Jumat, 22 Oktober 2010

KUEH LEBARAN


Ngahaja dangdan téh rada lila. Kuring hayang katingali tegep hareupeun manéhna. Teu hayang élѐh tagog, ѐlѐh penampilan ku manѐhna. Da rarasaan mah salila ieu, sok sanajan aya baé di imah, kuring teu tinggaleun ku informasi. Kumaha cara ngajaga awak, ngajaga penampilan, jeung nyugemakeun nu jadi salaki, sasatna diulik unggal poé. Kabéh kaweruh ngeunaan dunya kawanitaan dileukeunan ku cara maca. Macaan tabloid jeung majalah kawanitaan nu ngahaja pesen ngalanggan.
Tiung warna pink nu dipake téh, karesep kuring. Ari baju motif polkadot,  kalayan warna nu dominan téh hideung jeung pink.  Sapatu jeung tas ngahaja dimatchingkeun, kitu deui tata rias wajah.   
Riasan kerudung, dimamanis  ku asѐsoris  karesep, kitu deui geulang jeung cincin nu dipakѐ,  tina batu Kalimantan. Geus dirasa cukup tuluy kuring muru ka garasi. Geuleuyeung Starlѐt kuring kaluaran ’88 téh ngageuleuyeung ninggalkeun buruan imah. Sajajalan teu eureun-eureun istigfar. Dzikir jeung ngado’a sangkan kuring  dibérѐ tenang, ayem dina waktu cumarita nyanghareupan manѐhna, sarta   dibѐrѐ kasabaran.
Nepi ka nu dijugjug mobil tѐh diparkirkeun hareupeun pisan  gerbang  ѐta lѐstoran. Ngarah manѐhna ningalieun waktu kuring datang, sabab dina smsna manѐhna nyebutkeun geus aya di lokasi.  Pramusaji  muru ka karing bari nanya.
“Dengan Ibu Siti Aisyah?”, cenah ku basa Malayu.
“Muhun!”, ceuk kuring bari seuri.  Seuri  nu dibarung ku tagiwurna haté.
“Oh, mangga ka palih ditu Bu, diantos ku Bu Rahima. Ku abdi dijajapkeun!”, ѐta pramusaji tѐh nuyun lѐngkah kuring nyampeurkeun ka hiji méja, nu perenahna  rada béh tukang di éta  lestoran.
“Tѐh Ais!”, cenah manéhna ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman.
“Muhun nepangkeun, abdi Ais istrina Kang Danu Subrata!”, sora kuring rada ngageter. Nahan mangréwu-rѐwu rasa anu ngagalura. Teu puguh rasakeuneunana.  Manѐhna tungkul basa kuring nyebutkeun ngaran Danu Subrata tѐh.
“ Hatur nuhun Yi Ima,  tos kersa nyumpingan pangulem abdi dinten ieu!”, ceuk kuring neuteup kana beungeutna. Hayang  sidik, kumaha  kageulisan  Rahima Nastiti Putria tѐh , awѐwѐ nu ahir-ahir ieu  ku kuring dianggap maru lantaran manѐhna geus ngarobah perasaan cinta Kang  Danu  ka kuring.  Enya, manis manѐhna tѐh. Irungna mancrit, panon cureuleuk, bulu mata calentrik bawana ti kudrat. Ngan kulitna hideung santen.  Dina jero hatѐ kuring ngomong  sorangan. “Teu ѐlѐh aing gѐ. Irung aing, panon aing, malah geuning pakulitan mah punjul kѐnѐh aing, konѐng  enay, ngagurilap  tandana diri aing mah hadѐ ropѐa.
“Sami-sami Tѐtѐh!”, cenah jawabanana pondok.
“Abdi tos ngobrol sareng  Kang Danu. Anjeunna parantos  ngangken hoyong migarwa salira, janten istrina nu kadua. Peurih jeung nyeri Yi Ima ngupingna gѐ. Tapi abdi nguat-nguatkeun manѐh. Sumѐndѐr kana kajujuran Kang Danu nu tos kersa terus terang ka abdi palay migarwa  Ayi Ima. Kang  Danu teu ngabohong ka abdi!”, regot kuring nginum heula. Tikoro asa tuhureun, ciga nu tacan manggih cai bubulanan.
“Tѐh Ais!”, manѐhna megatan omongan kuring.
“Punten tong waka nyarios sateuacan abdi tamat sasanggem!”, ceuk kuring teugeug.  Tuluy kuring neuteup seukeut kana beungeutna. Hatѐ mimiti ngahѐab panas. Panas jeung peurih teu puguh rasakeuneunana.
Kuring terus istigfar. Sangkan bisa nahan rasa. Ēra teuing kudu ambek-ambekan hareupeun nu jadi maru. Ngaragragkeun martabat diri sorangan. Manѐhna kudu nyahoeun, yѐn kuring  mah istri pinilih, tanggoh tur komaraan.
“Numawi, abdi ngahaja ngulem Ayi ka ieu tempat, supados tiasa ngobrol “empat mata”, paduduaan, silihbudalkeun rasa. Utamana perasaan abdi, abdi pamajikan sahna Kang  Danu!”, sora kuring beuki ngageter.
“Naha Ayi tѐh teu payu ka nu lalagasan kitu? Ku naon makѐ daѐk ngadeukeutan ka Kang Danu. Teu sakedik kapan jajaka gandang nu lѐngoh kѐnѐh!”, kuring neuteup deui kana beungeutna.
“Kang Danu ѐh maksad abdi, Pa Danu bageur Tétéh! Romantis sareng ngogo pisan ka  abdi!”, halon sorana  mѐh teu kadѐngѐ. Sѐak, getih amarah mimiti nguntab kana embun-embunan. Tipepereket kuring nyekel kana korsi anu didiukan. Hatѐ galѐcok deui baѐ paguneman, “Sing kuat Ais, omat, sing kuat!”.
“Tos sabaraha lami kitu kenal sareng Kang Danu makѐ kumawani ngajawab saperti kitu?”, ceuk kuring.
“Ampir sataun Teteh!” ,  angger ngajawabna bari tungkul, teu wanieun neuteup beungeut  kuring.
“Ayi, dua puluh opat taun Teteh nyarengan Kang Danu. Ti jaman kuliah kѐnѐh. Teteh apal kumaha pasipatanana. Utamana lamun geus boga kahayang. Nu mantak usahana maju cara ayeuna gѐ, ku kuatna patѐkadan Kang Danu dina nyanghareupan kahirupanana. Tapi, kahayangna pikeun boga deui pamajikan, kacida pisan beuratna pikeun digugu. Saha awѐwѐna nu daѐk didua. Tapi, lamun meureun ieu geus jadi takdir, abdi ukur bisa pasrah. Mugia baѐ motif Ayi kersa dijantenkeun istri kadua tѐh sarua jeung abdi , pikeun ibadah, milari karidoan Gusti!”, cimata mimiti ngalѐmbѐrѐh mapay pipi. Gustiiiiiiiiiiiiiiiiii....teu kiat abdi tѐh. Kuring indit ngalѐos ti ѐta tempat. Ninggalkeun manѐhna. Teuing naon nu aya dina pikiranana. Kuring teu hayang papanjangan ngobrol.
Dua minggu ti satutasna  ѐta kajadian, perasaan kuring acan ngarasa tingtrim, sabab kabaca kѐnѐh tina pasemonna, Kang  Danu bet beuki cicingeun. Resep nyorangan sakalieun aya di imah gѐ, bari sering huleng jentul. Ka budak gѐ henteu rapekan.
Tara-tara ti sasari, poѐ ѐta mah Kang Danu tѐh bet bѐbѐrѐs di kamar. Sababaraha baju diasupkeun kana tas travel. Kitu deui laptopna, diasupkeun kana tas paragina. Basa ku kuring ditanya majar isuk rѐk aya  pertemuan jeung pengurus HIPMI tingkat Provinsi di Bogor.
Isukna, sabada Aleeka, anak kuring indit ka  sakola, Kang Danu gé geus saged dangdan. Panonna mencrong ka kuring. Tuluy ngadeukeutan, leungeunna pageuh nyekelan taktak kuring.
“Ais, hampura Engkang. Ima tѐh embungeun dicandung. Poѐ ieu, manѐhna  meredih Engkang  nuturkeun ka lemburna  di Subang!”, sorana ngageter, halon. Tapi kadѐngѐna ku kuring asa sora gelap salѐsѐr tengah poѐ ѐrѐng-ѐrѐngan.
“Kang Danu!”, kuring tanggah neuteup beungeutna.
“Hampura Engkang  Ais!”, celengok tarang kuring dicium. Lalaunan sukuna ngalѐngkah muru kana panto hareup.
“Engkang!”, kuring metot leungeunna. Noyod teu malirѐ. Beuki pageuh kuring muntangan leungeunna.  Angger henteu malirѐ. Kang Danu ingkah ti imah nuturkeun panggero napsuna anu teu bisa katuturkeun ku  akal logis kuring. 
Najan aya kana genep bulanna hatѐ disiapkeun pikeun narima kanyataan  nu bakal disanghareupan, teu wudu kuring tѐh  bobor karahayuan. Ngarumpuyuk nyuuh kana korsi di tengah imah. Satadina, kuring rѐk nahap-nahapkeun manѐh lamun nepikeun ka  kudu dipangnyandungkeun tѐh, sugan jadi wasilah pisurgaeun jaga keur kuring di ahѐrat. Teu nyangka lamun ahirna bet kuring nu ditinggalkeun. Kang Danu milih kѐnѐh sekretarisna, Rahima Nastiti Putria.
                Taun ieu, nincak kana puasa katilu ti saprak ditinggalkeun ku Kang  Danu. Padangahatѐan ѐta gѐ ku dulur jeung sobat-sobat sangkan kuring  boga  salaki deui, tapi hatѐ tѐh angger mugen. Teu  kapikiran nepi ka lebah dinya.
Kahiji,  kuring  acan ditalak ku Kang Danu. Najan ceuk aturan agama, geus sah kuring jadi randa sabab leuwih ti genep bulan kuring ditinggalkeun, tapi ceuk aturan nagara kuring  tѐh boga kѐnѐh salaki. Can boga  surat talak ti Kang Danu. Kaduana, asa trauma kѐnѐh. Kanyerian batin kuring acan sapinuhna pulih. Neger-neger maneh baѐ, dibangbrangkeun ku rupa-rupa kagiatan. Cara  ayeuna. Saminggu deui ka lebaran, kuring pakepuk di dapur, mimiti nguѐh, nyieunan kuѐh kering keur mapag poѐ lebaran.
                “Mamah, ayeuna ngadamel kueh naon?”,  Aleeka nanya ka kuring.
                “Kueh keju Ayang! Sok siapkeun bahan-bahanna. Tingalikeun sing saregep, mѐh kѐ jaga Lika pinter ngadamelan kuѐh!”, ceuk kuring bari ngelapan loyang.
                “Ciga Mamah nya! Arѐnak da kuѐh damelan Mamah mah. Ēh..kuѐh kѐju tѐh pan kuѐh karesepna Si Papah!”, budak tѐh neuteup beungeut kuring. Males diteuteup, budak tѐh tungkul. Teu kapapanjangan. Kakara  taun tukang ku kuring dicaritakeun nu sabenerna ka Aleeka, yѐn bapana boga deui pamajikan sarta tuluy milih cicing di imah itu. Dipupuruk dinasѐhatan, nya ahirna manѐhna daѐk narima kanyataan. Gancang  dѐwasa geuning pamikiranana tѐh budak awѐwѐ mah. Keur jongjon kitu, kareungeu bѐl disada.
                “Lika, aya tamu. Tingali ka payun. Bilih nu badѐ nyandak kuѐh ka Mamah!”, ceuk kuring. Budak tѐh nurut. Belenyeng ka hareup. Teu lila geus balik deui.
                “Mamah! Tamuna aki-aki!”, cenah. Manѐhna ciga nu sieun.
                “Aki-aki? Aki-aki saha! Ditaros henteu ku Lika badѐ ka saha!”, ceuk kuring nganaha-naha.
                “Enya ku Lika tѐh ditaros, badѐ ka saha! Nyebatkeunana badѐ ka Mamah. Jeung nyanyandak budak deuih!”, Aleeka ngerungkeun tarangna. Mikser dipareuman, tuluy kuring muka celemѐk. Sanggeus meresihan leungeun, tiung nu nyangsang na korsi tѐh dipakѐ.
                “Lika antosan di dieu nya, bari nongton tѐlѐvisi. Ulah nyampeurkeun ka payun pami ku Mamah teu disauran!”, ceuk kuring ngomat-ngomatan.
                Di rohangan tamu kasampak sѐmah tѐh keur diuk bari ngalahun budak. Budak lalaki nu umurna kira-kira tilu taunan.
“Badѐ ka  saha Bapa tѐh?”, ceuk kuring bari perhatian tѐh museur ka budak anu dilahunna.
“Ais! Kumaha  damang?”, sora Ki Sѐmah tѐh halon pisan kadѐngѐna. Leng, sajongjongan kuring ngahuleng. Asa  apal ka nu boga  ѐta  sora. Asa kungsi deukeut. Lalaunan beungeut tanggah,  ngawanikeun manѐh neuteup nu boga  sora.
“Kang Danu! Engkang....!Leres ieu teh Kang  Danu!”, kuring ngageugeuweung leungeunna. 
“Leres Ais. Ieu Engkang!”, manѐhna  cengkat tina diukna. Budak nu dilahun tѐh didiukeun gigireun kuring. Bru manѐhna nyuuh kana lahunan kuring bari ngagukguk ceurik kanyenyerian. Sakedapan kuring ngabigeu. Olohok bengong. Samar polah samar rampa, kudu kumaha nya pilampaheun. Sajongjongan nu ceurik teh diantep. Lalaunan ku kuring diusapan tongngongna. Kacabak tulang tonggong meni norélak euweuh dagingan. Bѐda pisan jeung kaayaanana basa manѐhna ingkah ninggalkeun kuring.
Nu nyuuh tѐh lalaunan dihudangkeun, didiukeun dina urutna tadi diuk.
“Engkang nuju saum?”, ceuk kuring nanya. Manѐhna unggeuk bari nyusutan cipanon ku saputangan biru anu dikodok tina saku calanana. Maksud tѐh rѐk nyuguhan cai mun teu keur puasa mah. Teu tѐga ningali kaayaan warugana. Teu lila pok manѐhna ngomong.
“Engkang tѐh badѐ neda dihapunten ka Ais, rumaos  Engkang..”, teu parat nyaritana kaselang ku batuk semu ngahanju. Pikawatireun pisan. Pikiran dipinuhan ku rasa panasaran, naon sabenerna anu tumiba ka diri Kang  Danu salila ninggalkeun kuring.
“Engkang, saѐ leleson heula baѐ. Ulah waka diteraskeun ngobrolna. Kѐ saatosna tarawѐh urang teraskeun!”, ceuk kuring megatan omonganana.
“Teu kedah Ais. Bilih teu kabujeng. Engkang tos teu kiat. Engkang neda dihapunten tos ngajaheutkeun manah salira. Rumasa Engkang  ѐlѐh wowotan, ngalajur napsu  ngumbar  sahwat, poho kana wiwaha. Geuning anu dituturkeun teh awѐwѐ racun dunya. Jauh tanah ka langit dibandingkeun jeung salira!”, napasna beuki rénghap ranjug. Kuring tungkul. Teu kuat ku paneuteupna.  Teuteup nu salila ieu dipigandrung jeung nu kungsi ngaruntagkeun jajantung kuring, lѐah serah bongkokan, mikaasih ka dirina.
“Mana Aleeka! Tadi nu mukakeun panto sanѐs?”, manѐhna  nanya deui.
“Muhun, kѐ urang sauran!”, kuring indit ka tukang. Budak tѐh dipukpruk deui dinasѐhatan. Sangkan lѐah hatѐna narima nu jadi bapa nu ayeuna geus kitu sarѐatna. Rada lila pidato tѐh. Budak rada mugen, embungeun ngamprokan bapana. Tuluy ceurik nyuuh kana lahunan kuring. Diusapan sirahna.
“Enung putra Mamah. Sasih saum ieu tѐh bageur. Alloh ngalungsurkeun rohmat sareng barokahna di ieu bulan. Kitu deui hidep. Bakal kenging rohmat sareng barokah Alloh saupami hidep ihlas ngahapunten Papah. Sumpingna ka dieu  Papah tѐh badѐ neda dihapunten saurna. Tepangan bageur, da hidep mah putra solehah. Tingalikeun ka Papah, hidep tѐh hasil didikan Mamah. Buktoskeun ka Papah, Mamah mampuh ngatik hidep jadi istri anu berbudi, putri anu solihah!”, ceuk kuring bari reumbay cimata. Budak tѐh nurut. Nepi ka ruang tamu, Lika munjungan ka bapana. Kang Danu hujan cimata.
“Ais ogѐ Lika putra Papap. Teu aya deui waktu cigana. Sakali deui Papap neda dihapunten. Lahir batin dunya ahѐrat. Mugia hidep duaan ihlas ngahapunten ka Papap”, saputangan nu dicekelna geus cipruk ku cimata.
“Ais! Ima tѐh kabur jeung lalaki sѐjѐn. Engkang jeung budak ditinggalkeun. Nu jadi lantaranana mah sataun katukang usaha Engkang nangkub. Teu nyѐsa saeutik-eutik acan. Saenyana, lebaran taun tukang tѐh Engkang aya maksad rѐk nepungan Ais. Tapi Engkang tѐh ѐra. Ēra ku kalakuan sorangan anu sakitu geus nganyenyerina  ka Ais. Ayeuna Engkang tѐh ngawani-wani manѐh, bakat ku geus teu kuat nyidem rasa hanjelu. Kaduhung sagedѐ gunung geus tѐga ninggalkeun Ais. Pati-pati euweuh umur, Engkang geus wakca mѐnta hampura! Sarta nitip ieu budak, pangdidikeun sina jadi lalaki langit lalanang jagat, lalaki anu solѐh tur pinuh ku tanggung jawab, ulah ciga Eng....”, ngomongna teu anggeus. Sorana beuki halon. Tuluy batuk teu eureun-eureun. Tina bahamna kaluar getih. Lenggerek Kang  Danu kapiuhan, ngalenggerek kana lahunan kuring. Kuring kadua Lika teu puguh cabak. Jaba budak lalaki bawana Kang Danu ceurik baѐ bari sasambat bapa-bapaan. Bari babacaan kuring neger-neger manѐh. Nu ngalemprѐh tѐh dilahun sirahna. Digolѐrkeun dina korsi panjang.
“Urang ka rumah sakit nya Engkang!”, ceuk kuring. Sirahna gideug tanda teu panuju.
“Ais, nitip Raga. Eta budak Engkang ti Ima. Raga Jati Pamungkas ngaranna. Nitip nya!”, sorana halon. Kuring ukur bisa unggeuk. Pikiran nyorѐang deui ka mangsa katukang. Mangsa rumah tangga geugeut layeut. Kang Danu kungsi nyarita, cenah mun hiji waktu dipundut umur, mun meunang nawar, maot tѐh hayang dina lahunan kuring. Babacaan sabisa-bisa. Kuring nu ngalahun  sirahna, Lika dina sukuna.
Sedengkeun Raga, hideng,     pageuh nangkod kana tonggong kuring.
                “Allohuakbar!”. Kalimah ilahiyyah panungtungan nu diucapkeun ku Kang  Danu tina bahamna. Bangun nu hampangeun nakeranan. Taya kabeubeurat meureun,naon   nu salila ieu jadi siksaan kana batinna geus dikedalkeun.   Kuring tiluan paungku-ungku. Antara sadar jeung henteu, kuring ngagerendeng lalaunan.
“Innalillahi wainnailaihi roji’un. Asal ti Gusti mulang  ka Gusti. Wilujeng angkat Engkang, mugia  kѐnging kabagjaan di kalanggengan. Dihapunten pisan ku abdi, samulihna,  abdi gѐ neda dihapunten bilih kantos  ngajaheutkeun manah salira.”
Sanggeus dua kali manggih lebaran, Kang  danu taya laratanana, puasa taun ieu mah Kang Danu mulang. Mulang ka imah nu kungsi jadi tempat bumetahna, ngalayad kuring jeung Aleeka, ngalayad kuѐh keju, kuѐh lebaran  pangarasepna nu teu kungsi kaasaan. Kang Danu mulang keur salilana, dipundut ku nu rahayu, dipѐnta ku nu kagunganana. 


Kenging : Hena Sumarni – Cimahi, 13 Agustus 2010

(MANGLE, NO. 2291, 7-13 OKTOBER 2010)

IRAHA BADE SENAM DEUI (3)

oleh Hena Sumarni, 09 Juni 2010 
 
Peuting ѐta, jadi milik kuring duaan. Kaѐndahan lalayaran na sagara kacinta mapaѐs alam impian. Motahna ombak kacinta nu ngagalura dina dada kuring duaan, ngahaja diwelah, adu manis jeung parigelna juru mudi ngadalikeun lajuna parahu.
Sajongjongan simpѐ. Nu karasa, rangkulanana beuki pageuh , meulit kana cangkѐng kuring. Bari pok ngaharѐwos pipireun ceuli, “ Kieu di tempat senam teh? Kolaborasi ngebor sareng uyeg ragajina saѐ pisan.
Hatur nuhun honey!”....................
Subuh tѐh kabeurangan. Rada elat hudang tѐh. Biasana tabuh satengah opat geus ka dapur. Ari ayeuna satengah lima subuh kakara nyaring. Sangeus nyiapkeun cai haneut keur mandina, manѐhna ku kuring diguyahkeun. Keur ngariung sarapan di mѐja makan, sabot kitu ring ton sms dina HP kuring disada. Eusina sms ti Ela ngajak ngalayad Bu Deni anu cenah tadi peuting dibawa ka Rumah Sakit Mitra Kasih. Ēla ku kuring ditelepon. Teu ngajangjikeun bisa da pakepuk jeung kagiatan di sakola. Pikiran dipinuhan ku pertanyaan. Ku naon Bu Dani bet dibawa ka rumah sakit, kapan kamari gѐ ngariung kѐnѐh jeung batur sagѐngna ngagosip di tokona Pa Bangbang. Sanggeus meunang katerangan di rohangan mana Bu Dani dirawat tina sms Ēla, HP tѐh disimpen kana tas sakola. Mun teu kitu sok tinggaleun da kuring mah limpeuran pisan. Basa nu jadi sakali jeung Si Jimat geus arindit, kuring gѐ tatan-tatan, nyiapkeun kaperluan kuring ka sakola. Kabeneran poѐ ѐta ngajar tѐh jam katilu, asup tabuh 08.20. rada nyalsѐ teu asa karurusuh teuing indit. Geus diniatan, mulang ti sakola rѐk nyimpang ka Rumah Sakit Mitra Kasih, ngalayad Bu Deni tѐa. Nepi ka rumah sakit, gѐngna Bu Deni nyampak keur araya. Sanggeus sasalaman jeung nu gering ogѐ jeung sakabѐh nu aya di dinya, kuring nanya ka Bu deni, “ Terang ti pun adi abdi mah, saurna Ibu teu damang. Teu percanten kawitna mah, da kamari tѐh ngobrol kѐnѐh sareng sadayana, seja nyanggakeun panglayad, hapunten pun lanceuk mah teu ngiring”.
“ Hatur nuhun Ayi Risma, ngarѐpotkeun sadayana”, ceuk Bu Deni bari nyekel kana leungeun kuring. Bѐda nada ucapanana jeung poѐ kamari. Ayeuna mah leuleuy ngucapkeunana ogѐ bari nyebut ayi sagala.
“ Naon panyawatna?”, ceuk kuring nanya deui
“ Diagnosa sementawis mah kolѐstѐrol sareng asam uratna tinggi saurna. Katambih deui kirang olah raga panginten”, ceuk Bu Deni neuteup ka kuring.
“ Boa kolѐstѐrol abdi gѐ tinggi nya. Jaba abdi gѐ tara olah raga deuih. Leuh.. mangkaning Bu Deni gѐ dugi ka teu tiasa mapah geuningan. Dahsyat ogѐ nya serangan dadakan kolѐstѐrol tѐh”, ceuk Bu Bangbang milu mairan. Sanggeus ngobrol tѐh dirasa cukup, kuring amitan. Basa rѐk jung pisan kaluar ti rohangan, Bu Deni nanya ka kauring, pokna : “Ayi Risma, iraha badѐ senam deui? Engkѐ mah abdi sampeur nya!”, sorana kareungeu halon, da keur gering meureun, sabab lamun keur cageur mah nyaritana tѐh tatag tur harus ciga make speker “kirara basso” , sugan mah batre Alkaline wѐh........
“ Oh..mangga!”, kuring ngaenyakeun. Kitu deui batur sagѐngna nu harita araya. Sarua pada-pada harayang miluan senam. Geus kahartieun ku maranѐhna ayeuna mah meureun, yѐn nyayagikeun waktu keur olah raga tѐh penting. Penting keur kasѐhatan diri urang sorangan. Lamun kaayaan awak urang sѐhat, stamina gѐ wuwuh nambah kuat. Ēfѐkna kuat ogѐ dina nyanghareupan sagala rupa kagiatan, salah sahijina aktivitas kaum wanoja dina ngambah kahirupan rumah tangga. Komo pan kaum ibu mah pagawѐanana tѐh kaasup borongan. Sagala rupa diborong ku sorangan, ti mimiti pagawѐan di dapur, di sumur sarta di kasur. Ti ayeuna mah meureun moal aya nu nyebut deui kuring tѐh jalma nu kurang gawѐ, pѐdah sok abring-abringan ka tempat senam. Sabab, ayeuna mah lain baѐ salaki kuring anu sok nanya “iraha badѐ senam deui?” tѐh tapi ogѐ Bu Dani jeung babaturan sagѐngna.

Cimahi, awal Juni 2010

IRAHA BADE SENAM DEUI (2)

oleh: Hena Sumarni, 08 Juni 2010
(mangga nyanggakeun bagian ka-2)

Kadѐngѐ kѐnѐh ku kuring, Bu Dani nyarita deui ka babaturanana, teuing ka saha da kuring geus teu hayang ngalieuk, kieu cenah, “ Kalakuan nu euweuh gawѐ ubrang-abring teu puguh ciga kitu nya. Mending lalajo sinѐtron dina TV!”
Di jalan, Ēla nanya ka kuring, soal omongan Bu Dani tѐa.
“ Tѐh, kunaon meni sinis kitu Bu Dani tѐh?”, cenah bari neuteup ka kuring.
“ Duka atuh! Nyindiran meureun ka abdi, pѐdah tara sok miluan ruang-riung. Da taya waktu keur ngadaweung abdi mah. Apal Ēla gѐ meureun. Jeungna deui pun lanceuk mah teu resepeun. Komo jeung tatangga, cacak sakalieun ngariung jeung adi-adina rada lila gѐ sok gancang-gancang ditelepon. Manѐhna balik ngantor teu dipangmukakeun panto pager tѐh sok rada bѐda semuna. Majar cenah leungit kacapѐ tѐh ari balik ngantor aya nu mapagkeun mah”, ceuk kuring ka Ēla.
“ Tapi Tѐtѐh pernah ujuk-ajak ka nu opatan tadi?”, Ela nanya deui.
“ Enya , pangpangna ka Bu Bangbang”, kuring ngaenyakeun.
“ Tah, rupina Bu Deni kѐki Tѐtѐh! Teu diajakan”, ceuk Ēla bari ciga nu nahan piseurieun.
“ Mun enya tѐh kawas budak! Enya gѐ abdi tara milu ruang-riung da abdi mah teu nutup diri. Basa putrana Mas Agus, tatangga hareupeun imah pisan, dirawat di Cibabat abdi ngalayad, ngan pѐdah teu ngabring jeung ibu-ibu ti dieu, da harita tѐh balik ti sakola. Kitu deui basa salakina Ceu Eti gering, abdi gѐ ngalayad. Ka pangajian RW nu unggal Kemis gѐ pan alhamdulillah tara tinggaleun. Komo mun dina kagiatan agustusan mah, pan ramѐna tѐh ku ibu-ibu jeung barudak, di RW urang mah”, kuring ngajawab panjang lѐbar. Jelas maksud omongan Bu Deni tѐh keur kuring. Asa teu ngeunah ari disebutkeun tara natangga mah. Lain tara natangga kuring mah, nu bener mah tara miluan ngagosip ciga maranѐhna. Ngobrolkeun gosip naon wѐ nu sumebar di wewengkon kuring. Jeung anѐh deuih, gosip nu berѐdar tѐh up to date baѐ. Teuing ti mendi mareunangna. Gosip tѐa atuh da,kapan wancahan tina makin digosok makin sip.
Rupa-rupa gosip nu kapanggih di sabudeureun wewengkon RW kuring mah, cigana maranѐhna nu sok pangheulana baѐ nyaho. Basa Jang Faldo ditinggalkeun kabur ku pamajikanana, basa anak Bi Ecih MBA (maried by accident), basa Mang Beni pepegatan, sarta basa Haji Juhri maot, bari cenah maotna ku cara nu teu wajar, kabѐh jadi bahan kacapangan maranѐhna di ѐta warung.
“ Dupi Pa Bangbang tѐh naon damelna tѐh? Jarang katingal geuning?”, Ēla nanya deui.
“ Pelaut”, ceuk kuring saperluna.
“ Paingan nya seueur artosna!”, ceuk Ēla.
“ Enya tapi aya taunna teu tepung jeung kulawarga, Ēla hoyong Mas Dido ciga kitu?”, kuring ngajojoan.
“ Alim Teh Ris, ageung resikona!”, ceuk Ēla deui.
“ Tapi ningal Bu Bangbang mah senang wѐh cigana tѐh, La! Awakna gѐ jadi lintuh ayeuna mah”, ceuk kuring.
“ Sidik Ēla gѐ rѐk sapok-pokeun pisan bilang kitu. Da baheula mah meni jangkung alit camperenik. Ciga Tata Regita Cahyani. Pikasirikeun batur”, ceuk Ēla.
“ Tara olah raga meureun ayeuna mah. Ari bagbrag-bugbrug kitu teuing mah teu pantes nya katingalina gѐ”, ceuk kuring.
“ Enya, takta gѐ urang mah kudu rajin senamna Tѐtѐh, bisi randutdut”, ceuk Ēla. Kuring duaan saleuseurian.
Nepi ka hareupeun imah Mamah Farhan, manѐhna geus saged dangdan. Bring tiluan arindit muru ka GOR tѐa.
Balik ti GOR kasampak salaki geus mulang ti kantor. Keur gogolѐran bari lalajo TV di patengahan.
Pok manѐhna nanya, “ Ka mana Kaka, can uih Mah?”
“ Muhun, teu acan, masih di tempat kursus. Papap tos tuang?”, kuring malik nanya.
“ Moal waka, wareg kѐnѐh, tadi di kantor jajan heula baso tahu. Biasa wѐ Si Kѐcin sok maksa. Jual dedet.” Manѐhna ngajawab deui. Nu disebut Si Kѐcin tѐh tukang dagang nu sok biasa ngider ka kantorna. Ngaran aslina mah Kuraesin. Ngan cenah parapagawѐ di dinya sok nyarebutna tѐh Kѐcin baѐ.
“ Muhun atuh ari moal waka tuang mah. Mamah bade neraskeun heula ngawasuh wadah, mѐh sakantenan ibak teras solat asar”, ceuk kuring. Jaket jeung tiung tѐh dibuka hareupeunana. Bari makѐ kѐnѐh baju senam kuring ngalѐos ka dapur. Karѐrѐt ku juru panon, salaki tѐh nuturkeun ku paneuteupna. Neuteup sabeuleugeunjeur awak kuring anu dibungkus ku mereketetena baju senam, nyitak ukuran awak. Imbit , dada jeung nu sѐjѐnna.
“ Mah, punten pangdamelkeun tѐh pait!”, cenah sorana rada tarik. Dekul kuring ngutrek di dapur. Mangnyieunkeun ci entѐh pait pamѐntana. Song diasongkeun.
“ Mangga ieu kaulanun!”, ceuk kuring mѐrѐkeun cai entѐh kana gelas parantina. Panonna beuki anteb neuteup ka kuring bari kekecrѐk.
“ Ka dieu sakedap, Mah!”, bari leungeunna gugupay mѐrѐ isarah nitah nyampeurkeun.
“ Badѐ naon kitu? Mamahna gѐ barau kѐsang. Teu acan netepan asar deuih, jaba itu wasuheun numpuk”, ceuk kuring rada merod basa leungeunna nyekel pageuh kana pigeulang leungeun .
“ Wios bau gѐ, raos. Pan ku bauna nu mantak jadi raos tѐh!”, jawabna sabulangbѐntor. Gabrug kuring ditangkeup bari ngaharѐwos pipireun ceuli, “ Mamah seksi abis , salira tambih ngeusi, ti kawit sok rajin senam tѐh. Papap resep nangkeupna!”, cenah pinuh ku pamuji.
Na jero hatѐ kuring ngomong, pasti aya kahayang.
“ Atos heula atuh nangkeupna. Mamah teu acan ka jamban. Kѐ Kaka kabujeng norojol geura!”, ceuk kuring bari ngolѐsѐdkeun awak tina tangkeupanana. Rada pageuh. Bѐda karasana. Pasti ieu mah aya kahayang tѐa. Padahal, asa kakara dua poѐ ka tukang. Leuh..enya, paingan da geus meujeuhna deui, lalayaran, lalayaran dina sagara kacinta, nu bakal beuki maheutkeun kaasih kuring duaan.
Poѐ Kemis jam sapuluh peuting harita tѐh. Kuring keur meresihan beungeut ku lotion pembersih hareupeun tualѐt . Manѐhna anteng kana TV lalajo acara karesepna. Rѐt ngalieuk ka kuring, pok nanya, “Moal waka gentos acuk?”
“ Kedah gentos kitu?”, kuring ngarѐrѐt bari ngeureudeupkeun panon. Gaya has kuring anu cumentil. Ngahaja jeung dihaja, keur ngahudang kaasihna. Lomari baju dibuka, kuring nyokot baju tidur warna hideung, model you can see tina bahan satѐn,semu ipis jeung transparan. Lebah dadana rada lahak sarta dimodifikasi ku bahan tina brukat. Barang rѐk dipakѐ, panto kamar aya nu ngetrokan.
“ Mamah, anteur ka pengker...!” , sora Kaka, anak kuring. Tayohna ngarasa keueung basa manѐhna hayang ka jamban. Rѐt kuring kana jam, geus peuting kieu budak tѐh can kѐnѐh sarѐ. Pasti keur nyetel acara karesepna, night mare, unggal malem Jumaah, anu disiarkeun ti salah sahiji radio swasta di Bandung. Ēta acara tѐh nyaritakeun kajadian-kajadian misterius ngeunaan hal-hal anu patula-patali jeung carita horor. Ongkoh resep tapi sok jadi borangan budak tѐh. Kulutrak panto kamar dibuka. Kuring ngahayukeun. Balik ti jamban, budak tѐh lain asup ka kamarna, kalah milu asup ka kamar kuring. Tuluy ngagolѐr gigireun bapana.
“Har...itu Kaka, nam ngalih,! Badѐ bobo sareng Mamah?”, kuring nanya bari ngusapan sirahna.
“ Muhun, sieun tuda nembѐ ceritana serem. Nyarioskeun budak alit nu katabrak mobil di caket Kebon Binatang, saurna budak istri, pami pareng kawѐnѐhan ku nu ngalangkung ka dinya sok bari nyanyandak bonѐka. Pan di kamar Kaka aya bonѐka Tazmania, keueung ah..!”, bari meungpeunan beungeutna. Rѐt ka bapana, geus teu bisaeun ngomong, hareugeueun ngemu kahanjelu. Tuluy kuring ngiceupan deui, mѐrѐ isarah nenangkeun perasaanana.
“ Di kamar Kaka wѐh bobona yu! Ku Mamah dirѐncangan”, kuring nungtun leungeunna. Geus gedѐ padahal mah budak tѐh. Umurna 13 taun sarta geus sakola di SMP, tapi kabeneran manѐhna can boga adi.
Jadi jimat pamuprukan kuring duaan. Dinangna-dinѐngnѐ, lir nanggeuy endog beubeureumna, sabab nepi ka ayeuna, kuring can dipercaya deui boga budak. Uubar jeung dipariksa mah eungeus ѐta gѐ, duanana sarѐhat, boh kuring kitu deui nu jadi salaki. Rupina, Gusti kagungan rencana nu numutkeun Anjeunna tangtos pangsaѐna keur kuring sakulawarga.
Budak tѐh nurut. Tuluy pindah ka kamarna. Aya kabiasaanana nu lucu. Kudu baѐ manѐhna nyekelan heula ceuli kuring lamun rѐk sarѐ tѐh. Kakara tibra. Kitu deui peuting ieu, sanggeus nyekel kana ceuli kuring manѐhna tuluy sarѐ. Keur mah geus tunduh pisan meureun, jadi mѐpѐndѐ tѐh teu lila teuing. Ayeuna tinggal mѐpѐndѐ nu “cikal” ceuk kuring na jero hatѐ.
Koloyong ka jamban, ganti baju. Balik deui ka kamar tѐh kuring geus make baju tidur. Golѐdag ngagolѐr gigireunana. Top kana remote, TV tѐh dipareuman. (hanca)

