Tampilkan postingan dengan label Carpon. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Carpon. Tampilkan semua postingan

Minggu, 02 Desember 2012

CARPON TRIBUN, 16-18 OKTOBER 2012



DONAT                                             
Ku: Héna Sumarni
                “Donat, bu?”, cenah. Nawarkeun daganganana.  Kuring bet nuluy ngagebeg. Atuh da keur anteng sasapu di téras bari satengah ngalamun. Ahirna, panto pager tuluy dibuka.
                “Badé. Yap, dilebet. Sok seueur motor pasuliwer, nu malésér langlayangan”, ceuk kuring. Beungeut nu dagang téh tuluy diteuteup.
                “Sabaraha hiji, bu?”, manéhna nanya.
                “Lima. Mésés sareng kéju”, ceuk kuring. Angger bari nelek-nelek beungeutna.
                “Mangga, bu”, cenah. Manéhna tuluy amitan sanggeus nampanan duit pamayar ti kuring. Kuring unggeuk ngaenyakeun. Nu indit téh angger diteuteup. Ingetan bet  ngoréleng ka mangsa sababaraha taun ka tukang.
                Harita, kuring  keur hahadéan jeung Kang Aji. Ceu Mirna mah geus kawin. Pruk ka Kang Wawan, boga anak hiji, awéwé, keur meujeuhna kembang buruan. Lantaran imah téh pahareup-hareup, éta budak mindeng ulin ka imah kuring. Kabeneran, boh kuring boh Kang Aji pada-pada resep ka budak leutik. Sok nuluy nyipta-nyipta, jaga mun geus ngahiji, hayang boga budak anu lalucu, siga Aina ayeuna.
                Ti Ceu Mirna, kuring meunang gambaran, pait jeung amisna ngambah sagara hirup rumah tangga. Ti mimiti urusan dapur, sumur, jeung nu sok tuluy mantak kapiasem mun manéhna geus ngobrolkeun ngeunaan urusan kasur. Da tataros ka mamah ngeunaan hal ieu mah, asana téh bakal  kararagok pisan.
                “Han, diajar nyambel ti ayeuna”, hiji mangsa basa tas nganteurkeun anakna. Sab, kuring jeung Kang Aji deuk indit jalan-jalan.
                “Hana mah teu resep lada, pan”, ceuk kuring
                “Ceuk kolot mah, mun awéwé énak sambelna sok alus digawéna”, ceuk manéhna bari tuluy ngiceupan. Kuring kéom, surti da. Kamana léokna éta omongan.
                Nu keur ngarekuh téh dipelong. Ih, puguhanan sok dicawad baé  ku mamah gé mun pareng mantuan rukah-rekuh téh. Kurang lemes mah, baradag kénéh mah. Cindekna mah teu kapaké wéh. Mun geus dicawad kitu ku mamah, kuring sok terus némbal.
                “Wios, jaga mah rerekuhna badé nganggo  bléndér wéh, atawa miwarang  asistén.”
                “Mantak diomongkeun mitoha kitu peta téh,” saur mamah harita.
                “Da Hana mah moal nuturkeun mitoha, mam. Rumaos henteu pinter barangdamel. Bisi enya ké jadi piomongeun. Teu tiasa ngepél, teu tiasa masak, teu tiasa nyetrika.”
                “Mantak diajar ti ayeuna. Kari diajar rapih jeung kesitna,  da geus bisa ieuh,” saur mamah.
                “Batan diomongkeun, wios tong barangdamel wéh sakalian calik di mitoha mah”, ceuk kuring deui.
                “Yéh ieu mah budak. Can ngalaman kateluh sima mitoha sih.”
                “Kunaon sih, mah. Kesanna téh asa riweuh pisan boga mitoha téh. Nguping dongéng Ceu Mirna, sareng tina cariosan mamah ayeuna. Tapi da ibu-ramana Kang Aji mah, maksad téh pimitohaeun Hana mah balageur. Rupina moal mantak piriweuheun da.”
                “Amin. Moal dibérékeun ku mamah gé lamun kulawargana jarudes mah. Mantak mamah satuju gé apal ka kulawargana. Insyaalloh saroléh tur saraé manah.”
                “Muhun, amiiiiin...”, ceuk kuring.
                Tah, bab hubungan antara minantu jeung mitoha, Ceu Mirna gé kungsi ngadongéng. Majar sok ngarasa dianaktérékeun ku indungna Kang Wawan téh. Kang Wawan téh pangcikalna ti opat sadulur. Adina awéwé wungkul. Tangtuna diandelkeun pisan di kulawargana. Sok sanajan kabéhanana geus rimbitan, angger wéh dina jolna kaperluan mah kudu baé kudu réréongan. Ari Kang Wawan pangkatna ukur PNS nu gajihna geus kataker. Sésa potongan itu jeung ieu téh, mahi nepi ka gajihan deui bulan hareupna gé geus kasebut untung pisan. Sedeng sikep mitohana, cenah sok karasa béda. Antara ka Kang Wawan jeung ka adi-adina. Dina bura-béré dahareun gé, teu sirikna  dianteuran  adi-adina mah. Kungsi ngadoni ka salakina. Ukur dijawab ku teuteup geugeut jeung usap kanyaahna, nu tuluy meper motahna jaladri kakeuheul nu ngagolak na dadana.
                “Resep nya, Hana mah boga gajih sorangan. Jaga téh bisa mantu-mantu ka salaki.”
                “Alhamdulillah, Ceu. Kapungkur mah ceuceu gé damel pan?”, ceuk kuring.
                “Enya, pas ngandeg ku Aina eureun téh. Atuh da euceu mah jauh ka indung. Mun euceu digawé, piraku budak diasuh mitoha. Teu paruguh. Ongkohna deui, ku Kang Wawan dititah eureun.”
                “Muhun, teu kedah alit manah, ceu. Tumut ka carogé téh kedah pan.”
Manéhna ukur ngajawab ku imut.
                “Ceu, aya wartos  Bu Anah badé ngersakeun angkat jarah, leres?”, nu ditanya ngeluk tungkul. Cengkat deui, bet katempo rambisak.
                “Enya, Han. Puguh ieu gé keur babadamian.”
                “Tangtos, tapi naha euceu katingal siga nu bingung?”
                Éra pokna. Tapi, di dieu euceu nunggelis. Jauh ka kadang baraya. Rék sapok-pokeun nelepon ka pun biang, ngumaha ka anjeunna, bet teu wasa pok deuih. Teu sakuduna kolot nampa warta kasusah. Sugan Hana mah boga saran anu hadé. Kumaha kuduna euceu dina nyanghareupan ieu masalah.”
                “Perkawis naon?”
                “Hana keur nyalsé? Moal kaburu aya nu apél?”
                “Moal, ceu. Kang Aji nuju angkat ka Sumedang, nepangan wargi-wargi ti pihak ramana. Insyaalloh, sasih payun abdi badé ditarosan. Ari Kang Wan, teu acan mulih?”
                “Acan . Yap atuh ka jero. Ngobrolna bari nongton télévisi.”
                Kuring nuturkeun ka jero. Ceu Mirna ngaluarkeun adonan bala-bala tina kulkas.
                “Bari ngopi bala-bala nya, Han.”
                “Ih, asik dong. Tau ajah kana karesep Hana. Teras, saur Kang Aji gé bala-bala buatan Ceu Mirna mah guldib. Harita ning basa ceuceu néang Aina, bari nganteuran bala-bala haneut. Kamana Aina ayeuna?”
                “Kang Wan gé sedepeun puguhan. Mantak diulik resépna ogé, dimodifikasi ku sorangan. Maké ébi, atawa ngahaja dicongcloan udang windu, atawa endog puyuh. Aina bobo.”
                “Kacipta, ceu. Pami nu nyongclona téh lobster.” Biasana sok seuri ngabarakatak diheureuyan téh. Ayeuna mah ukur ngaheuheu. Nyaan sigana, Ceu Mirna keur ngemu kabingung.
                “Han, amih nitah euceu pindah.”
                “Kamana?”
                “Ka Cilimus. Palay ngariung cenah. Pan palaputrana nu istri mah dicarandak carogéna masing-masing.”
                “Sumpéh, ceu. Teu ngartos.”
                “Amih téh miwarang ngosongkeun ieu imah. Euceu sakulawarga kudu cicing di ditu. Ngahiji jeung anjeunna.”
                “Hoor, apan ieu bumi ceuceu. Beunang bibilintik duaan. Naha kedah dikosongkeun?”
                “Amih aya karerepet, Han. Sakanyoho euceu, waragad jarahna dibayaran ku Maya, adina Kang Wan nu bungsu. Ari heug cenah salakina nagih. Duit proyék nu dipaké nalangan waragad jarah amih téh. Dilunasan téh ngarah amih henteu jero teuing waiting listna.”
                “Téh Maya anu so tingseu téa? Ih, nongtorogan pisan jalma téh. Pan  Téh Maya nu sok nyawad baé sikep ceuceu téh, nya?”
                “Ah, keun baé. Tara sok digugu ku euceuna ogé.”
                “Mamah gé kantos ngadangueun da. Basa mamah ka warung Bi Imih, katarosan ku nu balanja. Majar leres Nyi Mirna sok galak ka budak? Tara daék bunta-bantu ka mitoha sakalieun aya ruah-rieuh téh. Tuh pan, ceuceu digosipkeun kitu ningan?”
                “Keun baé ah. Kangaranan di warung tangtuna sagala diobrolkeun. Gosip artis téa, nérékélna hahargaan téa, itu, ieu. Mun jempling mah lain warung atuh ngaranna.”
                “Tuh nya, ceuceu mah lempeng. Sakitu boga adi beuteung pikataeuneun téh”, kuring nganaha-naha. Deui-deui, ukur dijawab ku imut.
                “Kang Wan ngawarahna kitu, Han. Sabar, sabar, jeung sabar. Nepi ka urusan ayeuna ogé. Majar cenah, tumut ka sepuh téh ageung ganjaranana. Ari euceu, jujur Han. Wegah mun kudu ngahiji jeung mitoha. Lain embung babakti, tacan kabayang. Tangtu urang kaleungitan kamerdikaan ngaménéj rumah tangga sorangan. Ari misah mah, rék boga duit rék henteu. Rék baranggawé rék henteu, moal aya nu ngageunggeureuhkeun.”
                “Tangtos. Kacipta wéh. Sasapu teu beresih diomong. Ngepél célétré kénéh dicawad. Hudang beurang, karagok. Ah, rémpong boooo”, ceuk kuring.
                “Kumaha nya kuduna sikep euceu?”, teu kebat ngobrol téh. Kaburu Aina nyaring sarta teu lila ti harita Kang Wawan norojol. Kuring gé tuluy amitan.
                Sabulan ti harita, enya baé imah Ceu Mirna téh kosong. Kuring kacida leungiteunana. Biasana, sok aya Aina talandan-téléndén. Ayeuna mah henteu. Malah mah, basa kuring ditanyaan ogé, Ceu Mirna sakulawarga henteu daratang.
                Kungsi Ceu Mirna ngasms. Majar teu tulus ngahiji jeung mitohana. Tapi ngontrak di Bandung, ngadeukeutan kantor salakina. Sakalian milu dadagangan di kantin kantor, keur nambah-nambah rasiko dapur. Kuring ukur cumalimba macaan smsna. Geus asa ka lanceuk sorangan atuh da. Ku kasibukan masing-masing ti harita mah geus tara aya béjana.
                Ayeuna kuring geus nikah jeung Kang Aji. Malah geus boga budak, kabeneran awéwé. Atuh ingetan téh kahudang deui. Inget deui ka   Ceu Mirna, ka Aina nu sok moro oléh-oléh donat. Enya, pan ayeuna gé Mayang téh sedep pisan kana donat.
                “Donaaaaaaat.” Kareungeu géréwékna. Budak awéwé téa nu dagangna. Nu sok dipelong beungeutna. Ayeuna ngiderna jadi duaan. Kawasna reujeung indungna. Bari ngaléos ka jero, kuring ngagéréwék.
                “Donat, antosaaaaaan.” Kaluar deui téh bari ngeupeul duit. Kuring moro panto pager, rék dibuka. Angger pok-pokan téh, nu biasa diucapkeun lamun nitah asup ka tukang donat.
                “Yap, dilebet. Sok seueur motor pasuliwer, nu malésér langlayangan.” Ayeuna mah teuteup kuring manco ka indungna. Indungna anu ditutungtun. Katempo leumpangna ingkud-ingkudan.
                “Lima. Mésés sareng kéju”, ceuk kuring. Prok, paadu teuteup jeung indungna. Dina jarak nu sakitu padeukeutna, atra pisan katempo saha-sahana. Moal, moal kapalingan deuleu.
                “Ceu Mirna! Ieu téh ceuceu?”, ceuk kuring satengah ngajerit, laju nungkupan biwir sorangan.
                “Néng Hana?”
                “Enya, ceu. Ieu abdi, Hana. Mertua manggaleuhkeun bumi di dieu. Ieu Aina?” Duanana ku kuring digabrug. Dirangkulan. Tiluan paungku-ungku. Sanggeus pada-pada leler,  duanana ku kuring dituyun. Didiukeun di rohang tamu.
                “Kunaon, tiasa dugi ka kieu, Ceu?”
                “Rorompok téa, néng. Diical ku amih.” Tuluy manéhna ngagukguk kanyenyerian.

