Minggu, 13 Februari 2011

TUKANG BUNTIL


TUKANG BUNTIL
Ngasrog ka unggal imah. Atuh nu tadina teu niat meuli gé kapaksa jadi meuli. Stratégi jitu dina mayukeun daganganana dina kituna mah. Ngider unggal poé, ngurilingan wewengkon sabudeureun panganjrekanana.
Dagangana mah ukur buntil, kérécék tahu jeung goréngan, rempeyék ceuk basa Malayuna mah. Tapi loba langgananana. Payu deuih, padamuru, padangariung-riung.
“Baruntil, buntil! Haraneut kénéh yeueueueueuh, baradé!”. Sorana ngoncrang pisan. Kulutrak, panto pager disada, tayohna Ma Acah asup rék nawarkeun daganganana.
“Nyai, ieu, seueur buntil daun sampeu téh. Daun gedang sareng daun taleus gé seueur kénéh. Ngahaja Ema mayunkeun dongkap ka dieu margi kamari Nyai teu kabagéan, diborong Néng Iis putrana Haji Jumali!”
“Aduh....kaleresan tos masak , Ma! Tapi kétang pangmungkuskeun, tilu mah. Buntil daun sampeu hiji, daun taleus hiji, sareng daun gedang hiji. Badé dibantun ka padamelan, kaleresan aya réréncangan anu sedepeun pisan kana buntil.”
“Rada siang angkatna Nyai?”
“Muhun, Ma!”
Créng dibayar. Tuluy manéhna ngider, sarta biasana tuluy nagen di pasar dadakan deukeut komplék perumahan nu teu pati jauh ti imah kuring.
Najan geus kolot, Ma Acah téh jagjag kénéh. Parangina salawasna marahmay. Soméah tur daréhdéh. Pakulitanana beresih, konéng umyang. Sésa-sésa kageulisanana mangsa keur ngora napel kénéh dina tagog jeung dangdanana nu sarwa basajan. Ēta pisan nu jadi peunteun tambahan nepi ka ahirna loba jalma nu kairut jadi langganana. Geus puguh buntilna mah, raos pisan. Bungbuna nyerep sarta racikan rasana pas jeung seléra, utamana kuring sakulawarga.
Ma Acah téh sok resep ngahaleuang. Enya, nyelang-nyelang bari laladang kituna téh. Ngeunaheun deuih sorana. Teuing kumaha mimitina pangna bisa ngahaleuang téh, da lamun ngahaja diseleksek, dijawabana kalah ka sok ku cipanon. Manéhna tuluy carindakdak. Ti harita, ku saréréa tara sok ditaranya deui asbabun nujulna ngeunaan kabisana dina urusan ngahaleuang téh. Nu penting mah, kabéh pelanggana ngarasa kahibur , kaasup kuring tangtuna baé.
Mimiti wanoh ka Ma Acah téh basa kuring kakandungan ku Raga, anak kuring nu cikal. Harita kuring anyaran bumén-bumén di éta lembur. Unggal indit jeung mulang ngider, jalanna téh ka hareupeun imah. Hiji-hijina jalan motong anu pangdeukeutna pikeun ngajugjug padumukanana anu perenahna di tonggoheun imah kuring. Ku pasipatanana nu salawasna soméah, kuring gé jadi miconggah. Teu asa-asa tatanya mun pareng aya bangbaluh,, utamana dina urusan usuk-asak jeung ngurus budak. Asa aya batur sawala, pangpangna deui, asa aya gegentos Ema. Ema nu tebih aya di lembur.
“Waktos tacan aya komplék perumahan mah Ema téh teu pernah motong jalan ka dieu. Ti rorompok téh kantun mudun baé pami badé ngider téh. Tapi ayeuna mah sakuriling bungkingna tos dibénténg. Ah...teu dipaké aral subaha najan kudu leumpang rada jaug gé, geuning aya hikmahna, jadi nambahan langganan.” Sorana leuleuy, pinuh ku kaihlasan.
