TRIBUN JABAR - SAPTU, 2 JULI 2011
KU: HENA SUMARNI
Angger , pareng mangsa carangcang tihang Si Abah norojolna téh. Muru hiji imah nu perenahna tukangeun imah kuring. Imah Bi Iyah. Bi Iyah téh tukang nyieun gogoréngan, kayaning géhu, bala-bala, goréng ulén, donat jeung asakan séjénna. Hal séjén nu jadi tangara pikeun diri Si Abah téh nyaéta sora leumpangna. Ngétéplékna léngkah nu kareungeu mangsa wanci simpé kénéh ku aktivitas, nongtoréng pisan kana ceuli. Lian ti éta, cara Si Abah uluk salam, béda jeung kalolobaan jalma ayeuna.
Sok diteuteup mun pareng ngaléos ti imah Bi Iyah téh. Najan nempona ukur ti tukang, ukur katempo tonggongna wungkul, tapi atra pisan kumaha kaayaanana. Leumpang geus henteu gancang deui, antaré naker siga nu ngahaja ngitungan léngkah sorangan. Leungeunna ngajingjing kérésék nu dieusi gogoréngan. Dagangkeuneun!
Ēta nu ngirut panitén téh. Dina kaayaan umurna anu geus henteu ngora deui, Si Abah daék kénéh barangsiar nyumponan pangabutuh hirupna. Pangabutuh hirup dina jaman anu sakieu weritna. Beunang disebutkeun werit keur kahirupan masarakat leutik mah. Sabab, hahargaan anu tuluy tinuluy patingtérékél sarta pakasaban anu beuki dieu beuki hésé ditéangan. Cenah ceuk nu rahul téa mah, kieu pibasaeunana: komo nénéangan rejeki halal, dalah néangan rejeki haram gé geus hésé pisan. Kaayaan rahayat leutik nu digambarkeun saperti di luhur téh tangtuna baé patukang tonggong jeung nasib paragegedén jeung parainohong, boh pengusaha pon nya kitu deui anggahota partey pulitik nu kalibet urusan korupsi di ieu nagri. Kapan hirupna téh ngahenang-ngahening pisan. Malah mah bisa geugeuleuyeungan mancangkrama ka luar nagri sagala. Dina copélna gé pelesiran ka Bali mah bisa. Kawasna maranéhna mah moal ngalaman hirup ripuh. Balangsiar wanci subuh bari jangjang-jingjing atawa tunggang-tanggung dadagangan.
Balik deui ka sual Si Abah téa. Ti harita sok tuluy dititénan kabiasaanana. Tara towong pisan, unggal poé, unggal mangsa carangcang tihang norojolna téh. Kétéplék sora leumpangna, sendal jepitna, sarung poléng, kamprét bodas sarta kopéah hideung nu dipakéna geus dalit jeung panon kuring. Pikir ukur bisa neguh jeung maparah boa Si Abah geus teu bogaeun deui kadang warga! Teuing jeung saha matuhna! Pituin urang lembur ieu atawa jalma nu ngadon bubuara kitu?
Lamun disebutkeun urang lembur ieu, lembur Cikawéni, asa taya nu dedegenana ciga kitu. Kokolot lembur kapan geus loba anu tilar dunya. Baheula mah di lapang érwé sisi jalan sok dipaké ririungan ku kokolot lembur téh, bari ngarasuh incuna-incuna. Ayeuna mah éta lapang téh geus salin jinis jadi warnét. Demi nu jadi gagantina sok nyayakeun ririungan téh parapamudana. Bari jeung ngalaligeuh kénéh éta gé deuih. Ngariungna di éta tempat lain bari ngarasuh, tapi sok tuluy gigitaran nepi ka tengah peuting. Atuh dina wanci beurangna jadi tempat ngamodif motor anu sora kenalpotna mantak pengeng kana ceuli. Taya hiji gé anu katingal balangsiar ciga Si Abah nu sok datang ka Bi Iyah unggal wanci carangcang tihang téa. Kungsi éta gé ditanyakeun ka Bi Iyah. Susuganan manéhna apaleun saha sabenerna Si Abah téh. Jawabanana semet nyebut duka. Kaharti dina kituna mah, tetelepék teuing kana urusan batur meureun, nu penting mah daganganana aya nu mantuan mangiderkeun. Tapi da asa ku panasaran!
Hiji poé, datangna téh rada beurang. Kareungeu Si Abah uluk salam. Ngalanglaung. Semu dialeu-aleukeun rada panjang. Ku genah kareungeuna. Aya kaihlasan dina ngalanglaung sora uluk salamna. Kareungeuna bet asa nepikeun pesen pikeun ihlas nyanghareupan kahirupan. Sumanget dina nyanghareupan hirup sarta dibarengan ku kasabaran. “Assalamu’alaikuuuuuuuuuuuuuuuum!”, nongtoréng kana ceuli.
“Kasiangan Bah?”, kareungeu Bi Iyah nanya.
“Enya, kaleresan pun incu nu ti Sumedang araya di dieu.”
“Resep nya ngempel!”
