MANGLE, 29 DESEMBER 2011-4 JANUARI 2012
Mangsa hujan raat meueusan manéhna leumpang mapay-mapay trotoar sapanjang Jalan Raya Baros. Jéans warna kopi tutung jeung kaos streetna nu ngepas mungkus awak, kacirina rada baseuh. Lebah Parapatan Baros, léngkahna kandeg. Panonna ngarérét ka lebah warung kopi peuntaseunana. Dituyun ku nyecepna hawa nu tembus kana balungna, manéhna méngkolkeun léngkah.
“Mie rebus , Bu!”, pokna ka nu boga warung.
“ Nganggo endog?”
Sirahna unggeuk.
“Eueutna naon? Téh manis?”, ceuk tukang warung.
“Kopi wéh!”, témbalna.
“Mangga, diantos sakedap!”
Diukna pindah ka béh juru. Kusiwel ngaluarkeun roko sabatang tina tas leutikna. Cekés, sada zippo dicekéskeun. Nyot rokona dikenyot. Serebung, haseup rokona nyerebung, tuluy narungtutan ngiles nuturkeun léokna angin. Tukang warung nyérangkeun ti lebah dapur. Kawasna ngarasa héran mireungeuh pamolah jalma nu keur ngadon jajan di warungna. Teu lila, song, tukang warung ngasongkeun pesenan. Sanggeus nganuhunkeun, dekul baé ku manéhna dihanca.
“Ibu, badé ngiring reureuh sakedap. Hujanna kalah ageung deui geuning!”, ceuk manéhna sasadu.
“Mangga, teu sawios. Muhun, diteraskeun lumampah ogén kalah ka bakal jibreg!”
Ngareungeu caritaan tukang warung kitu, manéhna tibang bisa imut. Gap deui kana rokona. Nyot dikenyot, bangun nu nikmateun nakeranan. Panonna tuluy nunutur kamana ngilesna haseup roko. Teuing nu ka sabaraha batang. Sainget manéhna, ti keur SMP kénéh geus wanoh kana roko. Dévin, sobatna nu harita kakara pindah ti Jakarta, ngawanohkeun manéhna kana roko.
Mimitina mah ukur nyacapkeun rasa kapanasaran. Enya, panasaran, lantaran cenah ceuk Dévin ngaroko téh asik. Tina nu tadina ukur nyacapkeun kapanasaran, manéhna bet tuluy jadi nyandu. Bener. Karasa asikna cenah. Pangpangna pikeun mapalérkeun kakeuheul mun geus dicarékan ku bapana. Sahaok kadua gaplok kapan bapana téh.
Mun geus kitu, nya ka imah Dévin manéhna kabur. Mondok-moék nepi ka sok tara inget kana balik. Di imah kontrakan Dévin manéhna ngarasa betaheun. Dévin nu bageur. Dévin nu nyaaheun ka manéhna. Kitu deui lanceukna Dévin. Atoheun pisan lamun aya manéhna ngéndong téh. Pokna gé reugreug cenah, Dévin jadi boga batur. Teu nyorangan aya di imah mun pareng elat mulang ti pagawéan. Lila-lila, imah kontrakan Dévin jadi markas. Bébas atuh da. Taya anu nalingakeun. Indung-bapana kapan matuh di Jakarta. Sedengkeun lanceukna digawé di pabrik. Manjing waktu maju ka isa kakara mulang ka imah.
Mimindengna mah duaan aya di imah téh. Ukur Dévin jeung manéhna. Nya ka Dévin manéhna ngabudalkeun sakabéh katugenahna. Katugenah dina kahirupanana. Bapana nu sahaok kadua gaplok. Lanceukna nu sok télér baé. Jeung adina nu kiwari teuing aya di mana.
“Mun teu ras ka Si Mamah, urang geus kabur ti imah Vin!”
“Nya entong atuh. Mun aya nanaon jeung indung manéh rék saha nu mantuan.”
“Enya, kitu puguh ogé. Urang mah hayang buburu tamat sakola. Tamat SMP urang mah moal nuluykeun, Vin. Lain teu hayang, ti mana atuh biayana. Rék néangan gawé wéh. Jang mantu-mantu Si Mamah. Karunya geus kolot ulah sina buburuh baé nyeuseuh.”