IRAHA BADE SENAM DEUI (1)

oleh: Hena Sumarni, 07 Juni 2010 

29. Nomer calana jeans anu biasa dipake ku kuring teh. Beurat awak kuring 52 kg, ari jangkung 157 cm. Sok sanajan teu kaasup kana ukuran ideal tapi sakitu mah lumayan. Henteu kuru teuing, ogѐ henteu lintuh teuing. Henteu pendek teuing ogѐ henteu jangkung teuing. Malah sok ngarasa reueus sakapeung mah, sabab sok jadi panyirikan babaturan di kantor. Majar cenah kuring mah awak sampayan, disangsangan karung butut ogѐ pantes baѐ. Beu, ari karung butut teuing mah piraku kѐtang! Alhamdulillah......ieu sabagian ni’mat nu dipaparinkeun ku Gusti keur diri kuring, tina mangrѐwu-rѐwu ni’mat Mantenna keur sakumna umat di pawenangan.
Henteu ojol-ojol jadi kieu awak kuring tѐh. Ngeusi jeung singset. Baheula mah kaasup begѐng awak tѐh. Kutilang dara cenah ceuk nu di mah gѐ. Kurus, langsing, dada rata. Ah....! Katambah deui cѐѐhan pisan boga awak tѐh, babari gering. Meus-meus nyareri awak. Meus-meus panas tiris. Ari rumahuh baѐ, nu di imah sok sambutut, bari pokna, “Meni babarian pisan boga awak tѐh!”. Ihhhh..meni euweuh karomantisan pisan ka pamajikan tѐh. Lain diupahan batur rumahuh tѐh, kalah ka dibѐrѐ tutut. Biwirna manyun siga tutut. Kapanan rѐk babari capѐ gѐ pantes, sagala rupa didekulan ku sorangan. Ti mimiti urusan dapur, mayar listrik, mayar telepon, antar - jemput budak, istuning ku sorangan, tara sok ngariripuh manѐhna. Nya ahirna kuring curhat ka nu jadi indung.
Pun biang tѐh bumina rada nyingcet ti tempat kuring nganjrek. Anjeunna linggih di Kampung Randukurung, Cimahi pasisian, babatesan jeung Desa Pakuhaji, Kabupatѐn Bandung Barat. Ari kuring, beunang disebutkeun cicing di dayeuh, da ka puseur dayeuh Kota Cimahi tѐh beunang dijugjug ku waktu nu ngan saukur memenitan.
“ Atuh da tara nyempetkeun olah raga meureun Tѐtѐh mah! Jaba aktivitas sapopoѐ sakitu padetna.
Olah raga atuh saminggu sakali baѐ mah sempetkeun. Da geus randutdut ciga Emih kieu mah bakal kaduhung engkѐna geura. Lalaki mah nyahona urang tѐh belejag baѐ, dina kaayaan kumaha baѐ oge”, anjeunna ngawurukan, basa kuring bѐbѐja yѐn awak tѐh sok loba nu karasa.
“Muhun Mih, rumaos. Da ku ѐmutan tѐh ngepѐl sareng nyeuseuh gѐ tos kalebet olah raga”, ceuk kuring bari tungkul.
“Bѐda deui atuh, nyeuseuh jeung ngepѐl mah lain olah raga. Tѐtѐh mah cicing di kota, meureun loba sanggar-sanggar atawa tempat kebugaran. Cik nyempetkeun!”, saur Emih. Teu lila ngobrol tѐh da rѐk moro nganteurkeun Si Jimat kursus Basa Inggris. Tuluy kuring amitan ka nu jadi indung.
Sanggeus ngobrol jeung nu jadi indung, nepi ka imah kuring mikir. Aya leresna kasauran Emih tѐh.
Kuring galѐcok na jero hatѐ. Keur ngahuleng kitu torojol Ēla, kapiadi kuring.
“Nembѐ uih Tѐh Risma? Wirѐh tadi abdi ka dieu Mio-na tacan aya!”, bari gѐk diuk di ruang tamu.
“Enya. Ti bumi Emih heula tadi tѐh bari nyimpangkeun gepuk kasenengna”, ceuk kuring.
“Teh Ris, terang teu di urang aya GOR anyar?”, Ela nanya ka kuring.
“Henteu. Ah, Tѐtѐh mah da tara apal nanaon ari teu dibѐjaan mah. Mulang ti sakola dekul kana PR di dapur. Bѐrѐs-bѐrѐs nya tuluy ngaguher kѐrѐk”, ceuk kuring.
“Di Kebon Jeruk, caket kapling perumahan. Kagungan Pa Imam anu janten pulisi tѐa. Tѐh Ulan nami istrina mah. Putrana tѐh kapan rѐrѐncangan A Raka basa di TK”, manѐhna ngajelaskeun.
“Oh...., Mamah Rully!”, kuring kakara apal. Kitu pan kabiasaan di sakola mah. TK atawa SD kitu gѐ. Lain ngaran asli indungna anu sok disebut tѐh, tapi disebut ku ngaran anakna, contona Mamah Rully, Mamah Ilham, Mamah Raka jeung sajabana.
“Saurna mah di ѐta GOR tѐh diayakeun senam aѐrobik . Ngiringan yu Teh!”, Ēla ngajak kuring. Asa mobok magih gorowong kuring tѐh, asa ditonjok congcot. Keur mah geus aya niat, katambah deui manggih jalanna, aya batur deuih. Meni giak kuring ngahayukeun.
Satuluyna kuring jeung sabagian ibu-ibu di wewengkon kuring rajin miluan senam di ѐta GOR. Saminggu tѐh dua kali. Poѐ Salasa jeung poѐ Kemis. Ti tabuh dua beurang nepi ka tabuh satengah opat sorѐ.
Lolobana mah ibu-ibu anu garendut wungkul di tempat senam tѐh. Tapi, anu awakna ciga kuring ogѐ loba,jeung rata-rata ngarora kѐnѐh, sapantaran kuring. Malah nu gadis kѐnѐh gѐ aya, tapi nya kitu awakna bagbrag-bugbrug, teu puguh rupa.
“Euleuh...meni resep ningali awak Nѐng Risma mah. Cangkѐng leutik, bujur ngeusi. Sugan mah gitar Spanyol wѐh. Jangkung alit caperenik. Mun abdi boga awak ciga kieu moal sunum-senam ah kacapѐ-capѐ”, cenah ceuk Bu Tati ka kuring.
“Enya nya Tѐh Risma mah, awak leutik gѐ imbitna ayaan, teu ciga abdi tѐpos!”, Neng Isni mairan.
“Komo abdi mah, ceuk nu di imah gѐ pajar cenah Si Bujur kojong, da pѐdah ieu parabot calik abdi mah gedѐ pisan. Sagedѐ kojong. Jaba beuteung, tingali geura siga nu keur bulan alaeun. Ah..pusing mikiran awak”, Ceu Nina milu nѐmbrong. Kuring mah ukur imut. Teu nyahoeun nu diparujina tѐh awakna hѐngkѐr jeung cѐѐhan pisan.
“Keun lah ulah hariwang, urang dimodifikasi ku abdi, asal rutin, rajin jeung panteng kahayangna, dijamin parabapana nararapel, lѐngkѐt kaya perangko”, saur Bu Enung instruktur aѐrobikna. Sarѐrѐa saleuseurian.
Ku lantaran poѐ ѐta tѐh munggaran pisan ngamimitian senam, instruktur mѐrѐ heula pengarahan. Pelaksanaan senam tѐh kabagi 3 bagian. Warming up, latihan inti jeung cooling down. Intina cenah, lamun urang rutin ngiluan senamna, lain baѐ stamina urang anu kalatih tapi bagian-bagian vital dina awak urang ogѐ bakal kaolah. Saperti cangkѐng, dada, taktak sarta urat-urat sѐjѐnna.Tangtuna baѐ sakumna nu geus hirup rumah tangga mah bakal surti, pentingna ngajaga kelenturan jeung kakuatan cangkѐng pikeun aktivitas dina ngalaksanakeun hirup rumah tangga, utamana dina urusan “kontek body”. Kuring gѐ beuki sadar sanggeus narima katerangan ti instruktur. Pangpangna cenah, lamun kaom ibu, sakumna awѐwѐ maksudna mah, henteu merhatikeun kana kumaha pentingna olah raga, bakal gancang kaserang ku osteoporosis. Iy.......bararaid!
Bener. Karasa pisan mangpaatna miluan senam tѐh. Lila-lila stamina awak kuring tѐh asa karasa nambahan. Cangkѐng nu babari cangkeul tѐh rada ngurangan. Malah teu cukup ku senam wungkul, kuring tuluy sakalian miluan batminton di ѐta GOR. Beuki dieu beuki karasa ngeunaheun awak tѐh, henteu beyѐ
jeung ararѐnoy. Tapi singset, jeung sѐhat deuih.
Hiji mangsa, Ēla nyampeur senam. Manѐhna ngagorowok di buruan imah kuring.
“Tѐh Risma hayu! Badѐ mapah atawa kana motor?”
“Urang mapah wѐ, sakalian nyampeur Mamah Farhan”, kuring saged nyampeurkeun.
Bral kuring duaan laleumpang muru ka jalan gedѐ nu brasna ka imah Mamah Farhan tѐa. Biasana mah sok motong jalan, ka gang leutik gigireun imah kuring. Tapi teuing kunaon, poѐ ѐta dikeresakeun hayang jalan ka hareup, ka jalan gedѐ paragi liliwatan angkot nu ka Pasar Atas-keun. Kasampak aya ibu-ibu opatan keur singrariung hareupeun toko Pa Bangbang. Toko sembako nu kawilang panglengkepna di deukeut imah kuring. Opatanana gѐ tatangga kuring. Maranѐhna mah ibu rumah tangga sajati, teu bari kula-kuli ciga kuring. Jaba kahirupanana geus marapan, cukup sandang genah papan, sarta henteu kakurangan pangan. Jadi baroga waktu pisan keur tingrariung bari ngarobrol, ngobrolkeun sinѐtron dina tѐlѐvisi, atawa teuing naon baѐ nu diobrolkeunana tѐh. Teu apal jeung kuring mah teu hayang apal.
“ Parunten!”, ceuk kuring basa ngaliwat ka hareupeunana.
“ Badѐ senam?”, salah saurang di antarana nanya ka kuring, Bu Maѐ nu nanya tѐh.
“ Muhun, hayu atuh bilih badѐ ngersakeun!”, Ēla hideng nѐmbalan.
“ Mangga ah, teu acan purun!”, Bu Bangbang nu ngajawab tѐh.
“ Enya, abdi gѐ mikir heula rѐk miluan senam tѐh. Padahal baju senam mah aya kana opat setѐlna, ngahaja bapana mangmeulikeun”, ceuk Bu Deni.
“ Lebar atuh Bu, ѐta acuk tara dianggo”, ceuk kuring.
“ Lain lebar-lebar teuing ku baju, lain acan purun deuih, tapi rada sieun abdi mah rѐk senam tѐh”, cenah Bu Deni nuluykeun omonganana. Bu Deni tѐh carogѐna boga jabatan penting di hiji perusahaan swasta di kota Bandung.
“ Naha bet sieun Bu?”, kuring nanya deui.
“ Tara nongton TV kitu? Identik jeung nu kararitu ningan awѐwѐ di sanggar senam mah. Api-api sibuk ku kagiatan senam ka ditu-ka dieu,nepi ka tara ngariung jeung tatangga, ujung-ujungna kapanggih bet jadi mahmud, mamah muda, alias istri simpenan”, cenah bari gudas-gadeus, mantak peureus kana ceuli omonganana tѐh. Ah, lain layaneun nu kieu mah. Ceuk kuring na jero hatѐ. Gancang baѐ pamitan bari satengah rurusuhan indit. (hanca)

PELAKSANAAN HUBUNGAN KONSELING (HELPING RELATIONSHIP)

PELAKSANAAN HUBUNGAN KONSELING (HELPING RELATIONSHIP)