“Kitu nya Ma! Da abdi mah teu terang, tacan lami di dieu téh!”
“Dupi kawit ti mana Nyai téh?”
“Asli mah ti Subang. Pami pun lanceuk mah ti Tasik. Tapi duanana gé daramel di dieu!”
“Saé wéh. Janten tiasa tepang sareng Ema!”, nyaritana tara elat ti imut.
“Dupi Ema urang dieu?”
“Kawit mah ti Pamulihan. Bubuara di dieu mah, nuturkeun nu jadi alo. Inyana icalan sayur di pasar. Ari heug jadi betah ningan.”
“Lumayan tebih nya Ma.”
“Muhun, sakantenan nebihan panineunggan mangsa lawas. Panineungan nu pangéndahna dina kahirupan Ema. Panineungan éndahna mikacinta jeung dipikacinta”. Panonna melong ka jauhna. Pok ngomong deui.
Ēh...henteu kétang. Tong diémutan cariosan Ema nu nembé téh nya Nyai. Anggap guguyon wéh!”, bari imut maur, sari-sari kaduhung geus nyarita kitu hareupeun kuring. Nyaritakeun sabagian lalakon kahirupanana. Tuluy manéhna amitan. Leumpang rada rusuh ka tonggohkeun muru padumukanana, ciga nu sieun tuluy diudag, diudag ku ngahunyudna pananya kuring.
Aya kana samingguna Ma Acah teu aya dagang. Ka parapelangganna, manéhna pupulih, cenah rék nyelang heula mulang ka lemburna sabab aya kulawarga deuheusna anu kapapaténan. Teu wudu ngarasa leungiteun. Najan enya jeung Ma Acah téh teu dulur teu baraya tapi lumayan raket. Buntilna, goréngana sarta hariringna milu ngeusian warna-warni kahirupan kuring.
Isuk-isuk harita téh, pareng keur tenga-tengo di buruan. Maksud téh néangan tukang bubur. Torojol Ma Acah, ngagandong daganganana. Leungeun katuhuna ngajingjing jingjingan beureum, eusina goréngan biasana mah.
“Aéh....tos icalan deui geuning Ma! Iraha mulih ti lembur?”, ceuk kuring. Asa mobok manggih gorowong, rék néangan réncang sangu keur mumuluk isuk-isuk, jol manéhna, atuh asa dianteuran.
“Mangkukna Nyai, lah capé kénéh puguh, ieu gé maksakeun, mantakna rada siang nembé jol ka dieu. Pami teu kieu, ti mana atuh Ema tuang!”, ngawalon antaré, semu-semu dareuda sorana téh. Tara kitu biasana mah. Duka kunaon.
“Ma, ieu artosna!”, kuring ngasongkeun duit rada gedé.
“Uluh.........., tacan aya angsulan Nyai, simpen heula baé, ké uihna ku Ema disampeur”.
“Entong Ma, pamali. Jaba ngalarisan, ma enya dianjuk, antos sakedap!”, ceuk kuring, léos ka jero muru salaki anu keur nungguan di méja makan.
“Pap, aya artos sapuluh rébu? Hawatos Ma Acah, nu ieu tacan aya angsulan saurna!”
Manéhna ngodok saku calanana, song mikeun duit ka kuring. Léos deui ka hareup, kasampak Ma Acah keur tungkul bari nyusutan cipanonna.
“Ieu artosna Ma, angsulanana énjing wéh bilih tacan aya mah!”, ceuk kuring.
“Mangga Nyai nuhun!”, ngajawabna angger bari tungkul, nyusutan cipanonna.
“Ema nangis? Teu raraos panginten nya, capé kénéh mulih ti lembur?”, cékéng bari nyekelan taktakna.
“Ah..henteu Nyai, ieu mah kapireupeunan!”, angger ngangles. Nyalénggorkeun pananya, saperti biasana, tuluy amitan. Leumpang semu nu rusuh, sieuneun diudag pananya kuring.
Kabeneran poé éta mah henteu indit digawé. Meungpeung keur teu dines, rék dipaké bébérés saung. Samemena bébérés téh. Sabab, salaki geus indit ka kantor, ari barudak keur sarakola. Kareungeu bél disada, horéng Ceu Uning, tukang nagihan pérélék RT.
“Apal kana jadwal abdi nya Ceuceu mah, sumping téh kaleresan abdi nuju teu mios”, ceuk kuring.
“Muhun, ngahaja lah diapalkeun hiji-hijina, lain kurang gawé kikieuan téh. Pangangguran nengetan kagiatan batur. Ieu mah demi kelancaran bersama”, cenah capétang pisan.
“Ih...saé Ceu. Janten kader mah kedah kitu. Reugreug pikeun warga mah. Nyanggakeun ieu, janten tilu puluh lima rébu sareng uang keamanan”, bari créng mérékeun duit sajumlah éta. Maksud téh ngarah manéhna gancang ingkah. Sok resep ngagosip Ceu Uning mah. Teu munafik ieu gé, resep kana gosip mah, komo gosipna parasélébritis mah, ngan kapan kuringna keur loba gawé. Mun salaki apaleun mah komo, sok tuluy ngagelendeng. Majar cenah, tong resep ngagosip, pipilueun ngomongkeun urusan batur.
“Néng Ica! Ngider deui dagang geuning nya Ma Acah téh! Aya kana samingguna da peré, cenah mah béakeun modal.” Tah mimiti yeuh, kanceuh panyakitna.
“Saur saha Ceu?” ceuk kuring. Manéhna karacam-keureuceum, tuluy tatanggahan ningali kana lalangit imah. Ramo-ramo sukuna nu baruntet, diutek-utekeun, badami jeung haténa meureun, néangan deui keur bahan picaritaeun.
“Aya wéh atuh Néng, jeung deui loba da nu nyarita kitu téh. Cenah bari dagang téh Ma Acah sok ceurik bae.”
“Sakaterang abdi mah, Ma Acah teu icalan téh sanés séépeun modal Ceuceu, tapi mulih heula ka lemburna aya nu kapapaténan.”
“Heuheuy, aya kamajengan ayeuna mah Neng Ica téh. Geuning uninga kana gosip, up to date deuihanan kakupingna mah. Hayu ah, badé ka bumina Bi Haji Fatimah heula, lumayan, sok aya baé anu dibekelkeun ti dinya mah. Mun teu rangginang, téngténg, atawa gula kawung gé osok da.” Ngajual jenengan Bi Haji, pikeun nyalénggorkeun obrolan.
Nu ngaléos téh diteuteup, kari tonggongna. Pangawakanana nu bayuhyuh, leumpangna nu semu ngungkug sarta biwirna nu rada nyungcung nambah pantes kana kabiasaanana nu resep ngagosip. Gosip téa kapanan, beuki digosok cenah kapan beuki sip. Panto pager gancang diselotkeun. Ingetan balik deui ka Ma Acah. Bet kagambar baé pamolahna tadi isuk. Sorana nu dareuda, tungkulna, cipanonna, jeung leumpangna nu semu rusuh. Aya naon atuh Ema, kuring teu wenang tetelepék.
Saminggu ti sanggeusna éta kajadian, kuring nepungan Ma Acah ka panganjrekanana. Maksud téh rék pesen buntil. Kabeneran di kantor kuring rék ngayakeun bazar. Saur Pa Kepala, ti séksi kuring mah kabagéan muka stand “makanan khas tradisional Sunda”. Nya kuring inget ka Ma Acah. Pasakanana arénak tur nu pangutamana cocog jeung téma anu dipénta, nyaéta katuangan has tradisional Sunda. Lian ti kitu, kuring bisa mantuan Ma Acah pikeun promosi daganganana. Mudah-mudahan baé ku cara kitu bisa mantuan manéhanana. Da moal éra ngasongkeun, buntil damelan Ma Acah mah, puguh buntilna raos pisan.
Lantaran kuring jeung salaki mah lain pituin urang Cimekar, teu wudu rada hésé manggihan panganjrekan Ma Acah téh. Padahal, antara Cimekar jeung Bobojong téh teu pati jauh. Ngan rada bélot jalanna mawa kendaraan mah. Muter, kudu ka jalan gedé heula, ngaliwatan Kantor Kelurahan jeung Puskesmas Cipageran.
“Mam, terang kitu lebah-lebahna ka bumi Ma Acah téh?”, nu gigireun nanya bari anteng ngangagulak-gilekeun setir.
“Teu acan Pap! Urang tataros wéh, piraku teu arapaleun.”
“Is...atuh da ieu mah di dayeuh, lain di Cibaréngkok atawa di Cigalontang. Di dayeuh mah nanyakeun alamat gé kudu lengkep RT / RW-na, nomer imahna jeung sajabana!”
Rada ngepér dikitukeun ku salaki téh. Angger ari geus nyingsieunan téh, lain mukpruk ku harepan. Tapi, giligna patékadan kuring, ngadatangkeun hasil. Najan bari hararésé teu burung kapanggih panganjrekan Ma Acah téh.
Malem Juma’ah nganjang téh, ba’da Isa. Imahna Ma Acah téh rada béh jero. Mobil di parkirkeun sisi jalan gedé anu brasna ka Pakuhaji. Silihtungtun jeung salaki mapay-mapay galengan sawah. Kaayan reyem-reyem, ukur kacaangan lampu néon nu célak-célak ti luhur loténg hiji imah. Pangagréngna di éta tempat.
Nepi ka hareupeun panto, kuring keketrok. Selengseng kaambeu seungit menyan. Tuluy kaambeu seungit kembang kananga. Léngkah téh kandeg, henteu laju. Sed mundur, ngajauhan panto imah. Gep muntangan leungeun salaki. Pageuh pisan. Haté mimiti dag-dig-dug teu pararuguh. Ayeuna mah salaki nu maju téh. Keketrok kana panto. Sajongjongan simpé. Atra kadéngé bangkong raéng disarada, kawas milu ngendangan kana teu paruguhna rarasaan kuring. Kana ratugna keteg jajantung. Korodok-korodok sorana asa gigireun. Asa gajleng-asa gajleng wéh, ngaclog kana suku.
Kulutrak panto aya nu muka. Awéwé tengah tuwuh ngajanteng hareupeun panto. Kabayana warna beureum, bordélna ku benang emas, tingkaretip, paselang jeung muté-muténa nu buburicakan katojo ku sinar lampu.. Sampingna batik sidomukti weuteuhan kénéh, karémbong warna konéng dibeulitkeun dina cangkéngna. Buukna dirumbaykeun, ditumbu ku sobrah, ngarumbay seret cangkéngna. Hiuk, kambeu deui sengit menyan jeung kembang kananga. Atra ayeuna mah, datangna ti jero imah. Puriding.....ngadak-ngadak, bulu punduk tingpuriding.
Lamun henteu gancang nungkup biwir sorangan, sarta henteu dibarengan ku salaki, cigana kuring geus ngagorowok bari tuluy kabur, kabur ti éta patempatan. Kabur sakalumpat-lampét bari notog-notogkeun manéh. Dicicipta tangtungan Ma Acah anu mapag téh. Ma Acah anu dangdanana sarwa basajan. Kari-kari, peuting ieu bet robah dangdanan.
“Geuning Nyai! Sareng Asep deuih. Mangga kalebet!”, halon sorana semu dareuda.
“Ieu téh Ema, Ma Acah?”, rada merod basa panungtun salaki ngajak asup ka imah téh.
“Muhun Nyai, mangga lebet!”
