebo, 14 juli 2010. Rada hariwang hatѐ tѐh. Ongkoh cenah geus miang ti Ciparayna mah budak tѐh, tadi isuk jam 08.00., tapi geus jam 10.30 tacan norojol kѐnѐh waѐ. Kapan biasana gѐ ti Ciparay ka Cimahi tѐh ukur sajam saparapat. Leuh...pikahariwangeun baѐ budak tѐh.
Kuring narik napas panjang, rumahuh, meupeuskeun kahariwang nu motah ngagalura. Gerung sora motor ka hareupeun imah, satengah ngajleng muru kana panto. Kulutrak dibuka, alhamdulillah, ahirna nu keur ditungguan tѐh norojol. Nu turun tina motor tѐh diteuteup, riuk beungeutna bet bѐda ti sasari. Ngungun tur alum sarta ciga ngemu kaceuceub anu luar biasa. Satengah ngabeubeutkeun manѐh diuk kana korsi gѐ. Ku kuring disampeurkeun, bari dicekel taktakna pok ditanya, “ Ko naon Isep tѐh?’
Jeung ngajawab mah budak tѐh kalah ka nyegruk ceurik. Leungeunna nu katuhu dipeureupkeun. Tuluy diteunggeul-teunggeulkeun kana dampal leungeunna nu kѐnca, bangun anu kacida ambekna. Diantep ku kuring tѐh, sina budal heula kakeuheulna. Lѐos ka dapur rѐk nyokot cai.
Sirop tiis tina kulkas diasongkeun ka Isep. Isep teh alo kuring ti Ciparay. Ngahaja poѐ ѐta ulin ka Cimahi, nganteurkeun bѐas anyar, saur mamahna, hayang kaasaan ku kuring.
Leguk cai tѐh diinum. Meni ngalekik ciga nu halabhab pisan. Ti mimiti datang polahna tuluy disidikkeun. Kuring banget ku ngarasa hѐlok. Panasaran, sanggeus budak tѐh leler, pok baѐ ditanya, naon anu ngabalukarkeun manѐhna kitu peta tѐh.
“Ku naon ari Isep, tara-tara ti sasari, bet ciga nu ambek geuning barang jol ka dieu tѐh?” ceuk kuring.
“Hapunten Bibi. Muhun abdi tѐh ambek. Keuheul deuih. Tapi da sanѐs ka Bi Irna!”, ceuk Isep bari dareuda.
“Bet elat nepina. Macet?” , ceuk kuring.
“Henteu Bi. Mung nuju aya operasi gabungan. Ampir di unggal parapatan aya pamariksaan. Lebah Parapatan By Pass abdi dicegat. Saurna abdi ngalanggar peraturan. Da SIM sareng STNK mah nyepeng abdi teh. Lampu hareup sareng lampu sѐn motor Mio abdi dipolѐt ku warna beureum. Variasi ciga kitu tѐh teu kѐnging saurana. Ahirna abdi karoroncodan Rp. 35.000. Jaba mung sakitu-kituna artos nu aya dina dompѐt tѐh. Ditawar Rp. 5000 gѐ teu masihkeun. Sanggem abdi tѐh sѐsakeun lima rѐbu wѐh keur meuli cai. Ari dijawabna tѐh “euweuh, teu bisa” cenah. Bari ti popolotot kawas ka sato baѐ ka abdi tѐh. Sok Bi, saha anu teu ambek dikitukeun. Asa dirampog abdi tѐh”, ceuk Isep.
“Nyaah teuing, keun ke ku Bibi dipasihan kanggo bekel uih mah, cing kagentosan deui artos anu dirampog tѐh”, ceuk kuring bari ngusapan taktakna.

Cimahi, 15 Juli 2010

PROPORSIONAL, 26 Mei 2010

Panasaran ku harti ieu kecap. Leungeun hideng muka panto lomari buku. Gap buku tѐh dicokot tina tempatna. “Kamus Besar Bahasa Indonesia Edisi Baru”. Diterbitkeun ku Pustaka Phoenix Jakarta taun 2007. Ēta kamus tѐh ku kuring dibuka. Dina lambaran awal kamus aya tulisan “Cimahi, 12 Juli 2007”. Hartina ѐta kamus tѐh ku kuring dibeuli dina tanggal kasebut. Geus jadi kabiasaan kuring ti keur kuliah kѐnѐh lamun “jajan” buku tѐh sok ditulis titimangsa waktu meuli ѐta buku. Malah nepi ka harga bukuna gѐ tara dipiceun, diantep sina napel saperti bawana ti toko buku. Kitu deui jeung ieu kamus, aya kѐnѐh labѐl hargana tѐh. Harga ieu kamus tѐh 220 rѐbu.
Tabѐpun. Lain niat ujub, riya jeung takabur. Disebutkeun hargana tѐh keur mulangkeun panineungan baѐ ieu mah. Panineungan kuring kana ieu kamus. Harita kuring ngarasa katѐtѐran ku pertanyaan-pertanyaan ti Si Jimat, anak kuring. Sok aya baѐ kekecapan anyar ladang manѐhna bucu-baca, boh tina buku atawa bungkus kadaharan (snack) urut manѐhna jajan. Contona baѐ kecap komposisi, inkaso, rekening, suspensi, sublimasi, kampiun, kandidat jeung rѐa-rѐa deui. Lain kuring bodo, atawa teu bisa nerangkeunana ihwal harti kecap-kecap kasebut ka Si Jimat, tapi daya kritisi ѐta budak asa leuwih onjoy batan budak sapantaranana. Manѐhna kakara ngarasa sugemaeun kana hiji jawaban sabada dipanggihkeun jeung bukti fisik sarta fakta anu logis kana naon anu jadi pertanyaanana. Nya ahirna kuring tѐh maksakeun meuli ѐta kamus, sok sanajan hargana kacida mahalna keur ukuran kuring mah. Alhamdulillah, sanggeus boga ѐta kamus kuring teu ngarasa “diriripuh” teuing ku sagala rupa pertanyaan ti Si Jimat. Lamun pareng hiji mangsa manѐhna ngarasa teu ngarti kana hiji kecap, manѐhna sok tuluy lumpat kana kamus, henteu ka kuring deui. Leuwih percayaeun kana kamus anu geus puguh bisa dipertanggungjawabkeun sacara kaѐlmuan tibatan kana hasil pamikiran indungna anu pabaliut jeung mikiran PR-na di dapur.
Satuluyna geuning mangpaat ѐta kamus tѐh. Sarta manjang mangpaatna. Kuring sakulawarga kabantu pisan ku ayana ѐta kamus. Saperti kajadian anu tumiba ka kuring dina poѐ ieu. Kuring tѐh hayang ѐcѐs pisan kana harti hiji kecap, nyaѐta kecap proporsional. Sabenerna femilier pisan ѐta kecap tѐh dina ceuli kuring, sabab dina kahirupan sapopoѐ ѐta kecap tѐh mindeng digunakeun. Ngan panasaran baѐ hayang apal rѐngkol pihartieunana nurutkeun ѐta kamus. Dina ѐta kamus, kecap proporsional dihartikeun nempatkeun hiji hal luyu jeung nu samistina. Hususna cenah nempatkeun perasaan, saperti perasaan ambek, sedih, nyaah jeung “cemburu”. Tapi ѐta hal tѐh rada hѐsѐ diteuleuman ku kuring mah. Da ceuk kuring mah, nurutkeun pemahaman kuring, sacara basajan, kecap proporsional bisa diibaratkeun kieu: “makѐ topi dina sirah” atawa “makѐ sapatu dina suku”. Sakitu gѐ cukup ceuk pangrasa kuring mah..he he.
Leupas tina masalah kumaha nafsirkeun jeung ngainterpretasikeun ѐta kecap, sabenerna kuring hayang share ngeunaan katugenah kuring sabada kuring narima e-mail ti hiji jalma anu nyabit-nyabit ѐta kecap. Nu dimaksud tѐh kecap proporsional tѐa. Lantaran kuring ngarasa tugenah ku manѐhna anu ceuk pameunteun kuring manѐhna tѐh kacida ѐgoisna, kurang dѐwasa sarta cenderung posesif.
Kieu caritana.
Kamajuan tѐknologi jaman ayeuna kacida pisan ngabelesatna. Di antarana internѐt. Rupa-rupa fasilitas bisa diakses ku urang ngaliwatan internѐt tѐa. Salah sahijina fasilitas jejaring sosial facebook. Satuluyna urang singget baѐ FB. Loba jalma anu kapѐngpѐongan ku sihir dumay ieu. Sihir dunia maya. Teu saeutik jumlahna anu tuluy jaradi jufe (jurig facebook). Rupa-rupa kajadian nu marengan eksistѐnsi FB di masarakat.
Ari anu kaalaman ku kuring mah kieu: aya hiji jalma ano sok pirajeunan “ngubrak-ngabrik” FB kuring. Nalѐngtѐng aktivitas kuring ngaliwatan FB. Bari manѐhna nyiliwuri ngajirim jalma sѐjѐn nu ngahaja dititah ngadd kuring. Sabataѐ atuh da nyumput buni di nu caang. Naon baѐ status kuring sarta naon bae komѐntar-komѐntar ti babaturan kuring. Atuh kuring tѐh ngarasa tugenah. Tuluy ku kuring dipancing ku ngaluarkeun status saperti kieu unina: “ naha naon atuh maksad salira nu saleresna? Naha ku cara mukaan FB sim kuring perasaan salira bakal tenang?” Babaturan kuring loba anu ngomѐntaran. Rupa-rupa komѐntarna tѐh. Ah..dasar puguh gѐ boga babaturan tѐh bareuki pisan kana heureuy. Meureun cigana sababaraha hiji komѐntar babaturan kuring tѐh neunggeul pisan mamarasna.