oleh Hena Sumarni,11 Juli 2010 

Keterampilan melaksanakan hubungan konseling hendaknya tidak hanya dimiliki oleh guru BP saja. Semua guru termasuk di dalamnya guru mata pelajaran seyogyanya menguasai keterampilan melaksanakan bimbingan konseling ini. Setiap mata pelajaran tentunya memiliki karakteristik yang berbeda-beda. Mulai dari bahan ajar, metode, tingkat kesukaran, kompetensi yang harus dicapai serta hal-hal mendasar lainnya yang berhubungan dengan kurikulum sebuah mata pelajaran. Hal ini tentu disikapi secara berbeda-beda oleh subyek didik. Dalam kondisi inilah tercipta sebuah interaksi antara individu yang satu dengan individu lainnya. Dan ketika interaksi itu tercipta maka di sanalah seharusnya tercipta hubungan yang saling menguntungkan. Simbiosis mutualisma.
Simbiosis mutualisma yang dimaksud dalam konteks ini adalah hubungan yang terjalin secara menguntungkan bagi subyek didik dan menguntungkan pula bagi pendidiknya. Ketika pendidik dengan penuh semangat menyampaikan uraian materi pelajaran, akan sangat diuntungkan jika subyek didik yang dihadapi memberikan tanggapan dengan sebaik-baiknya. Bila tolak ukurnya adalah tingkat ketuntasan, maka tanggapan terbaik siswa atas materi pelajaran yang diterimanya adalah menunjukan angka prosentase 100%. Tetapi, bagaimanakah jika kenyataan di lapangan menunjukan hal yang sebaliknya?
Dalam konteks situasi seperti inilah keterampilan pelaksanaan hubungan konseling diperlukan oleh guru mata pelajaran. Karena pemecahan masalah kesulitan belajar hanya akan berjalan secara efektif jika guru mata pelajaran yang bersangkutanlah yang menyelesaikannya. Guru mata pelajaran akan dapat bekerja secara terarah agar tepat sasaran.
Secara umum, bimbingan konseling bertujuan untuk menumbuhkan, mengembangkan, dan membantu setiap individu yang membutuhkannya. Beberapa bidang atau profesi yang melakukan hubungan konseling antara lain adalah: dunia kedokteran/kesehatan, perusahaan dan industri, serta bidang pendidikan. Pada umumnya, bidang pendidikan selalu berintikan pada kegiatan bimbingan. Bimbingan dilaksanakan agar anak didik menjadi kreatif, produktif, dan mandiri. Dengan kata lain, pendidikan berupaya untuk mengembangkan individu anak. Hal-hal yang termasuk ke dalam perkembangan individu anak meliputi segala aspek dalam diri anak, yakni: intelektual, moral, sosial, kognitif, dan emosional. Dan kegiatan bimbingan dan konseling adalah suatu upaya untuk membantu perkembangan aspek-aspek tersebut menjadi optimal, harmonis, dan sewajarnya. Selanjutnya diharapkan tercipta sebuah relasi, yakni relasi pendidikan antara pendidik dan subyek didik. Relasi pendidikan antara pendidik dan subyek didik merupakan hubungan yang membantu karena selalu diupayakan agar ada motivasi pendidik untuk mengembangkan potensi anak didik dan membantu subyek didik memecahkan masalahnya.
Masalah yang dihadapi anak didik, hubungannya dengan mata pelajaran atau bidang studi adalah meliputi hal-hal sebagai berikut: tidak menyukai mata pelajaran tertentu, tidak menyukai guru tertentu, sulit memahami materi yang diajarkan, kurangnya konsentrasi pada waktu belajar, lingkungan kelas yang kurang mendukung, anggota kelompok yang tidak kooperatif dan sebagainya. Tentu saja hal ini tidak dapat dibiarkan begitu saja. Harus dicari sebuah upaya untuk menanggulanginya. Dengan melaksanakan bimbingan konseling inilah upaya-upaya memecahkan masalah yang dihadapi siswa dapat dilakukan.
Menurut Arthur J. Jones (1970), bimbingan dapat diartikan sebagai “ the help given by one person to another in making choices and adjustment and in solving problems”. Pemberian bantuan kepada seseorang dalam memecahkan masalah-masalahnya. Sebuah pernyataan yang sangat sederhana tetapi sarat dengan makna. Ada dua unsur yang terlibat secara langsung dalam proses bimbingan tersebut, yaitu pembimbing (pendidik) dan terbimbing (subyek didik).
Sebagai langkah awal dalam kegiatan helping relationship adalah memahami klien. Klien adalah semua individu yang diberi bantuan secara profesional oleh seorang konselor (pembimbing) baik atas permintaan dirinya sendiri ataupun pihak lain. Hubungannya dengan yang sering kita temukan di lapangan adalah klien yang kita hadapi klien yang diberi bantuan bukan atas dasar permintaannya sendiri, melaikan atas permintaan orang lain terutama kita sebagai pengajar mata pelajaran yang bersangkutan.
Oleh sebab itu, kita sebagai guru mata pelajaran, harus memiliki keterampilan tertentu agar proses konseling berjalan secara kondusif, produktif, kreatif dan menunjukan hasil yang baik. Dengan kata lain proses konseling berjalan dengan sukses. Menurut Shertzer and Stone (1987) mengemukakan bahwa keberhasilan dan kegagalan proses konseling ditentukan oleh tiga hal, yakni: kepribadian klien, harapan klien, dan pengalaman/pendidikan klien.
Kepribadian klien sangat berperan penting untuk menentukan keberhasilan proses konseling. Aspek-aspek kepribadian klien seperti: sikap, emosi, intelektual, dan motivasi perlu mendapatkan perhatian dengan sebaik-baiknya. Seorang klien yang cemas ketika sedang berhadapan dengan konselor akan terlihat dari prilakunya. Seorang konselor yang baik tentu harus berusaha menentramkan kecemasan kliennya dengan berbagai cara. Dalam istilah konseling dikenal dengan sebutan teknik attending yaitu keterampilan menghampiri, menyapa, dan membuat klien betah dan mau berbicara dengan konselor. Ataupun bisa dengan cara mengungkapkan perasaan-perasaan cemas kliennya semaksimal mungkin dengan cara menggali atau mengeksplorasi, sehingga keluar dengan leluasa bahkan mungkin sampai klien tersebut mengeluarkan air mata, sehingga klien dapat mencurahkan semua permasalahan yang dihadapinya kepada konselor.
Harapan klien. Dapat diartikan sebagai adanya kebutuhan yang ingin terpenuhi melalui proses konseling. Pada umumnya, harapan klien terhadap proses konseling adalah untuk memperoleh informasi, menurunkan kecemasan, memperoleh jawaban dan mencari solusi dari persoalan yang sedang dialami serta mendapatkan petunjuk dan arahan bgaimana dirinya menjadi lebih baik dan lebih berkembang. Sebagai konselor yang baik, tentu kita harus pandai dan terampil mengarahkan dan memupuk harapan terbimbing (subyek didik) ke arah yang lebih realistis. Bahwa dengan melakukan bimbingan diharapkan dapat menjadi jalan merubah dirinya ke arah yang lebih baik.
Pengalaman dan pendidikan klien. Pengalaman dan pendidikan klien merupakan faktor yang turut menentukan keberhasilan proses konseling. Dengan pengalaman dan pendidikan tersebut, klien akan lebih mudah menggali dirinya sehingga persoalannya makin jelas dan upaya pemecahannya makin terarah. Pengalaman klien dalam kegiatan konseling bisa digali melalui kegiatan berkomunikasi, seperti wawancara dan berdiskusi sehingga klien secara terbuka mau menceritakan semua permasalahan yang dihadapinya.
Dengan demikian konselor akan dapat terbantu dalam merumuskan dan menentukan langkah selanjutnya yang diperlukan oleh klien untuk menunjang keberhasilan proses konseling. Dari ketiga hal yang telah diuraikan di atas, dapatlah disimpulkan bahwa tahap-tahap konseling dapat dilakukan seperti di bawah ini:
Tahap awal. Meliputi kegiatan attending (keterampilan menghampiri, menyapa, dan membuat klien betah dan mau berbicara dengan konselor), empati primer dan advance ( berempati terhadap masalah yang dihadapi klien), refleksi perasaan ( upaya untuk menangkap perasaan, pikiran, dan pengalaman klien kemudian merefleksikannya kembali pada klien), eksplorasi perasaan, pengalaman dan ide, menangkap ide-ide/pesan-pesan utama, bertanya terbuka, mendefinisikan masalah bersama klien, dorongan minimal (minimal encouragement).
Tahap pertengahan. Teknik yang dibutuhkan pada tahap ini adalah: memimpin (leading), memfokuskan (focusing), mendorong (supporting), menginformasikan (informing), memberi nasehat (advising), menyimpulkan sementara (summarizing), dan bertanya terbuka (open question).
Tahap ahir. Tahap ini disebut tahap konseling (action). Teknik yang dapat digunakan pada tahap ini adalah: menyimpulkan, memimpin, merencanakan, mengevaluasi dan mengakhiri proses konseling.

Sumber: KONSELING INDIVIDUAL
Teori dan Praktek
Prof. DR. Sofyan S. Willis
Penerbit ALFABETA BANDUNG – 2007

(Ditranslate  kana basa Sunda, Mangle-No. 2287 1-6 September 2010)

NULIS SISINDIRAN SALAH SAHIJI CARA PIKEUN NGAWANOHKEUN BASA SUNDA

"NULIS SISINDIRAN" SALAH SAHIJI CARA PIKEUN NGAWANOHKEUN BASA SUNDA

(MANGLE, NO. 2284, 12-18 AGUSTUS 2010)

oleh Hena Sumarni ,25 Juli 2010 
Geus jadi “rahasia” umum, lamun pangajaran Basa Sunda cenah kurang dipikaresep ku parasiswa. Di unggal tingkatan deuih, ti mimiti tingkat SD, SMP nepi ka SMA. Kitu deui eksistensi jeung kamekaran basa Sunda, sacara umum cenah mantak pikasalempangeun pisan. Pada mikapaur, basa Sunda tѐh sieun tuluy tumpur, ilang kagerus majuna “peradaban” tur tѐknologi. Tapi naon anu dipikasalempang tѐh sabenerna mah bisa diungkulan ku mangrupa-rupa cara. Salah sahijina ku cara ngaronjatkeun kreativitas guru-guruna dina ngalaksanakeun KBM. Minangka salah sahiji mѐdia anu kapeunteun representatif pikeun dipakѐ tolak ukur jeung “pembuktian” yѐn basa Sunda tѐh masih padamikaresep ku parasiswa, sim kuring ngayakeun panalungtikan “leuleutikan” kana hasil ngajarkeun kompetensi dasar “Nulis Sisindiran”, di kelas VIII SMP Negeri 7 Cimahi taun ajaran 2009/2010.
Sim kuring manggihan leuwih ti 200 siki sisindiran au nyumponan kana palanggeran nulis sisindiran, nyaéta: sapadana aya opat jajar, jumlah engangna dalapan, murwakanti, aya cangkang jeung eusi. Kalolobaanana dina wangun paparikan jeung rarakitan. Ditilik tina kekecapan anu digunakeun, sisindiran anu kapanggih téh lolobana ngagunakeun kecap-kecap anu sapopoé biasa digunakeun ku maranéhna (para siswa SMP) dina ngayakeun komunikasi ku basa Sunda. Bisa disebutkeun basa Sundana téh kapangurahan ku kecap-kecap dina basa asing, saperti: film, sinema, jalan-jalan, jéli, tato, artis jeung réa-réa deui. Nya ahirna, meureun sangkan maranéhna tetep ngarasa kataji kana kasundaaan nepi ka bubuk leutikna, guru kudu nuturkeun ragam kecap anu aya dina tataran pangaweruh siswa. Lain siswa anu dipaksa kudu bisa nuturkan gaya nyarita, kekecapan, tata kalimat jeung pangaweruh kabahasaan séjénna luyu jeung paélmuan anu salila ieu ku guru diulik dina tataran paelmuan sacara akademis.
Minangka pangbanding, dina segi kekecapan anu digunakeun, antara sisindiran anu aya dina buku-buku pangdeudeul pangajaran basa Sunda, lalaguan jeung hasil sisindiran parasiswa anu ku sim kuring kapendak, ieu di handap seja kapidangkeun sababaraha contona:

1. Dina ‘Peperenian’ :
a. paparikan anu eusina piwuruk:
ka kulah nyiar kapiting
ngocok lobak bobodasna
ulah sok liar ti peuting
osok loba gogodana
b. paparikan anu eusina silih asih
pucuk tiwu akar bangban
amis mata di susukan
mun rék milu geura dangdan
cimata geura susutan
c. paparikan anu eusina sésébréd
cikur jangkung jahé konéng
lampuyang pamura beuteung
rarasaan jangkung konéng
puguh mah bureuteu hideung

2. Rarakitan
a. rarakitan anu eusina piwuruk
lamun urang ka Cikolé
moal hésé tumpak kahar
lamun urang boga gawé
moal hésé barangdahar
b. rarakitan anu eusina silih asih
sapanjang jalan Soréang
moal weléh diaspalan
sapanjang tacan kasorang
moal weléh diakalan
c. rarakitan anu eusina sésébréd
majar manéh cengkéh konéng
kulit peuteuy dina nyiru
majar manéh lengkéh konéng
kulit beuteung meni nambru

3. Dina lalaguan:
bubuy bulan sanggray béntang
panon poé disasaté
unggal bulan abdi téang
unggal poé ogé hadé

kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyong ka jalan
sono mondok sono nganjang
sono patepang di jalan

akang haji sorban palid
palidna ka Cikapundung
kang haji kunaon balik
balikna da ulah pundung



Urang sadayana tos pada-pada uninga, yén sisindiran téh kabagi jadi tilu bagian, nyaéta: (1)
paparikan, (2) rarakitan jeung (3) wawangsalan. Kalolobaanana, hasil sisindiran anu ditulis ku parasiswa téh dina wangun paparikan jeung rarakitan. Ieu di handap ku sim kuring dipidangkan sabagian tina hasil nulis sisindiran parasiswa SMP luyu jeung maksudna masing-masing:
1. paparikan:
a. Paparikan anu eusina piwuruk

Jalan-jalan sareng Ramji
Mésér wortel sareng Rina
Lamun hayang réngking hiji
Kudu getol diajarna

Jalan-jalan ka Sumedang
Entong poho meuli tahu
Maca kur’an jeung Pa Endang
Tong poho solat nu tangtu

Mang Mumun ka Cisarua
Pas balik aya Mang Dodo
Lamun getol diajarna
Pasti moal jadi bodo

Marlina kabogoh Tompél
Tompélna ngaca di Aan
Tibatan moho ka novel
Mending ogé maca kur’an

b. Paparikan anu eusina silih asih

tabuh tilu adan asar
hujan gedé meni tiris
poho nginum poho dahar
émut bae ka nu geulis

di solokan aya beurit
tos nongton film sinéma
moal sieun ku diarit
lamun kabogoh ngadua

poé saptu poé minggu
jalan-jalan ka Cinangka
saha itu nu di juru
meni kasép katingalna

meuli kéré Maésaroh
cara-cara jadi Caka
nyeri haté ku kabogoh
gara-gara salah sangka




c. paparikan nu eusina banyol

lumpat tarik éta kuda
aya cai meni tiis
kudu resep basa Sunda
da guruna ciga artis

meuli paku ka Mang Hara
balik-balik meuli roti
ngaku-ngaku Manohara
padahal ciga Po Ati

ka Cipasung meuli ali
mawa piring wadah peuyeum
buuk rancung maké jéli
sok sering digembrong sireum

dina panto aya kuya
rék dicolok mun teu poho
ieu tato lain gaya
ngarah borok teu katempo

2. Rarakitan

Lamun gasing hayang muter
Tinggal bedol panarikna
Lamun jadi hayang pinter
Tinggal getol diajarna

Ti isuk dijajar-jajar
Ti beurang di ka parakeun
Ti isuk rajin diajar
Ti beurang rajin ngapalkeun

Ti beurang diomé-omé
Ti peuting mastaka jangar
Ti beurang ngan ulin baé
Ti peuting tara diajar

Ti leutik dijajar-jajar
Engké gedé tumpak kahar
Ti leutik diajar sabar
Engké gede jadi beunghar

Nilik kana kekecapan anu digunakeun, saupama dibandingkeun jeung kekecapan dina sisindiran anu geus disebutkeun di luhur, jauh pisan bédana. Perbédaanana ngawengku hal-hal saperti: ragam kecap, tata kalimat sarta strukturna. Tapi, sok sanajan kitu, tina sajumlahing hasil sisindiran parasiswa, bisa dicindekeun yén karep siswa SMP kana diajar basa Sunda téh kawilang luhur.