Cipageran, Oktober 2012
               

Kamis, 15 Maret 2012

CARPON TRIBUN, 13-15 MARET 2012 SANGGEUS NAMPA TELEPON

SANGGEUS NAMPA TELEPON
Ku: Hena Sumarni
“Yeuh, Nyi! Kudu rada wani ari jadi nu ngora mah. Ulah cicingeun teuing. Tuh, turutan Ibu Riswani. Enya gé jadi nu ngora da teu éléhan. Malah mah paméré ti salakina kaitung bro-broan pisan. Imahna geus ngajengléng. Kendaraanana weuteuh, kitu deui perhiasanana, reunceum siga toko emas maju!”, ceuk Wa Konah. Nu diwurukanana ngeluk tungkul, ciga bueuk meunang mabuk. Teu lémék teu nyarék.
Aya benerna caritaan uana téh. Tapi da kapan manéhna mah teu niat rék kitu. Leuwihna ti éta, manéhna mah teu bisaeun mun kudu nurutan lampahna Ibu Riswani. Kanyaahna ka Kang Dana lain nyaah pupulasan, tapi nyaah nu sajati.
“Nyai, pikiran deui caritaan Ua nya! Anteurkeun baé ka kulawargana. Meungpeung umur ngora kénéh, alukanan ciga batur mending gé. Indit ka luar nagri!”, nyaritana meni teu euleum-euleum.
Puringkak, bulu pundukna muringkak basa ngadéngé caritaan uana saperti kitu. Katambah deui, béja nu sumebar ngaliwatan télévisi ngeunaan nasib para TKW ahir-ahir ieu mantak sebér kana haté. Aya nu disiksa, aya nu diperkosa, aya nu gajihna teu dibayar,malahan mah aya nu nepikeun ka hanteuna.
“Nung! Tiasa kadieu sakedap!”, sora nu nyalukan ti kamar hareup.
“Tuh juragan ngageroan! Sampeurekeun kaituh, tuluy kusrukeun!”. Uana tuluy ngaléos ka luar ti panto dapur.
Satengah lumpat manéhna muru ka nu nyalukan. Gelenyu imut, gék diuk dina sisi risbang.
“Aya pikersaeun naon?”, cenah, mantak reugreug ka nu gering. Lain ngajawab ditanya téh kalah ka tuluy cumalimba. Disusul deui ku pananya.
“Naon anu karaos? Sampéanana nyeri deui?”, lalaunan suku nu gering téh dipencétan.
“Kapungkur, basa di Cilamaya kénéh mah taya nu kersa nyampeurkeun pami Engkang nyauran téh. Teu indungna-teu anakna. Saruana. Sakalieun daék nyampeurkeun sok tuluy bari sentak-sengor!”, nyaritana pegat-pegat.
“Tos, ulah ngémut-ngémut baé nu teu piraoseun. Supados Engkang énggal damang. Dinten énjing urang mios deui ka alternatif. Di térapi deui nya. Supados sampéan énggal tiasa digerakeun!”, nu gering téh diusapan.
“Nembé téh ciga aya Wa Konah!”
“Muhun, naroskeun raksukanana. Tos réngsé dikaput atanapi acan. Badé dianggo saurna!”
“Naroskeun acuk atawa...........!”, teu laju tumanya. Kandeg. Nu ditanya ngantelkeun curukna kana lebah biwirna nu ngagondéwa.
“Tos, teu kénging seueur émutan. Urang ngalantung di buruan yu! Ningal nu nembé marulih ti kebon”.
Korsi rodana dideukeutkeun. Lalaunan nu gering téh disangkéh, didiukeun dina korsi roda. Tuluy didorong ka luar ti kamar muru ka buruan hareup. Pareng soré keur hadé poéna. Kapinis silihudag, sosonoan jeung padabaturna méméh ngampih niginan wanci. Hégarna kaayaan teu ieuh ngawakilan pasemon nu nuju alum.
“Nung! Badé dugi ka iraha salira neras micinta. Geuning kaayaan Engkang batan sakieu”.
“Cangcaya kénéh ka abdi?”, panonna nu cureuleuk neuteup seukeut.
“Sanés kitu!”
“Abdi sadar. Dina jaman kiwari saha jalmina nu kersa nandangan kaayaan sapertos kieu! Wajar pami Engkang badé cangcaya. Tékad abdi tos buleud. Hoyong nyarengan Engkang dugi ka damang sabihara-sabihari deui. Kapan saur dokter ogén panyawat Engkang ayeuna sanés panyawat permanén. Bakal tiasa damang pami rajin ditérapi sareng ningtrimkeun emutan. Jaga pami Engkang tos damang, heug aya émutan badé mulih deui ka Cilamaya, mangga téh teuing.”, nyaritana dumareuda.
Kacipta kénéh dina kongkolak panonna basa diontrog. Majar cenah gara-gara Kang Dana kawin deui jeung manéhna kahirupanana tuluy bangkrut. Awéwé pamawa sial nyebutna ogé. Padahal, sainget manéhna, pabrikna nu di Majalaya nepi ka majuna téh alatan andil manéhanana. Pabrik éta pisan nu satuluyna dipaké nanggel kahirupan Ceu Nina sakulawarga. Nyakolakeun barudakna jeung nyumponan sakabéh bubutuhna. Hanas ayeuna kudu pindah jadi cekelan batur kapan ukur keur saheulaanan. Kang Dana jeung manéhna masih boga kénéh hak narima kauntungan ti éta pabrik. Sabagian modal nu baheula diteundeun, ayeuna katampa kénéh kauntunganana. Rajeun Kang Dana ayeuna teu bisa ngantor kapan kaayaan fisikna nu henteu ngamungkinkeun. Lamun hiji mangsa Kang Dana cageur, kapan bisa iraha baé manéhna ka kantor deui. Hal ieu nu teu dipikanyaho ku Ceu Nina. Hal ieu ogé cenah nu hayang diwujudkeun ku manéhna. Kang Dana cageur sarta bisa nuluykeun deui aktivitasna. Kadar hubungan pernikahanana jeung manéhna, kari kumaha engké baé.
“Nung, hapunten Engkang!”, nu geulis téh diteuteup leleb nakeranan. Siga nu hayang ngayakinkeun kanyaahna. Siga nu hayang neuleuman jerona leuwi kacinta nu deuk tuluy dikojayan ku duaan.
“Lebet yu! Anginna tos ngawitan tarik.”, korsi roda téh didorong deui. Asup ka jero imah.
Peutingna, bari méréskeun licineun, manéhna ngumbar lamunan. Nyoréang mangsa ka katukang. Nginget-nginget deui mangsa patepungna jeung Kang Dana. Sanggeus sababaraha lila teu tepung, diparengkeun panggih deui dina réuni jeung babaturan kuliahna. Kang Dana mah geus rimbitan, ari manéhna nyorangan kénéh. Teuing kumaha mimitina, manéhna bet tuluy daék dicandung.
Basa usaha Kang Dana keur nanjung, Ceu Nina tara sok pirajeunan ngontrog. Sering datang jeung nganaha-naha téh basa mimiti usahana pailit. Katurug-katutuh puguh gé. Toko mébelna kahuruan tuluy matrialna nangkub ditipu pemborong atah adol. Ti harita manéhna jadi paneumbleuhan. Ti mimiti bangkrutna usaha Kang Dana nepi ka geringna Kang Dana, manéhna nu di salahkeun. Nepi ka jejeroan haténa kebek ku pananya. “Bener kitu, mun hiji lalaki nyandung, heug tuluy bangkrut usahana, éta gara-gara pamajikan anu ngora?”.
Kersaning Gusti, najan rumanggieung kénéh Kang Dana bisa deui leumpang. Saminggu sakali ayeuna mah ditérapina. Cengengna paniatan nu hayang cageur jeung tulaténna nu ngurus, jadi wasilah mendingna panyakit nu gering. Munasabah kanyaahna Kang Dana ka manéhna beuki totomplokan. Teu sirikna lir nanggeuy endog beubeureumna. Baranggawé di dapur gé ditungguan, sasapu di buruan dibaturan, geugeut-layeut siga gula jeung amisna.
Keur jongjon ngabaladah sagara kahirupan anyar, cocoba téh datang deui. Saminggu ka tukang Ceu Nina aya nelepon. Mimitina mah ukur nanyakeun kaayaan nu gering. Cageur henteuna, uubar kénéh henteuna, ditérapi kénéh henteuna jeung soal nebusan resép obatna. Ku manéhna dijawab sajalantrahna. Ayeuna Kang Dana eungkeut-eungkeut kana cageur. Malah mah awakna mimiti ngeusi, aya dagingan deui. Pakulitanana jadi beresih ayeuna mah da puguh langka ka luar. Nampa béja saperti kitu téh Ceu Nina jeung anak-anakna kacida bungaheunana. Malah mah hiji mangsa cenah hayang nganjang ka Cikajang. Enya ka imah manéhna, deuk nepungan Kang Dana. Mangréwu rasa nu ngagalura dina haténa, milu cumarita. Naha kudu ngarasa bagja atawa sabalikna?
Pareng waktu nu dipasinikeun ngajadi, tamu téh enyaan datang. Ngabring jeung anak-anakna. Nu cikal Kumala, sakeudeung deui jadi sarjana. Anisa nu panengah taun ieu ka SMA, ari nu bungsu Marisa kakara kelas lima SD. Barang jol, tuluy marunjungan ka bapana. Kitu deui Ceu Nina. Sedeng manéhna, ukur bisa lalajo. Ngalalajoan lalakon nu teuing naon judulna?
Prok manéhna paadu teuteup jeung Ceu Nina. Itu nu tuluy tumungkul. Sanggeus sajongjongan simpé, pok Kang Dana nyarita.
“Nung, ngadamel leueuteun. Sakantenan seupan sampeuna suguhkeun. Sina ngaraosan hasil tatanén urang!”, cenah, sorana komaraan.
“Mangga!”, ngan sakitu ngawalonna. Haténa kebek ku kabungah basa ngareungeu Kang Dana ngucapkeun kecap “urang”. Hartina manéhna jeung Kang Dana, lain jeung itu. Lain Ceu Nina jeung anak-anakna.
“Diraosan atuh!”, cenah bari neundeunan opieun dina méja. Taya nu ngajawab.
“Pap, aya peryogi. Tapi...........!”. Ceu Nina ngarérét ka manéhna. Meureun ulaheun milu nyaksian. Manehna surti kana rindat maruna. Tuluy amitan.
“Dikantun heula, Ceu! Badé bébérés di dapur.”, jung manéhna cengkat.
“Calik, Nung! Keun dapur mah engkékeun.”, leungeunna dicekelan ku Kang Dana. Dirérét téh itu beuki jamedud.
“Aya naon téa ieu téh? Lawas-tilawas bet ngersakeun rurumpaheun ka pasisian. Mala, Nisa! Panyana téh geus poho ka Papap!”, ceuk Kang Dana. Nu ditegorna ngareluk. Teuing naon nu aya dina pikiran éta barudak téh.
“Kieu, ieu téh! Dua minggu katukang aya utusan ti asuransi. Toko mébel urang nu kahuruan téa kénging asuransi. Tapi teu tiasa diwakilkeun, kedah Papap nu sumping ka kantorna.”, ceuk Ceu Nina.
Méh bareng manéhna jeung Kang Dana silihrérét, tuluy narik napas panjang. Ingeteun kénéh, kapan manéhna pisan nu ngadaftarkeunana. Manéhna nu nyarankeun sangkan Kang Dana ngasuransikeun sakabéh pausahaanana.
“Teras?”, Kang Dana nanya deui.
“Muhun, abdi jeung barudak ngahaja bade ngajemput Papap!”
Mun téa mah Ceu Nina jeung barudakna katut Kang Dana ngadéngéeun kumaha harusna sada jajantung tatalu, nya sora tatalu jantungna. Keur sadirieun manéhna, gederna ngeundeurkeun jagat. Najan harita kungsi kedal ucap, deuk ngaihlaskeun haténa mun Kang Dana balik deui jeung itu, ari dina waktuna kabuktian mah geuning bet beurat karasana.
“Jieun wéh surat kuasa. Heug candak prémi asuransina. Sing bisa wéh ngokolakeunana. Papap mah geus betah di dieu.”, ceuk Kang Dana ka anak- pamajikanana.
(Cipageran-Cimahi Maret 2012)