“Nya kitu téa wéh, majar ngahaja sono kana dongéng ti Abah. Atuh da indung - bapana geus tara merlukeun ngadongéngan barudakna. Ukur dicukupan ku kaulinan jaman ayeuna. Permios Nyai!”
“Mangga bah, kadé laleueur!”, ceuk Bi Iyah. Mangpaurkeun meureun. Warugana nu ukur sakitu saré’atna nyorang jalan nu sapeupeuting diguyur ngagebrétna ci hujan.
Hiji deui peunteun Si Abah téh nambahan. Tina pagunemanana jeung Bi Iyah nu bieu kareungeu beuki ngandelan kareueus téh. Kawasna, resep mun hiji mangsa pareng ngaguar pangalaman hirupna. Ari kolot mah kapan tangtu loba luang pangalamanana. Ninggang kana paribasa, legok tapak genténg kadék. Landung kandungan laér aisan. Leuleus jeujeur liat tali. Mulungan élmuning kahirupan pikeun jadi cecekelan, jadi calecer tur dipiharep bisa ngawewegan kayakinan kana naon rupa nu geus diajarkeun dina bag-bagan élmu agama.
Puguh, rumasa! Acan ngarasa sampurna nyanghareupan hirup téh. Mungguh kapan kasampurnaan mah anging Alloh nu kagunganana. Urang mah ukur manusa nu teu elat milampah salah. Henteu elat ku kakurang dina prakna ngalaksanakeun ibadah. Ngan kapan pameunteun bener henteuna manusa, leket henteuna ibadahna, sarta alus goréngna laku lampahna, lain papada urang nu ngahakiman. Jolna lain ti papada manusa pikeun nangtukeun loba henteuna dosa téh. Kapan sakumna muslim papada uninga, Alloh mah lautan hampura. Henteu jeung moal nampik ka umatna nu geus milampah hiji dosa. Asal bener dina ngalaksanakeun tobatna. Pikeun ngandelan éta kayakinan, salah sahiji carana kapan ngaguar pangalaman ti parasesepuh. Salah sahijina meureun ka Si Abah!
Subuh éta mah ngahaja panto dapur téh dibukakeun. Maksud téh sangkan hawa seger wanci subuh asup. Lian ti kitu, anginna dipiharep gancang nuhurkeun lanté dapur nu kakara bérés dipél. Hiliwirna aroma buah tina pembersih lanté nu dipaké nepi kana irung. Seger kaangseuna. Top kana sapu jeung pangepélan. Tuluy digantungkeun kana paku paragina gigireun mesin cuci. Panon ngulincer niténan sabudeureun dapur. Lening tur bérés. Kari ngahaneutkeun deungeun sangu jang mumuluk isuk-isuk.
Basa ngalengo tina panto dapur niténan jajalaneun tukangeun imah nu brasna ka imah Bi Iyah téa geuning meni barala. Bungkus urut jajanan barudak lolobana mah. Puguh liliwatan saréréa éta jalan téh. Rungseb katempona. Runtah ayang-ayangan sapaparat jalan, ti mimiti hareupeun imah Bi Iyah nepi ka tungtung bénténg imah kuring. Ku hésé nyadarkeun masarakat urang mah, teu pira, sina sadar sangkan ngabiasakeun miceun runtah kana tempatna. Lain lang-lung ka mana sokna. Ih...da ku hésé. Ēta deuih, lanjangna tatangga kéncaeun imah. Ku ngedul-ngedul teuing. Tara daék beberesih nyapukeun runtah nu pabalatak lebah jalan liliwatan saréréa téa. Enya gé nu dipaké jalan téh taneuh kulawarga kuring, tapi kapan alhamdulillah geus jadi fasilitas umum. Wajar asana téh mun meresihanana gé babarengan. Gap kana sapu nyéré, séak tuluy sasapu. Teu wudu ngahunyud runtah téh. Tuluy diasupkeun kana kérésék. Biasana dua poé sakali dipiceun ku Mang Uwo, tukang runtah di wewengkon kuring matuh.
Keur kitu, kareungeu kesrékna léngkah Si Abah téa. Bari nyenyekel kénéh sapu nyéré kuring melong ka lebah datangna éta sora. Jajalaneun nu rék diliwatan ku Si Abah. Jol nu dianti téh norojol. Pécékrék leutik pangawakanana. Sarung poléngna dominan ku warna héjo. Kopéahna buludru hideung, henteu dibaju kamprét poé ieu mah, tapi maké kaos nu geus lalayu sekar. Basa paadu teuteup, kuring miheulaan seuri. Si Abah males ku imut. Katara waosna bérés kénéh. Paromanana marahmay, pakulitanana beresih.
“Beberesih Néng?”, pokna.
“Muhun”
“Rajin Enéng mah”, pokna deui.
“Hatur nuhun”
“Henteu angkat damel?”
“Teu acan, sakedap deui”, ceuk kuring.
“Di mana damel téh Néng?”
“ Di Rumah Sakit”, walon kuring.
“Saé atuh! Tuang raka dokter?”, cenah nanya deui.
“Sanés Bah. Di Pémda anjeunna mah. Dupi linggih téh palih mana?”
“Palih kulon Abah mah. Ah, da tara sok campur jeung batur. Ieu baé abah mah, percaya tur yakin ka diri sorangan”, cenah bari merenahkeun dampal leungeun kana dadana. Kuring kerung.
“Punten, kumawantun sumanggem! Mun urang guguru ka ustad, kapan sarua jeung urang ustadna gé, pada-pada manusa kénéh. Jadi keur naon? Mending yakin kana diri pribadi baé. Bener diri urang hartina bener ogé hirupna urang! Punten kumawantun”, pokna deui. Kuring beuki kerung.
“Teu sawios”
“Punten, dupi Enéng yuswa téh sabaraha taun?”
“Tilu puluh salapan.” Inyana imut.
“Abah mah tujuh puluh salapan. Pun bojo genep puluh salapan. Nikah taun lima puluh hiji. Berekah, nepi ka ayeuna taya pacogrégan.”
“Saé, turutaneun abdi. Dupi putra sabaraha hiji , Bah?”
“Dua belas , Néng. Incu tos dua puluh dua. Enéng putra sabaraha?”, malik nanya.
“Nembé hiji.”
“Geuning?”
“Muhun, hoyong mah dua atanapi tilu deui, tapi wallohu’alam, rupina Mantenna tacan mercanten deui.”
“Keun. Ulah alit manah. Hiji gé asal cageur, bageur, bener, pinter tur singer.”
“Amin, hatur nuhun.”
“Néng! Teu gampil kapan ngadidik budak téh. Koncina tuladan ti diri urang. Urang nu jadi kolotna. Punten kumawantun!”
“Mangga, teu sawios.”
“Mugia katampi, sing janten élmu.”
“Amin, hatur nuhun, tangtos, katampi pisan.”
“Alhamdulillah, sadayana putra Abah lulus banglus hirup rumah tanggana, teu kareungeu aya nu pacogrégan. Naon margina? Margi ajeg landasanana. Kahiji, ulah sok pirajeunan nyarita ku basa anu kasar. Leres?
“Muhun, leres pisan.”
“Lamun urang, salaku kolotna sok ngagunakeun basa kasar, utamana hareupeun nu jadi anak, tinangtu bakal diturutan.”
“Muhun, leres pisan.”
“Conto. Salaki - pamajikan paraséa. Salakina nyebut tolol ka pamajikan. Pamajikanana nyebut goblog ka salaki. Kapan éta téh sarua jeung ngabolékérkeun aib diri sorangan. Kapan nu lalaki nu sok nolol téh. Sarta nu awéwé nu logor mah. Tuh pan, moyok diri sorangan éta téh.” Basa ngareungeu kekecapanana nu bieu mah teu burung rada meureudeuy kuring téh. Ēra!
“Nu kadua. Ulah niheulakeun rasa ambek. Budak hésé diatur, ambek. Salaki elat mulang, ambek. Pagawéan dapur teu barés ambek. Euweuh jeung leungit sipat sabarna. Padahal, palasifah hirup urang Sunda mah nyekel deleg kana hiji paribasa “jalma sabar téh bakal jadi subur”. Leres?”
“Muhun, leres pisan!”
“Seueur jalmi nu sarumping ka Abah. Geus rimbitan, tapi datangna sosoranganan! Mun lalaki datang nyorangan dititah balik deui ku Abah mah. Pon nya kitu deui sabalikna. Jadi, mun rék datang ka Abah mah kudu jeung pasangan séwang-séwangan. Ngarah sauyunan ngaihtiaranana. Ngarah apal deuih naon baé pameulina.”
“Hatur nuhun kana samukawis piwejangna Abah. Mangga dikantun.” Kuring surti, ka mana ngaléokna obrolan téh.
“Mangga Enéng, hatur nuhun parantos kersa ngobrol sareng Abah, hapunten bilih aya kecap anu kirang merenah larapna. Mugia naon rupi anu disanggemkeun ku Abah tiasa janten élmu.”
“Amin, hatur nuhun.”
Léos Si Abah ngaléos moro imahna Bi Iyah. Teu lila kareungeu kétéplék sora léngkahna, laju ngajauhan. Tuluy ngiles kasilep ku sora gerungna patalimarga nu mimiti balawiri ka lebah wewengkon Jalan Cikawéni. Satuluyna sumebar béja. Ceu Acah jeung Mang Kimin jadi maju usahana sanggeus guguru ka Si Abah. Jang Asep pruk ngadahup ka Néng Marni majar cenah diihtiaran ku Si Abah. Kang Alan kapilih jadi caleg taun ieu guguruna ka Si Abah. Ras inget kana caritaan Si Abah harita. Kuring jadi kurang-kerung deui.
“Pami Enéng hiji waktos kersa rurumpaheun nganjang ka rorompok ka Abah, omat, kedah sareng ingkang raka. Supados sauyunan ngaihtiaranana. Supados uninga deuih naon baé pameulina.”
Cikendal, Mei 2011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar