DONAT
Ku:
Héna Sumarni
“Donat, bu?”, cenah. Nawarkeun
daganganana. Kuring bet nuluy ngagebeg. Atuh
da keur anteng sasapu di téras
bari satengah ngalamun. Ahirna, panto pager tuluy dibuka.
“Badé. Yap, dilebet. Sok seueur motor pasuliwer, nu malésér langlayangan”, ceuk kuring. Beungeut nu dagang téh tuluy diteuteup.
“Sabaraha hiji, bu?”, manéhna nanya.
“Lima. Mésés sareng kéju”, ceuk kuring. Angger bari
nelek-nelek beungeutna.
“Mangga, bu”, cenah. Manéhna tuluy amitan sanggeus nampanan
duit pamayar ti kuring. Kuring unggeuk ngaenyakeun. Nu indit téh angger diteuteup. Ingetan
bet ngoréleng ka mangsa sababaraha taun ka tukang.
Harita, kuring keur hahadéan jeung Kang Aji. Ceu Mirna mah geus kawin. Pruk ka Kang
Wawan, boga anak hiji, awéwé, keur meujeuhna kembang buruan.
Lantaran imah téh
pahareup-hareup, éta budak
mindeng ulin ka imah kuring. Kabeneran, boh kuring boh Kang Aji pada-pada resep
ka budak leutik. Sok nuluy nyipta-nyipta, jaga mun geus ngahiji, hayang boga
budak anu lalucu, siga Aina ayeuna.
Ti Ceu Mirna, kuring meunang
gambaran, pait jeung amisna ngambah sagara hirup rumah tangga. Ti mimiti urusan
dapur, sumur, jeung nu sok tuluy mantak kapiasem mun manéhna geus ngobrolkeun ngeunaan urusan kasur. Da tataros ka
mamah ngeunaan hal ieu mah, asana téh
bakal kararagok pisan.
“Han, diajar nyambel ti ayeuna”,
hiji mangsa basa tas nganteurkeun anakna. Sab, kuring jeung Kang Aji deuk indit
jalan-jalan.
“Hana mah teu resep lada, pan”,
ceuk kuring
“Ceuk kolot mah, mun awéwé énak
sambelna sok alus digawéna”,
ceuk manéhna bari tuluy ngiceupan.
Kuring kéom, surti da. Kamana
léokna éta omongan.
Nu keur ngarekuh téh dipelong. Ih, puguhanan sok
dicawad baé ku mamah gé mun pareng mantuan rukah-rekuh téh. Kurang lemes mah, baradag kénéh mah. Cindekna
mah teu kapaké wéh. Mun geus dicawad kitu ku mamah,
kuring sok terus némbal.
“Wios, jaga mah rerekuhna badé nganggo bléndér wéh, atawa miwarang asistén.”
“Mantak diomongkeun mitoha kitu
peta téh,” saur mamah harita.
“Da Hana mah moal nuturkeun
mitoha, mam. Rumaos henteu pinter barangdamel. Bisi enya ké jadi piomongeun. Teu tiasa ngepél, teu tiasa masak, teu tiasa
nyetrika.”
“Mantak diajar ti ayeuna. Kari
diajar rapih jeung kesitna, da geus bisa
ieuh,” saur mamah.
“Batan diomongkeun, wios tong
barangdamel wéh sakalian
calik di mitoha mah”, ceuk kuring deui.
“Yéh ieu mah budak. Can ngalaman kateluh sima mitoha sih.”
“Kunaon sih, mah. Kesanna téh asa riweuh pisan boga mitoha téh. Nguping dongéng Ceu Mirna, sareng tina cariosan
mamah ayeuna. Tapi da ibu-ramana Kang Aji mah, maksad téh pimitohaeun Hana mah balageur. Rupina moal mantak
piriweuheun da.”
“Amin. Moal dibérékeun ku mamah gé
lamun kulawargana jarudes mah. Mantak mamah satuju gé apal ka kulawargana. Insyaalloh saroléh tur saraé
manah.”
“Muhun, amiiiiin...”, ceuk
kuring.
Tah, bab hubungan antara minantu
jeung mitoha, Ceu Mirna gé
kungsi ngadongéng. Majar sok
ngarasa dianaktérékeun ku indungna Kang Wawan téh. Kang Wawan téh pangcikalna ti opat sadulur.
Adina awéwé wungkul. Tangtuna diandelkeun pisan
di kulawargana. Sok sanajan kabéhanana
geus rimbitan, angger wéh
dina jolna kaperluan mah kudu baé
kudu réréongan. Ari Kang Wawan pangkatna
ukur PNS nu gajihna geus kataker. Sésa
potongan itu jeung ieu téh,
mahi nepi ka gajihan deui bulan hareupna gé geus kasebut untung pisan. Sedeng sikep mitohana, cenah sok
karasa béda. Antara ka Kang
Wawan jeung ka adi-adina. Dina bura-béré dahareun gé, teu sirikna dianteuran adi-adina mah. Kungsi ngadoni ka salakina.
Ukur dijawab ku teuteup geugeut jeung usap kanyaahna, nu tuluy meper motahna
jaladri kakeuheul nu ngagolak na dadana.
“Resep nya, Hana mah boga gajih
sorangan. Jaga téh bisa
mantu-mantu ka salaki.”
“Alhamdulillah, Ceu. Kapungkur
mah ceuceu gé damel pan?”,
ceuk kuring.
“Enya, pas ngandeg ku Aina eureun
téh. Atuh da euceu mah jauh
ka indung. Mun euceu digawé,
piraku budak diasuh mitoha. Teu paruguh. Ongkohna deui, ku Kang Wawan dititah
eureun.”
“Muhun, teu kedah alit manah,
ceu. Tumut ka carogé téh kedah pan.”
Manéhna ukur ngajawab ku imut.
“Ceu, aya wartos Bu Anah badé ngersakeun angkat jarah, leres?”, nu ditanya ngeluk tungkul.
Cengkat deui, bet katempo rambisak.
“Enya, Han. Puguh ieu gé keur babadamian.”
“Tangtos, tapi naha euceu
katingal siga nu bingung?”
“Éra pokna. Tapi, di dieu euceu nunggelis. Jauh ka kadang
baraya. Rék sapok-pokeun
nelepon ka pun biang, ngumaha ka anjeunna, bet teu wasa pok deuih. Teu sakuduna
kolot nampa warta kasusah. Sugan Hana mah boga saran anu hadé. Kumaha kuduna euceu dina
nyanghareupan ieu masalah.”
“Perkawis naon?”
“Hana keur nyalsé? Moal kaburu aya nu apél?”
“Moal, ceu. Kang Aji nuju angkat
ka Sumedang, nepangan wargi-wargi ti pihak ramana. Insyaalloh, sasih payun abdi
badé ditarosan. Ari Kang Wan,
teu acan mulih?”
“Acan . Yap atuh ka jero.
Ngobrolna bari nongton télévisi.”
Kuring nuturkeun ka jero. Ceu
Mirna ngaluarkeun adonan bala-bala tina kulkas.
“Bari ngopi bala-bala nya, Han.”
“Ih, asik dong. Tau ajah kana
karesep Hana. Teras, saur Kang Aji gé
bala-bala buatan Ceu Mirna mah guldib. Harita ning basa ceuceu néang Aina, bari nganteuran
bala-bala haneut. Kamana Aina ayeuna?”
“Kang Wan gé sedepeun puguhan. Mantak diulik
resépna ogé, dimodifikasi ku sorangan. Maké ébi, atawa ngahaja dicongcloan udang windu, atawa endog puyuh.
Aina bobo.”
“Kacipta, ceu. Pami nu
nyongclona téh lobster.”
Biasana sok seuri ngabarakatak diheureuyan téh. Ayeuna mah ukur ngaheuheu. Nyaan sigana, Ceu Mirna keur ngemu
kabingung.
“Han, amih nitah euceu pindah.”
“Kamana?”
“Ka Cilimus. Palay ngariung
cenah. Pan palaputrana nu istri mah dicarandak carogéna masing-masing.”
“Sumpéh, ceu. Teu ngartos.”
“Amih téh miwarang ngosongkeun ieu imah. Euceu sakulawarga kudu cicing
di ditu. Ngahiji jeung anjeunna.”
“Hoor, apan ieu bumi ceuceu.
Beunang bibilintik duaan. Naha kedah dikosongkeun?”
“Amih aya karerepet, Han. Sakanyoho
euceu, waragad jarahna dibayaran ku Maya, adina Kang Wan nu bungsu. Ari heug
cenah salakina nagih. Duit proyék
nu dipaké nalangan waragad
jarah amih téh. Dilunasan téh ngarah amih henteu jero teuing waiting listna.”
“Téh Maya anu so tingseu téa?
Ih, nongtorogan pisan jalma téh.
Pan Téh Maya nu sok nyawad baé
sikep ceuceu téh, nya?”
“Ah, keun baé. Tara sok digugu ku euceuna ogé.”
“Mamah gé kantos ngadangueun da. Basa mamah ka warung Bi Imih,
katarosan ku nu balanja. Majar leres Nyi Mirna sok galak ka budak? Tara daék bunta-bantu ka mitoha sakalieun
aya ruah-rieuh téh. Tuh pan,
ceuceu digosipkeun kitu ningan?”
“Keun baé ah. Kangaranan di warung tangtuna sagala diobrolkeun. Gosip
artis téa, nérékélna
hahargaan téa, itu, ieu. Mun
jempling mah lain warung atuh ngaranna.”
“Tuh nya, ceuceu mah lempeng.
Sakitu boga adi beuteung pikataeuneun téh”,
kuring nganaha-naha. Deui-deui, ukur dijawab ku imut.
“Kang Wan ngawarahna kitu, Han.
Sabar, sabar, jeung sabar. Nepi ka urusan ayeuna ogé. Majar cenah, tumut ka sepuh téh ageung ganjaranana. Ari euceu, jujur Han. Wegah mun kudu
ngahiji jeung mitoha. Lain embung babakti, tacan kabayang. Tangtu urang
kaleungitan kamerdikaan ngaménéj rumah tangga sorangan. Ari misah
mah, rék boga duit rék henteu. Rék baranggawé
rék henteu, moal aya nu
ngageunggeureuhkeun.”
“Tangtos. Kacipta wéh. Sasapu teu beresih diomong.
Ngepél célétré kénéh dicawad. Hudang beurang, karagok. Ah, rémpong boooo”, ceuk kuring.
“Kumaha nya kuduna sikep
euceu?”, teu kebat ngobrol téh.
Kaburu Aina nyaring sarta teu lila ti harita Kang Wawan norojol. Kuring gé tuluy amitan.
Sabulan ti harita, enya baé imah Ceu Mirna téh kosong. Kuring kacida
leungiteunana. Biasana, sok aya Aina talandan-téléndén. Ayeuna mah henteu. Malah mah,
basa kuring ditanyaan ogé,
Ceu Mirna sakulawarga henteu daratang.
Kungsi Ceu Mirna ngasms. Majar
teu tulus ngahiji jeung mitohana. Tapi ngontrak di Bandung, ngadeukeutan kantor
salakina. Sakalian milu dadagangan di kantin kantor, keur nambah-nambah rasiko
dapur. Kuring ukur cumalimba macaan smsna. Geus asa ka lanceuk sorangan atuh
da. Ku kasibukan masing-masing ti harita mah geus tara aya béjana.
Ayeuna kuring geus nikah jeung
Kang Aji. Malah geus boga budak, kabeneran awéwé. Atuh
ingetan téh kahudang deui.
Inget deui ka Ceu Mirna, ka Aina nu sok
moro oléh-oléh donat. Enya, pan ayeuna gé Mayang téh sedep pisan kana donat.
“Donaaaaaaat.” Kareungeu géréwékna. Budak
awéwé téa nu
dagangna. Nu sok dipelong beungeutna. Ayeuna ngiderna jadi duaan. Kawasna
reujeung indungna. Bari ngaléos
ka jero, kuring ngagéréwék.
“Donat, antosaaaaaan.” Kaluar
deui téh bari ngeupeul duit.
Kuring moro panto pager, rék
dibuka. Angger pok-pokan téh,
nu biasa diucapkeun lamun nitah asup ka tukang donat.
“Yap, dilebet. Sok seueur motor
pasuliwer, nu malésér langlayangan.” Ayeuna mah
teuteup kuring manco ka indungna. Indungna anu ditutungtun. Katempo leumpangna
ingkud-ingkudan.
“Lima. Mésés sareng kéju”, ceuk kuring. Prok, paadu
teuteup jeung indungna. Dina jarak nu sakitu padeukeutna, atra pisan katempo
saha-sahana. Moal, moal kapalingan deuleu.
“Ceu Mirna! Ieu téh ceuceu?”, ceuk kuring satengah
ngajerit, laju nungkupan biwir sorangan.
“Néng Hana?”
“Enya, ceu. Ieu abdi, Hana.
Mertua manggaleuhkeun bumi di dieu. Ieu Aina?” Duanana ku kuring digabrug.
Dirangkulan. Tiluan paungku-ungku. Sanggeus pada-pada leler, duanana ku kuring dituyun. Didiukeun di
rohang tamu.
“Kunaon, tiasa dugi ka kieu,
Ceu?”
“Rorompok téa, néng. Diical ku amih.” Tuluy manéhna ngagukguk kanyenyerian.
Cipageran,
Oktober 2012