Keur kuring mah karesep kana widang seni (kasenian) téh teu datang ujug-ujug. Tapi, istuning ngahaja, ngahaja kuring digebruskeun ku lingkungan tempat kuring dilahirkeun.
Sababaraha grup kasenian, ti mimiti sisingaan, tarling, tardug, réog, organ tunggal, sandiwara, topéng, wayang golék jeung kiliningan ngadeg méh saban madhab. Lamun heug aya di antara nu maca kungsi jalan-jalan ka pakaléran Subang, cigana bakal moal ngarasa hémeng, lamun manggihan plang atawa tanda ayana grup-grup kasenian kasebut téh naratay di unggal tempat, jeung aya di antarana anu teu pati jauh jarakna.
Nya kitu deui di wewengkon kuring cicing. Sajumlahing grup kasenian nu ditataan di luhur téh moal hésé ditéangan. Utamana wayang golék jeung kiliningan. Anu boga éta grup téh lain batur, sasat dulur deuheus kuring kénéh ti pihak bapa. Ku kituna, tangtu baé kuring akrab jeung sagala rupa kagiatanana. Ti mimiti acara ngumbah gamelan nepi ka latihan rutin éta grup kasenian. Ngumbah gamelan biasana dilaksanakeun unggal bulan Mulud dumasar kana itungan kalénder Hijriah. Sakalian muludan biasana mah. Acarana téh lumangsung ba’da isa. Dimimitian ku ngaji yasin, maca kulhu, ngado’a jeung satuluyna mah gamelan téh dielapan ku cai kembang beunang ngajikeun téa. Sedengkeun acara latihanana diayakeun saminggu sakali unggal malem Salasa sarta waktuna ba’da isa. Komo deui mun arék méntas mah, latihanana téh sok aya kana dua atawa tilu kalina.
Anu ngirut kana perhatian kuring harita lamun aya sindén anyar (calon sindén) keur latihan. Naon sababna? Ēta calon sindén téh biasana latihan di imah tukang rebab. Waditra latihanana teh ukur dipirig rebab. Ari lalaguanana, minangka lagu wajib nu kudu dikawasa ku calon sindén téa, saperti Kidung (Bismillah), Tepang Sono jeung lagu-lagu nu keur dipikaresep ku panongton utamana bajidor saperti Daun Hiris, Awét Rajét jeung sajabana. Waktu calon sindén latihan ku kuring sok dilalajoanan. Kuring miluan bareng émok jeung calon sinden di eta tempat. Saeutik lobana, tehnik vokal tur lalaguan anu diajarkeun ku nu ngalatih téh napel dina ingetan kuring.
Ayeuna, sok sanajan sora kuring téh jauh kana disebut ngeunaheun, tapi kana hahariringan mah resep pisan. Sok sanajan ukur kawatesanan ku pikeun nimang budak, leuwihna meureun bari papasakan di dapur tamba tiiseun. Katambah deui, meureun karesep kuring kana widang seni teh cigana aya faktor turunan. Ti pun bapa sareng pun biang.
Getih seni aranjeunna ngocor ka kuring. Pun bapa kapungkur téh kantos janten pemain sandiwara di hiji grup sandiwara Sunda jaman harita. Saur pun biang, anjeunna sok kabagian peran jadi rampogna baé. Peran antagonis meureun istilah gayana mah. Pami pun biang kapungkurna juru kawih ti hiji grup kasenian wayang golék. Nya di luhur panggung pisan aranjeuna patepang tug dugi ka nikahna. Waktu kuring laleutik kénéh mah pun biang sok mintonkeun katiasana ka kuring jeung adi kuring. Lagu anu nepi ka ayeuna dipikainget kénéh téh nyaéta lagu “Serat Salira” ti Hj. Ijah Hadijah. Suanten pun biang halimpu pisan. Pas pisan upami anjeunna ngahaleuangkeun éta lagu téh.
Sangeus kuring nyuprih élmu di hiji paguron luhur, karesep kuring kana ngahariring téh asa tambah kapupujukeun. Nyasat di ieu paguron kuring ngeuyeuban bag-bagan ѐlmu jeung paѐlmuan ngeunaan kasundaan. Tangtuna baѐ lain ngan saukur bab hahariringanana wungkul. Tapi sapuratina. Utamana dina widang kasusastraanana anu kacida pisan ngirut perhatian kuring.
Harita, munggaran pisan kuring diajar nembangkeun lagu “Salam Manis” jeung “Sagagang Kembang Ros”. Ku nitѐnan rumpakana heula kataji tѐh. Puitis jeung romantis. Disawang tina jihat kasusastraanana disebut puitis jeung romantis tѐh ceuk kuring mah. Nya tuluy bet hayang apal jejeroanana. Maksud tѐh saha penciptana. Gorѐhѐl kapanggih, horѐng penciptana tѐh Mang Koko. Saha ari Mang Koko? Kuring ukur apal yѐn anjeuna tѐh seniman Sunda anu kawentar pisan . Teu leuwih teu kurang.
Kakara sabulan katukang kuring dikirim hiji buku. Ngahaja cenah dipaketkeun. Anjeunna sobat dalit kuring ti keur mahasiswa kѐnѐh. Kabeneran pisan ѐta buku tѐh medar biografi Mang Koko. Taya maksud rѐk ngabѐjaan bulu tuur. Ieu di handap ku kuring ditulis sabagian tina eusi buku kasebut:
Mang Koko
Jenengan nu lengkepna nyaѐta H. Koko Koswara. Anjeunnna tѐh turunan mѐnak Sumedang anu jenenganana Embah Mukasan. Koko Koswara tѐh putra tunggal ti pasangan Mochamad Ibrahim Sumarta (mѐnak Sumedang) sareng Siti Hasanah. Ramana kalabet salah saurang seniman Tembang Cianjuran malihan kantos kѐnging Bintang Mas (pinujul) dina konkoers (festival) Cianjuran.
Saur Uyat Ru'yat S.C. nu mangrupakeun kulawarga caketna, ti bubudak dugi ka mangsa rumaja Mang Koko kagungan kabiasaan ngalaksanakeun solat berjamaah, adan, sarta tarhim di Masjid Agun Indihiang. Numutkeun Uyat, sacara teu sadar hal kasebut ngajantenkeun suanten Mang Koko kalatih.
Subhanalloh. Tambah-tambah kareueus kuring ka Mang koko sabada kuring nyaho yѐn karya jeung kinerjana nu kawentar samarcapada tѐh geuning dikawitan tina kapengkuhanana ngamalkeun papagon hirup jeung kahirupan urang Islam.
Ēlmu keur kuring mah hal ieu tѐh. Ēlmu anu kacida pisan dahsyatna. Tina hal anu sipatna basajan urang bisa manggihan hiji kasuksesan.
NB:
Hatur nuhun ka nu parantos maparin buku, jazakallohu khoiron katsiro
“KOKO KOSWARA MAESTRO KARAWITAN SUNDA”
Kenging : Tardi Ruswandi
Kelir-2007

Ngaran abdi Lilian N.This mangrupakeun dinten pisan galumbira tina hirup kuring kusabab pitulung teh Dr.saguru geus rendered ka abdi ku nulungan kuring meunang ex salaki kuring balik kalayan magic sarta cinta mantra. abdi ieu nikah keur 6 taun jeung ieu jadi dahsyat sabab salaki kuring ieu memang curang on kuring sarta ieu néangan keur cerai tapi nalika abdi datang di sakuliah email Dr.saguru di internet ngeunaan cara anjeunna geus mantuan sangkan loba jalma keur meunang ex maranéhanana balik sarta mantuan ngaropéa relationship.and sangkan urang janten senang dina hubungan maranéhanana. i dipedar kaayaan kuring ka anjeunna lajeng neangan pitulung-Na tapi mun kejutan greatest abdi anjeunna ka kuring yen manehna bakal nulungan kuring jeung bisi kuring jeung didieu abdi keur kiwari celebrating sabab Salaki kuring geus robah sagemblengna keur alus. Anjeunna salawasna hayang jadi ku kuring teu bisa ngalakukeun nanaon tanpa hadir abdi. abdi keur bener ngarasakeun abdi nikah, naon hajatan hébat. abdi bakal tetep dina testifying di internet margi Dr.saguru sabenerna mantra caster nyata. Dupi anjeun peryogi Pitulung lajeng kontak DOKTER SAGURU AYEUNA via email: drsagurusolutions@gmail.com atanapi whatsapp +2349037545183 Anjeunna hijina jawaban pikeun masalah anjeun sarta make aran senang di relationship.and anjeun na oge sampurna dina
BalasHapus1 CINTA mantra
2 meunang EX deui
3 buah kandungan
4 promotion mantra
5 panyalindungan mantra
Mantra 6 bisnis
7 alus pakasaban mantra
8 lotre mantra jeung mantra Pangadilan hal.