Sup kuring jeung salaki ka jero. Diperenahkeun di ruang tamu ti dituna mah. Aya korsi awi panjang jeung méjana anu langsung nyanghareup ka patengahan. Téténjoan nyidik-nyidik nyiru nu ukur kacaangan ku lampu lima watt.. Susuguh katingalina mah. Aya Cau Muli sasikat. Tuluy sangu congcot, diluhurna diteundeunan endog. Gelas tilu siki. Katempona mah siga dieusi, sagelas ku ci kopi, sagelas deui ku ci entéh jeung nu sagelas deui mah ku cai hérang. Aya bubur bodas jeung bubur beureum deuih, diwadahan daun cau beunang nékor. Upet wéh sabungkus. Ari kembang tujuh rupa diwadahan dina piring mélamin warna kayas. Parukuyanana ngebul kahuru menyan. Haseupna ngelun, mumbul ka luhur, minuhan patengahan, nganteurkeun seungitna ki menyan nu tuluy nepi kana aambeuan kuring.
Rét ka salaki. Rada ayem katingalina mah. Tapi kahemengna kana ieu kaayaan teu bisa disumputkeun. Tarangna rada kerung bari tuluy malik ngarérét ka kuring. Sajongjongan duaan papelong-pelong. Di luar kaayaan beuki simpé.
“Ma, teu ngagangu abdi dongkap ka dieu?”, ngawanikeun manéh muka obrolan. Bari sora mah jadi ngageter, kasima ku kaayaan. Pikiran dipinuhan ku rupa-rupa sangkaan. Boa Ma Acah téh munjung. Geuning aya susuguh. Paingan dagangna payu. Boa ayeuna keur nyuguh néangan pikeun wadalkeuneun. Boa kuring nu rék dijadikeun wadal, kuring kadua salaki. Pipikiran beuki tagiwur. Jajantung beuki ratug tutunggulan.
“Henteu Nyai. Mung Ema ménta dihampura. Duméh Ema nuju kieu. Kieu cara Ema ngamprokan nu jadi salaki. Maneuh unggal malem Juma’ah Kaliwon Ema mah kikieuan téh. Dipimaksud nyacapkeun kasono ka nu jadi salaki. Kang Arnasum, nu miheulaan ninggalkeun Ema.” Segruk ceurik. Teu lila kituna téh, tuluy posisi diukna robah. Ēmok ciga sindén dina panggung. Manéhna ngahaleuang. Apal kuring gé kana kawihna. Kawih favorit kuring nu dijieun ringtone panggentra dina ponsél.




Baheula mun pareng nganjang
suguhna imut Nyi Lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan

Mmmh, deudeuh teuing
na peuting héab naraka
aya nyawa nilar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.
Mmmh, deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.
Ayeuna mun pareng nganjang
nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung
Leler tina kasedihna, Ma Acah ngadadarkeun lalakon hirupna. Ditéték taya nu kaliwat. Ti mimiti manéhna jadi sindén nepi ka prukna kawin ka Mang Arnasum nu jadi tukang kendang di éta rombongan. Sindén bekén manéhna téh. Hiji mangsa nabeuhna nepi ka hiji perkebunan. Juragan Kontrak di éta perkebunan kabungbulengan ku manéhna. Tuluy naragal ku jalan teu hadé. Mang Arnasum diiwat. Ditaragal nepi ka hanteuna bari teu puguh raratanana. Ahirna, hiji mangsa, Mang Arnasum kaimpikeun méré ilapat. Cenah lamun hayang amprok jeung salilana hayang tuluy dibaturan, Ma Acah kudu ngayakeun ritual dina saban malem Juma’ah Kaliwon. Kanyerina kana panineungan jeung almarhum Mang Arnasum kasuat-suat deui basa kamari ngahajakeun mulang ka lemburna téa. Kagambar panjangna rasa longkéwang dina dirina. Teuing nepi ka iraha. Deudeuh teuing Ma Acah.........
Cimahi, Desember katompérnakeun.
Katerangan: Kawih Mang Koko, didownload tina Wikisource – Longkéwang.
Ku: Hena Sumarni
Tribun Jabar-Sabtu, 12 Februari 2011