Sababaraha minggu ti harita kuring nampa e-mail ti hiji jalma. Alamat e-mailna kingkinna@yahoo.gmail.com. Basa ku kuring dibaca kieu cenah unina tѐh: “ Bu, muhun abdi nu sok mukaan FB Ibu tѐh. Asa proporsional abdi lumaku saperti kitu, margi abdi gaduh kahariwang. Mugia ibu tiasa ngamafhum sareng kersa ngahapunten ka abdi duaan.”
Proporsional? Duaan? Na saha atuh? Nyel kuring ambek. Ēgois jelema tѐh. Bet ngatasnamakan kaѐgoisan manѐhana dina luhureun kecap proporsional. Ari perasaan kuring ku manѐhna teu dihargaan. Privacy kuring ku manѐhna teu lieuk ku sabeulah panon. Wilayah pribadi batur diacak-acak tan saijin nu bogana. Bener-bener ѐgois.
Tapi, kuring sadar. Dina satiap kajadian tangtu aya hikmahna. Aya ibroh, aya pelajaran nu kudu dilenyepan. Teu sadar manѐhna geus ngabolѐkѐrkeun dirina sorangan. Kapancing ku status kuring nu ngahaja diteundeun keur ngaheurap manѐhna. Tina hal ieu kuring bisa meunteun, jelas manѐhna teu miboga pikir rangkepan, teu dѐwasa dina “bersikap”. Cucud ngagugu hawa nafsuna tanpa tinimbangan, rikip lantip tur elegan.
Nu kitu nu disebut proporsional tѐh?
Naha luyu jeung tempatna nyasaak perasaan, nyasaak hatѐ, nyakaran jeung ngokoѐt privacy batur “atas nama” rasa curiga jeung proporsional? Mun seug hiji mangsa kuring ngucapkeun ѐta kecap (proporsional), kuring mah hayang ngucapkeunana ku sikep nu pinuh kadewasaan, sangkan henteu nyasaak harga diri sorangan. Sangkan henteu ngoѐtan hatѐ jeung perasaan batur. Sangkan heunteu nyakaran privacy batur, utamana perasaan jalma anu pangdeukeutna jeung diri urang. Cag!

PROPOSAL, 23 April 2010

Duka ku naon, bulan-bulan ieu, asa ngaderehdel ondangan pikeun miluan pasanggiri ka sakola teh. Tingkat kota, umum, nepi ka nu tingkatanana leuwih luhur saperti di tingkat provinsi. Eta teh lumaku ampir pikeun sakabeh mata pelajaran. Kaasup mata pelajaran anu ku kuring dicekel. Geus jorojoy boga pikiran goreng eta ge, ari kagiatan mareng kieu mah cigana bakal rada seuseut dina lebah urusan ngabagi-bagi dana teh. Tapi buru-buru ku kuring disieuhkeun, bari " positif thinking " weh, yen dana kagiatan teh bakal ngagolontor kalayan lancar.

Lantaran ieu kagiatan teh dilaksanakeun di luar wewengkon kuring ngajar, sarta kagiatan nu dilaksanakeun hayang lumangsung kalayan nyugemakeun, pangpangna nyugemakeun barudak, kuring usaha satekah polah nyiar tambahan dana ku cara ngajukeun proposal, menta bantuan dana ka hiji pausahaan, bank BUMN, anu bisa disebut bonafid, lantaran "wilayah kakuasaan" pausahaanana kawilang lega. Utamana para pagawe pamarentah.

Kuring jeung sobat kuring, soulmet cenah ceuk bahasa gaul barudak ayeuna mah, tatahar sapuratina pikeun nyieun proposal tea. Beres diketik, gidig ditandatangankeun ka dunungan. Bari dibekelan surat tugas jeung surat jalan ti sakola (alhamdulillah, ongkos jeung duit keur meuli bengsin mah teu dibere, pohoeun meureun, ah..da hampuraeun), kuring jeung sobat kuring tea ngagidig muru kantor cabang pembantu nu pangdeukeutna. Satpam di eta pausahaan nanya naon pamaksudan kuring duaan, ti mana jeung rek naon. Ku kuring dijelaskeun yen maksud kuring teh rek ngajukeun proposal hiji kagiatan.
Map anu dikeukeuweuk teh dipenta ku satpam, tuluy manehna ngagidig ka jero kantor ngadeuheus ka "nu dibendo" di eta pausahaan. Teu kungsi lila geus norojol deui, song map teh diasongkeun ka kuring. Pasaratan "pengajuan" proposal aya nu kurang, nyaeta surat rekomendasi ti kepala Dinas Pendidikan, tempat kuring babakti.

Gancangna carita, sanggeus susuratan keur ngajukeun proposal teh lengkep, ku eta BUMN teh ditarima. Dua minggu ti harita, kuring di sakola meunang telepon ti eta pausahaan yen proposal geus bisa dicairkeun. Alhamdulillah...

"Nyandak copy KTP sareng kwitansi nya Bu!", ceuk patugas di eta bank dina telepon. Gidig kuring duaan ka kantor eta bank tea. Geuning kwitansina teh kudu dicap, cap sakola pastina. Isukna balik deui. Tapi jelema nu rek diamprokanana keur teu nyampak. Majar cenah keur ka kantor wilayah di Bandung.

Isukna, kuring ngabagi tugas jeung Ki Sobat tea. Manehna bagian ngurus proposal, ari kuring bagian ngalatih. Jam 10.30 cenah nepi ka kantor eta bank teh. Salila kuring ngalatih barudak, Ki Sobat teh terus-terusan nelepon. " Ceu, geus jam 11.00, tapi can dipanggil wae", cenah via telepon.
"Wayahna sing sabar nya, kumaha deui atuh, geuning rek mawa barudak teh urang teu nyekel dana sarebu-rebu acan", ceuk kuring ngupahan hatena.
" Mun bisa mah, Ceuceu ka dieu!", manehna menta dibaturan.
" Yah, ke sayah mere tugas heula", kuring nyanggupan sangkan manehna ngarasa reugreug.

Kuring asup ka kelas, tuluy ngajelaskeun materi garapeun keur pertemuan harita. Dipapay hiji-hiji budak teh, diilikan pagaweanana nepi ka katingali geus ngalarti. Kuring balik deui ka hareup, bari tuluy mapadonan sangkan barudak henteu ribut salila ditinggalkeun di kelas.
" Ibu nyuhunkeun widi, teu tiasa ngajar dugi ka beres, bade ka bank ngajengkeun proposal, nyuhunkeun bantosan dana kanggo kagiatan pasanggiri tea. Teu kenging balangor nya!", bari rada kuram-kireum sieun barudak nganaha-naha. Tapi nyaan, teu diniatan rek ulin, bener-bener rek nguruskeun proposal anu memang danana kacida pisan diperlukeunana. Sabab, saperak oge, lian ti keur waragad pendaftaran mah, sakola teh can mekelan. Ari pelaksanaan kagiatan tinggal tilu poe deui. Kuring tatanya ka "tukang dana" di sakola, majar cenah talangan we heula ke ge digantian. Soteh ari ukur Rp. 50.000 ditalangan teh, ari sajutaan leuwih deui mah mikir heula, duit ti mana?
Anu mantak jadi bingung teh, opat urang peserta pasanggiri kudu ngagunakeun papakean adat Sunda, tangtu wae kudu nyewa ka salon, sabarahaeun tah?

Gancangna carita, kuring nepi ka kantor eta bank tea. Kasampak sobat kuring keur cindekul nungguan sorangan. Ngareret kana jam geus tabuh 12.00. Satpam norojol, cenah parapagawe bank istirahat heula. Lantaran beuteung geus kukurubukan, kuring ge tuluy ngencar, neangan parab sangkan teu kalaparan.

Datang deui ka bank teh pukul 13.30. Satpam nu katempuhan buntut maung teh, jadi paneumbleuhan kakesel kuring. Majar cenah petugasna keur ka istirahat, bade teras makan siang heula, ka jamban terus solat. Ari waktu geus nuduhkeun tabuh 14.45. Naha solat nanahaon?

Kuring ambek. pok ngomong ka satpamna: "Ieu teh kumaha, ngalelengkur ti tabuh satengah sabelas can dipanggil wae. Cik atuh, enya ge kuring teh rek nyapir, tapi kieu-kieu ge kuring teh nasabah. Anu mere kontribusi ka ieu pausahaan."
"Emang judes pisan Ceu jelema nu rek ditepungan teh. Kamari ge ka aku meni sinis paneuteupna teh", ceuk sobat kuring.

Gintiwil buku koneng, buku tabungan ti eta bank teh ku kuring dikaluarkeun tina jero tas. But nyabut kartu ATM, oge identitas nasabah di eta bank. Dikeukeuweuk bari sambutut.
"Cicing tong loba ngomomg engke di jero, urang pencrong ku duaan" ceuk kuring ka Ki Sobat tea.

Sup asup da ku satpam geus dititah ka jero.
" Tos dicopy ATM jeung nomer rekening? Tadi Bu Kaur nanyakeun di sakola", kuring nanya ka babaturan
"Acan", cenah manehna nembalan.

Ningali kuring nyenyekel kartu ATM jeung buku tabungan teh pasemon manehna jadi darehdeh. Nanya ti jam sabara, naha tadi ka mana diteangan teu aya cenah, jeung sajabana. Meureun ditepikeun omongan kuring ka satpam tadi, yen kuring teh nasabah, sarta komplen kana pelayanan eta bank sarta bakal diadukeun ka yayasan konsumen ihwal kateubalegan pelayanana. Nempo riuk beungeut kuring anu kuraweud haseum, eta patugas bank teh teu wanieun neuteup. Ngajak ngobrolna ka sobat kuring nu bisaeun keneh seuri nyanghareupan eta bikang. Beubeungeutanana terus di pencrong. Katingali dangdananana kaurus. Ti mimiti halis, biwir, bros dina baju, harga tiung, kabeh ku kuring kapeunteun aya hargaan. Ari geulis mah teu sabaraha, meunang keneh Aura Kasih tibatan bebengokna. Creng mere, gedena bantuan teh Rp. 250.000. Kuring menta dua kwitansi lantaran nu hiji deuina keur laporan ka Dinas Pendidikan, supaya nyahoeun dana anu turun teh lobana sajumlah kitu.

"Untuk kegiatan apa ini teh Bu, dan di mana?", eta bikang teh nanya.
"RBS di UPI, saJawa Barat!", babaturan ngajawab, da kuring mah geus teu hayang ngomong.
"Ohhhh", cenah rada panjang. Kaasup gede meureun eta kagiatan teh. Na jero hate kuring ngocoblak ngomong, sadunya siah ieuh kagiatan teh, moal aya duana. Sanggeus nganuhunkeun kuring kaluar ti eta tempat anu pikasebeleun teh.

Duit anu gedena Rp. 250.000 teh dibeulikeun baju batik seragam barudak keur genep urangeun, sajumlah siswa anu ku kuring dibawa, sesana keur konsumsi poe kahiji dina eta kagiatan tea. Poe kadua jeung katilu mah moal waka dipikiran, kumaha derna weh, nu penting barudak geus dipakean, sabab kabeneran seragam sakola nu dipake barudak teh asa teu "layak" diabenkeun kana hiji pasamoan. Mun meke seragam putih biru, putihna geunteul, biruna beyedug. Ari make batik, motif batikna geus kalabur nuturkeun sabun seuseuh. Dibeulikeun kana batik teh kuring hayang ngagindingan barudak, ngarah pantes diuk ngajejer jeung parapatandang ti sakola sejenna.

Meureun manehna nyangka, proposal nu diajukeun teh ukur akon-akon. Numantak, pelayanan jeung penerimaanana turta sikepna kitu patut ka kuring duaan. Kuring mah teu aya niat rek kitu peta. Tina penampilan kuring nu ciga Dewi Srikandi jeung babaturan kuring nu ciga Dewi Rengganis (heuheuy deuh muji maneh, taya nu muji tuda) kuduna manehna bisa meunteun, yen kuring mah lain "markus" proposal. Dangdanan jeung penampilan kuring mah dimodalan ku kesang nu bener-bener ngagarajag, ti hot-hat ngurus barudak. Lain ciga manehna anu keur ngamodalan penampilanana tina hasil "nguyup" kesang kuring jeung babaturan sejenna anu kapaksa jadi "korban" pausahaan tempat manehna ngabadega.

