Sabtu, 26 Maret 2011

WEREGU REUJEUNG WEREGU

Nyecepna hawa subuh parat nepi kana balung. Rap simbut dibebener. Sakujur awak dibulen ku pangrungkupna. Haneut meueusan. Atuh beuki horéam rék hudang téh. Tuluyna bet kalah anteng ngahérang. Panon museur, neuteup lalangit. Dina implengan aya imut nu marengan. Marengan ririakanana ieu katineung. Nu ngahaja dititipkeun dina liliuh paneuteupna. Nu ngahaja dititipkeun dina rénghap napas kanyaahna. Ngahaja disulam ku benang-benang kahéman beunang ngaréka-réka duaan. Hawa karasa beuki nyecep tiis. Ciga tiisna rasa ieu haté nu teu weléh marojéngja, disesebit kulit nasib, disasaak papastén kadar.
Maksakeun ahirna, turun tina risbang. Rut-rét ka sakuriling bungking. Simpé taya nu nyoara. Sok komo pikeun diajak cumarita. Lomari ukur ngabigeu, basa panon neuteup lelebahna. Jam nu ngadaplok ciga ngahaja keprok, keprok jarum jeung jarumna, ngeprokan kuring nu ukur bisa olohok , ngembang kadu ku lalakon kahirupan. Lebah tungtung juru wétan rérégan oyag-oyagan, diulinkeun angin janari, ciga nu ngahaja ngulinkeun garis takdir ieu diri diturihan ku kapeurih.
Brus ka jamban, seja beberesih. Karasa nyecepna hawa, tiis ngahinis batin. Ka luar ti jamban, cénghar meueusan. Bar...sajadah diamparkeun. Poé ieu, hayang husu ngajalankeun kawajiban, kumelip hiji paniatan, seja muntang kana tohagana pangriksa Mantenna pikeun sumalindung tina laipna sipatning diri. Mustari dina wancina, amparan sajadah cipruk ku cimata.
Keur kitu, panto kamar aya anu ngetrokan. Bray dibuka. Nu mapag téh imut Ibu. Najan ngahaja nyimbutan ku mamanis pasemonna, haté mah teu ieuh bisa dibohongan. Dina carindul socana Ibu ngemu kahanjelu, hanjelu ku vonis Apa nu ditibankeun ka kuring. Dalah dikumaha, vonis Apa, lir ibarat gangasna maung keur lapar, ngerekeb kamerdikaan Ibu, ngerekeb kamerdikaan kuring nu ukur pikeun padu bisa engab, nepikeun pamanggih pikir.
“Hani, sasarap heula Nung, miang téh ngahaja nyubuh, ngarah nyalsé di jalanna”, saur Ibu, tétés tur saréh.
“Mangga, seja ngiringan”, uudar mukena , jeung sajadahna tuluy ditilepan. Rét kana méja. Paneuteup bet eunteup lebah potrét nu aya luhureunana, potrét kuring jeung manéhna, nu ngahaja dipupusti, keur mapaésan éndahna taman kacinta nu dipelak jeroeun dada. Sakedapan nu keur imut téh diteuteup. Diusap lebah pipina, diusapan mastakana. Kitu kapan biasana pamundutna, bari sok tuluy ngaharéwos “honey, nu salamina sok neuteup seukeut, kanyaah Engkang nya ka Anjeun seja eunteup”. Teu kawawa, cipanon mudal deui, ngalémbéréh mapay pipi.
“Ceu Hani, énggal Ceuceu! Apa ngantosan!”, géréwékna Caca hareupeun panto kamar ngagebah mantengna lamunanan. Ceg kana wedak, las diulaskeun, ngarah beungeut henteu pias teuing jeung teu katangen sésa- sésa urut bieu nya sumegruk. Cindung pulas kayas dibebener, los ka rohangan makan, enya baé geus ngariung. Sanggeus sagala rupana tarapti, Apa ngajakan angkat harita. Bral arindit muru ka bumi Enin di Tanjakan Ciburangrang.
Sajajalan simpé, ukur gerungna mesin mobil nu kareungeu. Bet siga hayangeun dibaturan. Dibaturan hariringna kawih kuring tur paciweuh otélna adi-adi, Lukman jeung Caca. Kitu da biasana gé. Mireungeuh haliwu na jero mobil, biasana Apa ukur tiasa nyenghél gumujeng, tara ieuh osok nyarék, teras dihaminan ku lelebna imut Ibu, nangenan réngkak paripolah palaputrana.
“Ceuceu, badé lami kitu bobo di bumi Enin téh?” , ceuk Caca, adi kuring anu bungsu. Haté mah galécok ku pijawabeun! Pijawabeun kana pananyana Caca. Enya, ukur bisa dina haté galécok téh. (“Ka Apa narosna Ca! Da kapalay Apa, sanés Ceuceu anu hoyong!”). Tapi teu wasa rék pokna. Ukur kieu, ungkara nu ieu, nu jadi jawaban kuring.