Rabu, 28 Desember 2011

NU HAYANG TEPUNG

MANGLE, 29 DESEMBER 2011-4 JANUARI 2012

Mangsa hujan raat meueusan manéhna leumpang mapay-mapay trotoar sapanjang Jalan Raya Baros. Jéans warna kopi tutung jeung kaos streetna nu ngepas mungkus awak, kacirina rada baseuh. Lebah Parapatan Baros, léngkahna kandeg. Panonna ngarérét ka lebah warung kopi peuntaseunana. Dituyun ku nyecepna hawa nu tembus kana balungna, manéhna méngkolkeun léngkah.
“Mie rebus , Bu!”, pokna ka nu boga warung.
“ Nganggo endog?”
Sirahna unggeuk.
“Eueutna naon? Téh manis?”, ceuk tukang warung.
“Kopi wéh!”, témbalna.
“Mangga, diantos sakedap!”
Diukna pindah ka béh juru. Kusiwel ngaluarkeun roko sabatang tina tas leutikna. Cekés, sada zippo dicekéskeun. Nyot rokona dikenyot. Serebung, haseup rokona nyerebung, tuluy narungtutan ngiles nuturkeun léokna angin. Tukang warung nyérangkeun ti lebah dapur. Kawasna ngarasa héran mireungeuh pamolah jalma nu keur ngadon jajan di warungna. Teu lila, song, tukang warung ngasongkeun pesenan. Sanggeus nganuhunkeun, dekul baé ku manéhna dihanca.
“Ibu, badé ngiring reureuh sakedap. Hujanna kalah ageung deui geuning!”, ceuk manéhna sasadu.
“Mangga, teu sawios. Muhun, diteraskeun lumampah ogén kalah ka bakal jibreg!”
Ngareungeu caritaan tukang warung kitu, manéhna tibang bisa imut. Gap deui kana rokona. Nyot dikenyot, bangun nu nikmateun nakeranan. Panonna tuluy nunutur kamana ngilesna haseup roko. Teuing nu ka sabaraha batang. Sainget manéhna, ti keur SMP kénéh geus wanoh kana roko. Dévin, sobatna nu harita kakara pindah ti Jakarta, ngawanohkeun manéhna kana roko.
Mimitina mah ukur nyacapkeun rasa kapanasaran. Enya, panasaran, lantaran cenah ceuk Dévin ngaroko téh asik. Tina nu tadina ukur nyacapkeun kapanasaran, manéhna bet tuluy jadi nyandu. Bener. Karasa asikna cenah. Pangpangna pikeun mapalérkeun kakeuheul mun geus dicarékan ku bapana. Sahaok kadua gaplok kapan bapana téh.
Mun geus kitu, nya ka imah Dévin manéhna kabur. Mondok-moék nepi ka sok tara inget kana balik. Di imah kontrakan Dévin manéhna ngarasa betaheun. Dévin nu bageur. Dévin nu nyaaheun ka manéhna. Kitu deui lanceukna Dévin. Atoheun pisan lamun aya manéhna ngéndong téh. Pokna gé reugreug cenah, Dévin jadi boga batur. Teu nyorangan aya di imah mun pareng elat mulang ti pagawéan. Lila-lila, imah kontrakan Dévin jadi markas. Bébas atuh da. Taya anu nalingakeun. Indung-bapana kapan matuh di Jakarta. Sedengkeun lanceukna digawé di pabrik. Manjing waktu maju ka isa kakara mulang ka imah.
Mimindengna mah duaan aya di imah téh. Ukur Dévin jeung manéhna. Nya ka Dévin manéhna ngabudalkeun sakabéh katugenahna. Katugenah dina kahirupanana. Bapana nu sahaok kadua gaplok. Lanceukna nu sok télér baé. Jeung adina nu kiwari teuing aya di mana.
“Mun teu ras ka Si Mamah, urang geus kabur ti imah Vin!”
“Nya entong atuh. Mun aya nanaon jeung indung manéh rék saha nu mantuan.”
“Enya, kitu puguh ogé. Urang mah hayang buburu tamat sakola. Tamat SMP urang mah moal nuluykeun, Vin. Lain teu hayang, ti mana atuh biayana. Rék néangan gawé wéh. Jang mantu-mantu Si Mamah. Karunya geus kolot ulah sina buburuh baé nyeuseuh.”
Harita taktakna ku Dévin diusapan. Tuluy leungeunna ogé diusapan. Lila-lila awakna ditangkeup. Silihrangkul pageuh pisan. Ahirna, antara Dévin jeung manéhna geus teu bisa dipisahkeun deui. Malah, jorojoy dieunteupan rasa nu teuing nanahaon ngaranna.
Sakumaha raketna silihpikanyaah, geuning dipisahkeun takdir. Dévin mulang deui ka Jakarta pikeun nuluykeun sakola. Sedeng manéhna meunang gawe jadi pelayan toko kolontong bogana Babah Liem. Sabulan-dua bulan mah Dévin sok méré kénéh iber. Tapi ka béh dieunakeun pleng les teu aya béja- béjana acan.
“Néng, badé teras kamana?”, tukang warung ngagareuwahkeun lamunanana. Gebeg, manéhna ngagebeg. Ngagebeg da puguh keur uleng ngalamun. Napak tilas ka lebah sabagian panineungan lalampahan hirupna.
“Aduh, meni reuwas, Bu!”, cenah bari ngusapan dadana.
“Alah, hapunten atuh nya!”, ceuk tukang warung bari seuri.
“Badé ka Kérkop, Bu! Badé ka makam réréncangan. Dua minggon kapengker ngantunkeun.”
“Oh!”
“Tuh geuning hujanna tos raat. Diétang atuh, janten sabarahaeun?”
“Mangga. Mie rebus lima rébu, teras ci kopi sarébu lima ratus. Janten genep rébu limaratuseun.”
Créng dibayar. Ngaléos ti jero warung, muru ka kalérkeun mapay-mapay deui trotoar. Leumpangna rada digancangkeun ayeuna mah. Leungeunna ngodok saku jéansna. Awakna pepel tur ngeusi. Sakapeung leumpangna tungkul, sakapeung deui bari tatanggahan.
Nepi ka nu ditujuna kira-kira manjing waktu asar. Manéhna ngajengjen heula lebah panto gerbang pajaratan. Narik napas panjang. Sanggeus kawanina kumpul, tuluy asup ka jero pajaratan. Lalaunan ngaléngkahna. Semu anu sieun ngabarubahkeun pangeusina. Manéhna terus ngaléngkahkeun sukuna muru ka juru beulah kalér. Lebah dinya Dévin dikurebkeun. Kitu nurutkeun béja nu katampana.
Sanggeus ngaliwatan dua makam anu jarujul tetenggerna, manéhna nepi ka makam Dévin. Aya kénéh sésa-sésa kembang dina luhureun kuburan. Dina tetengger kabaca ngaranna. DEVIN PURANTI MURIKA. Manéhna tuluy sideku. Lalaunan tetenggerna diusapan.
“Vin, kapan urang kungsi jangji, moal rék silihpopohokeun. Salilana bakal tuluy silihpikanyaah. Kapan urang kungsi jangji arék tepung unggal taun. Mapag datangna taun anyar babarengan.” Leungeunna angger ngusapan tetengger. Mimiti kareungeu inghak-inghakan. Pok deui cumarita.
“Kunaon manéh bet tuluy raket jeung Délon. Ahirna kieu jadina. Manéh jeung calon anak manéh aya di dieu! Kumaha urang ayeuna, Vin? Saditinggalkeunana ku manéh beuki tiis ieu rasa.”
Tuluy nyuuh dina tetengger. Nyuuh bari inghak-inghakan. Sakapeung leungeunna ngusapan tetengger. Sakapeung deui dipeureupkeun.
“Pileuleuyan, Vin. Sing tibra di kalanggengan. Najan manéh jeung urang teu kungsi amprok heula, tapi urang apal naon nu dipikahayang ku manéh ayeuna. Dina maleman taun baru ayeuna, Si Délon ku urang rék ditepungan. Sina marengan manéh di dieu nya!” Jung manéhna nangtung lalaunan. Tuluy ngagedig indit nuturkeun pangajak haténa.
Cimahi, Désémber 2011

