Sabtu, 06 Agustus 2011

SĒMAH WANCI JANARI

CARPON TRIBUN JABAR - SAPTU, 6 AGUSTUS 2011

Cabé beureum, muncang, jeung bawang bodas nu direkuh téh. Samara séjenna disiksikan. Laja jeung séréhna dipékprék, diarah seungitna. Geus kitu tuluy samara téh ditumis, brus ku manéhna diasupkeun kana panci présto nu geus ngagulak dieusian pindang tongkol.
“Hemmm, tongkol balado ala résto, moal éléh rasana gé ku pasakan ti réstoran!”, cenah bari imut. Wur peuteuy nu meunang nyiksikan diasupkeun kana panci. Digalokeun jeung bungbuna. Geus kitu laju nuluykeun gégéroh wadah. Bérés usuk-asak jeung gégéroh wadah, bérés ogé sakabéh pagawéanana di dapur. Tuluy manéhna nyaitan popoéan, bari lalajo télévisi diteruskeun ku ngistrika. Kitu jeung kitu kagiatan sapopoéna.
Sinta kaluar ti tempat gawéna. Kasadaranana sorangan éta téh. Da saenyana salakina mah kurang panujueun. Bisi bosen cenah sapopoé aya baé di imah. Tapi Sinta teu tuluy jadi ngarumas. Ayana di imah téh dimangpaatkeun ku cara nambahan pangaweruhna dina widang dunya kawanitaan, kayaning urusan usuk-asak, ngageulis, jeung paélmuan séjénna nu bisa ngaronjatkeun kualitas dirina salaku ibu rumah tangga. Paribasa, ngarah parigel ngurus rumah tangga cenah, utamana lamun geus dipercaya boga budak. Ongkoh najan geus nincak taun katilu ngalakonan hirup rumah tangga, Jaka jeung Sinta can dipercaya boga turunan. Sataun ka tukang kungsi Sinta ngandeg, ngan tuluy miskram basa kandunganana nincak umur tilu bulan.
Babaturan saentraganana mah geus leuwih ti heula baroga budak, malah nu deres mah geus aya nu boga tilu sagala. Tunji téa meureun kasebutna. Tapi Sinta jeung Jaka teu ieuh peunggas harepan. Kitu deui kulawargana, méré pangrojong jeung tuluy – tuluyan ngahatéan, hiji mangsa harepanana pikeun boga turunan pasti bakal tinekanan.
Hiji poé, pareng keur béngras kacida. Angin leler ngahiliwir ngajak ocon jeung pucuk dangdaunan. Sinta keur diuk di patengahan bari macaan majalah. Léos ka kamar, balik deui geus ngagigiwing hiji albeum. Albeum lawas, dieusi foto-foto jaman manéhna SMA. Panonna euntreup kana hiji foto. Lalaunan diusapan.
“Di mana ayeuna, Di?”, cenah basa neuteup hiji foto, sobat dalitna keur sakola di SMA.
Tiluan sosobatanana téh. Diah, Sinta jeung Jaka. Jaka nu ayeuna jadi salakina téh lanceuk kelasna. Siga gula jeung peueutna puguh gé. Disebutna téh Trio Bringkar, bring ka ditu-bring kadieu teu weléh babarengan baé.
“Di pengker ongkosna!”, ceuk Sinta. Hiji mangsa basa mulang ti sakola. Dius angkot téh maju deui. Nya nu pangpandeurina turun téh Diah. Sabab, imahna deukeut terminal. Manis Diah téh. Awakna jangkung leutik, pantesna téh jadi modél, jadi penyanyi, atawa jadi artis meureun. Ēta cenah sakapeung mah nu sok jadi panyirikan Sinta téh. Enya, da pangawakan Sinta mah puguh mungil, henteu jangkung cara Diah.
Najan nyobat, tapi ari urusan karesep mah geuning béda. Basa Sinta milih jurusan IPA, Diah mah milih asup ka IPS. Basa Sinta milih ékskul karaté, Diah mah milih kesenian. Jiwa intertainerna leuwih dominan batan Sinta, sobat dalitna. Kitu deui cita-citana, hiji mangsa hayang nuluykeun sakola ka Ausie cenah.
“Meni jadi kacapangan hoyong ka Ausie téh, Di! Heug lah ku ‘Nta didungakeun, sing tinekanan, asal ulah jadi autis baé!”, harita téh dina angkot, tiluan akey-akeyan.
Keur anteng Sinta ngalamun, nyoréang mangsa ka tukang, nyipta-nyipta tur muterkeun deui panineunganana, tirididna klakson mobil bet ngagareuwahkeun.
“Geuning tabuh sakieu parantos mulih, Kang?”, cenah, muru salakina nu kakara mulang ti pagawéan.
“Muhun, ngahaja ijin ka Si Bos ngarah tiasa istirahat heula!”
“Istirahat? Maksadna?”, song cai entéh haneut ka hareupeun salakina.
“Yap, calik caket Akang!”, leungeun Sinta dituyun. Gék diuk di gigireun salakina. Leungeunna ngarongkong kana kotak leutik wadah tisu. Salambar tisu didudut, dipaké ngelapan beungeut salakina nu renung kénéh ku késang.
“Capé nya! Eueut heula atuh, bilih kabujeng tiis!”, song gelas téh diasongkeun. Suruput Jaka nginum. Tuluy neuteup pamajikanana.
“Geulis, hatur nuhun! Teu kedah lebet kleub “Istri Taat Suami” Salira mah, ku kieu gé tos janten jaminan kana guligahna manah Akang!” Nu geulis téh laju imut.
“Taat leresan mana heula atuh! Ari taat dina leresan keresana kaum istri dipoligami mah asana téh teu kedah ngadegkeun kleub sagala. Tangtosna gé......”
“Moal aya nu keresaeun.” Salakina nu nuluykeun. Pok deui nuluykeun cumarita.
“Geulis, dangukeun. Akang kedah mios ka Jakarta sareng Si Bos. Ngahadiran rapat di kantor pusat. Moal keueung dikantunkeun?”
“Tangtos keueung atuh. Mun urang tos gaduh budak mah nya, meureun moal keueung teuing.” Panonna cumalimba.
“Nyaah teuing. Sing sabar nya! Hiji waktos Mantenna bakal ngaijabah paneda urang.”
“Bade nyuhunkeun diréncangan ku Nyi Uning, putrana Bi Karti téa ningan, wios?”
“Mangga, saé gé kitu. Rajin jeung bageur budakna. Keun da seueur baladna ieuh Bi Karti mah. Sabaraha hiji putrana téh?”
“Lima! Kang, pami jaga urang boga budak, Nyi Uning wéh nu mantosan di dieu téh nya?”
“Mangga, Akang mah ngiringan. Nu penting mah Salira aya dina kabagjaan. Nam atuh wartosan heula Nyi Uningna, ba’da magrib Akang mios.”
Kira-kira mangsa sareureuh budak disampeurna téh. Nu miang dijajapkeun ku paneuteup. Sinta ngajengjen neuteup Mérsi pulas hideung nu mawa salakina. Indit kana mobil reujeung bosna.
“Lumayan, uang transport ti kantor janten weuteuh. Simpen nya geulis!”, haréwos salakina basa rék asup kana mobil.
Sanggeus nu diteuteupna ngiles diteureuy poékna peuting, Sinta unggah deui ka imah. Kasampak Nyi Uning keur beberés méja makan. Nyaan, rajin budak téh.
“Uning geus tuang?”
“Atos téh, tadi di rorompok.”
“Tapi di dieu mah pan acan. Nam atuh tuang heula!”
“Wareg kénéh ah!”
“Keun atuh, ke rada wengi urang ngadamel mi rebus nya! Pami tos bérés pépéren baturan Tétéh di dieu, urang nongton télévisi.”
“Mangga!”. Léos Nyi Uning ka dapur.
Kari Sinta nu aya di tengah imah. Ramo-ramona mencétan rimot. Teu resep lalajo sinétron geuning Sinta mah. Lieur ngabandunganana cenah. Karesepna nongton komédi, bisa ngeunah seuri gagalakgakan nénjo pamolah artisna meureun. Mun teu kitu nu ditongtonna téh film-film Hollywood. Film action utamana mah. Kamajuan téknologina dina widang sinematografi ngahudang kumecrék mangrébu-rébu kali, ngahudang kareueusna. Keur kitu kareungeu ponsélna ngirilik disada, sms ti salakina, ngabéjaan yén manéhna geus tepi ka nu ditujuna.
“Gusti, mugia pun lanceuk dipaparin kasalametan, lahir- batin, dunya-ahérat.”
Bari meureumkeun panonna, Sinta ngadu’akeun salakina. Husu pisan. Bray panonna dibeuntakeun deui. Rét kana jam nu ngagaplok dina témbok. Enya, luyu jeung itunganana. Jam sakitu pibakaleun nepina téh. Hartina Si Bos teu ngajak reureuh heula di jalan.
“Uning, tunduh?” Sinta ngarérét ka lebah Nyi Uning diuk. Nu ditanya ukur seuri.
“Nam atuh geura ka kamar. Ku Tétéh geus dibérésan da. Sieun moal saré sorangan?”
“Sareng Tétéh wéh mondokna, wios abdi mah ngampar di handap ogén!”
“Iy....borangan geuning Uning téh!”
“Di rorompok gé mondok téh opatan atu da. Pun adi nu aralit di luhur. Abdi sareng Irah nu galedé ngampar di handap. Da Si Bungsu Hamid mah sareng pun biang.”
“Kutan! Yap atuh. Tapi teu kudu ngampar Ning! Di kasur baé jeung Tétéh da lalega ieuh!”
“Alim ah, wios, ngampar wéh abdi mah.”
Dipapaksa gé keukeuh embungeun budak téh. Antukna Sinta éléh déét.
Basa Salakina mulang ti Jakarta poé isukna, kira-kira ba’da isa, Nyi Uning teu tuluy ngéndongan deui. Dibahanan oléh-oléh jeung duit keur jajan téh kacida atoheun naker. Satengah lumpat Nyi Uning ngaléos ti imah Sinta bari kacida jigrahna.
“Akang! Resep di Jakarta téh?”
“Atuh kantenan da ngaranna gé kota gedé, kota métropolitan. Aktivitas jalma téh teu kahalangan ku poékna peuting. Malah loba diantarana nu ngamangpaatkeun mangsa peuting pikeun ngajalankeun pancén ti tempat gawéna.”
“Maksadna?”
“Enya. Di kota gedé mah sagala gé bukana 24 jam. Non stop. Ti mimiti kafé jeung réstoran, POM béngsin, hotél jeung tempat hiburan séjénna.”
“Oh..........,dupi hasil rapatna naon?”
“Hasilna nambahan picapéeun. Akang kudu tihot-hat ngaronjatkeun kinerja parakaryawan, utamana di departemén nu dipingpin ku Akang. Apal kapan kumaha tungtutan digawé di pausahaan swasta mah.”
“Muhun, wayahna. Mugia Akang ihlas ngalakonanana.”
“Amin. Untung aya Enung. Wangsulna Akang ti kantor heug dipapag ku imut anu kareueut, kacapé téh ilang sapada harita.”
“Hatur nuhun, dupi Akang émut kénéh ka Diah? Diah, sobat urang waktos SMA?”
“Atuh kantenan. Sidik deuk sapok-pokeun pisan Akang dodongéng. Kamari basa ka Jakarta téa Akang diajak ulin ka Kafé Kemang. Akang tepung jeung Diah.”
“Hah........nu leres?”
“Enya. Manéhna bareng jeung hiji lalaki, sigana mah salakina, ngan geus aya umuran. Ciga nu senang nempo dangdananana mah. Malah mah keur kakandungan da. Kawasna mah téréh ngalahirkeun.”
“Baruk! Di Jakarta nya salila ieu téh matuhna. Sanggeus ramana ngantunkeun saatosna boboran téa harita teu kantos masihan deui kabar.”
“Sibuk pisan meureun!”
“Ngobrol henteu sareng Akang?”
“Yah, tapi teu lami. Tuluy nyuhunkeun nomer hapé Enung. Keun sugan engké aya nelepon.”
“Akang henteu naroskeun alamat bumi sareng nomer hapéna?”
“Is, jangeun naon!”
“Ih, itu geura. Atuh kanggo abdi!”
“Lah ku ngémut dugi ka dinya. Keun da Akang tos masihan nomer hapé, sina itu nu ti heula koling-koling.”
“Muhun dina kituna mah, bati gegetun baé. Ku hoyong nganaha-naha ka Diah téh. Bet ngampleng taya béjana. Mugia baé hiji waktos mah aya nepungan.”
Mangsa ngagayuh wanci janari. Sakumna mahluk anu kumelip rampak narik kampuh pikeun ngogo katunduhna. Diwuwuh nyecepna hawa tiis parat nembus kana balung. Jadi panyirep nu kacida matihna pikeun ngarapetkeun panon, nyegah usik tina pangliliranan, sok sanajan ukur sakoréjat. Simpé! Dak dumadak, kasimpé mépéndé éta wewengkon.
Teuing ti beulah mana datangna. Loba alternatif jajalaneun asup ka éta lembur téh. Patugas ronda nu ngariung di pertelon deukeut kantor RW Jatiragas kawas anu teu ngarasa kagareuwahkeun. Anteng tinggerendeng ngobrol jeung padabaturna. Sakapeung kareungeu sora déhémna, ditéma ku anu batuk. Sakapeung deui sada sora nu sareuri, kawasna téh bari diharudum sarung.
Teuing ti beulah mana datangna. Rerencepan kawasna téh. Rikip pisan. Aya nu ngajengjen hareupeun panto hiji imah. Mangku orok nu keur tibra dina aisanana. Leungeunna keketrok kana panto. Dina wanci nu keur meujeuhna sepi jempling atra pisan kareungeuna. Kitu deui ku nu boga imah.
“Kang! Gugah!”, ceuk Sinta bari nepakan leungeun salakina.
“Aya naon?”
“Sada nu ngetrokan panto!”
“Ah, dédéngéan wungkul meureun. Akang mah tunduh kénéh!”
“Ih, henteu. Tah dangukeun!”
Koréjat Jaka hudang. Gék diuk dina sisi ranjang. Jung nangtung muru kana lomari pakéan. Bray pantona dibuka. Tina sap nu panghandapna Jaka ngaluarkeun bedog panjang. Tuluy nungtun pamajikanana, duanana kaluar ti kamar muru panto hareup.
“Akang, kadé! Bilih jalmi anu niat henteu hadé!”
“Enya! Enung di dieu, pengkereun Akang!”
Sinta nurut. Leungeunna pageuh muntangan cangkéng salakina.
Sajongjongan simpé. Nu keketrok kana panto teu kareungeu deui. Basa ceuk pangrasana di luar téh aman, Jaka muka tulak panto. Bray panto dibuka. Duanana kacida reuwaseunana. Basa nempo aya orok dibulen ku simbut beureum ngagolér hareupeunana. Regeyeng dipangku. Bari rurusuhan Jaka nungtun leungeun Sinta, tuluy arasup deui ka imah.
Duaan silihpelong. Sajongjongan silihpelong.
“Astagfirulloh...........orok saha ieu téh?”, ceuk Sinta.
Song orok teh diasongkeun ka Sinta. Kuduaan diteuteup. Tuluy simbutna dibebener. Pluk aya amplop murag lebah cindung nu nyimbutan sirah budak. Gancang dibaca ku Jaka.
“Nta jeung Kang Jaka. Hampura nepungan ku cara kieu. Mihapé ieu budak. Ku soléhna Nta jeung Kang Jaka, kuring yakin ieu budak bakal dipikanyaah. Mihapé Nta, pangdidikeun sina pinter cara Nta. Sina junun cara Kang Jaka. Ulah hirup siga kieu, siga kahirupan indungna.”
Duaan silihpelong deui. Duaan bareng nyebutkeun hiji ngaran, ngaran sobat nu salila ieu keur didagoan nepungan.
“Diah! Diah Sri Lestari!”
Tacan sirna kahemeng maranéhna ku kajadian nu tumiba, hawar-hawar kareungeu sada kohkol ditihtirkeun. Sora nu nakolan tihang listrik. Pabéja-béja, aya mobil sédan tigebrus ka jurang lebah parapatan Jatiragas.
Basa Jaka ngajengjen hareupeun téras imahna, lar Bi Ciah ngaliwat. Tukang warung nu kakara balik balanja ti pasar. Ti Bi Ciah Jaka nampa béja. Cenah ceuk polisi nu mariksa di TKP, diprédiksi rém mobil téh ngelos. Nurugtug mudun ti tonggoh. Nu nyupiranana awéwé. Tina kartu idéntitas nu kapanggih di TKP, nu nyupiran éta mobil téh ngaranna Diah, Diah Sri Lestari.

(Cikendal – Cimahi, Juni 2011)