“Ca, tingal itu mayakpakna kebon entéh. Ciga alketip diamparkeun nya. Bangun nu empuk nakeranan, nilam padataran satungtung deuleu. Kawasna biheung kapanggih, di mana nya mendak tungtungna?”.
Karérét ku juru panon, Apa ngabalieur ngadangu jawaban kuring. Beuki pageuh kayakinan Apa kawasna. Kayakinan kana naon nu digujrudkeun ngeunaan diri kuring salila ieu. Sedeng Ibu, ukur tumungkul nyumputkeun pasemon nu sakuduna.
Ngabigeu. Alum tur nguluwut pakebonan nu kaliliwatan téh. Karasana henteu daréhdéh. Henteu hégar cara sababaraha waktu ka tukang basa pareng dianjangan. Dina Véspa pulas bulao kuring mapay éta jalan. Ngembatna kebon entéh nu kaliwatan asa hégar marengan manggut ku imut. Motrétan gambar-gambar panineungan kuring duaan, nu harita seja mitembeyan nyulaman benang kahéman. Mageuhkeun tatali asih, maheutkeun jangji pasini nu bakal tuluy dipatri nepi ka dipisah dina wanci nu mustari.
Teu, teu karasa daréhdéhna ayeuna mah. Anjog ka lebah harieumna leuweung Pineus. Dina wangwangan kuring, tangkal Pineus rajeg ngabedega, ngabaris sapanjang jalan sorangeun. Bet siga nu nganaha-naha, nganjang henteu dibarengan ku manéhna, cara sababaraha waktu ka tukang. Enya, cara sababaraha waktu ka tukang.
”Man, ciga gulang-gulang karajaan nya tangkal Pineus nu ngajajar téh. Ngabedega, rajeg sisi jalan. Ciga sapeleton pasukan nu rék mariksa. Jeung bet ciga nganaha-naha, kunaon nu saurang bet henteu ngiringan sumping”, ceuk kuring. Lukman ukur imut, semu teu saregep mairan.
“Peureum angguran Han! Tuh, Caca jeung Lukman mah tos talibra”, Apa ngahuit. Paneuteupna manco ka hareup, kana jajalaneun. Jalan éta ogé anu pernah kaliwatan ku kuring reujeung manéhna. Jalan nu pinuh ku panineungan, mapag bagja nu duaan. Ku euweuh anu mairan kana galécokna kuring ningan. Antukna mah bep, balem ngabetem. Taya batur cacarita. Aya Ibu éta gé. Tapi nya kitu, ukur mairan ku imutna, imut maur saukurna. Beu...........ku nyaan, saréréa bet kaniaya.
Ahirna nepi ka nu dituju. Tanjakan Ciburangrang. Lembur Ibu. Saparantosna Engki sareng Enin ngantunkeun, bumi téh kosong. Diurus jeung dititipkeun ka Mang Uya nu jadi kapercayaan kulawarga. Pikeun sababaraha waktu ka hareup, di dieu nya kuring kuduna matuh. Kitu kapalay Apa. Cenah mah keur saheulaanan.
Nu ngaran kaayaan lembur, tangtu cocog pikeun dipaké tempat titirah. Kitu gé saur Apa, kuring kudu titirah. Bumetah di tempat anu ngahaja rada jauh jeung dijauhkeun tina kahirupan kulawarga. Dijauhkeun ti Apa, Ibu jeung adi-adi, kulawarga kuring sorangan. Dijauhkeun tina panineungan kuring. Panineungan jeung manéhna.
Ukur sawengi Apa sareng Ibu mah di bumi Enin téh. Ēnjingna teras marulih. Duanana didaramel, kitu deui adi-adi, sarakola kénéh. Basa sajungeun arangkat, Apa mapadonan ka Mang Uya sakulawarga, sangkan bener-bener merhatikeun kaayaan kuring, boh beurangna boh peutingna cenah. Duka atuh, kunaon Apa bet kitu, asana téh leuwih-leuwih ti ka budak.
Meunang saminggu mah karasa pisan bosenna. Bosen ulukutek baé di kamar, taya kagiatan. Tapi basa ku Bi Iam diajak ngurus kekembangan, mimiti leungit kabosen téh. Baganti ku rasa suka, mapalérkeun rasa nu dikemu ku cara miara kekembangan nu minuhan legana buruan bumina Enin. Nu pangheulana ngirut paniten téh nya dapuran rungkun Weregu. Enya, Weregu, bumi nu di Cipaku gé kapan aya tangkal Weregu deuih.