JIHAD

CARPON TRIBUN, 27-29 DESEMBER 2011


Ba’da asar biasana gé. Nyambung nepi ka wanci magrib. Nerus salat berjamaah di éta tempat. Geus kitu mah narungtutan baralik. Tara ngabring kituna téh, boh nalika datang pon nya kitu deui dina waktuna mulang, rerencepan baé, ngahaja supaya rikip.
Saban poé Rebo ngalaksanakeun ieu kagiatanana téh. Sakabéh anggotana mahasiswa di kampus kuring, ngan béda fakultas. Nu jadi murrabina mahasiswa tingkat ahir sarta kakara nikah genep bulan ka tukang.
Basa ngamimitian ieu kagiatan, murrabi méré penjelasan, cenah kagiatan liqa’ téh rupa-rupa istilahna. Aya méntoring, usrah, tarbiyah, halaqoh jeung sesebutan séjénna. Tapi, nu pangpentingna mah lain ngaranna cenah. Tapi minhajna. Sistemna! Sistem anu digunakeun henteu méngpar tina ajaran agama, nyaéta Qur’an jeung Sunnah. Nu pangutamana deui, ieu liqa’ téh dipiharep jadi sarana pikeun prosés tu’alimunal kitab bimma kuntum tadrusun. Jéntré pisan kateranganana. Sumanget kuring beuki ngabebela pikeun tuluy nyuprih élmu bag-bagan kaagamaan ngaliwatan ieu kagiatan.
*****
“Matéri munggaran, urang mimitian tina ngaguar ma’na sahadat. Yakinkeun kaimanan urang, yén taya deui illah nu wajib disembah iwal ti Alloh, jeung teu aya deui rosul nu jadi panutan urang, iwal ti Nabi Muhammad”, saréréa bareng ngucapkeun solallohu ‘alaihi wassalam.
“Mugia adi-adi waspada. Nalika urang diajar hiji élmu, aya kurikulum anu dijadikeun cecekelan”, nyarita bari ngurilingkeun paneuteupna ka sakabéh mad’una.
“Kurikulum anu dicekel téh kudu puguh. Puguh matérina, puguh susunana, puguh éntép seureuhna. Matéri nu munggaran biasana medar bab tauhid, diteruskeun kana bab ma’rifatulloh, rukun iman, rukun islam jeung sajabana. Sarta satuluyna dipiharep bisa paham kana ma’na jihad. Jihad anu kumaha?”, ngarandeg heula nyaritana.
“Jihad anu dimaksud di dieu nyaéta jihad merangan hawa napsu! Ēta jihad nu pangrohakana nu diajarkeun agama urang. Sakieu heula adi-adi, bari nganti wancina salat magrib, urang tuluykeun bari sawala”, mungkas caritaanana, bari tuluy memener diukna.
Ragot sawala téh. Lebah medar bab geunjleungna kaayaan di wewengkon nagara-nagara Arab, Warsito nu katémbong pangsumangetna. Majar cenah, urang Yahudi nu dikokojoan ku AS ngahaja boga niat pikeun numpurkeun kaom muslimin ku cara ngélékéték urusan politik jero nagrina. Sina rariweuh saendeng-endeng. Ahirna, kaom muslimin di sakuliah dunya ancur burakrakan. Sabab, konséntrasina pikeun nanjeurkeun ajaran agama dipéngkolkeun kana rupa-rupa urusan. Sorot panonna seukeut, ngemu kaceuceub. Ku Kang Badrul diélingan, sangkan tetep ngajaga ukhuwah bari suméndér kana naon anu geus diréngkolkeun dina ajaran agama nalika di antara urang aya nu béda pamadegan.
Ras émut kana piwejang ibu. Anjeunna mapadonan, sangkan gancang-gancang ninggalkeun kagiatan nu ayeuna, lamun murrabi-na geus ngudukeun kuring merangan hiji komunitas. Piwejang ibu bener-bener jadi pamecut pikeun kuring nuluykeun ngalap élmu pangaweruh, ngajembaran wawasan tur ngeuyeuban pangalaman.
“Akhi Irsyad! Antum nu jadi séksi acara dina seminar di Jalan Citarum bulan hareup,” ceuk Kang Badrul. Enya, padet pisan kagiatan bulan hareup téh. Geus dirarancang deuih, téma nu baris dipedar dina éta seminar téh nyaéta “Jihad Mangrupa Falasifah Hirup Umat Muslim”.
“Mangga Kang!”, haget ngaenyakeun.
“Sok pingpin ku Akhi Irsyad, sawalakeun rarancang kagiatanana. Ayeuna, akang jeung tétéhna aya kagiatan di tempat séjén, sing jongjon baé, aya khadimat anu nyayagikeun opieun mah.” Léos baé Kang Badrul jeung geureuhana arindit.
Babagi tugas téh luyu jeung kamampuh masing-masing. Iwan bagian ngalatih grup nasyid. Hasan jeung Dadi bagian nampa pendaftaran. Warsito bagian akomodasi. Parigel pisan dina ieu widang manéhna mah. Kaweruhna dina urusan téhnik jeung éléktro leuwih onjoy ti batan nu lian. Yogi jeung Dani bagian konsumsi, ngarah tartib sina ménta bantuan ka geureuhana Kang Badrul. Ari kuring, wayahna nékel pancén nu panglobana. Ngurus perijinan, nyitak jeung nyebarkeun pamplét, masang spanduk, jeung nemonan paranara sumber.
Sajeroning uras-urus pikeun nataharkeun éta kagiatan, lajuna léngkah téh asa aya nu ngawaskeun. Kituna téh méh ka saban tempat anu jadi pangjugjugan kuring. Dedeg pangadegna sarembada. Dina tarangna aya tanda husus. Janggot ipis mapaésan gadona. Tapi, ngarasa hemeng téh ku sorot panonna. Seukeut pisan. Asa naranjangan awak. Tuluy ngeundeuk-ngeundeuk lébérna ieu wawanén.
Ihwal karisi nu kiwari karandapan moal deuk diuar-uar. Bisi mantak ngaruksak konséntrasi. Heug ngarémbét kana tuluy bolayna kagiatan. Moal sologoto deuih. Karisi téh rék dipiguraan ku iatna jeung taki-taki. Sabab, mun aya nanaon, aya maung ngamuk gajah meta, aya siku siwulu-wulu, nu ngaganggu kana lajuna ieu kagiatan tinangtu kuring nu bakal katempuhan. Ngordinir ieu seminar téh kapan jadi tanggung jawab kuring. Satékah polah rék diusahakeun sangkan lumangsung kalayan lancar. Uleng uteuk dipaké mikir. Ngatur lampah nyusun stratégi pikeun kaamanan tur kasalametan saréréa. Bréh ngolébat dina pikiran.
Kahiji, data nu aya dina netbook kudu diamankeun. Data kagiatan nu salila ieu dipaju téh kapan kabéhanana disimpen dina netbook kuring. Ti mimiti susunan matéri holaqoh, jadwal liqa’, jadwal kagiatan baksos, susunan kapanitian, sarta dokumén-dokumén kasékrétariatan séjénna. Kuring nu ditugaskeun ku Kang Badrul pikeun ngadokuméntasikeunana. Kadua, ngarobah ruteu. Ruteu mun rék indit jeung mulang liqa’. Ruteu nu salila ieu sok diliwatan ceuk rarasaan mah asa geus teu aman. Aya anu rajeun nalingakeun. Biasana mah kana motor indit téh, mapay-mapay gang sapanjang Jalan Nangkasuni, brasna langsung nepi ka hareupeun imah kontrakan Kang Badrul. Tah, ayeuna mah rék badarat baé. Leumpang ka tukangeun perpustakaan, mapay jalan satapak mipir-mipir kebon sampeu nu brasna ka tukangeun masjid di wewengkon Nangkasuni. Ti dinya kakara méngkol ngatuhu sarta nepi ka hareupeun imah kontrakan Kang Badrul. Motor mah rék dititipkeun baé di kontrakan Angga, babaturan sakelas nu perenahna teu pati jauh ti dinya. Enya ah rék ku cara kitu. Nyaru jeung warga sabudeureun éta wewengkon nu sok lalar liwat ka lebah dinya. Utamana nu sok ngaradon maén bal di lapangan tukangeun kampus. Katiluna ngurangan eusi ransel. HP jeung buku “Al Masturaat-Warisan Suci Do’a-Do’a Hasan al-Banna“ nu angger rék dibabawa. Qur’an leutik, netbook jeung kaméra mah deuk diteundeun baé. Ceuk pangrasa, ku cara saperti kitu bakal bisa ngaminimalisir hal-hal anu teu dipikahayang téa. Mugia baé Mantenna ngalungsurkeun panangtayunganana.
“Bu, abdi mios. Neda pidu’ana”, teu poho kuring amitan.
“Kunaon semu nu ngungun. Aya nu dipikiran?”, paneuteupna jadi pangingtrim.
“Numawi, salami ungkag-ingkig téh bet sok asa aya baé nu nalingakeun!”, malik neuteup rarayna.
“Ulah loba pikiran, bisi mantak jadi sugésti. Boa éta jalma téh ngahaja diutus pikeun ngawal hidep. Cing panceg léngkah. Hidep teu deuk milampah goréng. Malah kasebut rék jihad fisabilillah. Anggur muntang kana agungna panangtayungan Mantenna. Bral, ku ibu didungakeun. Dijauhkeun tina balai, ditangtayungan piasih Gusti”, pananganna ngusapan sirah. Basa tanggah seja neuteup deui rarayna, ibu mapag ku imut. Imut ibu jadi tanaga rohaka, tuluy méré kakuatan pikeun nyieuhkeun kahéngkér nu nyaliara dina haté. Bismillahi tawakaltu ‘alalloh. Gerung motor dihirupan. Lalaunan motor maju ninggalkeun buruan.
Kakara gé nyetandarkeun motor, Angga norojol ka luar. Dituturkeun ku sababaraha urang jalma nu dedeganana sarembada. Beungeut Angga pias. Panonna carindakdak. Teu lémék teu nyarék. Ukur wasaeun neuteup.
“Sad.... Dén!”, pokna teu parat. Kaburu disedekeun mantén ka sisi témbok. Rob, genep urang nyalampeurkeun. Kek leungeun kuring dicekel pageuh pisan. Tuluy dikatukangkeun.
“Anjeun dicangkalak!”
“Surat penangkapan”, ceuk kuring. Ukur werat nyarita sakitu. Kabur pangacian. Tuur leuleus. Awak ogé milu leuleus, rampohpoy, lalinu satulang sandi.
“Nanti menyusul!”, tandes pisan.
Raray ibu nu pangheulana kagambar. Pisakumahaeun teuing mun seug anjeunna nampa béja kuring ngarandapan musibah saperti kieu. Innalillahi wainna ilaihi roji’un.
“Ikut ke kantor, untuk pemeriksaan lebih lanjut!”, ceuk arinyana bari ngagondéng kuring diasupkeun kana mobil.
“Ga, omat, pangwartosankeun Ibu”, antara sadar jeung henteu kuring mapadonan Angga.
******
Teuing dikumahakeun atuh salila di jero mobil téh. Barang inget geus aya di hiji rohangan. Sirah karasa beurat. Maksakeun cengkat. Panon rucang-riceng. Tetempoan kahalangan ku teregos. Célak-célak cahya panon poé tina sela-sela kenténg, katémbong sari ngiceupan. Rét kana jam tangan. Hésé ningalian angkana. Panon teu sirikna dibelél-belélkeun, tapi teu sidik baé. Kaayaan di éta tempat kacida jemplingna. Kedeprukna léngkah jalma teu mantra-mantra kareungeu. Leungeun upuy-apay kana témbok, maju ngénca. Karampa bet beusi wungkul, ngajajar kawas pager. Hiuk kaambeu bau beusi karahaan. Barang sadar, dirasa-rasa bet siga di pangbérokan. Nu teuing aya di wewengkon mana!
Dina kaayaan saperti kitu, tagiwurna haté beuki ngandelan. Dada ngadak-ngadak karasa eungap. Mun teu ras kana pangawak lalaki, hayang ceurik lolongséran. Ngajerit sakuat tanaga, gagauran nyambat ibu. Dongsokan rasa tugenah, ngagerakeun leungeun kuring ngagujrag-gujrag jaruji. Ngagujrag-gujrag jaruji satakerna ku sésa-sésa tanaga nu apir-ampiran rék suda. Kolomprangna néma ka saban madhab. Angger simpé. Teu mantra-mantra aya jalma ngadeukeutan. Di jero éta patempatan, nalar nu janglar kabaguded ku rasa aral jeung subaha.
Ras deui ka inget ibu. Bet nongtoréng kasauranana. Meper rungsingna pikir, laju nungtun lampah ngalapadkeun kalimah dikir, hasbiyallohu laa ilaaha illa huwa ‘alaihi tawakkaltu wahuwa rabbul ‘arsyil ‘azhim. Lalaunan, kumpul deui pangacian téh. Nu pangheulana dipikainget téh ransel. Teuing di mana raratanana.
Hawar-hawar kareungeu guntrengna sora nu ngobrol. Tayohna ieu tempat téh dijaga ku lobaan. Teuing ku sabaraha urang. Dina ayun ambing samping peuting, atra pisan dédéngéan. Kareungeu, sada mesin mobil dihirupan, kawasna leuwih ti hiji. Pili genti kaluar asup sababaraha kali. Teu lila ti harita, ngedeprukna léngkah jalma ngadeukeutan posisi kuring. Sora sapatuna atra pisan kareungeu. Ngedeprukna rada tarik. Sada sapatu teuas paadu jeung lanté rohangan. Beuki dieu beuki deukeut. Beuki atra ngedeprukna. Sababaraha urang. Yakin aya sababaraha urang.
“Asupkeun kana sél nu hiji deui, urang langsung introgasi!”, cenah ceuk sora nu rada agem, semu peura kétang.
“Geus lila anjeun téh jadi DPO. Ngalolos ti wewengkon Dukuh Pringgi bet nyamur jadi mahasiswa di ieu wewengkon. Saha ngaran?”, angger kénéh sorana nu semu peura téa.
“Toto!”
“Lain! Ngaran anjeun lain éta!”
“Abdi mahToto!”
“Lain! Manéh Abu Zidan! Alias Umar Sahidin!”
“Sanes Pa!”
“Keukeuh rék ngangles?”
Bug! Kadénge sora nu ngageblug. Dituturkeun ku aduhna sora jalma. Siga nu nyerieun nakeran.
“Nu di sél itu kumahakeun?”, ceuk sora nu rada ngéngkréng.
“Leupaskeun, urang salah sasaran. Kahadé ransel jeung eusina teu meunang cocéng. Mun seug cocéng, isuk bakal gempar di média massa, majar aparat nyulik aktivis kaagamaan bari ngagasab harta bandana.”
“Leupaskeun baé?”, ceuk sora nu semu ngéngkréng.
“Heueuh, ngan kahadé pareuman audio-visualna!, sina teu apaleun jajalaneun nu disabana”, sorana nu semu peura geus teu kadéngé deui. Teuing tuluy ngaléos kamana.
Antara sadar jeung henteu, sarérétan katingali waruga jalma nu aya hareupeun sél kuring téh mamaké jakét. Jakét bungur cara jakét anu kuring. Jakét nu saminggu ka tukang diinjeum ku babaturan.

Cimahi, 16 Maret 2011

Katerangan:
1. liqa’ = ngumpul babarengan sacara rutin pikeun ngayakeun pangajian
2. murrabi = pangaping
3. halaqoh =kelompok jalma-jalma nu sacara rutin ngayakeun pangajian.
4. mad’u = murid
5. khadimat = lanjang
6. minhaj = sistem

Kamis, 15 Desember 2011

RÉKAYASA

MANGLÉ, 24 NOVEMBER-1 DESEMBER 2011
Satengah dalapan isuk manéhna geus tepi ka éta tempat. Sanggeus markirkeun motorna tuluy ngajugjug ka lantéy dua. Kakara aya limaan.
“Hay Yi! Nuhun yah tepat waktu. Sarapan heula Yi, gabung sareng nu sanés!”, ceuk Téh Mita.
“Sip! Sami-sami cintaaaaaaah”, cenah, Hérmésna dijingjing, nyampeurkeun babaturanana nu geus leuwih tiheula daratang di éta tempat.
“Haaaaay!”, ceuk Yimema.
“Hay! Masih kana kuda hitam Yi?”
“Masih atuh say! Duka yeuh, iraha rék pangsiun jadi Rosianawati téh. Tika mah tos ganti kukutan nya?”
“Kakara na ciptaan wungkul puguh cita-cita ganti kukutan téh, bisa datang bari nyubuh kénéh kieu téh bubuhan baé Mang Uca keur puruneun ngajemput”, ceuk Agnia.
“Iraha atuh nya batur cara urang?”, ceuk Kaila ngilu ngéngklokan.
Ger saleuseurian. Di atara paramodél nu ngagabung di Sas Agéncy puguh maranéhna nu kaitung acan sirungan. Nu jadi sababna tacan lila maranéhna ngagabung di éta agensi. Komo Yimema mah, acan jejeg sataun manéhna aya di éta agensi téh. Keur anteng ngobrol, kareungeu géréwékna Téh Mita nitah asup ka rohangan make up. Bring saréréa ka luar ti rohangan tempat sarapan. Turun salantéy ka handap, rada béh tukang sabab ngahiji jeung rohangan wardrobe. Kostum nu rék dipaké ku paramodél kapan di dinya diteundeunna.
Nepi ka éta rohangan tilu urang juru rias geus sayaga. Sacabakna-sacabakna puguh, luyu jeung kaahlian masing-masing. Aya penata rias wajah, penata rambut, penata kostum jeung sajabana. Naon nu jadi kaperluan modél kabéh disayagakeun. Kaasup nu ngaladénan dahar-inum atawa nu ukur ngahihidan ogé aya.
“Héy cantik! sindang bo. Ike geus teu sabar yeuh, hayang geugeura ngamake over di dinya!”, ceuk Nuna. Yimema nyampeurkeun. Gék diuk hareupeun Nuna.
“Senyum atuh Yi! Meni baeud baé ih. Aya naon deui sih?”
“Teu aya nanaon Nuna! Tadi malem émang kurang tidur. Tunduh kénéh ieu téh!”
“Oow! Der lah, bari tibra gé jadi didangdanan téh, da kamu mah teu hésé dipapantes. Rék disulap jadi Rani Mukherjee bisa. Disulap jadi Cut Tari mahi. Mata jeung irung kamu émang bagus. Malah disulap jadi Emma Watson gé cigana aman”.
“Heu heu, aku mah hideung Nun! Emma Watson mah kapan pakulitanana gé bulé. Amira tah nu ngepas disulap jadi Emma Waston mah!”
“Ahhhh, rékayasa. Suntik vitamin C dia mah ieuh. Dua ratus tujuh pulu lima rébu sakali gejos. Mimiti mah kudu unggal minggu heula, ka dituna dua minggu sakali, tuluyna kudu sabulan sakali. Rék nyobaan? Sok geura, kamu gé bakal bisa jadi bulé”.
“Can kapikiran Nun! Komo waragadna meni gedé kitu ningan. Aku mah konsénheula keur ngabiayaan berobat mamah jeung sakola adik aku”. Aya nu ngeyembeng na kongkolak panonna.
“Enya, teu kudu lah. Kamu mah da geus mahi. Nu santen mah jadi éksotik didangdanan téh. Nu konar mah kadang sok jadi pias, kudu pinter-pinter nambalanana.”
Sarupa-sarupa kosmétik téh ditapelkeun kana beungeut Yimema. Parigel pisan ramo-ramo Nuna ngusap jeung ngelapanana. Ti mimiti cléanser, toner, poundation jeung sajabana. Yimema neuteup beungeutna. Mimiti robah dangdanan. Kalinglap puguh ceuk sasaha gé mun manéhna geus didangdanan téh. Dina kahirupan sapopoéna puguh tara siga kitu. Ukur diwedak jeungdi lipstik saperluna.
“Bérés cyn....! Kari masang bulu mata. Sok peureum!”
Reup Yimema meureumkeun panonna. Keur kitu kareungeu sora Amira. Modél sénior di éta agensi. Jam sakieu kakara datang. Tilu jam satengah elatna ogé.
“Tong elat teuing ngajemput engké yaaaaah!”, sorana semu ogo. Lalaki nu nganteurkeunana ukur unggeuk. Manggut ka nu araya di éta di rohangan, tuluy ngaléos deui muru ka luar.
“Tuh superstar kakara norojol. Geus ganti deui baé gacoanana euy! Anjrit! Kasép deui baé Yi! Ngelay Ike nempona boooo.”
“Kutan! Ciga saha tah kira-kira Nun? Ciga artis lokal atawa artis impor?”, ceuk Yimema bari angger meureumkeun panonna.
“Jangkung badag Yi, Hrithik Roshan wé sugan mah. Duh, amis booo”.
Yimema ukur imut. Dicicipta ku manehna kumaha liweyna biwir Nuna ogé gerak leungeunna. Manéhna siga nu hayang ngagakgak. Tapi ku manéhna dipengkek.
“Atuh teu jauh jeung Adé Ray nya!”
“Saha?”, ceuk Nuna. Tarangna kerung.
“Enya Hrithik Roshan!”
“Ha ha, Yi-Yi, Yimema. Aya-aya wae.”
“Teu resep ka nu konar aku mah Nun! Sok belikan cenah sifatna. Jaga mun aku punya cowo, rék néangan nu hideung manis ah. Kesanna téh leuwih macho da!”
“Ah teu kabéh lalaki nu pakulitanana konar belikan meureun Yi. Jeungna deui naha yéy bet boga pikiran kitu. Pangalaman nya? Yéy putus jeung kabogoh nu konar pakulitanana?”
Yimema ukur imut deui. Pikiranana ngulayab teuing ka mana. Ingeteun ka Ibad cigana. Geus dua bulan taya ngiberan, sumawonna datang ngapélan. Nu jadi marga lantaranana, Ibad teu satuju kana profési menéhna nu ayeuna dikeureuyeuh ku Yimema. Ibad leuwih satuju Yimema angger jadi kasir di salah sahiji réstoran fastfood di ieu kota. Sanggeus Yimema lulus casting di hiji agensi, nu harita merlukeun modél loba pikeun kaperluan hiji acara. Sanggeus Yimema resmi jadi modél di éta agénsi, sanggeus Yimema beuki sibuk fashion show jeung pemotrétan, Ibad beuki arang datang nganjangan. Akhirna ngampleng taya béja jeung carita.
“Yi! Kalah tibra ditanya téh. sok ayeuna mah beunta. Kari buuk yéy nu dibebener. Ike rék ngagarap Sang Superstar. Teu resep sabenerna mah ka Si Éta téh. teu resep ku olo-olona. Tapi bisi manéhna mangadu ka Si Bos. Ké ike dibeslah. Jebléh ma ike.” Leungeunna katuhuna ngémpréng. Tuluy ngaléos nyampeurkeun Amira.
Sanggeus saréréa bérés didangdanan tuluy dibagi ransum makan siang. Nasi dus ti salah sahiji réstoran fastfood nu kakoncara. Rérés makan siang, Om Sas ngawawarkeun susunan acara. Iraha-irahana kudu ngamimitian fashion show sarta saha baé paratamu jeung pejabat nu haladir. Tina sajumlahing penampilanana jeung éta agénsi, ieu event minangka panggedéna nu diiluan Yimema. Totondén karirna ngaronjat. Manéhna mimiti dipercaya ku Om sas milu ngeusi acara nu kawilang badag. Hartina yimema bakal narima honor nu leuwih badag ogé. Hartina, Yimema bakal bisa mimiti nabungkeun sabagian panghasilanana. Nabung jeung nabung saloba-lobana. Pikeun waragad kahirupan manéhna, indungna reujeung waragad sakola adina.
Cunduk kana waktuna makalangan. Yimema sabatur-batur geus tatan-tatan. Saurang-saurang leumpang luhureun catwalk. Nu haladir kaleprok taya reureuhna. Mungkas acara, MC ngahaturanan saurang lalaki tengah tuwuh naék ka panggung. Panitia mérékeun bucket kembang ka Yimema nu tuluyna dipasrahkeun ka éta lalaki. Hadirin kabéhanana narangtung. Kaleprok deui beuki tarik, tuluy éta lalaki téh diaping ku paramodél ninggalkeun panggung. Acara réngsé kalayan tartib tur aya dina kalancaran.
Basa saréréa ngabring deui ka rohangan ganti, Yimema mandeurikeun manéh. Paneuteupna euntreup ka juru éta rohangan. Aya Amira di dinya. Amira jeung hiji lalaki nu kacida dipiwanohna. Lalaki nu kungsi nyulik sabagian haténa. Lalaki nu kungsi dipicinta ku manéhna.
Lalaunan Yimema leumpang ngadeukeutan, ngadeukeutan nu keur anteng ngobrol. Katempo pisan ku manéhna leungeunna keur silih ranggeum.
“Kang Ibad!”, pokna semu dipengkek. Nu digerona ngalieuk. Koréjat cengkat. Tuluy nuteup semu nu kacida reuwaseun pisan.
“Yimema!”
“Muhun, damang kang? Bingah tiasa tepang di dieu!”, sorana ngageter. Halon pisan. Imut dipaksakeun, hayang katempo marahmay. Dirékayasa, ngahaja ku manéhna imutna dirékayasa. Ngarékayasa imut dina sabagian lambaran carita lalakon kahirupanana nu can sirna tina nandangan tunggara.

Kamis, 27 Oktober 2011

BULAN NYUMPUT DINA MĒGA

CARPON TRIBUN JABAR- 25-27 OKTOBER 2011

Ti saprak mulang ti imah éta awéwé kituna téh. Samar koléséh. Katempona téh samar koléséh. Siga nu ngemu kabingbang jeung kahariwang. Tapi satékah polah dibunian. Ngarah taya saurang ogé anu nganyahoankeun, naon anu sabenerna keur karandapan ku dirina.
Ceuk pamikirna sugan wéh geus didatangan ka imahna mah moal katutuluyan. Di hareupeun kulawarga éta awéwé sagalana dibalakakeun, yén Pergiwa Sulaksana téh tunanganana. Moal kungsi bubulanan deui gé deuk unggah ka balé nyungcung.
Puguh asa teu percaya cenah Pergiwa tuluy deukeut jeung éta awéwé téh. Pangkatna ukur tenaga administrasi. Sakolana ukur tamatan SMA. Jauh mela-melu lamun dibandingkeun jeung dirina. Teu kudu dipihamham deui urusan babat-bibit, jeung bobot kulawargana. Sasat aya tingalieun batur. Sakufu, sadarajat antara Pergiwa jeung dirina mah. Pada-pada sarua emasna.
Peuting éta, kasaksén ku manéhna bulan mabra cahayana. Langit lénglang, béngras-cékas ngondang kawaas. Kakapeungan méga hideung tingarudat ngahalangan. Laju nyingray deui digebahkeung angin lirih nu ngoconan. Ēndahna peuting purnama teu bisa mepes kahariwang na dirina. Dina waktu nu moal lila deui rék panganténan, Pergiwa ciga-ciga nu deuk sulaya kana jangjina.
Peuting éta manéhna ngalangeu dina jandéla kamarna. Paneuteupna dialungkeun ka lebah mabrana bulan. Nyéh imut, basa implenganana nganjang ka alam rarancang éndahna pésta kariaan. Pergiwa reujeung dirina diuk ngaréndéng diréncéng-réncéng. Diriung-riung ku dulur, dikawal ku kadang warga. Suka bungah galumbira.
Peuting beuki jempling. Angin ngahiuk neumbag kana beungeutna. Buukna nu hideung meles ririaban kaanginan. Sawaréh nutupan kana beungeutna. Nutupan irung bangirna, nutupan buleud panonna. Panon éndah nu kiwari kalimpudan pepedut liwung, dirobéda kahariwang kana nasib kahirupanana.
“Kang Iwa, naha bet kieu jadina? Naon kasalahan abdi nepi ka akang luas ngorbankeun sagala rupana. Ondangan geus dicitak. Gedong tempat engké kariaan geus dipanjer. Kitu deui tukang rias jeung kéteringna.”, manéhna ngagerendeng jeung dirina sorangan.
Paneuteupna dialungkeun deui ka lebah mabrana bulan. Lalaunan méga hideung tingarudat nyampeurkeun ngoconan bulan. Nébréngan sinangling cahayana sina kandeg nyaangan ka marcapada. Méga hideung lalaunan neureuy bulan. Kiwari bulan ngahiang. Bulan nyumput dina méga. Koréjat manѐhna cengkat. Panonna ngadak-ngadak semu hurung. Leungeun katuhuna dipeureupkeun. Tuluy sahabekna ditinggangkeun kana dampal leungeunna nu kénca.
“Kaya kieu mah teu bisa diantepkeun. Aing kudu hojah! Dikamanakeun beungeut aing. Dikamanakeun harga diri kulawarga aing lamun kudu bolay panganténan”, bari angger neunggeulan dampal leungeunna.
“Kang Iwa nu kitu téa mah. Bet teu pengkuh pamadegan!”, manéhna ngagerendeng deui.
Gék deui diuk. Tuluy nanggeuy gado. Luk tungkul. Biwirna teu reureuh gegereyeman.
“Toja’iah jeung lelembutan!”.
“Tapi, kapan ti leuleutik gé tara pernah ngasaan gagal lain? Sagala kahayang anjeun kabéh bisa katedunan”, ceuk hiji sora.
“Enya! Tapi pan ieu hal téh engkéna bakal aya hubunganana jeung urusan hu..........”, teu kebat cumarita. Deui-deui ti bѐh ditu aya nu nѐmpas.
“Alaaaaaaaaaaaaaaaaah, hukum? Hukum nanahaon! Anjeun lain jalma joré-joré. Moal béak saparapatna-saparapatna acan raja kaya kolot anjeun keur meuli sakarung hukum nu lumaku di ieu nagri!”, ngahatéan nu keur ringrang.
Nu keur nanggeuy gado téh ngoréjat. Jung nangtung ngadeukeutan méja rias.Teu poho jandélana ditutupkeun. Gék diuk nyanghareupan eunteung. Sajongjongan melong beungeutna sorangan. Nyéh imut. Teuing imut sari naon? Nu jelas mah ngadak-ngadak panonna bet beuki hurung. Leungeun katuhuna ngarawel handle laci mѐja rias. Sorolok dibukakeun. Goréhél péstol kaliber 9 mm merenah dina tempatna.
“Piraku kudu ku ieu? “, cenah! Péstol téh tibang ditunjuk.
“Gunakeun! Piraku éta barang téh haben baé dikerem”, ti béh ditu nyoara deui.
“Enya! Kapan aing téh geus kaitung mahér ngagunakeun ieu barang!”, gerendengna pinuh kareueus.
“Tuh pan! Anjeun téh calakan. Lain wanoja nu épés méér! Lain wanoja nu pondok léngkah! Loba kaum Hawa nu jarago jaman ayeuna mah. Nepi ka dipaké panyalindungan ku kaum Adam. Loba lalaki nu nyalindung ka gelung kapan ayeuna mah. Buktikeun ieuh! Anjeun wanoja prakosa!”, ceuk sora ti tebéh ditu deui.
Peuting laju beuki simpé. Nu keur paguneman geus henteu kareungeu deui. Ramo-ramona nu laléncop ngeukeuweuk sacewir keretas. Keretas nu katampa ti satpam kantor Pergiwa. Nyéh imut deui. Mabrana cahaya bulan kiwari geus teu katémbong. Katutupan méga hideung nu datang ayang-ayangan. Dak dumadak marcapada poék mongkléng. Kadya nu méré tangara, méga hideung nutupan caangna haté. Haté manéhna nu eukeur pareumeun obor.
Isuk kénéh Kania geus saged dangdan. Henteu mumuluk heula cara sasari. Starlét hideungna henteu dipaké. Manéhna ngaluarkeun motor métik. Méméh ngageuleuyeung maju, manéhna ngasupkeun sacewir keretas kana saku jas kulitna. Harita, nu aya dina pikirna hayang geura-geura tepung jeung Pergiwa.
Nepi ka nu dijugjug Pergiwa geus teu kasampak. Kania bati hareugeueun. Hélmna dipaké deui. Aya nu nyurungkuy na sela-sela panonna. Inghakna henteu dipengkek. Ngahaja dibudalkeun marengan gerungna sora mesin motor. Gilig karepna, geus buleud paniatanana. Motorna di gas deui. Mangprung ngajugjug ka hiji mall nu perenahna di deukeut kantor Pergiwa. Nya di ѐta mall pisan manѐhna manggihan Pergiwa reureujeungan jeung hiji wanoja.
Kirilik BBM-na disada. Pergiwa nu ngirim pesen. Ngajak tepung ba’da magrib di imahna. Tanteu Ros, ibuna Pergiwa ngajak babadamian deui. Basa ditanya di mana posisina ayeuna, Pergiwa ukur ngajawab saperluna: “Apoték Utama Jaya!”. Taya deui kecap honey, taya deui kecap bébéb dina pesen BBM-na. Kapeurihna asa beuki nyanyautan. Rét manéhna ngarérét kana pigeulang leungeunna. Jam tangan nu dipakéna geus nuduhkeun pukul opat kurang saparapat. Meujeuhna jalma-jalma balubar ti pagawéanana séwang-séwangan. Gura-giru manéhna ninggalkeun éta patempatan. Leumpang gagancangan muru ka lebah kantor grup Témpo nu teu pati jauh ti éta mall. Kania muru ka lebah motorna diparkirkeun. Kabeneran manggih tempat pangjuruna. Jakét kulitna dibebener. Syal warna coklat motif LV nu meulit kana beuheungna diasupkeun kana jero jakétna. Tasna disoléndangkeun. Rentang-rentang opat urang awéwé kaluar ti panto rohangan kantor grup Témpo. Nu tiluan muru ka tempat parkir mobil. Demi nu saurang deui muru ka lebah motorna. Motor métik warna bodas. Cocog jeung informasi nu katampa ku manéhna. Sabot éta awéwé udet dangdan, memener jakét jeung hélmna, Kania miheulaan maju. Reg eureun hareupeun tukang inuman. Teu lila, geuleuyeung motor mѐtik bodas ngaliwat ka hareupeunana. Kania laju nuturkeun. Motor téh patutur-tutur. Tina sakitu lobana motor nu minuhan éta jalan, kapan teu ieuh silihtalingakeun na saha hiji-hijina. Masing-masing anteng kana jajalaneun nu rék disorangna. Tapi teu kitu pikeun Kania. Panonna manco kana motor nu aya hareupeunana. Disidikeun plat nomerna. Diperhatikeun nu tumpakna. Dituturkeun siga nu embung kaleungitan tapak.
Lebah Parapatan Buah Batu, kapegat ku lampu mérah. Kania pageuh nyekelan setang motorna. Rét deui-rét ka lebah trafict light. Lampu héjo nu didago acan kénéh hurung baé. Jajantungna mimiti ratug tutunggulan. Késang ngagarajag maseuhan tonggongna nu kabulen jakét. Teu ieuh dipiroséa. Teu lila lampu héjo nu didago-dago téh geuning geus hurung. Basa aya hiji mobil anu rada elat majuna, kelakson disadakeun patarik-tarik. Nu tarumpak motor paheula-heula maju. Tingsalemprung meuntasan setopan. Kitu deui jeung Kania. Motorna digas. Nyemprung ngadeukeutan motor métik nu plat nomerna geus diapalkeun ti peuting kénéh. Motorna ngaréngkép motor métik bodas téa. Suku kéncana ngajejek awak nu tumpakna. Galéong manéhna ngagaléong. Ampir-ampiran tikusruk, kaséréd ku tanaga motor itu nu leuwih ti heula ngagubrag. Kania ngagas deui motorna. Nyemprung beuki tarik ninggalkeun tempat kajadian. Saha nu rék merhatikeun ngagubragna hiji motor nu keur pagancang-gancang maju meuntasan parapatan? Kania asa diuntungkeun pisan. Terus nyemprung teuing kamana ngaléosna. Nu aya dina pikirna rék nyumput saheulaanan. Siga bulan peuting tadi, anu nyumput dina méga.
Kania nu keur numpi nganti-nganti hiji warti. Kacilakaan lalu lintas di Parapatan Buah Batu nu niwaskeun hiji wanoja kacida diarep-arepna. Sanggeus aya kana dua peutingna Kania henteu ngaktifkeun BB-na, pesen munggaran nu katampana nyaéta: “Kania aya di mana? Pergiwa di ICU RS Rajawali. Motorna aya nubruk ti tukang, ba’da magrib kajadianana”.

Cipageran, 2011