DITIGAS GURATING TAKDIR
KU
HÉNA SUMARNI
“Apa, mugia mendak bagja di alam kalanggengan.”
Aya nu keur neuteup bulan peuting harita. Anteng nakeranan. Di balkon lantéy dua ngadaweung sosoranganan. Switerna warna bungur mungkus awakna nu sampulur. Syal ipis lebah beuheungna lir gugupay, katebak hiliwir angin peuting.
Di balkon lantéy dua, paneuteupna euntreup ka lebah tingparentulna pucuk-pucuk camara. Tiisna hawa peuting harita, nganteur imlpenganana. Ngimpleng lalakon mangsa lawas. Mulangkeun deui panineunganana ka alam mangsa harita. Mangsa jungkiring pernasibanana ditigas gurating takdir.
“Ceuk Apa mah mending kuliah heula. Geus boga ijazah mah prak deuk kitu-deuk kieu ogén. Apa moal deuk pipilueun. Lamun nepi ka Ina teu cucud sakola, Apa bakal éra ku keluarga ti pihak bapa hidep.”
Ina tungkul. Haténa ngocomang sorangan. “Enya. Baeu deuk dijurungkeun kuliah mah. Teu ménta sotéh banget ku ngarasa éra. Ngarumasakeun ukur nuturkeun nu jadi aki. Si Papap teu pati miduli da keuheuleun ku sikep Apa. Pan Apa nu harita teu mikeun basa abdi deuk dibawa. Sedeng Si Mamah? Hirupna ukur sakitu-kituna. Rumah tanggana kapan di dua.”
“Tuh, turutan mah Mang Hudan. Tara sok bahula. Nurut kana piwuruk Apa. Hasilna, kajeueung meureun ku hidep ogé. Komo hidep mah awéwé. Kuduna leuwih nurut batan emang hidep.”
Ina beuki ngeluk. Haténa anu némbalan. “Ampun Apa. Ulah maksa Ina nuturkeun Mang Hudan. Dina derna kudu kuliah gé hayang nyokot jurusan nu cop jeung lelembutan.”
“Isukan dianteurkeun ka kampus ku Mang Hudan.”
Apa ngaléos ti patengahan. Naon nu bieu diputuskeun, geus moal bisa diganggu-gugat deui. Sedeng haté leutikna teu daék nampa, digebruskeun kana kahirupan siga emangna. Milih sakola, Apa setirna. Milih babaturan, Apa setirna. Milih jalan kahirupan, nya Apa ogé setirna.
“Teu capé ari Amang nuturkeun baé kapalay Apa?”, ceuk Ina, basa isukna deuk arindit ka kampus.
“Ku saha deui Apa digugu lamun lain ku urang anak-incuna.”
“Ah, haseum. Mang Hudan banci!”, ceuk Ina bari tuluy miheulaan ka luar ti palataran parkir di kampus nu ditujuna. Nu disentakna tiba bisa hareugeueun. Mencrong kapiadina. Teuing naon nu aya dina pikiranana harita.
Poé-poé satuluyna terus dipaju. Ina geus mimiti réa batur. Boh jeung babaturanana nu sajurusan kitu ogé jeung nu séjén jurusan. Malah mah jeung nu béda fakultas ogé loba. Ina nu supel, solidér jeung daréhdéh, mémang moal susah néangan babaturan. Ngan, angger ari rereged haté mah cenah, tacan sapinuhna bisa puyar. Teu bisa dibangbalérkeun. Béar marahmayna paroman, teu bisa dibawa balik ka imah. Hégarna pasemon nyangkoyot dina golodog. Ana heug asup deui kana legana kaayaan imah teu manggihan nu bisa diajak cacarita. Kabéhanana kalah ka tingjungkiring jaradi batu. Batu sagedé-gedé beuteung munding. Tuluy, hiji demi hiji karasa nibanan pipikiranana. Hiji demi hiji nindihan hulu angenna. Tingkah jeung polahna salawasna ditalikung ku jungkiringna batu aturan Apa di éta imah. Basa Bi Tuti minggat ti imah, basa Irma ngampleng teu mulang-mulang, basa Ua Ida tuluy bumetah di Sabrang jeung Om Karlos, sikep Apa mémang drastis pisan robahna. Aturan demi aturan karasa beuki nalikung pangeusi imah. Utamana pikeun Ina jeung emangna.
“Apa, Ina aya kagiatan di kampus. Caket da di Jayagiri. Kénging Ina ngiringan?”
Koran nu keur dibacana ditilepan, tuluy digolérkeun dina méja. Top kana cangkir kopi. Suruput diinum.
“Geroan Amang hidep, ceuk Apa kituh.”
Ina ngaléos ka jero, teu lila geus ngurunyung deui dituturkeun ku emangna, Hudan.
“Dan, aya acara naon di Jayagiri?”, ceuk Apa.
“Oh, muhun. Éta mah kanggo tingkat hiji, Pa. Hima nu ngayakeun. Ngaraketkeun tali mimitran sareng sasama warga jurusan.”
“Hudan rék miluan?”
“Moal, Pa. Aya kagiatan sanés. Abdi mah bade mios ka Cireundeu sareng Sandi. Pami Ina hoyongeun ngiringan mah ke dititipkeun ka réréncangan abdi.”
“Enya atuh. Ngarah Apa henteu melang. Ari Sandi asa geus lila tara ulin ka dieu. Keur sibuk?”
“Muhun, Sandi nuju seueur kagiatan.”
“Ina diijinan ku Apa milu ka Jayagiri, tapi kudu bisa jaga diri. Kumpulna di mana?”
“Di kampus. Hatur nuhun Apa, Ina tos diwidian ngiring.”
“Nya, ati-ati di dituna.”
Ina bungaheun nakeranan. Kacipta resepna ririungan jeung babaturan sakampusna. Suka bungah gogonjakan. Éak-éakan niténan legana dunya. Kapan dunya manéhna mah ukur sacangkéwok léngkob. Léngkob nu sakurilingna tingjungkiring pinuh ku batu. Batu nu ngawujud aturan-aturan akina, nu ceuk pangrasa manéhna mah féodal kabina-bina.
Hemeng ku dirina. Bet jorojoy hayang ngiluan kana éta kagiatan. Biasana gé tara. Sikep apatis ngalimpudan dirina. Sab geus pasti lisénsi moal kaluar mun dirina ula-ilu kana hiji kagiatan. Alus jeung henteuna aktivitas nu hayang dipaju téh aya dina kaca mata akina. Ari ayeuna? Bet ujug-ujug gedé tanaga pikeun nyarita. Jeung untungna, akina keur kabiruyungan ngijinan.
Arya Muldiawan. Lalaki nu dipikawanohna di kampus. Aya geter anu béda karasana mun pareng kudu pasanggrok. Geter-geter nu teuing naon pingaraneunana. Dina liliuh teuteupna, Ina hayang nyungsi katingtrim ati nu salila ieu keur dianti. Marudahna haté meureun musna mun nyangsaya na dadana. Ina resep nyipta-nyipta, éndahna dunya nu bakal aya dina ranggeumanana mun hiji mangsa laksana babarengan reujeung Arya.
“Na, aya nu nanyakeun”, ceuk Lia.
“Saha?”
“Teuing. Acan wawuh, tapi kawasna mah lanceuk tingkat da.”
Ti lebah sekrétariat aya nu tuluy nyampeurkeun. Ina jadi teu puguh rampa. Nu nyampeurkeun téh singhoréng Arya. Lalaki nu kiwari keur jadi implenganana.
“Ieu téh Ina?”, cenah tumanya.
“Muhun.”
”Kapirayina Hudan?”
“Muhun.”
“Cios ngiring ka Jayagiri téh?”
Bati unggeuk ditanya téh. pasemonna katangen marahmay. Aya jalan komo meuntas. Aya jalan geusan bisa leuwih akrab jeung lanceuk tingkatna. Horéng sobat emangna.
“Dina waktosna ku Akang disampeur ka bumi, sakantenan silaturahmi ka Apa. Nembe sakali-kalina nganjang ka ditu téh, kapungkur basa nembé tingkat hiji”, cenah ngaakangkeun.
“Mangga, diantos”, ceuk Ina.
Enya baé, sanggeus réngsé éta kagiatan, Arya beuki remen nganjang. Dalitna nyobat jeung Hudan geus teu bisa digambarkeun ku carita. Sedeng Ina, atoh wéh nua aya. Asa pangbungahna sadunya, mun bisa mairan cai ka nu keur pareng namu. Ina jadi apal kasedepna, ci kopi. Kopi nasgitel cenah ceuk Arya mah. Panas, legit, jeung kentel. Demi lalawuhna, seupan cau galék hasil popolah Bi Iwen di dapur. Ina ogé apal style fashionna. Casual. Gayana cool pisan. Éstu sagala rupana teu weléh katénjo nyari. Deuh, ari cinta.
Sanggeus lila reureujeungan. Sanggeus remen nganjangan, Arya tacan kénéh ngedalkeun cinta. Padahal, di kampus, ku babaturanana osok pada ngageuhgeuykeun. Majar cenah iraha jadianana? Deuk nagih pajakna. Pajak Jadian. Wajib hukumna cenah. Neraktir. Duka ka Kampung Baso atawa ka Kambing Bakar Cairo. Ina ukur mesém dikitukeun téh. Basa ditémbalan acan jadian jeung Arya, babaturanana pada hanteu percayaeun.