Harita taktakna ku Dévin diusapan. Tuluy leungeunna ogé diusapan. Lila-lila awakna ditangkeup. Silihrangkul pageuh pisan. Ahirna, antara Dévin jeung manéhna geus teu bisa dipisahkeun deui. Malah, jorojoy dieunteupan rasa nu teuing nanahaon ngaranna.
Sakumaha raketna silihpikanyaah, geuning dipisahkeun takdir. Dévin mulang deui ka Jakarta pikeun nuluykeun sakola. Sedeng manéhna meunang gawe jadi pelayan toko kolontong bogana Babah Liem. Sabulan-dua bulan mah Dévin sok méré kénéh iber. Tapi ka béh dieunakeun pleng les teu aya béja- béjana acan.
“Néng, badé teras kamana?”, tukang warung ngagareuwahkeun lamunanana. Gebeg, manéhna ngagebeg. Ngagebeg da puguh keur uleng ngalamun. Napak tilas ka lebah sabagian panineungan lalampahan hirupna.
“Aduh, meni reuwas, Bu!”, cenah bari ngusapan dadana.
“Alah, hapunten atuh nya!”, ceuk tukang warung bari seuri.
“Badé ka Kérkop, Bu! Badé ka makam réréncangan. Dua minggon kapengker ngantunkeun.”
“Oh!”
“Tuh geuning hujanna tos raat. Diétang atuh, janten sabarahaeun?”
“Mangga. Mie rebus lima rébu, teras ci kopi sarébu lima ratus. Janten genep rébu limaratuseun.”
Créng dibayar. Ngaléos ti jero warung, muru ka kalérkeun mapay-mapay deui trotoar. Leumpangna rada digancangkeun ayeuna mah. Leungeunna ngodok saku jéansna. Awakna pepel tur ngeusi. Sakapeung leumpangna tungkul, sakapeung deui bari tatanggahan.
Nepi ka nu ditujuna kira-kira manjing waktu asar. Manéhna ngajengjen heula lebah panto gerbang pajaratan. Narik napas panjang. Sanggeus kawanina kumpul, tuluy asup ka jero pajaratan. Lalaunan ngaléngkahna. Semu anu sieun ngabarubahkeun pangeusina. Manéhna terus ngaléngkahkeun sukuna muru ka juru beulah kalér. Lebah dinya Dévin dikurebkeun. Kitu nurutkeun béja nu katampana.
Sanggeus ngaliwatan dua makam anu jarujul tetenggerna, manéhna nepi ka makam Dévin. Aya kénéh sésa-sésa kembang dina luhureun kuburan. Dina tetengger kabaca ngaranna. DEVIN PURANTI MURIKA. Manéhna tuluy sideku. Lalaunan tetenggerna diusapan.
“Vin, kapan urang kungsi jangji, moal rék silihpopohokeun. Salilana bakal tuluy silihpikanyaah. Kapan urang kungsi jangji arék tepung unggal taun. Mapag datangna taun anyar babarengan.” Leungeunna angger ngusapan tetengger. Mimiti kareungeu inghak-inghakan. Pok deui cumarita.
“Kunaon manéh bet tuluy raket jeung Délon. Ahirna kieu jadina. Manéh jeung calon anak manéh aya di dieu! Kumaha urang ayeuna, Vin? Saditinggalkeunana ku manéh beuki tiis ieu rasa.”
Tuluy nyuuh dina tetengger. Nyuuh bari inghak-inghakan. Sakapeung leungeunna ngusapan tetengger. Sakapeung deui dipeureupkeun.
“Pileuleuyan, Vin. Sing tibra di kalanggengan. Najan manéh jeung urang teu kungsi amprok heula, tapi urang apal naon nu dipikahayang ku manéh ayeuna. Dina maleman taun baru ayeuna, Si Délon ku urang rék ditepungan. Sina marengan manéh di dieu nya!” Jung manéhna nangtung lalaunan. Tuluy ngagedig indit nuturkeun pangajak haténa.
Cimahi, Désémber 2011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar