oleh: Hena Sumarni, 08 Juni 2010
(mangga nyanggakeun bagian ka-2)
Kadѐngѐ kѐnѐh ku kuring, Bu Dani nyarita deui ka babaturanana, teuing ka saha da kuring geus teu hayang ngalieuk, kieu cenah, “ Kalakuan nu euweuh gawѐ ubrang-abring teu puguh ciga kitu nya. Mending lalajo sinѐtron dina TV!”
Di jalan, Ēla nanya ka kuring, soal omongan Bu Dani tѐa.
“ Tѐh, kunaon meni sinis kitu Bu Dani tѐh?”, cenah bari neuteup ka kuring.
“ Duka atuh! Nyindiran meureun ka abdi, pѐdah tara sok miluan ruang-riung. Da taya waktu keur ngadaweung abdi mah. Apal Ēla gѐ meureun. Jeungna deui pun lanceuk mah teu resepeun. Komo jeung tatangga, cacak sakalieun ngariung jeung adi-adina rada lila gѐ sok gancang-gancang ditelepon. Manѐhna balik ngantor teu dipangmukakeun panto pager tѐh sok rada bѐda semuna. Majar cenah leungit kacapѐ tѐh ari balik ngantor aya nu mapagkeun mah”, ceuk kuring ka Ēla.
“ Tapi Tѐtѐh pernah ujuk-ajak ka nu opatan tadi?”, Ela nanya deui.
“ Enya , pangpangna ka Bu Bangbang”, kuring ngaenyakeun.
“ Tah, rupina Bu Deni kѐki Tѐtѐh! Teu diajakan”, ceuk Ēla bari ciga nu nahan piseurieun.
“ Mun enya tѐh kawas budak! Enya gѐ abdi tara milu ruang-riung da abdi mah teu nutup diri. Basa putrana Mas Agus, tatangga hareupeun imah pisan, dirawat di Cibabat abdi ngalayad, ngan pѐdah teu ngabring jeung ibu-ibu ti dieu, da harita tѐh balik ti sakola. Kitu deui basa salakina Ceu Eti gering, abdi gѐ ngalayad. Ka pangajian RW nu unggal Kemis gѐ pan alhamdulillah tara tinggaleun. Komo mun dina kagiatan agustusan mah, pan ramѐna tѐh ku ibu-ibu jeung barudak, di RW urang mah”, kuring ngajawab panjang lѐbar. Jelas maksud omongan Bu Deni tѐh keur kuring. Asa teu ngeunah ari disebutkeun tara natangga mah. Lain tara natangga kuring mah, nu bener mah tara miluan ngagosip ciga maranѐhna. Ngobrolkeun gosip naon wѐ nu sumebar di wewengkon kuring. Jeung anѐh deuih, gosip nu berѐdar tѐh up to date baѐ. Teuing ti mendi mareunangna. Gosip tѐa atuh da,kapan wancahan tina makin digosok makin sip.
Rupa-rupa gosip nu kapanggih di sabudeureun wewengkon RW kuring mah, cigana maranѐhna nu sok pangheulana baѐ nyaho. Basa Jang Faldo ditinggalkeun kabur ku pamajikanana, basa anak Bi Ecih MBA (maried by accident), basa Mang Beni pepegatan, sarta basa Haji Juhri maot, bari cenah maotna ku cara nu teu wajar, kabѐh jadi bahan kacapangan maranѐhna di ѐta warung.
“ Dupi Pa Bangbang tѐh naon damelna tѐh? Jarang katingal geuning?”, Ēla nanya deui.
“ Pelaut”, ceuk kuring saperluna.
“ Paingan nya seueur artosna!”, ceuk Ēla.
“ Enya tapi aya taunna teu tepung jeung kulawarga, Ēla hoyong Mas Dido ciga kitu?”, kuring ngajojoan.
“ Alim Teh Ris, ageung resikona!”, ceuk Ēla deui.
“ Tapi ningal Bu Bangbang mah senang wѐh cigana tѐh, La! Awakna gѐ jadi lintuh ayeuna mah”, ceuk kuring.
“ Sidik Ēla gѐ rѐk sapok-pokeun pisan bilang kitu. Da baheula mah meni jangkung alit camperenik. Ciga Tata Regita Cahyani. Pikasirikeun batur”, ceuk Ēla.
“ Tara olah raga meureun ayeuna mah. Ari bagbrag-bugbrug kitu teuing mah teu pantes nya katingalina gѐ”, ceuk kuring.
“ Enya, takta gѐ urang mah kudu rajin senamna Tѐtѐh, bisi randutdut”, ceuk Ēla. Kuring duaan saleuseurian.
Nepi ka hareupeun imah Mamah Farhan, manѐhna geus saged dangdan. Bring tiluan arindit muru ka GOR tѐa.
Balik ti GOR kasampak salaki geus mulang ti kantor. Keur gogolѐran bari lalajo TV di patengahan.
Pok manѐhna nanya, “ Ka mana Kaka, can uih Mah?”
“ Muhun, teu acan, masih di tempat kursus. Papap tos tuang?”, kuring malik nanya.
“ Moal waka, wareg kѐnѐh, tadi di kantor jajan heula baso tahu. Biasa wѐ Si Kѐcin sok maksa. Jual dedet.” Manѐhna ngajawab deui. Nu disebut Si Kѐcin tѐh tukang dagang nu sok biasa ngider ka kantorna. Ngaran aslina mah Kuraesin. Ngan cenah parapagawѐ di dinya sok nyarebutna tѐh Kѐcin baѐ.
“ Muhun atuh ari moal waka tuang mah. Mamah bade neraskeun heula ngawasuh wadah, mѐh sakantenan ibak teras solat asar”, ceuk kuring. Jaket jeung tiung tѐh dibuka hareupeunana. Bari makѐ kѐnѐh baju senam kuring ngalѐos ka dapur. Karѐrѐt ku juru panon, salaki tѐh nuturkeun ku paneuteupna. Neuteup sabeuleugeunjeur awak kuring anu dibungkus ku mereketetena baju senam, nyitak ukuran awak. Imbit , dada jeung nu sѐjѐnna.
“ Mah, punten pangdamelkeun tѐh pait!”, cenah sorana rada tarik. Dekul kuring ngutrek di dapur. Mangnyieunkeun ci entѐh pait pamѐntana. Song diasongkeun.
“ Mangga ieu kaulanun!”, ceuk kuring mѐrѐkeun cai entѐh kana gelas parantina. Panonna beuki anteb neuteup ka kuring bari kekecrѐk.
“ Ka dieu sakedap, Mah!”, bari leungeunna gugupay mѐrѐ isarah nitah nyampeurkeun.
“ Badѐ naon kitu? Mamahna gѐ barau kѐsang. Teu acan netepan asar deuih, jaba itu wasuheun numpuk”, ceuk kuring rada merod basa leungeunna nyekel pageuh kana pigeulang leungeun .
“ Wios bau gѐ, raos. Pan ku bauna nu mantak jadi raos tѐh!”, jawabna sabulangbѐntor. Gabrug kuring ditangkeup bari ngaharѐwos pipireun ceuli, “ Mamah seksi abis , salira tambih ngeusi, ti kawit sok rajin senam tѐh. Papap resep nangkeupna!”, cenah pinuh ku pamuji.
Na jero hatѐ kuring ngomong, pasti aya kahayang.
“ Atos heula atuh nangkeupna. Mamah teu acan ka jamban. Kѐ Kaka kabujeng norojol geura!”, ceuk kuring bari ngolѐsѐdkeun awak tina tangkeupanana. Rada pageuh. Bѐda karasana. Pasti ieu mah aya kahayang tѐa. Padahal, asa kakara dua poѐ ka tukang. Leuh..enya, paingan da geus meujeuhna deui, lalayaran, lalayaran dina sagara kacinta, nu bakal beuki maheutkeun kaasih kuring duaan.
Poѐ Kemis jam sapuluh peuting harita tѐh. Kuring keur meresihan beungeut ku lotion pembersih hareupeun tualѐt . Manѐhna anteng kana TV lalajo acara karesepna. Rѐt ngalieuk ka kuring, pok nanya, “Moal waka gentos acuk?”
“ Kedah gentos kitu?”, kuring ngarѐrѐt bari ngeureudeupkeun panon. Gaya has kuring anu cumentil. Ngahaja jeung dihaja, keur ngahudang kaasihna. Lomari baju dibuka, kuring nyokot baju tidur warna hideung, model you can see tina bahan satѐn,semu ipis jeung transparan. Lebah dadana rada lahak sarta dimodifikasi ku bahan tina brukat. Barang rѐk dipakѐ, panto kamar aya nu ngetrokan.
“ Mamah, anteur ka pengker...!” , sora Kaka, anak kuring. Tayohna ngarasa keueung basa manѐhna hayang ka jamban. Rѐt kuring kana jam, geus peuting kieu budak tѐh can kѐnѐh sarѐ. Pasti keur nyetel acara karesepna, night mare, unggal malem Jumaah, anu disiarkeun ti salah sahiji radio swasta di Bandung. Ēta acara tѐh nyaritakeun kajadian-kajadian misterius ngeunaan hal-hal anu patula-patali jeung carita horor. Ongkoh resep tapi sok jadi borangan budak tѐh. Kulutrak panto kamar dibuka. Kuring ngahayukeun. Balik ti jamban, budak tѐh lain asup ka kamarna, kalah milu asup ka kamar kuring. Tuluy ngagolѐr gigireun bapana.
“Har...itu Kaka, nam ngalih,! Badѐ bobo sareng Mamah?”, kuring nanya bari ngusapan sirahna.
“ Muhun, sieun tuda nembѐ ceritana serem. Nyarioskeun budak alit nu katabrak mobil di caket Kebon Binatang, saurna budak istri, pami pareng kawѐnѐhan ku nu ngalangkung ka dinya sok bari nyanyandak bonѐka. Pan di kamar Kaka aya bonѐka Tazmania, keueung ah..!”, bari meungpeunan beungeutna. Rѐt ka bapana, geus teu bisaeun ngomong, hareugeueun ngemu kahanjelu. Tuluy kuring ngiceupan deui, mѐrѐ isarah nenangkeun perasaanana.
“ Di kamar Kaka wѐh bobona yu! Ku Mamah dirѐncangan”, kuring nungtun leungeunna. Geus gedѐ padahal mah budak tѐh. Umurna 13 taun sarta geus sakola di SMP, tapi kabeneran manѐhna can boga adi.
Jadi jimat pamuprukan kuring duaan. Dinangna-dinѐngnѐ, lir nanggeuy endog beubeureumna, sabab nepi ka ayeuna, kuring can dipercaya deui boga budak. Uubar jeung dipariksa mah eungeus ѐta gѐ, duanana sarѐhat, boh kuring kitu deui nu jadi salaki. Rupina, Gusti kagungan rencana nu numutkeun Anjeunna tangtos pangsaѐna keur kuring sakulawarga.
Budak tѐh nurut. Tuluy pindah ka kamarna. Aya kabiasaanana nu lucu. Kudu baѐ manѐhna nyekelan heula ceuli kuring lamun rѐk sarѐ tѐh. Kakara tibra. Kitu deui peuting ieu, sanggeus nyekel kana ceuli kuring manѐhna tuluy sarѐ. Keur mah geus tunduh pisan meureun, jadi mѐpѐndѐ tѐh teu lila teuing. Ayeuna tinggal mѐpѐndѐ nu “cikal” ceuk kuring na jero hatѐ.
Koloyong ka jamban, ganti baju. Balik deui ka kamar tѐh kuring geus make baju tidur. Golѐdag ngagolѐr gigireunana. Top kana remote, TV tѐh dipareuman. (hanca)

Saatos 5 taun nikah sareng salaki sareng 2 murangkalih, salaki kuring mimiti ngalakukeun anéh sareng kaluar sareng awéwé anu sanés sareng nunjukkeun ka kuring cinta anu tiis, dina sababaraha waktos anjeunna ngancam pikeun cerai kuring upami kuring wani naroskeun anjeunna ngeunaan urusanna sareng awéwé séjén, kuring ieu musnah pisan sareng bingung dugi ka babaturan lawas kuring nyarioskeun ka kuring ngeunaan jampé mantra dina internet anu katelah Dr.Wealthy anu ngabantosan jalma hubungan sareng masalah kawin ku kakuatan kakuatan mantra cinta, mimitina kuring ragu upami hal sapertos kitu kantos aya tapi mutuskeun pikeun nyobaan, nalika kuring ngahubungan anjeunna, anjeunna ngabantosan kuring ngintip jampé cinta sareng dina 48 jam salaki kuring balik ka kuring sareng mimiti ngahaturkeun, ayeuna anjeunna parantos lirén kaluar sareng awéwé sanés sareng abdi kalayan kuring pikeun alus sareng nyata . Hubungi kasir jampi cinta anu hébat ieu pikeun hubungan anjeun atanapi masalah nikah tiasa direngsekeun dinten ieu ku: wealthylovespell@gmail.com atanapi langsung WhatsApp: +2348105150446.
BalasHapus