Minggu, 08 Juli 2012

CARPON TRIBUN, 16-18 MEI 2012


IBU
Ku: Héna Sumarni
                “Tos dua periodeu Bapa ngajabat. Seueur program nu tacan tutas kalaksanakeun.  Ku kituna, kedah aya anu neraskeun. Nu safikroh jeung saidéolohi pikeun nuluykeun pangwangunan di ieu daérah”, cumarita bari ngulinkeun pulpén na sesela ramo-ramona.
                “Mangga, ngiringan. Abdi sadayana tangtos ngarojong kana pamaksadan Bapa. Leres pisan kedah aya nu neraskeun kapamingpinan Bapa, margi program pangwangunan pikeun ngaronjatkeun karaharjaan rahayat tacan sapinuhna kalaksanakeun. Nanging, saha kinten-kintenna nu bakal neraskeun Bapa?”, ceuk nu diuk katuhueunana.
                “Ké, Bapa rék nanya heula Usup. Manéhna deuk makalangan moal? Mun manéhna deuk maju, nya Bapa moal ngajukeun calon. Sapinuhna urang rojong nangtungkeun Usup. Sabab Bapa geus loba kahutangan ku manéhna. Nangtungna Bapa pikeun kadua kalina kapan andil manéhanana. Kitu deui geureuhana, kapan sakitu satuhuna ngarojong sakur kagiatan kawanitaan jeung Si Ibu.”
                “Sadaya-daya, mangga ngiringan.”
Jempé sakedapan di jero rohangan téh.  Si Bapa  pangheulana cengkat. Giak nakeranan dua ajudanana mérénan kacamata, pulpén  jeung buku-buku nu bieu disanghareupan Si Bapa. Tuluy saréréa kaluar ti éta rohangan. Aya kana tujuh urangna nu ngariung téh. Nilik dangdanana, kawasna pejabat ésélon IV wungkul. Satuluyna, maranéhna ninggalkeun éta rohangan. Samobilna-samobilna  tinggeuleuyeung kaluar ti palataran parkir. Satpol PP nu pikét peuting harita ngilu sibuk markiran.
                Geus jadi sabiwir hiji. Kamajuan pangwangunan di ieu kota téh kawilang suksés ti saprak dipingpin ku Si Bapa. Sababaraha penghargaan di tingkat régional jeung nasional dicangking ku ieu kota. Dina sagala widang kituna téh. Atuh jadi kareueus saréréa. Tapi, nyedek kana taun-taun panungtung Bapa lungsur  ngajabatna, mimiti loba dédéngéan. Cenah ceuk béja Si Bapa kagungan POM béngsin nu perenahna caket kantor Pémda. Cenah Si Bapa kagungan kos-kosan caket Pérum Cipta Asri. Cenah  Bapa gé janten komasaris utama di salah sawios bank BUMN. Cenah deui, Si Bapa téh kalibet kasus mark up anggaran proyék pangwangunan kantor Pémda? Ah, piraku Bapa siga kitu. Asa teu percaya. Meureun éta mah bagian tina black campanye rival pulitikna!
                Beuki dieu, beuki ramé kaayaan téh. Sanajan  jauh kénéh kana lumasungna Pilkada, geus jul-jol parainohong nu deuk nyalonkeun. Rapang baliho nu fotona singjareblag. Leuwih-leuwih ti baliho iklan parasélébritis. Padahal, ieu kota téh teu ieuh disebut lega. Sab, mung ukur diwangun ku tilu kacamatan jeung lima las kelurahan. Tapi, masing sakumaha heureutna lahan garapan ogé ari jeneng jadi raja mah genah karasana meureun. Kitu jigana nu aya dina pikiran maranéhna nu rék makalangan.
===
               “Pa Usup Atmaja nyalonkeun? Nu bener, Rustam!”, ceuk Pa Surya ka supirna.
                “Leres, Pa!”
                “Kapan harita basa ditaros ku Si Bapa cenah moal maju!”
                “Numawi. Saurna Bapa ogé janten bendu basa uningaeun Pa Usup majeng. Ku Bapa didugikeun ka paracamat basa rapat di Cikatapang.”
                “Kumaha kasauran Bapa téh cenah?”
                “Bapa téh nyarios kieu; ongkoh moal maju, ari teu lila kalah ka ngajijingjing hulu banténg!”
                “Lah! Ripuh lamun Pa Usup nyalon mah. Sab, sacara organisasi mah ngadunungan téh ka Pa Usup. Tapi ari nu jadi raja di ieu kota téh pan  Si Bapa! Dilématis kaya kieu mah! Biluk ka Si Bapa, sakeudeung deui gé béak masa jabatanana. Ari milih Pa Usup, kumaha ka Si Bapa deuih. Pan Si Bapa téh rék nyalonkeun Si Ibu!”
                “Si Ibu anu mana, Pa?”
                “Aéh-aéh! Na ari manéh! Nya pamajikanana atuh. Bu Haji Maryati!”
                “Oh!  Paingan atuh. Ayeuna-ayeuna kagiatan PKK téh dihangkeutkeun pisan. Ngawitan nyuri star kanggo kampanyeu nginten! Da Ketua TP PKK badé nyalonkeun!”
                Incumbent mah mémang diuntungkeun. Sakalieun kumpanyeu tiheula gé teu katara. Tapi da sah-sah sajah. Lir ibarat tukang dagang, mun daganganana hayang laku pan kudu diiklankeun. Kumaha baé carana mah. Komo deui ieu, deuk makalangan dina Pilkada. Tangtu usaha sakuat tanaga sangkan dipiwanoh ku masarakat. Nu ahirna sorana tamplok keur urang.”
                “Kunaon Si Bapa nyalonkeun Si Ibuna, nya? Teu aya deui jalmi sanés nu dipercanten kitu?”
                “Pertimbanganana meureun suksési jeung kaderisasi. Salila ieu pan Si Ibu nu marengan Bapa dina sagala kagiatan. Tangtu Si ibu apal pisan kana pola pikir, rencana, jeung program-program naon baé nu enggeus jeung nu acan kalaksanakeun. Si Ibu kader utama pikeun nyuséskeun jeung ngawal kalumangsungan pangwangunan di ieu kota.”
                “Tiasa janten kanggo ngalanggengkeun kakawasaan, Pa! Kanggo ngamankeun rusiah-rusiah nu sakedahna henteu betus ka publik. Kaseuseueuranana pejabat di urang mah kasusud talajak ahéngna téh sabada léngsér tina jabatanana pan. Ari nuju jeneng kénéh mah tara aya nu wantuneun ngonggét-ngonggét.”
                “Tong suudon, Rustam! Salah tah pameunteun téh. Loba ayeuna mah pejabat anu digebruskeun ka pangbérokan alatan kasusna kabokér.”
                “Ha, ha, ha. Muhun nya”, Pa Rustam nyakakak. Pok deui nyarita.
                “ Sakaterang abdi mah, Habib Toni nu janten tim suksésna Si Ibu mah, Pa!”
                “Habib? Pa Toni? Pa Toni anu di BKKBN?”
                “Muhun. Kawasna pami Si Ibu gul, Pa Habib janten Kepala KKD tah, lahan baseuh nya di dinya mah.”
                “Rustam, yeuh reungeukeun. Pa Toni mah lain habib. Pédah irungna panjang jeung keling pakulitanana baé sok disarebut habib téh. Aslina mah urang Cikaramay. Lumayan ogé, geus  lila dines di dieu. Enya, Pa Toni nu salila ieu ngajajap-jajapkeun Si Ibu kum.... éh kunjungan ka kelurahan-kelurahan mah. Bisa jadi. Mana toh-tohan buméla ogé aya nu dipimaksud. Atawa aya haréwos husus ti pihak Si Ibu ”
                “Nu mantak janten hanjakal mah, silaturahmi Si Ibu sareng istrina Pa Usup janten bengkah, Pa.”
                “Kapan kitu dina pulitik mah. Teu aya kawan atawa lawan nu langgeng tur abadi. Kawan bisa jadi lawan, atawa sabalikna, lawan bisa jadi kawan.”
                “Kantos dina hiji kagiatan, abdi ngiring ngariung sareng Si Ibu. Anjeunna ngadongdon persiapan acara kartinian. Deuh, éta Pa Habib. Meni saboréténa ngagogoréng istrina Pa Usup.”
                “Ari manéh ula-ilu kana éta riungan na deuk nanaonan, Rustam?”
                “Kapan jajap istri bapa, ngiringan ngadegung harita téh geuningan!”
                “Aéh, enya. Naon cenah nu ditepikeun Pa Toni ka Si Ibu?”
                “Majar cenah Bu Yayah téh jalmi setrés. Margi sabada masarakat uningaeun Ibu majeng, perhatian masarakat téh tamplok ka Si Ibu. Janten Bu Yayah setrés, sirik ka Si Ibu.”
                “Gusti, nepi ka kituna. Sugan, kumaha sora Si Ibu dibandingkeun jeung sora Pa Usup di masarakat. Manéh mah da sok liar, logor ka ditu ka dieu deuih.”
                “Rupi-rupi, Pa. Sabagian masarakat kagungan anggapan, yén nagtungna kaum wanoja jadi pamingpin téh haram hukumna. Kitu saurna téh.”
                “Nya urang saksian baé dina waktuna!”
                “Dupi Bapa badé milih saha?”
                “Rahasia atuh, Tam! Ari ilaing deuk milih saha atuh?”
                “Nya rahasia atuh, Pa!”
                “Kadé, Tam. Ulah ula-ilu ka nu teu pararuguh. Bakal harénghéng beuki deukeut kana waktuna pemilihan mah.”
                “Muhun, Pa! Diéstokeun pisan piwejangna.”
===
                Beuki deukeut kana waktuna pemilihan, beuki rupa-rupa tarékahna tim suksés ngagalang massa. Aya nu ngalibetkeun artis dina kumpanyeuna. Aya nu ngayakeun sembako murah. Aya nu ngadangdanan jalan. Aya ogé anu  torojogan. Langsung ngadata sora jeung kakuatan ka imah-imah penduduk. Nu aktif jadi kader dasawisma mah komo. Sakulawarga sorana geus kudu diancokeun ka Si Ibu. Kituna téh  cenah ceuk Pa RT.
                Demi Ibu, beuki dieu katawisna beuki pédé baé. Deuk teu kitu kumaha! Habib Toni nu laporan unggal waktu. Cara dina hiji poé.
                “Bu, unjuk uninga! Bu Yayah kamari ngadongdon ka Pabrik Aci. Maparin bantosan pompa air kanggo warga lansia.”
                “Geuning étah. Naha maké bisa kitu? Jaba Ibu acan pernah ngadongdon ka lebah dinya mah!”,  ngadak-ngadak jadi baeud.
                “Teu kedah seueur émutan Ibu mah. Sing percanten ka abdi. Di wewengkon éta mah kaseuseueuranana sora  tamplokna  ka urang!”, ngareugreugkeun dunungan ti dituna mah.
                “Kadé! Sing iatna ngamankeun sora. Komo ayeuna beuki deukeut kana waktuna pencoblosan”, pasemonna tacan sapinuhna marahmay.
                “Moal, Bu! Sing percanten ka abdi. Sok sanaos Ibu teu acan kantos ngadongdong éta wewengkon, teu kedah hariwang. Margi Bapa mah méh saban minggon sumping ka dinya!”
                “Baruk! Dina raraga naon cenah?”, Ibu neuteup ka Ki Habib. Tarangna rada kerung. Mireungeuh réaksi Si Ibu kitu, Ki Habib siga nu reuwaseun naker. Luk tungkul. Rampang-reumpeung. Tuluy capa-cipi nyagapan saku bajuna. Kusiwel nyabut roko  sabatang. Teu buburu ngahurungkeun panékér. Rokona diulinkeun na sesela ramo-ramona.
                “Anteurkeun Ibu ayeuna. Keudeung deui gé dur magrib. Bapa mah boa tos aya di bumi!”
                “Mangga!”, rengkuh nakeranan. Tuluy mangmukakeun panto mobil. Kalacat Si Ibu unggah. Mobil weuteuh kaluaran panganyarna ngageuleuyeung meulah wanci, marengan kapinis ngampih. Ciga nu milu ngampihkeun kainggis diri Ki Habib kana sabagian kekecapan nu geus kungsi dikedalkeunana. “Méh baé aing katiwasan!”, cenah ngagerendeng na jeroeun haténa.
                Isukna, basa tepung deui jeung Ki Habib geus pok deui baé Ibu pupulih. Keukeuh hayang ngadongdon ka wewengkon Pabrik Aci. Tapi ku Ki Habib teu diwidi. Demi nu jadi alesanana, sabulan campleng  jadwal Ibu ngadongdon ka tempat séjén. Bari song Ki Habib ngasongkeun buku agénda nu geus pinuh ku tulisan.
                “Sadayana jadwal kagiatan Ibu!”, pokna. Si Ibu unggut-unggutan. Paromanna keur marahmay nakeranan.
                Tim suksés ogé manusa. Aya mangsana ngarasa teu daya teu upaya.  Ki Habib ngaringkuk di rumah sakit. Munasabah jadwal kumpanyeu  Si Ibu milu  kaganggu. Nyelang tina jadwal kumpanyeuna nu geus dirarancang Ki Habib,  dimangpaatkeun ku Si Ibu pikeun ngadongdon ka wewengkon Pabrik Aci téa. Kasebut rada jolok ieu wewengkon téh. Lokasina deukeut TPA nu kungsi  urug. Pidua poéeunana, protokolér Pémkot nepungan Pa Lurah. Maksudna sangkan sasayagian sapuratina. Sab nu deuk sumping ngadongdon téh Ibu. Praméswari raja nu keur kumawasa. Teu wudu Pa Lurah reuwaseun. Tapi gegedéna mah bungangang meureun. Katara na pasemonna. Marahmay cahayaan. Cicirén kinérja manéhna kapeunteun. Alus gawé hadé ketak. Tumuwuh kembang-kembang harepan mapaésan angen-angenna. Jaga, mun Si Ibu tuluy nangtung alamat karirna nya beuki nanjung. Moal boa kana naék pangkat jeung jabatanana!
                Cunduk kana waktuna. Ti isuk kénéh warga di éta wewengkon geus sasayagaan. Ibu-ibu kader PKK geus laluis maraké baju seragam. Darangdan pageulis-geulis. Protokolér milu ngatur runtuyan acara nu bakal lumangsung. Tina pengeras suara, teges nakeranan MC nepikeun béwara, yén Ibu tos nyaketan lokasi acara. Nu haladir taratan-tatan. Tapi, aya kana satengah jamna sabada dibéwarakeun, nu dianti teu acan baé katangen.
                “Hadirin mugia salabar ngantosan. Sakedap deui Ibu sumping!”, MC téh nyarita deui.
                Keur kitu, aya nu norojol datang. Motorna ngabelenyeng tarik pisan. Cekiiiiiiiiiiiit! Dierém ngadadak ka hareupeun hiji jalma, pengatur acara jeung ti pihak protokolér Pémda. Rurusuhan turun tina motor. Napasna kareungeu haruhah-haréhoh. Pok nyarita bari rada diharéwoskeun.
                “Cilaka, Pa! Ibu bendu. Mendakan mobil pribadi Bapa aya di garasi  hiji bumi. Saurna éta téh bumina nyi randa, pengusaha propérti nu janten langganan Pémda!”
Cipageran, 2012


Tidak ada komentar:

Posting Komentar