Kamis, 15 Maret 2012

CARPON TRIBUN, 13-15 MARET 2012 SANGGEUS NAMPA TELEPON

SANGGEUS NAMPA TELEPON
Ku: Hena Sumarni
“Yeuh, Nyi! Kudu rada wani ari jadi nu ngora mah. Ulah cicingeun teuing. Tuh, turutan Ibu Riswani. Enya gé jadi nu ngora da teu éléhan. Malah mah paméré ti salakina kaitung bro-broan pisan. Imahna geus ngajengléng. Kendaraanana weuteuh, kitu deui perhiasanana, reunceum siga toko emas maju!”, ceuk Wa Konah. Nu diwurukanana ngeluk tungkul, ciga bueuk meunang mabuk. Teu lémék teu nyarék.
Aya benerna caritaan uana téh. Tapi da kapan manéhna mah teu niat rék kitu. Leuwihna ti éta, manéhna mah teu bisaeun mun kudu nurutan lampahna Ibu Riswani. Kanyaahna ka Kang Dana lain nyaah pupulasan, tapi nyaah nu sajati.
“Nyai, pikiran deui caritaan Ua nya! Anteurkeun baé ka kulawargana. Meungpeung umur ngora kénéh, alukanan ciga batur mending gé. Indit ka luar nagri!”, nyaritana meni teu euleum-euleum.
Puringkak, bulu pundukna muringkak basa ngadéngé caritaan uana saperti kitu. Katambah deui, béja nu sumebar ngaliwatan télévisi ngeunaan nasib para TKW ahir-ahir ieu mantak sebér kana haté. Aya nu disiksa, aya nu diperkosa, aya nu gajihna teu dibayar,malahan mah aya nu nepikeun ka hanteuna.
“Nung! Tiasa kadieu sakedap!”, sora nu nyalukan ti kamar hareup.
“Tuh juragan ngageroan! Sampeurekeun kaituh, tuluy kusrukeun!”. Uana tuluy ngaléos ka luar ti panto dapur.
Satengah lumpat manéhna muru ka nu nyalukan. Gelenyu imut, gék diuk dina sisi risbang.
“Aya pikersaeun naon?”, cenah, mantak reugreug ka nu gering. Lain ngajawab ditanya téh kalah ka tuluy cumalimba. Disusul deui ku pananya.
“Naon anu karaos? Sampéanana nyeri deui?”, lalaunan suku nu gering téh dipencétan.
“Kapungkur, basa di Cilamaya kénéh mah taya nu kersa nyampeurkeun pami Engkang nyauran téh. Teu indungna-teu anakna. Saruana. Sakalieun daék nyampeurkeun sok tuluy bari sentak-sengor!”, nyaritana pegat-pegat.
“Tos, ulah ngémut-ngémut baé nu teu piraoseun. Supados Engkang énggal damang. Dinten énjing urang mios deui ka alternatif. Di térapi deui nya. Supados sampéan énggal tiasa digerakeun!”, nu gering téh diusapan.
“Nembé téh ciga aya Wa Konah!”
“Muhun, naroskeun raksukanana. Tos réngsé dikaput atanapi acan. Badé dianggo saurna!”
“Naroskeun acuk atawa...........!”, teu laju tumanya. Kandeg. Nu ditanya ngantelkeun curukna kana lebah biwirna nu ngagondéwa.
“Tos, teu kénging seueur émutan. Urang ngalantung di buruan yu! Ningal nu nembé marulih ti kebon”.
Korsi rodana dideukeutkeun. Lalaunan nu gering téh disangkéh, didiukeun dina korsi roda. Tuluy didorong ka luar ti kamar muru ka buruan hareup. Pareng soré keur hadé poéna. Kapinis silihudag, sosonoan jeung padabaturna méméh ngampih niginan wanci. Hégarna kaayaan teu ieuh ngawakilan pasemon nu nuju alum.
“Nung! Badé dugi ka iraha salira neras micinta. Geuning kaayaan Engkang batan sakieu”.
“Cangcaya kénéh ka abdi?”, panonna nu cureuleuk neuteup seukeut.
“Sanés kitu!”
“Abdi sadar. Dina jaman kiwari saha jalmina nu kersa nandangan kaayaan sapertos kieu! Wajar pami Engkang badé cangcaya. Tékad abdi tos buleud. Hoyong nyarengan Engkang dugi ka damang sabihara-sabihari deui. Kapan saur dokter ogén panyawat Engkang ayeuna sanés panyawat permanén. Bakal tiasa damang pami rajin ditérapi sareng ningtrimkeun emutan. Jaga pami Engkang tos damang, heug aya émutan badé mulih deui ka Cilamaya, mangga téh teuing.”, nyaritana dumareuda.
Kacipta kénéh dina kongkolak panonna basa diontrog. Majar cenah gara-gara Kang Dana kawin deui jeung manéhna kahirupanana tuluy bangkrut. Awéwé pamawa sial nyebutna ogé. Padahal, sainget manéhna, pabrikna nu di Majalaya nepi ka majuna téh alatan andil manéhanana. Pabrik éta pisan nu satuluyna dipaké nanggel kahirupan Ceu Nina sakulawarga. Nyakolakeun barudakna jeung nyumponan sakabéh bubutuhna. Hanas ayeuna kudu pindah jadi cekelan batur kapan ukur keur saheulaanan. Kang Dana jeung manéhna masih boga kénéh hak narima kauntungan ti éta pabrik. Sabagian modal nu baheula diteundeun, ayeuna katampa kénéh kauntunganana. Rajeun Kang Dana ayeuna teu bisa ngantor kapan kaayaan fisikna nu henteu ngamungkinkeun. Lamun hiji mangsa Kang Dana cageur, kapan bisa iraha baé manéhna ka kantor deui. Hal ieu nu teu dipikanyaho ku Ceu Nina. Hal ieu ogé cenah nu hayang diwujudkeun ku manéhna. Kang Dana cageur sarta bisa nuluykeun deui aktivitasna. Kadar hubungan pernikahanana jeung manéhna, kari kumaha engké baé.
“Nung, hapunten Engkang!”, nu geulis téh diteuteup leleb nakeranan. Siga nu hayang ngayakinkeun kanyaahna. Siga nu hayang neuleuman jerona leuwi kacinta nu deuk tuluy dikojayan ku duaan.
“Lebet yu! Anginna tos ngawitan tarik.”, korsi roda téh didorong deui. Asup ka jero imah.
Peutingna, bari méréskeun licineun, manéhna ngumbar lamunan. Nyoréang mangsa ka katukang. Nginget-nginget deui mangsa patepungna jeung Kang Dana. Sanggeus sababaraha lila teu tepung, diparengkeun panggih deui dina réuni jeung babaturan kuliahna. Kang Dana mah geus rimbitan, ari manéhna nyorangan kénéh. Teuing kumaha mimitina, manéhna bet tuluy daék dicandung.
Basa usaha Kang Dana keur nanjung, Ceu Nina tara sok pirajeunan ngontrog. Sering datang jeung nganaha-naha téh basa mimiti usahana pailit. Katurug-katutuh puguh gé. Toko mébelna kahuruan tuluy matrialna nangkub ditipu pemborong atah adol. Ti harita manéhna jadi paneumbleuhan. Ti mimiti bangkrutna usaha Kang Dana nepi ka geringna Kang Dana, manéhna nu di salahkeun. Nepi ka jejeroan haténa kebek ku pananya. “Bener kitu, mun hiji lalaki nyandung, heug tuluy bangkrut usahana, éta gara-gara pamajikan anu ngora?”.
Kersaning Gusti, najan rumanggieung kénéh Kang Dana bisa deui leumpang. Saminggu sakali ayeuna mah ditérapina. Cengengna paniatan nu hayang cageur jeung tulaténna nu ngurus, jadi wasilah mendingna panyakit nu gering. Munasabah kanyaahna Kang Dana ka manéhna beuki totomplokan. Teu sirikna lir nanggeuy endog beubeureumna. Baranggawé di dapur gé ditungguan, sasapu di buruan dibaturan, geugeut-layeut siga gula jeung amisna.
Keur jongjon ngabaladah sagara kahirupan anyar, cocoba téh datang deui. Saminggu ka tukang Ceu Nina aya nelepon. Mimitina mah ukur nanyakeun kaayaan nu gering. Cageur henteuna, uubar kénéh henteuna, ditérapi kénéh henteuna jeung soal nebusan resép obatna. Ku manéhna dijawab sajalantrahna. Ayeuna Kang Dana eungkeut-eungkeut kana cageur. Malah mah awakna mimiti ngeusi, aya dagingan deui. Pakulitanana jadi beresih ayeuna mah da puguh langka ka luar. Nampa béja saperti kitu téh Ceu Nina jeung anak-anakna kacida bungaheunana. Malah mah hiji mangsa cenah hayang nganjang ka Cikajang. Enya ka imah manéhna, deuk nepungan Kang Dana. Mangréwu rasa nu ngagalura dina haténa, milu cumarita. Naha kudu ngarasa bagja atawa sabalikna?
Pareng waktu nu dipasinikeun ngajadi, tamu téh enyaan datang. Ngabring jeung anak-anakna. Nu cikal Kumala, sakeudeung deui jadi sarjana. Anisa nu panengah taun ieu ka SMA, ari nu bungsu Marisa kakara kelas lima SD. Barang jol, tuluy marunjungan ka bapana. Kitu deui Ceu Nina. Sedeng manéhna, ukur bisa lalajo. Ngalalajoan lalakon nu teuing naon judulna?
Prok manéhna paadu teuteup jeung Ceu Nina. Itu nu tuluy tumungkul. Sanggeus sajongjongan simpé, pok Kang Dana nyarita.
“Nung, ngadamel leueuteun. Sakantenan seupan sampeuna suguhkeun. Sina ngaraosan hasil tatanén urang!”, cenah, sorana komaraan.
“Mangga!”, ngan sakitu ngawalonna. Haténa kebek ku kabungah basa ngareungeu Kang Dana ngucapkeun kecap “urang”. Hartina manéhna jeung Kang Dana, lain jeung itu. Lain Ceu Nina jeung anak-anakna.
“Diraosan atuh!”, cenah bari neundeunan opieun dina méja. Taya nu ngajawab.
“Pap, aya peryogi. Tapi...........!”. Ceu Nina ngarérét ka manéhna. Meureun ulaheun milu nyaksian. Manehna surti kana rindat maruna. Tuluy amitan.
“Dikantun heula, Ceu! Badé bébérés di dapur.”, jung manéhna cengkat.
“Calik, Nung! Keun dapur mah engkékeun.”, leungeunna dicekelan ku Kang Dana. Dirérét téh itu beuki jamedud.
“Aya naon téa ieu téh? Lawas-tilawas bet ngersakeun rurumpaheun ka pasisian. Mala, Nisa! Panyana téh geus poho ka Papap!”, ceuk Kang Dana. Nu ditegorna ngareluk. Teuing naon nu aya dina pikiran éta barudak téh.
“Kieu, ieu téh! Dua minggu katukang aya utusan ti asuransi. Toko mébel urang nu kahuruan téa kénging asuransi. Tapi teu tiasa diwakilkeun, kedah Papap nu sumping ka kantorna.”, ceuk Ceu Nina.
Méh bareng manéhna jeung Kang Dana silihrérét, tuluy narik napas panjang. Ingeteun kénéh, kapan manéhna pisan nu ngadaftarkeunana. Manéhna nu nyarankeun sangkan Kang Dana ngasuransikeun sakabéh pausahaanana.
“Teras?”, Kang Dana nanya deui.
“Muhun, abdi jeung barudak ngahaja bade ngajemput Papap!”
Mun téa mah Ceu Nina jeung barudakna katut Kang Dana ngadéngéeun kumaha harusna sada jajantung tatalu, nya sora tatalu jantungna. Keur sadirieun manéhna, gederna ngeundeurkeun jagat. Najan harita kungsi kedal ucap, deuk ngaihlaskeun haténa mun Kang Dana balik deui jeung itu, ari dina waktuna kabuktian mah geuning bet beurat karasana.
“Jieun wéh surat kuasa. Heug candak prémi asuransina. Sing bisa wéh ngokolakeunana. Papap mah geus betah di dieu.”, ceuk Kang Dana ka anak- pamajikanana.
(Cipageran-Cimahi Maret 2012)