Jumat, 22 Oktober 2010

IRAHA BADE SENAM DEUI (3)

oleh Hena Sumarni, 09 Juni 2010 
 
Peuting ѐta, jadi milik kuring duaan. Kaѐndahan lalayaran na sagara kacinta mapaѐs alam impian. Motahna ombak kacinta nu ngagalura dina dada kuring duaan, ngahaja diwelah, adu manis jeung parigelna juru mudi ngadalikeun lajuna parahu.
Sajongjongan simpѐ. Nu karasa, rangkulanana beuki pageuh , meulit kana cangkѐng kuring. Bari pok ngaharѐwos pipireun ceuli, “ Kieu di tempat senam teh? Kolaborasi ngebor sareng uyeg ragajina saѐ pisan.
Hatur nuhun honey!”....................
Subuh tѐh kabeurangan. Rada elat hudang tѐh. Biasana tabuh satengah opat geus ka dapur. Ari ayeuna satengah lima subuh kakara nyaring. Sangeus nyiapkeun cai haneut keur mandina, manѐhna ku kuring diguyahkeun. Keur ngariung sarapan di mѐja makan, sabot kitu ring ton sms dina HP kuring disada. Eusina sms ti Ela ngajak ngalayad Bu Deni anu cenah tadi peuting dibawa ka Rumah Sakit Mitra Kasih. Ēla ku kuring ditelepon. Teu ngajangjikeun bisa da pakepuk jeung kagiatan di sakola. Pikiran dipinuhan ku pertanyaan. Ku naon Bu Dani bet dibawa ka rumah sakit, kapan kamari gѐ ngariung kѐnѐh jeung batur sagѐngna ngagosip di tokona Pa Bangbang. Sanggeus meunang katerangan di rohangan mana Bu Dani dirawat tina sms Ēla, HP tѐh disimpen kana tas sakola. Mun teu kitu sok tinggaleun da kuring mah limpeuran pisan. Basa nu jadi sakali jeung Si Jimat geus arindit, kuring gѐ tatan-tatan, nyiapkeun kaperluan kuring ka sakola. Kabeneran poѐ ѐta ngajar tѐh jam katilu, asup tabuh 08.20. rada nyalsѐ teu asa karurusuh teuing indit. Geus diniatan, mulang ti sakola rѐk nyimpang ka Rumah Sakit Mitra Kasih, ngalayad Bu Deni tѐa. Nepi ka rumah sakit, gѐngna Bu Deni nyampak keur araya. Sanggeus sasalaman jeung nu gering ogѐ jeung sakabѐh nu aya di dinya, kuring nanya ka Bu deni, “ Terang ti pun adi abdi mah, saurna Ibu teu damang. Teu percanten kawitna mah, da kamari tѐh ngobrol kѐnѐh sareng sadayana, seja nyanggakeun panglayad, hapunten pun lanceuk mah teu ngiring”.
“ Hatur nuhun Ayi Risma, ngarѐpotkeun sadayana”, ceuk Bu Deni bari nyekel kana leungeun kuring. Bѐda nada ucapanana jeung poѐ kamari. Ayeuna mah leuleuy ngucapkeunana ogѐ bari nyebut ayi sagala.
“ Naon panyawatna?”, ceuk kuring nanya deui
“ Diagnosa sementawis mah kolѐstѐrol sareng asam uratna tinggi saurna. Katambih deui kirang olah raga panginten”, ceuk Bu Deni neuteup ka kuring.
“ Boa kolѐstѐrol abdi gѐ tinggi nya. Jaba abdi gѐ tara olah raga deuih. Leuh.. mangkaning Bu Deni gѐ dugi ka teu tiasa mapah geuningan. Dahsyat ogѐ nya serangan dadakan kolѐstѐrol tѐh”, ceuk Bu Bangbang milu mairan. Sanggeus ngobrol tѐh dirasa cukup, kuring amitan. Basa rѐk jung pisan kaluar ti rohangan, Bu Deni nanya ka kauring, pokna : “Ayi Risma, iraha badѐ senam deui? Engkѐ mah abdi sampeur nya!”, sorana kareungeu halon, da keur gering meureun, sabab lamun keur cageur mah nyaritana tѐh tatag tur harus ciga make speker “kirara basso” , sugan mah batre Alkaline wѐh........
“ Oh..mangga!”, kuring ngaenyakeun. Kitu deui batur sagѐngna nu harita araya. Sarua pada-pada harayang miluan senam. Geus kahartieun ku maranѐhna ayeuna mah meureun, yѐn nyayagikeun waktu keur olah raga tѐh penting. Penting keur kasѐhatan diri urang sorangan. Lamun kaayaan awak urang sѐhat, stamina gѐ wuwuh nambah kuat. Ēfѐkna kuat ogѐ dina nyanghareupan sagala rupa kagiatan, salah sahijina aktivitas kaum wanoja dina ngambah kahirupan rumah tangga. Komo pan kaum ibu mah pagawѐanana tѐh kaasup borongan. Sagala rupa diborong ku sorangan, ti mimiti pagawѐan di dapur, di sumur sarta di kasur. Ti ayeuna mah meureun moal aya nu nyebut deui kuring tѐh jalma nu kurang gawѐ, pѐdah sok abring-abringan ka tempat senam. Sabab, ayeuna mah lain baѐ salaki kuring anu sok nanya “iraha badѐ senam deui?” tѐh tapi ogѐ Bu Dani jeung babaturan sagѐngna.

Cimahi, awal Juni 2010

1 komentar:

  1. Saatos 5 taun nikah sareng salaki sareng 2 murangkalih, salaki kuring mimiti ngalakukeun anéh sareng kaluar sareng awéwé anu sanés sareng nunjukkeun ka kuring cinta anu tiis, dina sababaraha waktos anjeunna ngancam pikeun cerai kuring upami kuring wani naroskeun anjeunna ngeunaan urusanna sareng awéwé séjén, kuring ieu musnah pisan sareng bingung dugi ka babaturan lawas kuring nyarioskeun ka kuring ngeunaan jampé mantra dina internet anu katelah Dr.Wealthy anu ngabantosan jalma hubungan sareng masalah kawin ku kakuatan kakuatan mantra cinta, mimitina kuring ragu upami hal sapertos kitu kantos aya tapi mutuskeun pikeun nyobaan, nalika kuring ngahubungan anjeunna, anjeunna ngabantosan kuring ngintip jampé cinta sareng dina 48 jam salaki kuring balik ka kuring sareng mimiti ngahaturkeun, ayeuna anjeunna parantos lirén kaluar sareng awéwé sanés sareng abdi kalayan kuring pikeun alus sareng nyata . Hubungi kasir jampi cinta anu hébat ieu pikeun hubungan anjeun atanapi masalah nikah tiasa direngsekeun dinten ieu ku: wealthylovespell@gmail.com atanapi langsung WhatsApp: +2348105150446.

    BalasHapus