IDOLA oleh Hena Sumarni, 24 Mei 2010

Keur kuring mah karesep kana widang seni (kasenian) téh teu datang ujug-ujug. Tapi, istuning ngahaja, ngahaja kuring digebruskeun ku lingkungan tempat kuring dilahirkeun.
Sababaraha grup kasenian, ti mimiti sisingaan, tarling, tardug, réog, organ tunggal, sandiwara, topéng, wayang golék jeung kiliningan ngadeg méh saban madhab. Lamun heug aya di antara nu maca kungsi jalan-jalan ka pakaléran Subang, cigana bakal moal ngarasa hémeng, lamun manggihan plang atawa tanda ayana grup-grup kasenian kasebut téh naratay di unggal tempat, jeung aya di antarana anu teu pati jauh jarakna.
Nya kitu deui di wewengkon kuring cicing. Sajumlahing grup kasenian nu ditataan di luhur téh moal hésé ditéangan. Utamana wayang golék jeung kiliningan. Anu boga éta grup téh lain batur, sasat dulur deuheus kuring kénéh ti pihak bapa. Ku kituna, tangtu baé kuring akrab jeung sagala rupa kagiatanana. Ti mimiti acara ngumbah gamelan nepi ka latihan rutin éta grup kasenian. Ngumbah gamelan biasana dilaksanakeun unggal bulan Mulud dumasar kana itungan kalénder Hijriah. Sakalian muludan biasana mah. Acarana téh lumangsung ba’da isa. Dimimitian ku ngaji yasin, maca kulhu, ngado’a jeung satuluyna mah gamelan téh dielapan ku cai kembang beunang ngajikeun téa. Sedengkeun acara latihanana diayakeun saminggu sakali unggal malem Salasa sarta waktuna ba’da isa. Komo deui mun arék méntas mah, latihanana téh sok aya kana dua atawa tilu kalina.
Anu ngirut kana perhatian kuring harita lamun aya sindén anyar (calon sindén) keur latihan. Naon sababna? Ēta calon sindén téh biasana latihan di imah tukang rebab. Waditra latihanana teh ukur dipirig rebab. Ari lalaguanana, minangka lagu wajib nu kudu dikawasa ku calon sindén téa, saperti Kidung (Bismillah), Tepang Sono jeung lagu-lagu nu keur dipikaresep ku panongton utamana bajidor saperti Daun Hiris, Awét Rajét jeung sajabana. Waktu calon sindén latihan ku kuring sok dilalajoanan. Kuring miluan bareng émok jeung calon sinden di eta tempat. Saeutik lobana, tehnik vokal tur lalaguan anu diajarkeun ku nu ngalatih téh napel dina ingetan kuring.
Ayeuna, sok sanajan sora kuring téh jauh kana disebut ngeunaheun, tapi kana hahariringan mah resep pisan. Sok sanajan ukur kawatesanan ku pikeun nimang budak, leuwihna meureun bari papasakan di dapur tamba tiiseun. Katambah deui, meureun karesep kuring kana widang seni teh cigana aya faktor turunan. Ti pun bapa sareng pun biang.
Getih seni aranjeunna ngocor ka kuring. Pun bapa kapungkur téh kantos janten pemain sandiwara di hiji grup sandiwara Sunda jaman harita. Saur pun biang, anjeunna sok kabagian peran jadi rampogna baé. Peran antagonis meureun istilah gayana mah. Pami pun biang kapungkurna juru kawih ti hiji grup kasenian wayang golék. Nya di luhur panggung pisan aranjeuna patepang tug dugi ka nikahna. Waktu kuring laleutik kénéh mah pun biang sok mintonkeun katiasana ka kuring jeung adi kuring. Lagu anu nepi ka ayeuna dipikainget kénéh téh nyaéta lagu “Serat Salira” ti Hj. Ijah Hadijah. Suanten pun biang halimpu pisan. Pas pisan upami anjeunna ngahaleuangkeun éta lagu téh.
Sangeus kuring nyuprih élmu di hiji paguron luhur, karesep kuring kana ngahariring téh asa tambah kapupujukeun. Nyasat di ieu paguron kuring ngeuyeuban bag-bagan ѐlmu jeung paѐlmuan ngeunaan kasundaan. Tangtuna baѐ lain ngan saukur bab hahariringanana wungkul. Tapi sapuratina. Utamana dina widang kasusastraanana anu kacida pisan ngirut perhatian kuring.
Harita, munggaran pisan kuring diajar nembangkeun lagu “Salam Manis” jeung “Sagagang Kembang Ros”. Ku nitѐnan rumpakana heula kataji tѐh. Puitis jeung romantis. Disawang tina jihat kasusastraanana disebut puitis jeung romantis tѐh ceuk kuring mah. Nya tuluy bet hayang apal jejeroanana. Maksud tѐh saha penciptana. Gorѐhѐl kapanggih, horѐng penciptana tѐh Mang Koko. Saha ari Mang Koko? Kuring ukur apal yѐn anjeuna tѐh seniman Sunda anu kawentar pisan . Teu leuwih teu kurang.
Kakara sabulan katukang kuring dikirim hiji buku. Ngahaja cenah dipaketkeun. Anjeunna sobat dalit kuring ti keur mahasiswa kѐnѐh. Kabeneran pisan ѐta buku tѐh medar biografi Mang Koko. Taya maksud rѐk ngabѐjaan bulu tuur. Ieu di handap ku kuring ditulis sabagian tina eusi buku kasebut:


Mang Koko
Jenengan nu lengkepna nyaѐta H. Koko Koswara. Anjeunnna tѐh turunan mѐnak Sumedang anu jenenganana Embah Mukasan. Koko Koswara tѐh putra tunggal ti pasangan Mochamad Ibrahim Sumarta (mѐnak Sumedang) sareng Siti Hasanah. Ramana kalabet salah saurang seniman Tembang Cianjuran malihan kantos kѐnging Bintang Mas (pinujul) dina konkoers (festival) Cianjuran.
Saur Uyat Ru'yat S.C. nu mangrupakeun kulawarga caketna, ti bubudak dugi ka mangsa rumaja Mang Koko kagungan kabiasaan ngalaksanakeun solat berjamaah, adan, sarta tarhim di Masjid Agun Indihiang. Numutkeun Uyat, sacara teu sadar hal kasebut ngajantenkeun suanten Mang Koko kalatih.
Subhanalloh. Tambah-tambah kareueus kuring ka Mang koko sabada kuring nyaho yѐn karya jeung kinerjana nu kawentar samarcapada tѐh geuning dikawitan tina kapengkuhanana ngamalkeun papagon hirup jeung kahirupan urang Islam.
Ēlmu keur kuring mah hal ieu tѐh. Ēlmu anu kacida pisan dahsyatna. Tina hal anu sipatna basajan urang bisa manggihan hiji kasuksesan.

NB:
Hatur nuhun ka nu parantos maparin buku, jazakallohu khoiron katsiro
“KOKO KOSWARA MAESTRO KARAWITAN SUNDA”
Kenging : Tardi Ruswandi
Kelir-2007

NU KEUR TIMBURU

NU KEUR TIMBURU

oleh Hena Sumarni, 19 April 2010 
Nu ngaran cicing di pakampungan, lain di komplek perumahan maksud teh, teu sirikna padedengkep imah teh. Komo deui cara kuring, nu ukur pagawe leutik, nasib aya dina tungtung curuk batur, boga imah teh ukur sacangkewok. Bru di juru, istrikaeun, bro di panto, beresaneun, ngalayah di tengah imah, PS Kaka urut arulin jeung babaturanana.

Kadang-kadang, hayang hirup teh nurutan "Gayus", tapi tina ladang naon? Pagawean kuring lain di tempat anu ciga kitu. Tapi ningali loba nu asup ka pangberokan, alatan " beunghar ngadadak bari kapoconghok ku nu berwajib " , kuring ngucapkeun alhamdulillah boga gawe cara anu keur dilakonan ayeuna.

Demi alatan padedengkepna paimahan di tempat kuring tea teh , nepi ka ceuk paribasana, heuayna tatangga sabeulah ge kareungeu ka imah kuring teh. Tatangga anu pangdeukeutna jeung imah kuring teh kulawargana Mang Sujami. Garwana Mang Sujami teh Bi Carsih. Anakna aya tilu. Nu cikal Nyi Mae, kakara lulus SMA, nu kadua Jang Sobur, kelas hiji SMP, pantaran Kaka anak kuring. Ari nu bungsu Nyi Mida, umurna kakara lima taun.

Bi Carsih sok dihiras ku kuring mun pareng kateteran jadi "Upik Abu" di imah. Komo lamun geus ditelepon ngadadak ti pagawean mah, teu bisa nyebut dapur can beres, da kitu cenah saur pun biang, resiko jeneng, kudu to'at kana parentah da rumasa nasib urang mah aya dina tungtung curuk batur tea. Saha anu ku kuring dijadikeun paneumbleuhan nuluykeun hanca gawe di imah teh? Jawabanana nya Bi Carsih tea tangtuna.

Pareng hiji waktu, pagawean di imah teh numpuk pisan. Seuseuheun ngahunyud, istrikaeun nungguan, wadah kumbaheun patulayah keneh. Demi nu jadi lantaranana, pagawean anu ngaderehdel teu eureun-eureun, sinambung tuluy-tuluyan. Leuh..Bi Carsih ieu mah bagianana, ceuk kuring dina jero hate. Teu talangke leungeun hideng sorangan mukakeun panto dapur, tuluy kuring ngagentraan Bi Carsih tea.

Ari torojol teh paromanna ngungun alum, bari ngais Nyi Mida nyampeurkeun ka dapur.
" Bibi teh teu damang?", kuring miheulaan nanya.
" Henteu Nyi Imas!" , jawabna bari seuri koneng.
" Yap atuh ngaleueut heula, eta Nyi Mida moal nanaon?", kuring ngareret anak bungsuna.
" Mida mah bade ameng sareng Nanda weh, tapi nyuhunkeun jajan!" Nyi Mida ngartieun da indungna rek baranggawe.

Sanggeus budakna indit, Bi Carsih ngamimitian baranggawe.
" Teu angkat damel Nyi Imas?", manehna nuluykeun ngobrol.
" Puguh Bi, nembe tiasa ngarenghap ieu teh, pere heula dinten ieu mah ah, awak asa ringsek pisan", kuring nembal bari nyiksikan sopeun.

" Bibi teh nuju kesel ka Emangna", cenah ngamimitian ngadongeng saperti biasana. Padahal kuring mah teu tetelepek ti heula.
" Ku naon kitu Bi?", kuring malik nanya.
" Kieu geura ngawitanana teh. Kang Jami teh pan icalan sayur ngurilingan komplek tea Nyai. Tara-tara ti sasari mulang teh bet bari heheotan."
"Leuh..mucekil beubeunangan cigana Bi!", kuring neguh babalagonjangan.
" Lah sanes pisan, Nyai. Bujeng-bujeng!"
" Kunaon atuh?", kuring nyusul tepus.
" Eta pedah disebut akang ku hiji istri di eta komplek, wawartos ka Bibi!" ceuk Bi Carsih bari semu-semu rambisak.
" Memangna teu kenging Bi, teu kenging aya nu nyebat akang ka Mang Jami?" kuring nanya bari nahan piseurieun.
" Nya da ti jaman bobogohan ge ngan Bibi wungkul nu meunang nyebut akang ka manehna teh, awewe sejen mah teu meunang. Sareng deui, salila ieu teh, ukur pada nyarebut emang kapan ka Kang Jami teh. Bibi teh kapengpeongan pisan ku Kang Sujami teh. Nepi ka kagegeringan waktu ku Kang Jami Bibi diputuskeun oge. Nya ahirna ku lantaran Bibina gering, Kang Jami balik deui ka Bibi, nepi ka nikahna tur boga budak satilu-tilu ciga ayeuna", Bi Carsih ngabudalkeun eusi hatena.

" Bi, saha eta istri teh, kenging abdi terang?", kuring neuteup ka manehna.
" Pembantu di eta komplek saurna mah Nyi Imas!", Bi Carsih malik neuteup.
" Bibi, simpen heula padamelanana. Yu, calik heula di dieu", ku kuring dituyun ka patengahan.
" Bi, caritana Bibi teh keur timburuan?", kuring imut,neuteup manehna.
Bi Carsih unggeuk bari tuluy tungkul.
" Bi, kedahna Bibi teh atoh. Mang Jami wawartos ka Bbi aya nu nyebat akang, tandana Mang Jami teh jujur. Eta sesebutan teh keur tanda ngahormat, ngahargaan. Nya dinten eta kaparengkeun aya nu nyebut akang ka Mang Jami, anu salami ieu ukur disarebat emang. Mang Jami ngarasa "tersanjung" panginten, ngarasa dihormat ku meunang sebutan saperti kitu. Saha anu teu hoyong dihormat jeung dihargaan ku batur sok sanajan diri urang ukur pangkat rahayat leutik. Taya maksad sanes Mang Jami mah, wawartos ka Bibi sapertos kitu teh ku ngaraos atoh rupina. Abdi ge kitu Bi, di padamelan teh, ka rerencangan pameget nu saluhureun mah sok nyebat akang. Ka rerencangan istri saluhureun oge nyebat teh ceuceu. Eta sesebutan teh taya maksud sejen lian ti pikeun tanda silihhargaan utamana ti nu umurna sahandapeun ka jalma anu umurna saluhureun. Pun lanceuk ge uningaeun, abdi sok nyebut akang ka rerencangan pameget di padamelan teh. Malahan mah, pami nampi telepon, sok sanaos aya gigireun anjeuna, tara sok asa-asa, akang we nyebut ka nu nuju nelepon teh, saupami eta ti rerencangan sapadamelan. Da anjeuna ge tangtos uningaeun kitu umumna nyebat ka jalma lalaki saluhureun mah. Kitu umumna tradisi nu lumaku dina budaya urang mah."
" Da anjeuna oge kitu saurna di padamelanana teh, disarebut akang di kantorna ku nu ngarora teh, Kang Dindin cenah. Wawartos pun lanceuk oge ka abdi. Kahartos Bi?", kuring nyekelan taktakna.

" Sanes tanda ayana hubungan husus ukung-akang ka salaki batur teh Nyi Imas? ", Bi Carsih malik nanya.
" Sanes hartosna kitu Bibi. Komo deui pan caroge Bibi mah selebritis, ibu-ibu sakomplek mah arapaleun sadayana ka Mang Jami teh. Unggal enjing padangantos, padangariung-riung, kedahna Bibi atoh!", kuring neuteup deui.
" Pami teu kitu dagangan Emangna moal pajeng nya Nyi Imas!", Bi Carsih mimiti berag.
" Ya iyalah masa ya iya dong!", kuring duaan saleuseurian.

Tetela, kakara engeuh kuring ge, aya di antarana, awewe teh nu ciga Bi Carsih. Kanyaahna, kacintana ka nu jadi salaki ngagugunung nepi ka masalah ngabasakeun "akang" oge bisa ngadatangkeun pacogregan dina rumah tanggana. Sedengkeun, pikeun kuring eta sesebutan "akang" teh geus ngadarah daging ti keur jaman sakola menengah keneh. Ka unggal lanceuk kelas di sakola kuring harita, dikudukeun nyebut akang, ka lanceuk kelas lalaki jeung teteh ka lanceuk kelas nu awewe. Ahirna nerap nepi ka kahirupan kuring ayeuna. Di pagawean, kuring nyebut sababaraha urang babaturan lalaki anu umurna saluhureun teh ku sebutan akang, Kang Ustad, Kang Maman, Kang Iyos, Kang Benny, jeung saterusna.

Tungtungna, boa aya di lingkungan kuring ge anu kabeneran sarua jeung Bi Carsih, lamun ieu mah, mudah-mudahan teu aya. Teu ridoeun salakina disebut akang ku awewe sejen bari taya hubungan kakulawargaan.

Kumaha atuh nya saena?