Ari di bumi Enin, di juru beulah wétan dapuran rungkun Weregu téh perenahna. Dipapaés ku ayana korsi taman. Lebah dinya mah but-bat titingalian téh. Ka lebak, nyawang upluk-aplakna pakebonan urang lembur. Kebon sosin, kebon waluh, kebon tomat jeung kebon saladah bokor. Ana pareng nyawang tonggoheunana, tingrunggunuk pilemburan. Lebah juru éta pisan kareungeu nyurugna cai susukan, mangrupa irigasi jieunan, nu ngahaja dijieun pikeun nyébor kebon sayuran bogana urang lembur. Ti harita, mimiti ngarasa betah téh. Malah ka béh dieunakeun sok ngarasa beuki betah, nu jadi marga lantaranana, kuring asa aya nu marengan.
Poé éta, mangsa nyedek ka sareupna. Kuring diuk na korsi taman deukeut dapuran Weregu téa. Nu dicekel téh novél. Keur jongjon nengetan hanca nu dicirian ku keretas scotlite warna beureum, pluk aya nu ragrag kana lahunan. Barang engeuh, horéng potrét , potrét manéhna. Keur sidakep bari imut. Maké jéans warna kopi susu mécing jeung kaméjana. Warna éta nu jadi warna karesepna. Cute pisan katingalna. Di lambaran tukangna aya tulisan, nu angger kieu unina “kanggo honey, nu salamina sok neuteup seukeut, kanyaah Engkang nya ka Anjeun seja eunteup”.
Leketey, haté ngaleketey. Nyegruk deui ceurik, nyeungceurikan Si Manéhana, nu nepi ka ayeuna angger ngancik na lelembutan. Bruh-bréh kagambar deui, éndahna lalakon mangsa ka tukang. Véspana nu pulas bulao, jeans jeung kaméjana, sorana nalika nembang, leungeunna nu sok ngusapan embun-embunan, jeung liliuh paneuteupna, pangeunteupan sih katresna, katresna kuring keur manehna.
“Honey, ulah nangis! Ieu Engkang,” sorana asa deukeut, asa ditompokeun kana ceuli.
“Engkang, naha lawas teu nepangan!”, ceuk kuring. Ceuk rarasaan kuring. Kerah kaméjana diramesan. Leungeun pageuh, tipepereket muntang kana beuheungna. Karasa leungeunna ngusapan embun-embunan, lalaunan ku manéhna diseuseup. Ēndah pisan, éndah pisan kadeudeuhna.
“Engkang, Apa téh bendu ka abdi!”, rarasaan gunem catur jeung manéhna.
“Ti sajungna Engkang miang, tur neras teu mulih deui, abdi sok rajeun ngantosan. Ngantosan di patamanan, caket rungkun Weregu payuneun bumi.” Rarasaan, harita manéhna neuteup. Anteb pisan.
“Unggal dinten abdi sok ngantosan Engkang”, beungeutna nu rada pias jeung panonna nu semu ceuleuyeu ébréh na wangwangan kuring.
Rarasaan harita, lalaunan leungeunna ngusapan deui embun-embunan. Leleb diseuseup, leleb pisan. Lelebna kanyaah duaan. Ana pareng paadu teuteup, manéhna bet tuluy tumungkul. Rarasaan harita, lalaunan pipina diusapan, bet karasa nyecep tiis. Pias deuih beungeutna ogé, tuluy manéhna rumahuh, narik napas panjang, ciga nu capéun nakeranan.
“Honey, Engkang pamit, mugi énjing tiasa patepang deui”, pokna, asa deukeut, ditompokeun kana ceuli. Rarasaan harita, leungeun pageuh silih ranggeum. Silih ranggeum maheutkeun jangji pasini, mun isuk wanci baganti seja pareng tepang deui. Rarasaan kuring dituyun, rarasaan tuluy silih tuyun, jajap manéhna. Manéhna nu geus jangji rék nepungan deui mun wanci pareng baganti.
Ihwal mindengna manéhna nemonan kuring, lebah rungkun Weregu di juru beulah wétan buruan bumina Enin, teu ieuh dipaké geruh. Moal, moal deuk dibéja-béja. Bisi jadi mantak, inggis ngabarubahkeun.
Inggis kaémpér-émpér deui ka Apa. Inggis ku bisi, rémpan ku sugan. Rék dikemu baé ku sorangan.
Saperti biasana. Pasosoré, wanci nyedek ka sareupna, kuring diuk na korsi lebah dapuran rungkun Weregu. Ngalangeu rada lila ayeuna mah, nu dianti can kénéh norojol sumping. Paneuteup melongkeun ka béh jauhna, kana ngaplakna pakebonan jeung tingrunggunukna pilemburan. Teu kanyahoan na ti mana atuh jolna manéhna pareng geus diuk gigireun, ngabagjakeun ku imutna bari tuluy pok nyarita.
“Honey, Engkang kangen!”, anteb neuteup leleb. Ceuk rarasaan kuring.
“Sami!”, tungkul ngawalon téh.
“Tos lami ngantos?”, rarasaan téh manéhna nanya deui.
“Muhun, ka mana heula kitu!”, kuring baeud, biwir ngawet, ngahaja api-api baeud, ngarah dipukpruk ku pangrungrumna. Pangrungrumna nu salawasna ngupahan mangsa rasa ogo hayangeun datang némonan. Ngahaja, ngahaja api-api ogo, puguh kuring kagémbang ku pangogona. Ukur imut, basa mireungeuh kuring baeud téh, saperti biasana. Ih....puguh imutna nu tuluy jadi pamatri pageuhna ieu kaasih.
“Néng Hani, geura lebet, sareupna!”, ceuk Mang Uya tina golodog. Gigireunana Bi Iam imut, semu surti kana naon nu kapanggiheun ku panénjona. Panénjona kana kabiasaan kuring ayeuna.
Gebeg, kuring ngagebeg sataker kebek. Reuwas jeung hariwang. Awor pagaliwota. Jajantung ratug tutunggulan. Ketegna karasa leuwih eundeur nabeuhan kana dada. Leuwih rosa manan basa disidang payuneun Apa. Gusti.......naon nu bakal tumiba. Naon deui nu bakal karandapan ku kuring. Ulah-ulah, Mang Uya jeung Bi Iam apaleun kana naon anu dipilampah ku kuring, laju nitah ngampih buru-buru.
Hal nu salila ieu disumputsalindungkeun ti Mang Uya sakulawarga kiwari boa kabokér pisan.
Karérét ku juru panon, manéhna mah bet ciga nu ayem tengtrem. Rarasaan harita, tuluy manéhna nangtung, nuyun kuring, silih tuyun deui saperti biasana, tuluy amitan.
Satutasna éta kajadian, Apa jeung Ibu sumping nepangan. Teg....panyangka téh ka Mang Uya. Pasti Mang Uya jeung Bi Iam nu wawartos ka Apa. Saha deui atuh. Da Maranéhna pisan nu moconghok kuring nalika pareng paduduaan jeung manéhna lebah rungkun Weregu di buruan bumi Enin.
Numpi wé di kamar, api-api saré. Kareungeu Apa jeung Ibu guntreng ngarobrol.
“Hudangkeun!”, saur Apa, rada nyeuneu.
“Ulah Apa, Karunya. Hani keur saré”, saur Ibu.
“Hayang geura-geura nalék!”.
“Sing sabar. Tacan cukup kitu hukuman nu ditibankeun ka Hani téh. Disingkurkeun ka dieu mangsa manéhna keur kaleleban”, saur Ibu. Simpé sakedapan.
“Apa téh éra ku batur, ku tatangga. Boga anak sok resep huleng jentul di patamanan!”
“Tapi Hani henteu kitu Apa. Urang nu kudu éra mah. Abdi ti ménak ka somah, gamparan mah ieu aing, kitu boa pibasaeunana. Mentingkeun karir reujeung jabatan manan merhatikeun lelebna kanyeri nu jadi anak satutasna ditinggalkeun maot salakina. Leuwih parna deui meureun kanyeri Hani téh, lantaran nepi ka ayeuna urang henteu pisan mukpruk ku pangbeberah. Kalah ka disingkurkeun, dipisahkeun jeung nu sakuduna haat marengan”, bari nginghak ayeuna mah nyariosna téh.
Puguh teu saré ti tadi gé. Ukur api-api saré. Ka luar ah ti kamar. Ongkoh deuih, wanci geus nyedek ka sareupna. Wanci anu mustari tur salawasna nya dianti. Ningali kuring ka luar ti kamar, leler geuning Ibu téh. Laju muru ,gabrug ngarangkul pageuh pisan, tétés tur saréh saperti biasana, pok ngalahir.
“Hampura Ibu, Hani. Hampura ogé Apa”. Kuring ukur imut. Cindung dibebener. Sanggeus munjungan, tuluy ngaléos ka hareup.
“Han, ka mana?”, saur Ibu. Dibales ku imut. Gerak gado jeung rindat mata nu tuluy méré isarah. Ngaléos ka tepas. Bring saréréa nuturkeun.
“Cobi tingal saha itu?”, ceuk kuring bari nunjuk kana korsi taman lebah dapuran rungkun Weregu.
“Mana?”, Apa nu ngawaler téh.
“Itu! Nuju calik caket dapuran rungkun Weregu”.
“Da taya sasaha!”, saur Ibu.
“ Aya Kang Ahmad!”,ceuk kuring.
Lenggerek Ibu kapiuhan.
Cimahi, Februari 2011

Weregu=ngaran sarupaning palem, daunna siga kepet (kipas), tangkalna sok dipaké iteuk

TRIBUN JABAR, 26 Maret 2011