Nu kudu diperhatikeun satuluyna meureun kumaha ngahasilkeun kurikulum, hususna pikeun ngajarkeun basa Sunda anu luyu jeung kanyataan di lapangan, nyaéta barobahna ragam kecap, gaya nyarita, tata kalimat jeung pola gaul parasiswa dina komunitas Sunda mangsa kiwari tanpa ngarobah ragam kecap, stuktur kalimat, sarta tata bahasa Sunda nu sakuduna.


Sumber:
1. Majalah Pendidikan UPI, CAHARA BUMI SILIWANGI, No. 2, April 2009
2. PEPERENIAN, Geger Sunten Bandung, 1993

PALATARAN DANSA

PALATARAN DANSA

oleh Hena Sumarni, 04 Agustus 2010
Ku seukeut soca Anjeun
Mencrong nu keur tonggoy ngulinkeun wirahma
‘Na palataran
Tari Tanggo
Kombinasi
Reujeung Salsa

Ngereketna kekerot Anjeun
Ngemu kaceuceub tan wates wangen
Misirik nu minda rupi
Bari,
Tonggoy Inyana ngulinkeun wirahma
Dina palataran dansa
Nu pinuh ku nge-pink-na nuansa cinta

Tapi........................
cinta jeung palataran
Nu teu wenang kapimilik

Ceuk anjeun
Nu keur tonggoy ngulinkeun wirahma téh
Geus ngagémbang beubeulahan hiji haté
Ku panineunganana ka mangsa bihari
Tur nepi ka waléhna!
“Enung, Engkang migandrung salirana!”

Ceuk anjeun
Ngahéab saharita,
Panasna jajantung!
Nepi ka mérangkeun tangkal panyarandéan
Nu rajeg di buruan imah
Kitu pandéna kapan...............
Nalika geureuha Jalmi Pinilih
Kasoran manah ku dipidua

Tapi,
Nu keur tonggoy ngulinkeun wirahma Salsa
Anger tonggoy ngulinkeun gerakna
Beuki motah ...........................
Tur malédog ku wirahma Tanggo
Majar cenah
Kolaborasi !
Hirup jeung kahirupan
Minangka rumantikana
Micinta jeung dipicinta!
TANGGO - SALSA

LEUNGIT BEDOG

LEUNGIT BEDOG

oleh Hena Sumarni, 17 Juli 2010 
Ngaran aslina mah Juned. Tapi ku padabaturna sok dilandih jadi Jurѐd. Juned barѐd. Lebah pipi kѐncana aya tapak barѐd anu manjang nepi ka carѐhamna. Keur leutik pasѐa cenah jeung lanceukna parebut pѐso nu rѐk dipakѐ mesѐk buah Aromanis. Nya manѐhna nu ѐlѐh. Pѐso nu dicekel ku lanceukna keuna kana pipina.
Dedeg pangadegna pendѐk busekel. Leumpangna rada tenggѐng, leungeun ngabѐrѐgѐgѐh, beungeutna dangah ka hareup. Lian ti barѐd dina pipina, nu jadi ciri has Jurѐd tѐh sorana. Mun geus nyoara...beu, gelap salѐsѐr wѐh sugan mah.
Keur sakumna masarakat di Pasar Wates jeung sabudeureunana tangtu moal aya nu bireuk deui ka Jurѐd mah. Jeger pasar anu pada mikagimir. Sapopoѐna tara lѐsot mawa pakarang. Bedog pѐtok noglѐng dina cangkѐngna. Kungsi aya nu nanya, naha cenah lain geura ganti pakarang, makѐ pѐstol ciga Koboy
dina film-film Hollywood. Teu bѐakeun omong, manѐhna tuluy ngajawab, “Aing hirup di pasar. Lamun ieu bedog diganti ku pѐstol, Aing moal bisa ngarecah hakaneun. Mun pareng Aing lapar, gedang, buah, apel tinggal dipesѐk ku bedog, jadi parab aing. Kitu deui lamun hayang mawa balik lauk atawa daging hayam jang deungeun kѐjo di imah, bedog Aing nu bakal dipake ngadѐkan daging tѐh kapanan”.
Hѐbat...jawaban anu kacida logisna.
Hiji poѐ, di “kantorna”, Si Jurѐd ambek-ambekan. Sorana awong-awongan nepi ka kadѐngѐ ka Warnѐt Jang Husin anu perenahna 300 meter ti kantor Si Jurѐd. Anu dimaksud kantor tѐh nyaѐta markas tempat nangkring Si Jurѐd jeung babaturanana. Kios roko Mang Juarsa di buruan parkir pasar.
“Bedog Aing leungit euy! Geus ditѐangan ka saban tempat di imah, nepi ka pabѐtѐkan goah ku Aing dikulincer, welѐh teu kapanggih. Indung Si Teueul ditanya ku Aing, jeung ngajawab mah kalah ka mѐwѐk, pikacuaeun siah ambѐwѐ tѐh!”, pokna di ѐta tempat. Sajongjongan simpѐ. Euweuh nu wanieun ngajawab. Sabab geus padaapal, mun aya nu wani nѐmbal, ditampiling pipi waѐ mah bakal kabagian.
“Solat geura Jang! Hayu ka masjid. Dibawa solat mah pikiran tѐh sok jadi caang!”, ceuk Ustad Oing nu kabeneran ngaliwat ka lebah dinya. Anjeunna bade muru ka Masjid lebakeun pasar, biasa salasaan. Pangaosan ibu-ibu unggal dinten Salasa ba’da solat lohor.
Ciga anu disirep, Si Jurѐd nuturkeun, ngiclik tukangeun Ustad Oing. Nepi ka nu dituju, kasampak geus loba jelema. Sabab sababaraha menit deui manjing waktuna solat lohor. Tuluy Ustad Oing tѐh miwarang adan. Anu maju ngadeukeutan mimbar pangsolatan tѐh horѐng Si Jurѐd. Tuluy manѐhna adan. Sarѐrѐa olohok bengong, sabab sora adan Si Jurѐd tѐh ngeunaheun pisan. Makhorijul hurufna oge lekoh pisan deuih, ciga santri nu geus mangtaun-taun ngobong. Tamat Si Jurѐd adan ti shaf pangtukangna aya anu nyelengkeung ngomong. Horѐng Mang Jamhi, tukang dagang daging hayam di eta pasar.
“Teu nyangka Rѐd euy! Sora maneh tѐh ngeunaheun!”, ceuk Mang Jamhi.
Bari nyenyekel kѐnѐh mik nu can dipareuman, Si Jurѐd ngajawab, “Saha heula atuh, aing tѐaaaaaaaaa!”.
Sarѐrѐa tingraringeuh. Komo masarakat di sabudeureun masjid mah. Sabab sora Si Jurѐd ti masjid kadѐngѐ ka unggal madhab. Gancang mik tѐh dipareuman ku Ustad Oing. Pok anjeunna nyarios, singget pisan, “Rapihkeun shafna!”.
Si Jurѐd milu solat ngama’mum jeung jamaah sѐjѐnna. “Alloooooooh huakbar!”. Imam takbiratul ikhrom. Lima menit ti harita, ana gorowok tѐh Si Jurѐd ngagorowok.
“Wooooooooy, heueuh Aing inget ayeuna mah. Bedog tѐh diteundeun dina luhur lomariiiiiiiiii!”.
Gajleng manehna luncat. Gebru..! shaf sajajaran manehna mah nepi ka aya nu tingkudupruk kadupak. Berebet Si Jurѐd lumpat ka luar ti masjid. Nepi kana panto hareup, sukuna tikudawet kana sajadah anu keur disѐsѐrѐd hiji budak. Gebru Si Jurѐd labuh nangkarak bengkang. Sukuna nu katuhu nilep. Ciga nu keur diuk tasyahud. Si Jurѐd euweuh nu nulungan. Manѐhna humaregung bari leungeunna acong-acongan nyembah. Teuing nyembah ka saha. Ti dinya, tuluy sorana teu kadѐngѐ deui.

Cimahi, 17 Juli 2007

OPRASI

OPERASI

oleh Hena Sumarni, 15 Juli 2010 
Rebo, 14 juli 2010. Rada hariwang hatѐ tѐh. Ongkoh cenah geus miang ti Ciparayna mah budak tѐh, tadi isuk jam 08.00., tapi geus jam 10.30 tacan norojol kѐnѐh waѐ. Kapan biasana gѐ ti Ciparay ka Cimahi tѐh ukur sajam saparapat. Leuh...pikahariwangeun baѐ budak tѐh.
Kuring narik napas panjang, rumahuh, meupeuskeun kahariwang nu motah ngagalura. Gerung sora motor ka hareupeun imah, satengah ngajleng muru kana panto. Kulutrak dibuka, alhamdulillah, ahirna nu keur ditungguan tѐh norojol. Nu turun tina motor tѐh diteuteup, riuk beungeutna bet bѐda ti sasari. Ngungun tur alum sarta ciga ngemu kaceuceub anu luar biasa. Satengah ngabeubeutkeun manѐh diuk kana korsi gѐ. Ku kuring disampeurkeun, bari dicekel taktakna pok ditanya, “ Ko naon Isep tѐh?’
Jeung ngajawab mah budak tѐh kalah ka nyegruk ceurik. Leungeunna nu katuhu dipeureupkeun. Tuluy diteunggeul-teunggeulkeun kana dampal leungeunna nu kѐnca, bangun anu kacida ambekna. Diantep ku kuring tѐh, sina budal heula kakeuheulna. Lѐos ka dapur rѐk nyokot cai.
Sirop tiis tina kulkas diasongkeun ka Isep. Isep teh alo kuring ti Ciparay. Ngahaja poѐ ѐta ulin ka Cimahi, nganteurkeun bѐas anyar, saur mamahna, hayang kaasaan ku kuring.
Leguk cai tѐh diinum. Meni ngalekik ciga nu halabhab pisan. Ti mimiti datang polahna tuluy disidikkeun. Kuring banget ku ngarasa hѐlok. Panasaran, sanggeus budak tѐh leler, pok baѐ ditanya, naon anu ngabalukarkeun manѐhna kitu peta tѐh.
“Ku naon ari Isep, tara-tara ti sasari, bet ciga nu ambek geuning barang jol ka dieu tѐh?” ceuk kuring.
“Hapunten Bibi. Muhun abdi tѐh ambek. Keuheul deuih. Tapi da sanѐs ka Bi Irna!”, ceuk Isep bari dareuda.
“Bet elat nepina. Macet?” , ceuk kuring.
“Henteu Bi. Mung nuju aya operasi gabungan. Ampir di unggal parapatan aya pamariksaan. Lebah Parapatan By Pass abdi dicegat. Saurna abdi ngalanggar peraturan. Da SIM sareng STNK mah nyepeng abdi teh. Lampu hareup sareng lampu sѐn motor Mio abdi dipolѐt ku warna beureum. Variasi ciga kitu tѐh teu kѐnging saurana. Ahirna abdi karoroncodan Rp. 35.000. Jaba mung sakitu-kituna artos nu aya dina dompѐt tѐh. Ditawar Rp. 5000 gѐ teu masihkeun. Sanggem abdi tѐh sѐsakeun lima rѐbu wѐh keur meuli cai. Ari dijawabna tѐh “euweuh, teu bisa” cenah. Bari ti popolotot kawas ka sato baѐ ka abdi tѐh. Sok Bi, saha anu teu ambek dikitukeun. Asa dirampog abdi tѐh”, ceuk Isep.
“Nyaah teuing, keun ke ku Bibi dipasihan kanggo bekel uih mah, cing kagentosan deui artos anu dirampog tѐh”, ceuk kuring bari ngusapan taktakna.

Cimahi, 15 Juli 2010

SELEBRITIS DAN PAPARAZZI

SELEBRITIS DAN PAPARAZI

oleh Hena Sumarni, 15 Juni 2010 
Bagimu, akukah selebritis dunia maya itu?
Hingga kau syahkan matamu tuk jadi lensa CCTV bagiku

Bagimu, akukah artis terkenal di dunia maya ini?
Hingga kau luangkan waktumu tuk jadi paparazi bagiku

Sungguh....kuingin kau enyah dari kehidupanku!
Hingga kuterbebas dari jerat kekejaman bayang-bayangmu

Aku bukan sejenis mahluk
Di arena komunitas kehidupanmu
Di arena habitat tempatmu bersemayam
Di arena ekosistemmu yang penuh aroma kekanak-kanakan
Tanpa nalar dan kedewasaan

Kau dan aku, dua mata pisau yang berbeda
Terpisahkan makna dan jarak
Terpisahkan nostalgia dan romantika
Aku dengan sejuta pesonaku
Dan...kau menyendiri dengan sejuta hantu kegilaanmu

Sementara....
Ku lempar senyumku dalam balutan tepuk tangan fansku nan menggemuruh
Dalam balutan bingkai cemburumu yang menggila
Menggilaiku dalam jabatan selebritas dunia maya

Bagiku...
Aku hidup dalam habitatku yang terindah
Yang penuh dengan bermilyar-milyar status indah
Yang dibanjiri dengan komen-komen unik dan menggelitik
Sstttttttttttttttt...kubisikan ini dengan perlahan ke dekat cuping telingamu yang lebar
“Status dan komentarku bukan untukmu. Jangan GR kawan!”

PROPORSIONAL, 26 Mei 2010

Panasaran ku harti ieu kecap. Leungeun hideng muka panto lomari buku. Gap buku tѐh dicokot tina tempatna. “Kamus Besar Bahasa Indonesia Edisi Baru”. Diterbitkeun ku Pustaka Phoenix Jakarta taun 2007. Ēta kamus tѐh ku kuring dibuka. Dina lambaran awal kamus aya tulisan “Cimahi, 12 Juli 2007”. Hartina ѐta kamus tѐh ku kuring dibeuli dina tanggal kasebut. Geus jadi kabiasaan kuring ti keur kuliah kѐnѐh lamun “jajan” buku tѐh sok ditulis titimangsa waktu meuli ѐta buku. Malah nepi ka harga bukuna gѐ tara dipiceun, diantep sina napel saperti bawana ti toko buku. Kitu deui jeung ieu kamus, aya kѐnѐh labѐl hargana tѐh. Harga ieu kamus tѐh 220 rѐbu.
Tabѐpun. Lain niat ujub, riya jeung takabur. Disebutkeun hargana tѐh keur mulangkeun panineungan baѐ ieu mah. Panineungan kuring kana ieu kamus. Harita kuring ngarasa katѐtѐran ku pertanyaan-pertanyaan ti Si Jimat, anak kuring. Sok aya baѐ kekecapan anyar ladang manѐhna bucu-baca, boh tina buku atawa bungkus kadaharan (snack) urut manѐhna jajan. Contona baѐ kecap komposisi, inkaso, rekening, suspensi, sublimasi, kampiun, kandidat jeung rѐa-rѐa deui. Lain kuring bodo, atawa teu bisa nerangkeunana ihwal harti kecap-kecap kasebut ka Si Jimat, tapi daya kritisi ѐta budak asa leuwih onjoy batan budak sapantaranana. Manѐhna kakara ngarasa sugemaeun kana hiji jawaban sabada dipanggihkeun jeung bukti fisik sarta fakta anu logis kana naon anu jadi pertanyaanana. Nya ahirna kuring tѐh maksakeun meuli ѐta kamus, sok sanajan hargana kacida mahalna keur ukuran kuring mah. Alhamdulillah, sanggeus boga ѐta kamus kuring teu ngarasa “diriripuh” teuing ku sagala rupa pertanyaan ti Si Jimat. Lamun pareng hiji mangsa manѐhna ngarasa teu ngarti kana hiji kecap, manѐhna sok tuluy lumpat kana kamus, henteu ka kuring deui. Leuwih percayaeun kana kamus anu geus puguh bisa dipertanggungjawabkeun sacara kaѐlmuan tibatan kana hasil pamikiran indungna anu pabaliut jeung mikiran PR-na di dapur.
Satuluyna geuning mangpaat ѐta kamus tѐh. Sarta manjang mangpaatna. Kuring sakulawarga kabantu pisan ku ayana ѐta kamus. Saperti kajadian anu tumiba ka kuring dina poѐ ieu. Kuring tѐh hayang ѐcѐs pisan kana harti hiji kecap, nyaѐta kecap proporsional. Sabenerna femilier pisan ѐta kecap tѐh dina ceuli kuring, sabab dina kahirupan sapopoѐ ѐta kecap tѐh mindeng digunakeun. Ngan panasaran baѐ hayang apal rѐngkol pihartieunana nurutkeun ѐta kamus. Dina ѐta kamus, kecap proporsional dihartikeun nempatkeun hiji hal luyu jeung nu samistina. Hususna cenah nempatkeun perasaan, saperti perasaan ambek, sedih, nyaah jeung “cemburu”. Tapi ѐta hal tѐh rada hѐsѐ diteuleuman ku kuring mah. Da ceuk kuring mah, nurutkeun pemahaman kuring, sacara basajan, kecap proporsional bisa diibaratkeun kieu: “makѐ topi dina sirah” atawa “makѐ sapatu dina suku”. Sakitu gѐ cukup ceuk pangrasa kuring mah..he he.
Leupas tina masalah kumaha nafsirkeun jeung ngainterpretasikeun ѐta kecap, sabenerna kuring hayang share ngeunaan katugenah kuring sabada kuring narima e-mail ti hiji jalma anu nyabit-nyabit ѐta kecap. Nu dimaksud tѐh kecap proporsional tѐa. Lantaran kuring ngarasa tugenah ku manѐhna anu ceuk pameunteun kuring manѐhna tѐh kacida ѐgoisna, kurang dѐwasa sarta cenderung posesif.
Kieu caritana.
Kamajuan tѐknologi jaman ayeuna kacida pisan ngabelesatna. Di antarana internѐt. Rupa-rupa fasilitas bisa diakses ku urang ngaliwatan internѐt tѐa. Salah sahijina fasilitas jejaring sosial facebook. Satuluyna urang singget baѐ FB. Loba jalma anu kapѐngpѐongan ku sihir dumay ieu. Sihir dunia maya. Teu saeutik jumlahna anu tuluy jaradi jufe (jurig facebook). Rupa-rupa kajadian nu marengan eksistѐnsi FB di masarakat.
Ari anu kaalaman ku kuring mah kieu: aya hiji jalma ano sok pirajeunan “ngubrak-ngabrik” FB kuring. Nalѐngtѐng aktivitas kuring ngaliwatan FB. Bari manѐhna nyiliwuri ngajirim jalma sѐjѐn nu ngahaja dititah ngadd kuring. Sabataѐ atuh da nyumput buni di nu caang. Naon baѐ status kuring sarta naon bae komѐntar-komѐntar ti babaturan kuring. Atuh kuring tѐh ngarasa tugenah. Tuluy ku kuring dipancing ku ngaluarkeun status saperti kieu unina: “ naha naon atuh maksad salira nu saleresna? Naha ku cara mukaan FB sim kuring perasaan salira bakal tenang?” Babaturan kuring loba anu ngomѐntaran. Rupa-rupa komѐntarna tѐh. Ah..dasar puguh gѐ boga babaturan tѐh bareuki pisan kana heureuy. Meureun cigana sababaraha hiji komѐntar babaturan kuring tѐh neunggeul pisan mamarasna.

Sababaraha minggu ti harita kuring nampa e-mail ti hiji jalma. Alamat e-mailna kingkinna@yahoo.gmail.com. Basa ku kuring dibaca kieu cenah unina tѐh: “ Bu, muhun abdi nu sok mukaan FB Ibu tѐh. Asa proporsional abdi lumaku saperti kitu, margi abdi gaduh kahariwang. Mugia ibu tiasa ngamafhum sareng kersa ngahapunten ka abdi duaan.”
Proporsional? Duaan? Na saha atuh? Nyel kuring ambek. Ēgois jelema tѐh. Bet ngatasnamakan kaѐgoisan manѐhana dina luhureun kecap proporsional. Ari perasaan kuring ku manѐhna teu dihargaan. Privacy kuring ku manѐhna teu lieuk ku sabeulah panon. Wilayah pribadi batur diacak-acak tan saijin nu bogana. Bener-bener ѐgois.
Tapi, kuring sadar. Dina satiap kajadian tangtu aya hikmahna. Aya ibroh, aya pelajaran nu kudu dilenyepan. Teu sadar manѐhna geus ngabolѐkѐrkeun dirina sorangan. Kapancing ku status kuring nu ngahaja diteundeun keur ngaheurap manѐhna. Tina hal ieu kuring bisa meunteun, jelas manѐhna teu miboga pikir rangkepan, teu dѐwasa dina “bersikap”. Cucud ngagugu hawa nafsuna tanpa tinimbangan, rikip lantip tur elegan.
Nu kitu nu disebut proporsional tѐh?
Naha luyu jeung tempatna nyasaak perasaan, nyasaak hatѐ, nyakaran jeung ngokoѐt privacy batur “atas nama” rasa curiga jeung proporsional? Mun seug hiji mangsa kuring ngucapkeun ѐta kecap (proporsional), kuring mah hayang ngucapkeunana ku sikep nu pinuh kadewasaan, sangkan henteu nyasaak harga diri sorangan. Sangkan henteu ngoѐtan hatѐ jeung perasaan batur. Sangkan heunteu nyakaran privacy batur, utamana perasaan jalma anu pangdeukeutna jeung diri urang. Cag!

PROPOSAL, 23 April 2010

Duka ku naon, bulan-bulan ieu, asa ngaderehdel ondangan pikeun miluan pasanggiri ka sakola teh. Tingkat kota, umum, nepi ka nu tingkatanana leuwih luhur saperti di tingkat provinsi. Eta teh lumaku ampir pikeun sakabeh mata pelajaran. Kaasup mata pelajaran anu ku kuring dicekel. Geus jorojoy boga pikiran goreng eta ge, ari kagiatan mareng kieu mah cigana bakal rada seuseut dina lebah urusan ngabagi-bagi dana teh. Tapi buru-buru ku kuring disieuhkeun, bari " positif thinking " weh, yen dana kagiatan teh bakal ngagolontor kalayan lancar.

Lantaran ieu kagiatan teh dilaksanakeun di luar wewengkon kuring ngajar, sarta kagiatan nu dilaksanakeun hayang lumangsung kalayan nyugemakeun, pangpangna nyugemakeun barudak, kuring usaha satekah polah nyiar tambahan dana ku cara ngajukeun proposal, menta bantuan dana ka hiji pausahaan, bank BUMN, anu bisa disebut bonafid, lantaran "wilayah kakuasaan" pausahaanana kawilang lega. Utamana para pagawe pamarentah.

Kuring jeung sobat kuring, soulmet cenah ceuk bahasa gaul barudak ayeuna mah, tatahar sapuratina pikeun nyieun proposal tea. Beres diketik, gidig ditandatangankeun ka dunungan. Bari dibekelan surat tugas jeung surat jalan ti sakola (alhamdulillah, ongkos jeung duit keur meuli bengsin mah teu dibere, pohoeun meureun, ah..da hampuraeun), kuring jeung sobat kuring tea ngagidig muru kantor cabang pembantu nu pangdeukeutna. Satpam di eta pausahaan nanya naon pamaksudan kuring duaan, ti mana jeung rek naon. Ku kuring dijelaskeun yen maksud kuring teh rek ngajukeun proposal hiji kagiatan.
Map anu dikeukeuweuk teh dipenta ku satpam, tuluy manehna ngagidig ka jero kantor ngadeuheus ka "nu dibendo" di eta pausahaan. Teu kungsi lila geus norojol deui, song map teh diasongkeun ka kuring. Pasaratan "pengajuan" proposal aya nu kurang, nyaeta surat rekomendasi ti kepala Dinas Pendidikan, tempat kuring babakti.

Gancangna carita, sanggeus susuratan keur ngajukeun proposal teh lengkep, ku eta BUMN teh ditarima. Dua minggu ti harita, kuring di sakola meunang telepon ti eta pausahaan yen proposal geus bisa dicairkeun. Alhamdulillah...

"Nyandak copy KTP sareng kwitansi nya Bu!", ceuk patugas di eta bank dina telepon. Gidig kuring duaan ka kantor eta bank tea. Geuning kwitansina teh kudu dicap, cap sakola pastina. Isukna balik deui. Tapi jelema nu rek diamprokanana keur teu nyampak. Majar cenah keur ka kantor wilayah di Bandung.

Isukna, kuring ngabagi tugas jeung Ki Sobat tea. Manehna bagian ngurus proposal, ari kuring bagian ngalatih. Jam 10.30 cenah nepi ka kantor eta bank teh. Salila kuring ngalatih barudak, Ki Sobat teh terus-terusan nelepon. " Ceu, geus jam 11.00, tapi can dipanggil wae", cenah via telepon.
"Wayahna sing sabar nya, kumaha deui atuh, geuning rek mawa barudak teh urang teu nyekel dana sarebu-rebu acan", ceuk kuring ngupahan hatena.
" Mun bisa mah, Ceuceu ka dieu!", manehna menta dibaturan.
" Yah, ke sayah mere tugas heula", kuring nyanggupan sangkan manehna ngarasa reugreug.