Ina nuluy ngaheneng. Boa-boa Arya sieuneun ku Apa. Seringna nganjang ka imah, Arya apal kana pasipatan Apa. Kana aturan di imahna. Enya, éta boa nu jadi hal pangna Arya acan kénéh ngedalkeun cinta. Ina ngocomang sorangan.
“Moal éra kitu mun awéwé nu tiheula ngedalkeun trésna? Atawa boa salila ieu téh geus salah meunteun? Boa nuluy cau Ambon dikorangan, kaliki ka pipir-pipir?”
Jung nangtung tina sisi risbang. Gék diuk nyanghareupan méja belajarna.
“Deuk disuratan ah Kang Arya téh. Keun baé teu usum susuratan ogén. Asana, teu ngarémpak aturan agama da mun awéwé nyuratan ti heula nembrakeun eusi haténa. Batan asa diganggayong siga kieu. Pan ari ku surat mah lamun engkéna ditampik ogén moal éra teuing da teu kanyahoan batur. Enya ah deuk ngirim surat baé.”
Runya-renyu. Umat-imut sorangan. Gutrut manéhna nulis hiji surat. Surat cinta nu ditujukeun keur Arya, nu salila ieu diarep-arep mitresna.
Kahatur
Kang Arya
Di panglinggihan
Sih hapunten sateuacanna, Ina kumawantun ngintun ieu serat. Mugia Akang henteu janten neras mikangéwa. Kang Arya, teu acan sataun urang silih pikawanoh. Nanging duka kumaha ngawitanana, Ina bet neras mikaresep ka Akang. Kantenan saparontos Akang mindeng nganjang ka rorompok. Harepan tumuwuh subur, marangkak ayang-ayangan minuhan saleganing buruan haté abdi. Mugia ieu rasa nu kemu téh henteu pasalia sareng rasa nu aya dina manah salira.
Nu tansah nyaah
Marlina Adiwikarta
Sup surat téh diamplopan. Saméméhna dibaca deui, sababaraha kali balikan. Inggis mendak kecap anu henteu merenah. Inggis uar kaasih teu maranti milih diksi. Sanggeus yakin, éta surat téh diteundeun luhureun méja riasna. Ceuk dina pikirna, deuk dititipkeun ka emangna. Engké soré pasti Arya norojol, nyampeur ulin ka emangna. Ina tuluy gogoléran di kamarna. Bari ngahérang neuteup lalangit kamar, pikiranana miheulaan nganjang ka wayah Arya geus datang. Biasana tuluy ngahékok di kamar emangna. Gigitaran, nyoo PS, game, internétan, malah sok nepi ka tuluy talibra. Tingkulisik kaluar ti kamar lamun Apa tos ngagentraan, miwarang taruang atawa solat ka masjid. Anteng jeung lamunan, Ina tibra di kamarna.
Waktu Arya aya datang, Ina teu kungsi nangenan. Nu ngabagjakeun harita mah Bi Iwen.
“Cép, aya Jang Arya”, keketrok ka kamar Hudan.
“Sina tuluy ka dieu, Bi. Ina piwarang ngadamel kopi.”
“Néng Ina mah kulem, Cép. Wios ku Bibi baé.” Sup, Arya ka kamar, dituturkeun Bi Iwen nu nanggeuy baki opieun.
Teu lila ti harita, Ina lilir. Rét kana jam tanganna. Tabuh opat soré. Gorénjal hudang. Ceg kana sisir. Sedot-sedot nyisiran buukna nu ngarumbay sacangkéng. Kulutrak, mukakeun panto kamarna. Di ruang tamu nyampak aya jakét jeung hélm. Geus pasti bogana Arya. Manéhna nyingraykeun rérégan. Enya baé, Vixion nu Arya geus ngajugrug di buruan. Ina balik deui ka kamarna. Ceg kana surat téa. Manéhna ngeteyep ka hareupeun kamar emangna. Sepi. Teu kareungeu nu gunjrang-genjreng gigitaran atawa sora musik tina PS. Nyéh manéhna imut.
“Kabeneran. Sigana keur talibra. Dasar tukang ngadalahdir. Mulek ku tugas-tugas kuliah temahna tuluy karérék”, ceuk dina jero haténa. Panto dibuka lalaunan. Enyaan teu dikonci. Bray, panto dibukakeun. Gebeg, manéhna ngagebeg sataker kebek. Ngajeritna teu kebat kedal. Biwirna ditungkup ku amplop surat. Mangsa panonna nangenan dua waruga keur papuket, disimbut asmara murka. Disanding birahi gaib nu tuluy mongkléngkeun téténjoanana. Ngabangingik melas-melis. Maratkeun jumeritna ka satungkebing jagat. Teu kebat kedal. Malah tuluy beuki halon nyoarana.
“Mang Hudan banci. Mang Hudan banci. Mang Hudan banci.........”
Cimahi, Fébruari 2013