KU: HENA SUMARNI
Pasawahan ngaplak satungtung deuleu. Mantak waas kana haté. Kawaas anu keuna kana mamaras rasa. Tingsérédét tur tingsareblak. Teu rék kitu kumaha, malikan deui napak tilas ka ieu tempat téh ayeuna mah teu dibarengan ku manéhna. Manéhna nu meunang sataun leuwih reureujeungan, ngalukis rupa-rupa panineungan nu ngahaja diguratkeun dina kanvas haté kuring. Haté kuring nu kiwari ngabaketrak, teuas, geunteul, rumeuk tur burakrakan. Pabaliutna rupa-rupa rasa, wuwuh numpukeun kapeurih. Padahal rasa téh angger keur manéhna. Ngan robah ajénna. Kacinta, kanyaah, kadeudeuh jeung rasa dengdem. Pagalo ngajadi hiji. Peurih.....karasana beuki peurih! Huntu kekerot, leungeun nu ti tatadi dipeureupkeun dipaké neunggeulan pingping sorangan, dipaké neunggeulan dada sorangan. Neunggeulan diri nu geuning bet éléh wowotan. Kasoran jurit dina palagan kaasih bari dipapatri kapeurih.
Nyoréang deui mangsa ka tukang. Mangsa anyar wawanohan jeung manéhna. Harita, kuring jongjon cumarita di podium. Salaku jurnalis, kuring kapeto cacarita, ngeuyeuban pangaweruh parapamilon dina widang kamekaran basa. Padahal, teu ieuh ngarasa bisa. Bubuhan puguh dipaksa, ahirna mah éléh déét. Keur anteng cumarita, bet paadu teuteup jeung hiji wanoja nu diuk gigireun sobat kuring. Belenyéh imut. Inguk manggut tanda rengkuh. Luk manéhna tungkul. Kitu deui diri kuring bet laju teu puguh rasa. Klik cenah! Aya nu disada dina rasa haté kuring. Aya rasa anu béda, ngagalura bari tuluy marengan salila nya cumarita. Pareng sanggeus acarana lekasan, kuring muru ka Ki Sobat. Kapan mémang jeung inyana pisan miang ti Bandung téh.
“Kang, ieu nepangkeun, anggota urang. Ti Tasik anjeunna téh!”
Solongkrong manéhna ngasongkeun leungeun. Gap, pataréma! Deui ieu haté bet tuluy ngageter. Geter ahéng nu teu kaharti ku naon nya musababna.
“Anjani Hastuti!”, pokna.
Gusti! Sorana. Halimpu nakeranan. Asa ku nyerep kana liliuh rasa ieu haté. Asa kakara ngadéngé, halimpuna éta sora bet ningtrimkeun lelembutan. Pok kuring némbal, sarua nyebutkeun ngaran sorangan.
“Andika Gumelar!”.
Ti dinya mah tuluy ngobrol ngalér-ngidul. Rupa-rupa. Ti mimiti ihwal pakasaban nepi ka urusan kalangenan tur kadaharan nu jadi karesep masing-masing. Ku lucu! Cenah karesepna téh kana tomat. Tomat téh sok dirujak. Rujak tomat karesepna. Basajan pisan. Basajan sikepna, basajan dangdanana, basajan ogé cara manéhna ngirut haté kuring. Ngiwat lelembutan ieu diri, nepi ka tagiwur nya pipikiran.
Poé-poé satuluyna dieusian ku mangréwu-réwu carita. Carita antara kuring jeung manéhna. Jauhna jarak antara Bandung jeung Tasik, teu ieuh jadi hahalang. Aya jalan komo meuntas. Mindeng kuring meunang pancén ngadongdon sababaraha tempat pikeun jadi sumber berita di wewengkon Tasik jeung sabudeureunana. Tina sakitu lila jeung mindengna patepung, aya hiji hal nu jadi kapanasaran. Mun pareng neuteup liliuh panonna, bet ciga aya rusiah nu disidem. Disidem disamunikeun. Tina galécokna mun keur anteng cumarita. Tina imut jeung rindatna. Tina rupaning aktivitasna nu ngudukeun bisa ngahibur balaréa di jomantara. Enya, kapan manéhna téh penyiar di hiji radio.
Tapi, lain gé kuring, mun teu hasil nyusud tapak rasa panasaran. Kasang tukang kuring salaku jurnalis mampuh nyelok rupaning eusi haténa. Tungtungna ngaburula, mudal sakabéhna. Sakabéh lalakon hirupna diwewelkeun ka kuring. Ngabasakeun diwewelkeun téh cenah pédah boa kuringna mah embung jadi tampolong paragi nandéan ngabulaéhna sagala rupa bangbaluh hirupna. Da tadina gé ukur hayang nyaho. Teu ieuh miharep sakabéhna dibudalkeun. Lahuta teuing mun kuring boga paniatan kitu. Tapi ari geus kieu mah nya kagok asong. Sakalian deuk ngahaja ditandéan. Ongkoh karunya ka jinisna. Horéng banget nya ku piwatireun lalakon kahirupanana.
Ceuk manéhna kieu. Kieu basa ngamimitian nyaritakeun sabagian lalakon hirupna. Di saung harita téh, saung ranggon Leuwi Dahu, nu jadi saksina.
“Dika, Jani teh da boga salaki. Malah mah boga budak. Tapi lain brol tina rahim sorangan. Budak kukutan. Sabab geuning Jani mah teu bisa ngarundaykeun turunan. Jani mah gabug, Dika!”
Panonna nu semu ceuleuyeu, melong ka jauhna. Kana ngaplakna pasawahan satungtung deuleu. Hiliwirnna angin neumbag rada tarik. Jung manéhna nangtung. Leungeunna muntang kana tihang saung. Buukna nu galing muntang ririaban katebak angin. Sawaréh mah nutupan kana beungeutna. Nutupan paromanna nu alum nguyung. Patukang tonggong jeung galécok kabungahna mun pareng keur siaran di radio. Ah diantep! Moal diganggu. Keun, sina bangblas cumarita.
“Jatnika ngaranna. Ēta ngaran téh Anjar nu méré. Cenah itung-itung pameungkeut geugeut duaan.”
Buukna disiklakeun. Terus ngodok saku calana jeansna, ngaluarkeun karét beungkeut rambut. Rambutna dibuntut kuda. Beuki nyari katingalna.
“Anjar? Ingkang raka?”
Sirahna gideug meueusan. Tapi kuring tuluy surti, saha Anjar sabenerna.
“Ayeuna Anjar teuing di mana ayana, basa katohyan ku Adam pédah Anjar sering nemonan ka imah, Jani paséa rongkah. Ti dinya panyakit Adam kanceuh deui. Resep sila, resep liar ti peuting, resep ngakaya batin Jani. Antukna manéhna dibeslah ti tempat gawéna. Malah kungsi di-BAP ku pihak anu berwajib. Adam nyéléwéngkeun duit nagara keur mélaan karesepna.”
Aya nu ngeyembeng dina kongkolak panonna. Terus manéhna nukangan. Taktakna endag-endagan. Nahan bedahna mangréwu rasa, nu dikemuna salila ieu. Basa ngahaja dideukeutan, tuluy milu ngajengjen tukangeunana, manehna tuluy malik. Gabrug ngarangkul, nginghak ngabangingik sawirahma jeung ratugna keteg jajantung kuring. Sajongjongan nu nginghak téh diantepkeun. Sina budal kasedihna. Sina palid ka nagri sarébu asih. Asih kuring ka manéhna. Lalaunan buukna diusapan. Ku dampal leungeun, lalaunan cimatana disusutan. Rét manéhna tanggah neuteup kuring. Panonna nu beueus kénéh ku cipanon neuteup geugeut, lalaunan biwirna embut, sirahna nyusup deui kana dada, sumerahna beuki nungtun lelebna kadeudeuh kuring. Angin nu ngoyagkeun daun paré, nganteurkeun wirahma asih. Séahna milu mépéndé, mépéndé dua haté nu keur dirungrum amisna kareueut deudeuh. Kadeudeuh nu teuing naon pingaraneunana!
“Andika Gumilar, naha atuh henteu ti baheula urang téh patepung!”
Sorana ngageter, eurih-euriheun kénéh. Dina sela-sela inghakna, leungeun katuhuna meulit kana cangkéng. Pageuh....ciga nu sieun ditinggalkeun. Sedeng ramo-ramo leungeun kéncana ngucumel ngaramesan kerah kaméja.
“Jani, taya kecap leuir pikeun silihpikanyaah! Najan kaayaan urang duaan sarupa kieu!”
“Enya! Keun, urang milosofi cai baé. Teuing rék kumaha jeung kamana palidna ieu rasa téh, urang angon ku duaan. Iraha Dika rék mulang ka Bandung?”
“Pagéto. Tapi minggu hareup gé ka dieu deui. Kapan deuk ngaliput pelantikan bupati terpilih. Meureun Jani gé nampa pancén nu sarua?”
Sirahna unggeuk. Tuluy diantelkeun nyuuh kana dada. Nangkeup deui pageuh pisan. Kaangseu parfum nu dipakéna, nyelengseng noélan irung. Ukur wasa diusapan nu nyusup téh, diseuseup embun-embunanana. Mun kongang mah, hayangna leuwih ti kitu. Tapi kadeudeuh nu najan ukur jadi mangandeuh ngenyed kadali nu méh leupas palakiahna.
“Mun meunang nawar, Jani mah embung pukah. Hayang kieu baé salawasna. Ngagéléhe dina dada Dika. Dada nu jadi sagara tempat Jani balabuh. Ngadon reureuh tina rupaning bangbaluh hirup. Tapi Dika kudu mulang ka Bandung nya!”
Dijawab téh ku imut. Diusapan deui buukna. Deudeuh, asih, bagja ngalimpudan saung ranggon. Ngalimpudan wewengkon Leuwi Dahu nu ngamprokeun dua rasa. Rasa nu pacampur jeung samagahana kaayaan. Bongan! Bongan pada-pada geus duaan.
Ngahaja ba’da subuh muru ka Bandung téh. Kirilik ponsél disada, horéng sms ti manéhna. Eusina pinuh kadeudeuh, ngomat-ngomatan sangkan iatna salila di perjalanan jeung tangtuna baé miharep sangkan gancang dines deui ka kota Tasik. Tasik anu resik, nu mampuh ngusikeun asih, ngulisikeun sukma, mébérkeun jangjang kahéman, tandon rasa, tandon raga. Nandonkeun rasa jeung raga nu kajiret guligahna kawih asmara, asmara nu disamaraan ku samagahana dua rasa.
Nepi ka Bandung, reureuh téh ukur dua poé. Pancén ti pagawéan ngudukeun kuring nyuprih deui élmu bag-bagan jurnalistik di Batawi. Kuring cenah nu kapeunteun mampuh jeung meujeuhna. Meujeuhna lebah bekelna ogé deuih ceuk staf di kantor mah. Ukur seuri konéng dikitukeun téh. Tilu bulan lain waktu nu sakeudeung ninggalkeun manéhna. Ēta nu jadi kabeungbeurat téh. Ngahagalkeun disms, dibéjaan yén kuring teu jadi indit ka Tasik. Hanjelueun pisan. Hanjeluna, teu béda reujeung kuring tangtuna gé.
Padetna jadwal pelatihan mamaksa kuring ngurangan konték jeung manéhna. Da enyaan atuh, boro-boro keur smsan, leuwihna teteleponan dalah keur udud gé teu ari-ari acan. Teu ari udud-udud acan. Nyaan kituna téh. Atuh pleng wéh taya béja-taya carita. Haté mah kebek ku kakangen. Nu biasana tuksel smsan, kari-kari dipegatkeun aktivitas, karasana téh kokoléangan, ngoléang dialungboyongkeun kasono. Geus diajam paniatan, réngsé pelatihan mulang ti Batawi téh rék nyelang ka Tasik heula. Kirilik ponsél disada, smsna malesan tur ngahayukeun pareng tepung di tempat nu biasa. Saung ranggon di Leuwi Dahu.
Cunduk kana waktuna, ngahaja disampeur ka tempat nu biasa. Paragi jangji pasini patepung. Hareupeun SMA Negeri nu perenahna sisi jalan. Tuluy mobil téh ngageuleuyeung lalaunan muru pertelon Cilémbang. Ngahaja muter jalanna, nguruling heula ka Perum Cisalak Permai, terus meuntasan rél karéta api nu brasna ka Leuwi Dahu téa. Nu diuk gigireun téh dirérét ku juru panon. Anteng neuteup ka jauhna. Angger! Sok kitu pamolahna. Gap leungeunna diranggeum. Pipina diusapan. Ukur imut, imut nu salilana aya dina kolébat jeung kélébétna lamunan kuring.
“Kangen henteu?”
“Dika kangen henteu ka Jani?”
“Ih, bet malik nanya. Mantak ngahajakeun ka dieu heula téh mélaan rasa nu éta!”
“Enya, kangen atuh lah!”
Neg! Kana angen aya nu neunggar. Kuring kateunggar ku nada jawabanana. Aya nu robah dina lentong nyaritana. Aya naon Anjani?
Mobil dikasisikeun. Prok patepung teuteup. Manéhna ngabalieur. Gap deui leungeunna diranggeum.
“Aya naon Anjani?”
“Dika, Leuwi Dahu mah itu, naha bet reureuh di dieu?”, pokna malibirkeun pananya.
“Nyaan ieu téh rék tuluy ngajugjug ka ditu?”, ceuk kuring. Curuk lempeng nunjuk ka béh hareup.
“Enya! Jani aya dongéngkeuneun.”
Manéhna unggeuk ngayakinkeun. Gas dihirupan deui, rada nyemprung ayeuna mah, hayang buru-buru nepi. Panasaran, dongéng naon cenah nu rék ditepikeun téh. Ngadak-ngadak bet teu genah rarasaan.
Nepi ka nu dituju, mobil diparkirkeun. Jrut tarurun, muru saung nu biasa. Pangjuruna. Genah di béh dinya mah. Malidkeun panénjo téh bangblas ka pasawahan sabudeureunana. Sabudeureun wewengkon Leuwi Dahu, réstoran nu sok dipaké jangji pasini patepung. Tuluy mesen ménu nu jadi karesep duaan. Saperti biasa, ulukutek leunca, sambel tauco jeung rujak tomat jadi ciri has ménu pesenan. Dina naratayna dahareun na daftar ménu éta réstoran, nu tilu mah tara ieuh katinggaleun.
Daging hayam beunang nyuiran geus ngahunyud dina piring. Sok hayang dihuapan kapan mun dahar téh. Tapi harita mah manéhna maké bet nolak.
“Entong ngahuapan Jani ayeuna mah. Jani nu rék ngahuapan Dika!”, pokna bari neuteup. Atoh dikitukeun téh éta nu dipiharep. Ngalimed dahar téh. Tapi manéhna mah henteu kitu. Caman-cémen, semu nu teu pati niat.
“Kunaon bet ngadak-ngadak ancin?”
“Tadi ngabaso di studio, bareng jeung Téh Enuy!”, pokna. Teu hayang loba tatanya. Da engké gé sok budal sorangan. Rot kana és jeruk. Ukur disuruput. Geus mimiti teu genah rarasaan téh. Leguk, pindah ngaleguk ci entéh haneut. Léos turun ka gigireun saung, kokocok leungeun. Kitu deui manéhanana. Laju, leungeunna gugupay ka pramusaji. Sababaraha wadah sésa alas kadaharan dipérénan. Iwal gelas és jeruk, cai entéh jeung rujak tomat karesepna.
Leungeun ngusiwel ngodok roko jeung korékna. Pelenyun udud. Haseup roko nyerebeng kabawa angin. Angin Leuwi Dahu nu kiwari bet karasa béda mapagna. Béda jeung sasari. Ngimbas kana bédana rarasan kuring ayeuna. Bet terus rasa. Rét ka nu gigireun, anteng ngeunteung memener riasan wedakna, lipstikna jeung buukna. Kirilik ponsélna disada. Diukna ngésér ngajauhan kuring. Ih, naha bet kitu! Biasana gé bari ngagéléhé kana dada nampa telepon téh, masing rék ti saha baé ogé. Ari ayeuna! Keun, moal dipaido, ké ogé betus sorangan.
“Dika! Tadi Anjar nu nelepon. Dua minggu ka tukang, basa Dika pelatihan di Jakarta, Jani nepungan Anjar ka Bandung. Ngahajakeun jangjian tepung di Bandung. Ayeuna Anjar matuh di Batam, muka usaha di ditu samulangna jadi TKI ti Jepang téh”.
Hareugeueun, kuring bati hareugeueun. Roko nu keur dikenyot diteundeun dina asbak. Calacahna sawaréh mah tuluy rabeng. Rot kana és jeruk, bet jadi pahang karasana.
“Malah Anjar mahanan bekel keur Jatnika. Lobana sapuluh juta. Itung-itung naur cenah, baheula Anjar maké duit Jani, lobana sakitu, keur usaha muka béngkél. Tapi kaburu Adam nyahoeun. Tuluy Anjar kabur. Ayeuna Anjar datang deui dina kahirupan Jani jeung Adam nu keur ciga kieu. Anjar masih bubujangan!”, ngomongna bari nukangan. Bari ngomé-ngomé ponsél nu ti tatadi dikeukeuweuk ku manéhna.
Ku hayang nongtak buukna. Marieuskeun awakna, sina madep nyanghareup ukur ka kuring. Hayang neuteup bubuleud panonna. Hayang nanya haté leutikna, naon hartina diri aing salila ieu keur manéhna! Deuh, bet sulaya tina panyangka, panon anu salila ieu ucang anggé dina pipikiran, kiwari nyabeulah rasa.
“Anjar satia nungguan. Anjar satia marengan ti kaanggangan. Anjar jeung Jani dibeungkeut ku Jatnika. Basa tepung di Bandung téa manéhna mahanan ieu. Nitah Jani nu nyairkeun.”
Kusiwel, ngaluarkeun sacewir keretas tina kantongna. BG geuningan. Top dicokot, tuluy diilikan, gede ogé pangajina. Boa hal ieu nu jadi sabab-musabab barobahna sikep Anjani téh kitu? Rabengna calacah dina asbak nu mimiti katebak angin, lir rabengna pipikiran kuring. Ngulayaban nénéangan pijawabeun. Kana rasa panasaran nu kiwari meyud minuhan rohangan kalbu nyaliara dina raga, naon nu jadi kasang tukang barobahna sisikepan diri manéhna.
“Dika, Jani nyaah ka anjeun. Tapi Anjar leuwih ti heula aya dina kahirupan Jani. Geus diniatan, Jani rék ménta dipegat ka Adam. Demi Anjar!”
Gusti.........! Lamunan kagebah basa pramusaji nganteurkeun pesenan. Sanggeus nganuhunkeun, top kana ulukutek leunca, top deui leungeun ngarongkong rujak tomat. Digalokeun dina piring keramik bodas. Diramesan ku ramo-ramo nu eukeur ngemu baluas. Diri ngocomang ngomong sorangan.
“Anjani, anjeun téh ratu nu panggeulisna. Ratu monyét, ratu oa, ratu beru jeung ratu surili. Kiwari anjeun keur nyiliwuri, minda rupi ngajirim Déwi Drupadi. Anjani reujeung Drupadi kiwari aya dina ranggeuman kuring. Ranggeuman ramo-ramo kuring nu ngemu manglaksa rasa baluas, kasoran tur katambias!”
Angin Leuwi Dahu nyéahkeun tinggarupayna pucuk-pucuk daun paré, hésé rék mépéndé, ngaléléah marojéngna hiji haté, haté nu geus teuas, ngabaketrak, geunteul, rumeuk tur burakrakan.
Haturan kanggo kasepuhan, pangersa ASW, nu parantos maparinan ide carita.
Cimahi, April 2011
MANGLE, NO. 2323 19-25 Mei 2011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar