Kamis, 15 Desember 2011

RÉKAYASA

MANGLÉ, 24 NOVEMBER-1 DESEMBER 2011
Satengah dalapan isuk manéhna geus tepi ka éta tempat. Sanggeus markirkeun motorna tuluy ngajugjug ka lantéy dua. Kakara aya limaan.
“Hay Yi! Nuhun yah tepat waktu. Sarapan heula Yi, gabung sareng nu sanés!”, ceuk Téh Mita.
“Sip! Sami-sami cintaaaaaaah”, cenah, Hérmésna dijingjing, nyampeurkeun babaturanana nu geus leuwih tiheula daratang di éta tempat.
“Haaaaay!”, ceuk Yimema.
“Hay! Masih kana kuda hitam Yi?”
“Masih atuh say! Duka yeuh, iraha rék pangsiun jadi Rosianawati téh. Tika mah tos ganti kukutan nya?”
“Kakara na ciptaan wungkul puguh cita-cita ganti kukutan téh, bisa datang bari nyubuh kénéh kieu téh bubuhan baé Mang Uca keur puruneun ngajemput”, ceuk Agnia.
“Iraha atuh nya batur cara urang?”, ceuk Kaila ngilu ngéngklokan.
Ger saleuseurian. Di atara paramodél nu ngagabung di Sas Agéncy puguh maranéhna nu kaitung acan sirungan. Nu jadi sababna tacan lila maranéhna ngagabung di éta agensi. Komo Yimema mah, acan jejeg sataun manéhna aya di éta agensi téh. Keur anteng ngobrol, kareungeu géréwékna Téh Mita nitah asup ka rohangan make up. Bring saréréa ka luar ti rohangan tempat sarapan. Turun salantéy ka handap, rada béh tukang sabab ngahiji jeung rohangan wardrobe. Kostum nu rék dipaké ku paramodél kapan di dinya diteundeunna.
Nepi ka éta rohangan tilu urang juru rias geus sayaga. Sacabakna-sacabakna puguh, luyu jeung kaahlian masing-masing. Aya penata rias wajah, penata rambut, penata kostum jeung sajabana. Naon nu jadi kaperluan modél kabéh disayagakeun. Kaasup nu ngaladénan dahar-inum atawa nu ukur ngahihidan ogé aya.
“Héy cantik! sindang bo. Ike geus teu sabar yeuh, hayang geugeura ngamake over di dinya!”, ceuk Nuna. Yimema nyampeurkeun. Gék diuk hareupeun Nuna.
“Senyum atuh Yi! Meni baeud baé ih. Aya naon deui sih?”
“Teu aya nanaon Nuna! Tadi malem émang kurang tidur. Tunduh kénéh ieu téh!”
“Oow! Der lah, bari tibra gé jadi didangdanan téh, da kamu mah teu hésé dipapantes. Rék disulap jadi Rani Mukherjee bisa. Disulap jadi Cut Tari mahi. Mata jeung irung kamu émang bagus. Malah disulap jadi Emma Watson gé cigana aman”.
“Heu heu, aku mah hideung Nun! Emma Watson mah kapan pakulitanana gé bulé. Amira tah nu ngepas disulap jadi Emma Waston mah!”
“Ahhhh, rékayasa. Suntik vitamin C dia mah ieuh. Dua ratus tujuh pulu lima rébu sakali gejos. Mimiti mah kudu unggal minggu heula, ka dituna dua minggu sakali, tuluyna kudu sabulan sakali. Rék nyobaan? Sok geura, kamu gé bakal bisa jadi bulé”.
“Can kapikiran Nun! Komo waragadna meni gedé kitu ningan. Aku mah konsénheula keur ngabiayaan berobat mamah jeung sakola adik aku”. Aya nu ngeyembeng na kongkolak panonna.
“Enya, teu kudu lah. Kamu mah da geus mahi. Nu santen mah jadi éksotik didangdanan téh. Nu konar mah kadang sok jadi pias, kudu pinter-pinter nambalanana.”
Sarupa-sarupa kosmétik téh ditapelkeun kana beungeut Yimema. Parigel pisan ramo-ramo Nuna ngusap jeung ngelapanana. Ti mimiti cléanser, toner, poundation jeung sajabana. Yimema neuteup beungeutna. Mimiti robah dangdanan. Kalinglap puguh ceuk sasaha gé mun manéhna geus didangdanan téh. Dina kahirupan sapopoéna puguh tara siga kitu. Ukur diwedak jeungdi lipstik saperluna.
“Bérés cyn....! Kari masang bulu mata. Sok peureum!”
Reup Yimema meureumkeun panonna. Keur kitu kareungeu sora Amira. Modél sénior di éta agensi. Jam sakieu kakara datang. Tilu jam satengah elatna ogé.
“Tong elat teuing ngajemput engké yaaaaah!”, sorana semu ogo. Lalaki nu nganteurkeunana ukur unggeuk. Manggut ka nu araya di éta di rohangan, tuluy ngaléos deui muru ka luar.
“Tuh superstar kakara norojol. Geus ganti deui baé gacoanana euy! Anjrit! Kasép deui baé Yi! Ngelay Ike nempona boooo.”
“Kutan! Ciga saha tah kira-kira Nun? Ciga artis lokal atawa artis impor?”, ceuk Yimema bari angger meureumkeun panonna.
“Jangkung badag Yi, Hrithik Roshan wé sugan mah. Duh, amis booo”.
Yimema ukur imut. Dicicipta ku manehna kumaha liweyna biwir Nuna ogé gerak leungeunna. Manéhna siga nu hayang ngagakgak. Tapi ku manéhna dipengkek.
“Atuh teu jauh jeung Adé Ray nya!”
“Saha?”, ceuk Nuna. Tarangna kerung.
“Enya Hrithik Roshan!”
“Ha ha, Yi-Yi, Yimema. Aya-aya wae.”
“Teu resep ka nu konar aku mah Nun! Sok belikan cenah sifatna. Jaga mun aku punya cowo, rék néangan nu hideung manis ah. Kesanna téh leuwih macho da!”
“Ah teu kabéh lalaki nu pakulitanana konar belikan meureun Yi. Jeungna deui naha yéy bet boga pikiran kitu. Pangalaman nya? Yéy putus jeung kabogoh nu konar pakulitanana?”
Yimema ukur imut deui. Pikiranana ngulayab teuing ka mana. Ingeteun ka Ibad cigana. Geus dua bulan taya ngiberan, sumawonna datang ngapélan. Nu jadi marga lantaranana, Ibad teu satuju kana profési menéhna nu ayeuna dikeureuyeuh ku Yimema. Ibad leuwih satuju Yimema angger jadi kasir di salah sahiji réstoran fastfood di ieu kota. Sanggeus Yimema lulus casting di hiji agensi, nu harita merlukeun modél loba pikeun kaperluan hiji acara. Sanggeus Yimema resmi jadi modél di éta agénsi, sanggeus Yimema beuki sibuk fashion show jeung pemotrétan, Ibad beuki arang datang nganjangan. Akhirna ngampleng taya béja jeung carita.
“Yi! Kalah tibra ditanya téh. sok ayeuna mah beunta. Kari buuk yéy nu dibebener. Ike rék ngagarap Sang Superstar. Teu resep sabenerna mah ka Si Éta téh. teu resep ku olo-olona. Tapi bisi manéhna mangadu ka Si Bos. Ké ike dibeslah. Jebléh ma ike.” Leungeunna katuhuna ngémpréng. Tuluy ngaléos nyampeurkeun Amira.
Sanggeus saréréa bérés didangdanan tuluy dibagi ransum makan siang. Nasi dus ti salah sahiji réstoran fastfood nu kakoncara. Rérés makan siang, Om Sas ngawawarkeun susunan acara. Iraha-irahana kudu ngamimitian fashion show sarta saha baé paratamu jeung pejabat nu haladir. Tina sajumlahing penampilanana jeung éta agénsi, ieu event minangka panggedéna nu diiluan Yimema. Totondén karirna ngaronjat. Manéhna mimiti dipercaya ku Om sas milu ngeusi acara nu kawilang badag. Hartina yimema bakal narima honor nu leuwih badag ogé. Hartina, Yimema bakal bisa mimiti nabungkeun sabagian panghasilanana. Nabung jeung nabung saloba-lobana. Pikeun waragad kahirupan manéhna, indungna reujeung waragad sakola adina.
Cunduk kana waktuna makalangan. Yimema sabatur-batur geus tatan-tatan. Saurang-saurang leumpang luhureun catwalk. Nu haladir kaleprok taya reureuhna. Mungkas acara, MC ngahaturanan saurang lalaki tengah tuwuh naék ka panggung. Panitia mérékeun bucket kembang ka Yimema nu tuluyna dipasrahkeun ka éta lalaki. Hadirin kabéhanana narangtung. Kaleprok deui beuki tarik, tuluy éta lalaki téh diaping ku paramodél ninggalkeun panggung. Acara réngsé kalayan tartib tur aya dina kalancaran.
Basa saréréa ngabring deui ka rohangan ganti, Yimema mandeurikeun manéh. Paneuteupna euntreup ka juru éta rohangan. Aya Amira di dinya. Amira jeung hiji lalaki nu kacida dipiwanohna. Lalaki nu kungsi nyulik sabagian haténa. Lalaki nu kungsi dipicinta ku manéhna.
Lalaunan Yimema leumpang ngadeukeutan, ngadeukeutan nu keur anteng ngobrol. Katempo pisan ku manéhna leungeunna keur silih ranggeum.
“Kang Ibad!”, pokna semu dipengkek. Nu digerona ngalieuk. Koréjat cengkat. Tuluy nuteup semu nu kacida reuwaseun pisan.
“Yimema!”
“Muhun, damang kang? Bingah tiasa tepang di dieu!”, sorana ngageter. Halon pisan. Imut dipaksakeun, hayang katempo marahmay. Dirékayasa, ngahaja ku manéhna imutna dirékayasa. Ngarékayasa imut dina sabagian lambaran carita lalakon kahirupanana nu can sirna tina nandangan tunggara.