Kuring asup ka kelas, tuluy ngajelaskeun materi garapeun keur pertemuan harita. Dipapay hiji-hiji budak teh, diilikan pagaweanana nepi ka katingali geus ngalarti. Kuring balik deui ka hareup, bari tuluy mapadonan sangkan barudak henteu ribut salila ditinggalkeun di kelas.
" Ibu nyuhunkeun widi, teu tiasa ngajar dugi ka beres, bade ka bank ngajengkeun proposal, nyuhunkeun bantosan dana kanggo kagiatan pasanggiri tea. Teu kenging balangor nya!", bari rada kuram-kireum sieun barudak nganaha-naha. Tapi nyaan, teu diniatan rek ulin, bener-bener rek nguruskeun proposal anu memang danana kacida pisan diperlukeunana. Sabab, saperak oge, lian ti keur waragad pendaftaran mah, sakola teh can mekelan. Ari pelaksanaan kagiatan tinggal tilu poe deui. Kuring tatanya ka "tukang dana" di sakola, majar cenah talangan we heula ke ge digantian. Soteh ari ukur Rp. 50.000 ditalangan teh, ari sajutaan leuwih deui mah mikir heula, duit ti mana?
Anu mantak jadi bingung teh, opat urang peserta pasanggiri kudu ngagunakeun papakean adat Sunda, tangtu wae kudu nyewa ka salon, sabarahaeun tah?

Gancangna carita, kuring nepi ka kantor eta bank tea. Kasampak sobat kuring keur cindekul nungguan sorangan. Ngareret kana jam geus tabuh 12.00. Satpam norojol, cenah parapagawe bank istirahat heula. Lantaran beuteung geus kukurubukan, kuring ge tuluy ngencar, neangan parab sangkan teu kalaparan.

Datang deui ka bank teh pukul 13.30. Satpam nu katempuhan buntut maung teh, jadi paneumbleuhan kakesel kuring. Majar cenah petugasna keur ka istirahat, bade teras makan siang heula, ka jamban terus solat. Ari waktu geus nuduhkeun tabuh 14.45. Naha solat nanahaon?

Kuring ambek. pok ngomong ka satpamna: "Ieu teh kumaha, ngalelengkur ti tabuh satengah sabelas can dipanggil wae. Cik atuh, enya ge kuring teh rek nyapir, tapi kieu-kieu ge kuring teh nasabah. Anu mere kontribusi ka ieu pausahaan."
"Emang judes pisan Ceu jelema nu rek ditepungan teh. Kamari ge ka aku meni sinis paneuteupna teh", ceuk sobat kuring.

Gintiwil buku koneng, buku tabungan ti eta bank teh ku kuring dikaluarkeun tina jero tas. But nyabut kartu ATM, oge identitas nasabah di eta bank. Dikeukeuweuk bari sambutut.
"Cicing tong loba ngomomg engke di jero, urang pencrong ku duaan" ceuk kuring ka Ki Sobat tea.

Sup asup da ku satpam geus dititah ka jero.
" Tos dicopy ATM jeung nomer rekening? Tadi Bu Kaur nanyakeun di sakola", kuring nanya ka babaturan
"Acan", cenah manehna nembalan.

Ningali kuring nyenyekel kartu ATM jeung buku tabungan teh pasemon manehna jadi darehdeh. Nanya ti jam sabara, naha tadi ka mana diteangan teu aya cenah, jeung sajabana. Meureun ditepikeun omongan kuring ka satpam tadi, yen kuring teh nasabah, sarta komplen kana pelayanan eta bank sarta bakal diadukeun ka yayasan konsumen ihwal kateubalegan pelayanana. Nempo riuk beungeut kuring anu kuraweud haseum, eta patugas bank teh teu wanieun neuteup. Ngajak ngobrolna ka sobat kuring nu bisaeun keneh seuri nyanghareupan eta bikang. Beubeungeutanana terus di pencrong. Katingali dangdananana kaurus. Ti mimiti halis, biwir, bros dina baju, harga tiung, kabeh ku kuring kapeunteun aya hargaan. Ari geulis mah teu sabaraha, meunang keneh Aura Kasih tibatan bebengokna. Creng mere, gedena bantuan teh Rp. 250.000. Kuring menta dua kwitansi lantaran nu hiji deuina keur laporan ka Dinas Pendidikan, supaya nyahoeun dana anu turun teh lobana sajumlah kitu.

"Untuk kegiatan apa ini teh Bu, dan di mana?", eta bikang teh nanya.
"RBS di UPI, saJawa Barat!", babaturan ngajawab, da kuring mah geus teu hayang ngomong.
"Ohhhh", cenah rada panjang. Kaasup gede meureun eta kagiatan teh. Na jero hate kuring ngocoblak ngomong, sadunya siah ieuh kagiatan teh, moal aya duana. Sanggeus nganuhunkeun kuring kaluar ti eta tempat anu pikasebeleun teh.

Duit anu gedena Rp. 250.000 teh dibeulikeun baju batik seragam barudak keur genep urangeun, sajumlah siswa anu ku kuring dibawa, sesana keur konsumsi poe kahiji dina eta kagiatan tea. Poe kadua jeung katilu mah moal waka dipikiran, kumaha derna weh, nu penting barudak geus dipakean, sabab kabeneran seragam sakola nu dipake barudak teh asa teu "layak" diabenkeun kana hiji pasamoan. Mun meke seragam putih biru, putihna geunteul, biruna beyedug. Ari make batik, motif batikna geus kalabur nuturkeun sabun seuseuh. Dibeulikeun kana batik teh kuring hayang ngagindingan barudak, ngarah pantes diuk ngajejer jeung parapatandang ti sakola sejenna.

Meureun manehna nyangka, proposal nu diajukeun teh ukur akon-akon. Numantak, pelayanan jeung penerimaanana turta sikepna kitu patut ka kuring duaan. Kuring mah teu aya niat rek kitu peta. Tina penampilan kuring nu ciga Dewi Srikandi jeung babaturan kuring nu ciga Dewi Rengganis (heuheuy deuh muji maneh, taya nu muji tuda) kuduna manehna bisa meunteun, yen kuring mah lain "markus" proposal. Dangdanan jeung penampilan kuring mah dimodalan ku kesang nu bener-bener ngagarajag, ti hot-hat ngurus barudak. Lain ciga manehna anu keur ngamodalan penampilanana tina hasil "nguyup" kesang kuring jeung babaturan sejenna anu kapaksa jadi "korban" pausahaan tempat manehna ngabadega.

IDOLA oleh Hena Sumarni, 24 Mei 2010

Keur kuring mah karesep kana widang seni (kasenian) téh teu datang ujug-ujug. Tapi, istuning ngahaja, ngahaja kuring digebruskeun ku lingkungan tempat kuring dilahirkeun.
Sababaraha grup kasenian, ti mimiti sisingaan, tarling, tardug, réog, organ tunggal, sandiwara, topéng, wayang golék jeung kiliningan ngadeg méh saban madhab. Lamun heug aya di antara nu maca kungsi jalan-jalan ka pakaléran Subang, cigana bakal moal ngarasa hémeng, lamun manggihan plang atawa tanda ayana grup-grup kasenian kasebut téh naratay di unggal tempat, jeung aya di antarana anu teu pati jauh jarakna.
Nya kitu deui di wewengkon kuring cicing. Sajumlahing grup kasenian nu ditataan di luhur téh moal hésé ditéangan. Utamana wayang golék jeung kiliningan. Anu boga éta grup téh lain batur, sasat dulur deuheus kuring kénéh ti pihak bapa. Ku kituna, tangtu baé kuring akrab jeung sagala rupa kagiatanana. Ti mimiti acara ngumbah gamelan nepi ka latihan rutin éta grup kasenian. Ngumbah gamelan biasana dilaksanakeun unggal bulan Mulud dumasar kana itungan kalénder Hijriah. Sakalian muludan biasana mah. Acarana téh lumangsung ba’da isa. Dimimitian ku ngaji yasin, maca kulhu, ngado’a jeung satuluyna mah gamelan téh dielapan ku cai kembang beunang ngajikeun téa. Sedengkeun acara latihanana diayakeun saminggu sakali unggal malem Salasa sarta waktuna ba’da isa. Komo deui mun arék méntas mah, latihanana téh sok aya kana dua atawa tilu kalina.
Anu ngirut kana perhatian kuring harita lamun aya sindén anyar (calon sindén) keur latihan. Naon sababna? Ēta calon sindén téh biasana latihan di imah tukang rebab. Waditra latihanana teh ukur dipirig rebab. Ari lalaguanana, minangka lagu wajib nu kudu dikawasa ku calon sindén téa, saperti Kidung (Bismillah), Tepang Sono jeung lagu-lagu nu keur dipikaresep ku panongton utamana bajidor saperti Daun Hiris, Awét Rajét jeung sajabana. Waktu calon sindén latihan ku kuring sok dilalajoanan. Kuring miluan bareng émok jeung calon sinden di eta tempat. Saeutik lobana, tehnik vokal tur lalaguan anu diajarkeun ku nu ngalatih téh napel dina ingetan kuring.
Ayeuna, sok sanajan sora kuring téh jauh kana disebut ngeunaheun, tapi kana hahariringan mah resep pisan. Sok sanajan ukur kawatesanan ku pikeun nimang budak, leuwihna meureun bari papasakan di dapur tamba tiiseun. Katambah deui, meureun karesep kuring kana widang seni teh cigana aya faktor turunan. Ti pun bapa sareng pun biang.
Getih seni aranjeunna ngocor ka kuring. Pun bapa kapungkur téh kantos janten pemain sandiwara di hiji grup sandiwara Sunda jaman harita. Saur pun biang, anjeunna sok kabagian peran jadi rampogna baé. Peran antagonis meureun istilah gayana mah. Pami pun biang kapungkurna juru kawih ti hiji grup kasenian wayang golék. Nya di luhur panggung pisan aranjeuna patepang tug dugi ka nikahna. Waktu kuring laleutik kénéh mah pun biang sok mintonkeun katiasana ka kuring jeung adi kuring. Lagu anu nepi ka ayeuna dipikainget kénéh téh nyaéta lagu “Serat Salira” ti Hj. Ijah Hadijah. Suanten pun biang halimpu pisan. Pas pisan upami anjeunna ngahaleuangkeun éta lagu téh.
Sangeus kuring nyuprih élmu di hiji paguron luhur, karesep kuring kana ngahariring téh asa tambah kapupujukeun. Nyasat di ieu paguron kuring ngeuyeuban bag-bagan ѐlmu jeung paѐlmuan ngeunaan kasundaan. Tangtuna baѐ lain ngan saukur bab hahariringanana wungkul. Tapi sapuratina. Utamana dina widang kasusastraanana anu kacida pisan ngirut perhatian kuring.
Harita, munggaran pisan kuring diajar nembangkeun lagu “Salam Manis” jeung “Sagagang Kembang Ros”. Ku nitѐnan rumpakana heula kataji tѐh. Puitis jeung romantis. Disawang tina jihat kasusastraanana disebut puitis jeung romantis tѐh ceuk kuring mah. Nya tuluy bet hayang apal jejeroanana. Maksud tѐh saha penciptana. Gorѐhѐl kapanggih, horѐng penciptana tѐh Mang Koko. Saha ari Mang Koko? Kuring ukur apal yѐn anjeuna tѐh seniman Sunda anu kawentar pisan . Teu leuwih teu kurang.
Kakara sabulan katukang kuring dikirim hiji buku. Ngahaja cenah dipaketkeun. Anjeunna sobat dalit kuring ti keur mahasiswa kѐnѐh. Kabeneran pisan ѐta buku tѐh medar biografi Mang Koko. Taya maksud rѐk ngabѐjaan bulu tuur. Ieu di handap ku kuring ditulis sabagian tina eusi buku kasebut:


Mang Koko
Jenengan nu lengkepna nyaѐta H. Koko Koswara. Anjeunnna tѐh turunan mѐnak Sumedang anu jenenganana Embah Mukasan. Koko Koswara tѐh putra tunggal ti pasangan Mochamad Ibrahim Sumarta (mѐnak Sumedang) sareng Siti Hasanah. Ramana kalabet salah saurang seniman Tembang Cianjuran malihan kantos kѐnging Bintang Mas (pinujul) dina konkoers (festival) Cianjuran.
Saur Uyat Ru'yat S.C. nu mangrupakeun kulawarga caketna, ti bubudak dugi ka mangsa rumaja Mang Koko kagungan kabiasaan ngalaksanakeun solat berjamaah, adan, sarta tarhim di Masjid Agun Indihiang. Numutkeun Uyat, sacara teu sadar hal kasebut ngajantenkeun suanten Mang Koko kalatih.
Subhanalloh. Tambah-tambah kareueus kuring ka Mang koko sabada kuring nyaho yѐn karya jeung kinerjana nu kawentar samarcapada tѐh geuning dikawitan tina kapengkuhanana ngamalkeun papagon hirup jeung kahirupan urang Islam.
Ēlmu keur kuring mah hal ieu tѐh. Ēlmu anu kacida pisan dahsyatna. Tina hal anu sipatna basajan urang bisa manggihan hiji kasuksesan.

NB:
Hatur nuhun ka nu parantos maparin buku, jazakallohu khoiron katsiro
“KOKO KOSWARA MAESTRO KARAWITAN SUNDA”
Kenging : Tardi Ruswandi
Kelir-2007