TRIBUN JABAR - SAPTU, 2 JULI 2011
KU: HENA SUMARNI
Angger , pareng mangsa carangcang tihang Si Abah norojolna téh. Muru hiji imah nu perenahna tukangeun imah kuring. Imah Bi Iyah. Bi Iyah téh tukang nyieun gogoréngan, kayaning géhu, bala-bala, goréng ulén, donat jeung asakan séjénna. Hal séjén nu jadi tangara pikeun diri Si Abah téh nyaéta sora leumpangna. Ngétéplékna léngkah nu kareungeu mangsa wanci simpé kénéh ku aktivitas, nongtoréng pisan kana ceuli. Lian ti éta, cara Si Abah uluk salam, béda jeung kalolobaan jalma ayeuna.
Sok diteuteup mun pareng ngaléos ti imah Bi Iyah téh. Najan nempona ukur ti tukang, ukur katempo tonggongna wungkul, tapi atra pisan kumaha kaayaanana. Leumpang geus henteu gancang deui, antaré naker siga nu ngahaja ngitungan léngkah sorangan. Leungeunna ngajingjing kérésék nu dieusi gogoréngan. Dagangkeuneun!
Ēta nu ngirut panitén téh. Dina kaayaan umurna anu geus henteu ngora deui, Si Abah daék kénéh barangsiar nyumponan pangabutuh hirupna. Pangabutuh hirup dina jaman anu sakieu weritna. Beunang disebutkeun werit keur kahirupan masarakat leutik mah. Sabab, hahargaan anu tuluy tinuluy patingtérékél sarta pakasaban anu beuki dieu beuki hésé ditéangan. Cenah ceuk nu rahul téa mah, kieu pibasaeunana: komo nénéangan rejeki halal, dalah néangan rejeki haram gé geus hésé pisan. Kaayaan rahayat leutik nu digambarkeun saperti di luhur téh tangtuna baé patukang tonggong jeung nasib paragegedén jeung parainohong, boh pengusaha pon nya kitu deui anggahota partey pulitik nu kalibet urusan korupsi di ieu nagri. Kapan hirupna téh ngahenang-ngahening pisan. Malah mah bisa geugeuleuyeungan mancangkrama ka luar nagri sagala. Dina copélna gé pelesiran ka Bali mah bisa. Kawasna maranéhna mah moal ngalaman hirup ripuh. Balangsiar wanci subuh bari jangjang-jingjing atawa tunggang-tanggung dadagangan.
Balik deui ka sual Si Abah téa. Ti harita sok tuluy dititénan kabiasaanana. Tara towong pisan, unggal poé, unggal mangsa carangcang tihang norojolna téh. Kétéplék sora leumpangna, sendal jepitna, sarung poléng, kamprét bodas sarta kopéah hideung nu dipakéna geus dalit jeung panon kuring. Pikir ukur bisa neguh jeung maparah boa Si Abah geus teu bogaeun deui kadang warga! Teuing jeung saha matuhna! Pituin urang lembur ieu atawa jalma nu ngadon bubuara kitu?
Lamun disebutkeun urang lembur ieu, lembur Cikawéni, asa taya nu dedegenana ciga kitu. Kokolot lembur kapan geus loba anu tilar dunya. Baheula mah di lapang érwé sisi jalan sok dipaké ririungan ku kokolot lembur téh, bari ngarasuh incuna-incuna. Ayeuna mah éta lapang téh geus salin jinis jadi warnét. Demi nu jadi gagantina sok nyayakeun ririungan téh parapamudana. Bari jeung ngalaligeuh kénéh éta gé deuih. Ngariungna di éta tempat lain bari ngarasuh, tapi sok tuluy gigitaran nepi ka tengah peuting. Atuh dina wanci beurangna jadi tempat ngamodif motor anu sora kenalpotna mantak pengeng kana ceuli. Taya hiji gé anu katingal balangsiar ciga Si Abah nu sok datang ka Bi Iyah unggal wanci carangcang tihang téa. Kungsi éta gé ditanyakeun ka Bi Iyah. Susuganan manéhna apaleun saha sabenerna Si Abah téh. Jawabanana semet nyebut duka. Kaharti dina kituna mah, tetelepék teuing kana urusan batur meureun, nu penting mah daganganana aya nu mantuan mangiderkeun. Tapi da asa ku panasaran!
Hiji poé, datangna téh rada beurang. Kareungeu Si Abah uluk salam. Ngalanglaung. Semu dialeu-aleukeun rada panjang. Ku genah kareungeuna. Aya kaihlasan dina ngalanglaung sora uluk salamna. Kareungeuna bet asa nepikeun pesen pikeun ihlas nyanghareupan kahirupan. Sumanget dina nyanghareupan hirup sarta dibarengan ku kasabaran. “Assalamu’alaikuuuuuuuuuuuuuuuum!”, nongtoréng kana ceuli.
“Kasiangan Bah?”, kareungeu Bi Iyah nanya.
“Enya, kaleresan pun incu nu ti Sumedang araya di dieu.”
“Resep nya ngempel!”
“Nya kitu téa wéh, majar ngahaja sono kana dongéng ti Abah. Atuh da indung - bapana geus tara merlukeun ngadongéngan barudakna. Ukur dicukupan ku kaulinan jaman ayeuna. Permios Nyai!”
“Mangga bah, kadé laleueur!”, ceuk Bi Iyah. Mangpaurkeun meureun. Warugana nu ukur sakitu saré’atna nyorang jalan nu sapeupeuting diguyur ngagebrétna ci hujan.
Hiji deui peunteun Si Abah téh nambahan. Tina pagunemanana jeung Bi Iyah nu bieu kareungeu beuki ngandelan kareueus téh. Kawasna, resep mun hiji mangsa pareng ngaguar pangalaman hirupna. Ari kolot mah kapan tangtu loba luang pangalamanana. Ninggang kana paribasa, legok tapak genténg kadék. Landung kandungan laér aisan. Leuleus jeujeur liat tali. Mulungan élmuning kahirupan pikeun jadi cecekelan, jadi calecer tur dipiharep bisa ngawewegan kayakinan kana naon rupa nu geus diajarkeun dina bag-bagan élmu agama.
Puguh, rumasa! Acan ngarasa sampurna nyanghareupan hirup téh. Mungguh kapan kasampurnaan mah anging Alloh nu kagunganana. Urang mah ukur manusa nu teu elat milampah salah. Henteu elat ku kakurang dina prakna ngalaksanakeun ibadah. Ngan kapan pameunteun bener henteuna manusa, leket henteuna ibadahna, sarta alus goréngna laku lampahna, lain papada urang nu ngahakiman. Jolna lain ti papada manusa pikeun nangtukeun loba henteuna dosa téh. Kapan sakumna muslim papada uninga, Alloh mah lautan hampura. Henteu jeung moal nampik ka umatna nu geus milampah hiji dosa. Asal bener dina ngalaksanakeun tobatna. Pikeun ngandelan éta kayakinan, salah sahiji carana kapan ngaguar pangalaman ti parasesepuh. Salah sahijina meureun ka Si Abah!
Subuh éta mah ngahaja panto dapur téh dibukakeun. Maksud téh sangkan hawa seger wanci subuh asup. Lian ti kitu, anginna dipiharep gancang nuhurkeun lanté dapur nu kakara bérés dipél. Hiliwirna aroma buah tina pembersih lanté nu dipaké nepi kana irung. Seger kaangseuna. Top kana sapu jeung pangepélan. Tuluy digantungkeun kana paku paragina gigireun mesin cuci. Panon ngulincer niténan sabudeureun dapur. Lening tur bérés. Kari ngahaneutkeun deungeun sangu jang mumuluk isuk-isuk.
Basa ngalengo tina panto dapur niténan jajalaneun tukangeun imah nu brasna ka imah Bi Iyah téa geuning meni barala. Bungkus urut jajanan barudak lolobana mah. Puguh liliwatan saréréa éta jalan téh. Rungseb katempona. Runtah ayang-ayangan sapaparat jalan, ti mimiti hareupeun imah Bi Iyah nepi ka tungtung bénténg imah kuring. Ku hésé nyadarkeun masarakat urang mah, teu pira, sina sadar sangkan ngabiasakeun miceun runtah kana tempatna. Lain lang-lung ka mana sokna. Ih...da ku hésé. Ēta deuih, lanjangna tatangga kéncaeun imah. Ku ngedul-ngedul teuing. Tara daék beberesih nyapukeun runtah nu pabalatak lebah jalan liliwatan saréréa téa. Enya gé nu dipaké jalan téh taneuh kulawarga kuring, tapi kapan alhamdulillah geus jadi fasilitas umum. Wajar asana téh mun meresihanana gé babarengan. Gap kana sapu nyéré, séak tuluy sasapu. Teu wudu ngahunyud runtah téh. Tuluy diasupkeun kana kérésék. Biasana dua poé sakali dipiceun ku Mang Uwo, tukang runtah di wewengkon kuring matuh.
Keur kitu, kareungeu kesrékna léngkah Si Abah téa. Bari nyenyekel kénéh sapu nyéré kuring melong ka lebah datangna éta sora. Jajalaneun nu rék diliwatan ku Si Abah. Jol nu dianti téh norojol. Pécékrék leutik pangawakanana. Sarung poléngna dominan ku warna héjo. Kopéahna buludru hideung, henteu dibaju kamprét poé ieu mah, tapi maké kaos nu geus lalayu sekar. Basa paadu teuteup, kuring miheulaan seuri. Si Abah males ku imut. Katara waosna bérés kénéh. Paromanana marahmay, pakulitanana beresih.
“Beberesih Néng?”, pokna.
“Muhun”
“Rajin Enéng mah”, pokna deui.
“Hatur nuhun”
“Henteu angkat damel?”
“Teu acan, sakedap deui”, ceuk kuring.
“Di mana damel téh Néng?”
“ Di Rumah Sakit”, walon kuring.
“Saé atuh! Tuang raka dokter?”, cenah nanya deui.
“Sanés Bah. Di Pémda anjeunna mah. Dupi linggih téh palih mana?”
“Palih kulon Abah mah. Ah, da tara sok campur jeung batur. Ieu baé abah mah, percaya tur yakin ka diri sorangan”, cenah bari merenahkeun dampal leungeun kana dadana. Kuring kerung.
“Punten, kumawantun sumanggem! Mun urang guguru ka ustad, kapan sarua jeung urang ustadna gé, pada-pada manusa kénéh. Jadi keur naon? Mending yakin kana diri pribadi baé. Bener diri urang hartina bener ogé hirupna urang! Punten kumawantun”, pokna deui. Kuring beuki kerung.
“Teu sawios”
“Punten, dupi Enéng yuswa téh sabaraha taun?”
“Tilu puluh salapan.” Inyana imut.
“Abah mah tujuh puluh salapan. Pun bojo genep puluh salapan. Nikah taun lima puluh hiji. Berekah, nepi ka ayeuna taya pacogrégan.”
“Saé, turutaneun abdi. Dupi putra sabaraha hiji , Bah?”
“Dua belas , Néng. Incu tos dua puluh dua. Enéng putra sabaraha?”, malik nanya.
“Nembé hiji.”
“Geuning?”
“Muhun, hoyong mah dua atanapi tilu deui, tapi wallohu’alam, rupina Mantenna tacan mercanten deui.”
“Keun. Ulah alit manah. Hiji gé asal cageur, bageur, bener, pinter tur singer.”
“Amin, hatur nuhun.”
“Néng! Teu gampil kapan ngadidik budak téh. Koncina tuladan ti diri urang. Urang nu jadi kolotna. Punten kumawantun!”
“Mangga, teu sawios.”
“Mugia katampi, sing janten élmu.”
“Amin, hatur nuhun, tangtos, katampi pisan.”
“Alhamdulillah, sadayana putra Abah lulus banglus hirup rumah tanggana, teu kareungeu aya nu pacogrégan. Naon margina? Margi ajeg landasanana. Kahiji, ulah sok pirajeunan nyarita ku basa anu kasar. Leres?
“Muhun, leres pisan.”
“Lamun urang, salaku kolotna sok ngagunakeun basa kasar, utamana hareupeun nu jadi anak, tinangtu bakal diturutan.”
“Muhun, leres pisan.”
“Conto. Salaki - pamajikan paraséa. Salakina nyebut tolol ka pamajikan. Pamajikanana nyebut goblog ka salaki. Kapan éta téh sarua jeung ngabolékérkeun aib diri sorangan. Kapan nu lalaki nu sok nolol téh. Sarta nu awéwé nu logor mah. Tuh pan, moyok diri sorangan éta téh.” Basa ngareungeu kekecapanana nu bieu mah teu burung rada meureudeuy kuring téh. Ēra!
“Nu kadua. Ulah niheulakeun rasa ambek. Budak hésé diatur, ambek. Salaki elat mulang, ambek. Pagawéan dapur teu barés ambek. Euweuh jeung leungit sipat sabarna. Padahal, palasifah hirup urang Sunda mah nyekel deleg kana hiji paribasa “jalma sabar téh bakal jadi subur”. Leres?”
“Muhun, leres pisan!”
“Seueur jalmi nu sarumping ka Abah. Geus rimbitan, tapi datangna sosoranganan! Mun lalaki datang nyorangan dititah balik deui ku Abah mah. Pon nya kitu deui sabalikna. Jadi, mun rék datang ka Abah mah kudu jeung pasangan séwang-séwangan. Ngarah sauyunan ngaihtiaranana. Ngarah apal deuih naon baé pameulina.”
“Hatur nuhun kana samukawis piwejangna Abah. Mangga dikantun.” Kuring surti, ka mana ngaléokna obrolan téh.
“Mangga Enéng, hatur nuhun parantos kersa ngobrol sareng Abah, hapunten bilih aya kecap anu kirang merenah larapna. Mugia naon rupi anu disanggemkeun ku Abah tiasa janten élmu.”
“Amin, hatur nuhun.”
Léos Si Abah ngaléos moro imahna Bi Iyah. Teu lila kareungeu kétéplék sora léngkahna, laju ngajauhan. Tuluy ngiles kasilep ku sora gerungna patalimarga nu mimiti balawiri ka lebah wewengkon Jalan Cikawéni. Satuluyna sumebar béja. Ceu Acah jeung Mang Kimin jadi maju usahana sanggeus guguru ka Si Abah. Jang Asep pruk ngadahup ka Néng Marni majar cenah diihtiaran ku Si Abah. Kang Alan kapilih jadi caleg taun ieu guguruna ka Si Abah. Ras inget kana caritaan Si Abah harita. Kuring jadi kurang-kerung deui.
“Pami Enéng hiji waktos kersa rurumpaheun nganjang ka rorompok ka Abah, omat, kedah sareng ingkang raka. Supados sauyunan ngaihtiaranana. Supados uninga deuih naon baé pameulina.”
Cikendal, Mei 2011
Haturan wilujeng sumping di tepas LÉBÉR WAWANÉN, mugia tiasa silih anjangan, silih témpas paguneman tawis ngantengna silaturahmi pikeun ngamumulé budaya Sunda. Hurip Sunda!!!!!!
Selasa, 05 Juli 2011
ANJANI JEUNG LEUWI DAHU
KU: HENA SUMARNI
Pasawahan ngaplak satungtung deuleu. Mantak waas kana haté. Kawaas anu keuna kana mamaras rasa. Tingsérédét tur tingsareblak. Teu rék kitu kumaha, malikan deui napak tilas ka ieu tempat téh ayeuna mah teu dibarengan ku manéhna. Manéhna nu meunang sataun leuwih reureujeungan, ngalukis rupa-rupa panineungan nu ngahaja diguratkeun dina kanvas haté kuring. Haté kuring nu kiwari ngabaketrak, teuas, geunteul, rumeuk tur burakrakan. Pabaliutna rupa-rupa rasa, wuwuh numpukeun kapeurih. Padahal rasa téh angger keur manéhna. Ngan robah ajénna. Kacinta, kanyaah, kadeudeuh jeung rasa dengdem. Pagalo ngajadi hiji. Peurih.....karasana beuki peurih! Huntu kekerot, leungeun nu ti tatadi dipeureupkeun dipaké neunggeulan pingping sorangan, dipaké neunggeulan dada sorangan. Neunggeulan diri nu geuning bet éléh wowotan. Kasoran jurit dina palagan kaasih bari dipapatri kapeurih.
Nyoréang deui mangsa ka tukang. Mangsa anyar wawanohan jeung manéhna. Harita, kuring jongjon cumarita di podium. Salaku jurnalis, kuring kapeto cacarita, ngeuyeuban pangaweruh parapamilon dina widang kamekaran basa. Padahal, teu ieuh ngarasa bisa. Bubuhan puguh dipaksa, ahirna mah éléh déét. Keur anteng cumarita, bet paadu teuteup jeung hiji wanoja nu diuk gigireun sobat kuring. Belenyéh imut. Inguk manggut tanda rengkuh. Luk manéhna tungkul. Kitu deui diri kuring bet laju teu puguh rasa. Klik cenah! Aya nu disada dina rasa haté kuring. Aya rasa anu béda, ngagalura bari tuluy marengan salila nya cumarita. Pareng sanggeus acarana lekasan, kuring muru ka Ki Sobat. Kapan mémang jeung inyana pisan miang ti Bandung téh.
“Kang, ieu nepangkeun, anggota urang. Ti Tasik anjeunna téh!”
Solongkrong manéhna ngasongkeun leungeun. Gap, pataréma! Deui ieu haté bet tuluy ngageter. Geter ahéng nu teu kaharti ku naon nya musababna.
“Anjani Hastuti!”, pokna.
Gusti! Sorana. Halimpu nakeranan. Asa ku nyerep kana liliuh rasa ieu haté. Asa kakara ngadéngé, halimpuna éta sora bet ningtrimkeun lelembutan. Pok kuring némbal, sarua nyebutkeun ngaran sorangan.
“Andika Gumelar!”.
Ti dinya mah tuluy ngobrol ngalér-ngidul. Rupa-rupa. Ti mimiti ihwal pakasaban nepi ka urusan kalangenan tur kadaharan nu jadi karesep masing-masing. Ku lucu! Cenah karesepna téh kana tomat. Tomat téh sok dirujak. Rujak tomat karesepna. Basajan pisan. Basajan sikepna, basajan dangdanana, basajan ogé cara manéhna ngirut haté kuring. Ngiwat lelembutan ieu diri, nepi ka tagiwur nya pipikiran.
Poé-poé satuluyna dieusian ku mangréwu-réwu carita. Carita antara kuring jeung manéhna. Jauhna jarak antara Bandung jeung Tasik, teu ieuh jadi hahalang. Aya jalan komo meuntas. Mindeng kuring meunang pancén ngadongdon sababaraha tempat pikeun jadi sumber berita di wewengkon Tasik jeung sabudeureunana. Tina sakitu lila jeung mindengna patepung, aya hiji hal nu jadi kapanasaran. Mun pareng neuteup liliuh panonna, bet ciga aya rusiah nu disidem. Disidem disamunikeun. Tina galécokna mun keur anteng cumarita. Tina imut jeung rindatna. Tina rupaning aktivitasna nu ngudukeun bisa ngahibur balaréa di jomantara. Enya, kapan manéhna téh penyiar di hiji radio.
Tapi, lain gé kuring, mun teu hasil nyusud tapak rasa panasaran. Kasang tukang kuring salaku jurnalis mampuh nyelok rupaning eusi haténa. Tungtungna ngaburula, mudal sakabéhna. Sakabéh lalakon hirupna diwewelkeun ka kuring. Ngabasakeun diwewelkeun téh cenah pédah boa kuringna mah embung jadi tampolong paragi nandéan ngabulaéhna sagala rupa bangbaluh hirupna. Da tadina gé ukur hayang nyaho. Teu ieuh miharep sakabéhna dibudalkeun. Lahuta teuing mun kuring boga paniatan kitu. Tapi ari geus kieu mah nya kagok asong. Sakalian deuk ngahaja ditandéan. Ongkoh karunya ka jinisna. Horéng banget nya ku piwatireun lalakon kahirupanana.
Ceuk manéhna kieu. Kieu basa ngamimitian nyaritakeun sabagian lalakon hirupna. Di saung harita téh, saung ranggon Leuwi Dahu, nu jadi saksina.
“Dika, Jani teh da boga salaki. Malah mah boga budak. Tapi lain brol tina rahim sorangan. Budak kukutan. Sabab geuning Jani mah teu bisa ngarundaykeun turunan. Jani mah gabug, Dika!”
Panonna nu semu ceuleuyeu, melong ka jauhna. Kana ngaplakna pasawahan satungtung deuleu. Hiliwirnna angin neumbag rada tarik. Jung manéhna nangtung. Leungeunna muntang kana tihang saung. Buukna nu galing muntang ririaban katebak angin. Sawaréh mah nutupan kana beungeutna. Nutupan paromanna nu alum nguyung. Patukang tonggong jeung galécok kabungahna mun pareng keur siaran di radio. Ah diantep! Moal diganggu. Keun, sina bangblas cumarita.
“Jatnika ngaranna. Ēta ngaran téh Anjar nu méré. Cenah itung-itung pameungkeut geugeut duaan.”
Buukna disiklakeun. Terus ngodok saku calana jeansna, ngaluarkeun karét beungkeut rambut. Rambutna dibuntut kuda. Beuki nyari katingalna.
“Anjar? Ingkang raka?”
Sirahna gideug meueusan. Tapi kuring tuluy surti, saha Anjar sabenerna.
“Ayeuna Anjar teuing di mana ayana, basa katohyan ku Adam pédah Anjar sering nemonan ka imah, Jani paséa rongkah. Ti dinya panyakit Adam kanceuh deui. Resep sila, resep liar ti peuting, resep ngakaya batin Jani. Antukna manéhna dibeslah ti tempat gawéna. Malah kungsi di-BAP ku pihak anu berwajib. Adam nyéléwéngkeun duit nagara keur mélaan karesepna.”
Aya nu ngeyembeng dina kongkolak panonna. Terus manéhna nukangan. Taktakna endag-endagan. Nahan bedahna mangréwu rasa, nu dikemuna salila ieu. Basa ngahaja dideukeutan, tuluy milu ngajengjen tukangeunana, manehna tuluy malik. Gabrug ngarangkul, nginghak ngabangingik sawirahma jeung ratugna keteg jajantung kuring. Sajongjongan nu nginghak téh diantepkeun. Sina budal kasedihna. Sina palid ka nagri sarébu asih. Asih kuring ka manéhna. Lalaunan buukna diusapan. Ku dampal leungeun, lalaunan cimatana disusutan. Rét manéhna tanggah neuteup kuring. Panonna nu beueus kénéh ku cipanon neuteup geugeut, lalaunan biwirna embut, sirahna nyusup deui kana dada, sumerahna beuki nungtun lelebna kadeudeuh kuring. Angin nu ngoyagkeun daun paré, nganteurkeun wirahma asih. Séahna milu mépéndé, mépéndé dua haté nu keur dirungrum amisna kareueut deudeuh. Kadeudeuh nu teuing naon pingaraneunana!
“Andika Gumilar, naha atuh henteu ti baheula urang téh patepung!”
Sorana ngageter, eurih-euriheun kénéh. Dina sela-sela inghakna, leungeun katuhuna meulit kana cangkéng. Pageuh....ciga nu sieun ditinggalkeun. Sedeng ramo-ramo leungeun kéncana ngucumel ngaramesan kerah kaméja.
“Jani, taya kecap leuir pikeun silihpikanyaah! Najan kaayaan urang duaan sarupa kieu!”
“Enya! Keun, urang milosofi cai baé. Teuing rék kumaha jeung kamana palidna ieu rasa téh, urang angon ku duaan. Iraha Dika rék mulang ka Bandung?”
“Pagéto. Tapi minggu hareup gé ka dieu deui. Kapan deuk ngaliput pelantikan bupati terpilih. Meureun Jani gé nampa pancén nu sarua?”
Sirahna unggeuk. Tuluy diantelkeun nyuuh kana dada. Nangkeup deui pageuh pisan. Kaangseu parfum nu dipakéna, nyelengseng noélan irung. Ukur wasa diusapan nu nyusup téh, diseuseup embun-embunanana. Mun kongang mah, hayangna leuwih ti kitu. Tapi kadeudeuh nu najan ukur jadi mangandeuh ngenyed kadali nu méh leupas palakiahna.
“Mun meunang nawar, Jani mah embung pukah. Hayang kieu baé salawasna. Ngagéléhe dina dada Dika. Dada nu jadi sagara tempat Jani balabuh. Ngadon reureuh tina rupaning bangbaluh hirup. Tapi Dika kudu mulang ka Bandung nya!”
Dijawab téh ku imut. Diusapan deui buukna. Deudeuh, asih, bagja ngalimpudan saung ranggon. Ngalimpudan wewengkon Leuwi Dahu nu ngamprokeun dua rasa. Rasa nu pacampur jeung samagahana kaayaan. Bongan! Bongan pada-pada geus duaan.
Ngahaja ba’da subuh muru ka Bandung téh. Kirilik ponsél disada, horéng sms ti manéhna. Eusina pinuh kadeudeuh, ngomat-ngomatan sangkan iatna salila di perjalanan jeung tangtuna baé miharep sangkan gancang dines deui ka kota Tasik. Tasik anu resik, nu mampuh ngusikeun asih, ngulisikeun sukma, mébérkeun jangjang kahéman, tandon rasa, tandon raga. Nandonkeun rasa jeung raga nu kajiret guligahna kawih asmara, asmara nu disamaraan ku samagahana dua rasa.
Nepi ka Bandung, reureuh téh ukur dua poé. Pancén ti pagawéan ngudukeun kuring nyuprih deui élmu bag-bagan jurnalistik di Batawi. Kuring cenah nu kapeunteun mampuh jeung meujeuhna. Meujeuhna lebah bekelna ogé deuih ceuk staf di kantor mah. Ukur seuri konéng dikitukeun téh. Tilu bulan lain waktu nu sakeudeung ninggalkeun manéhna. Ēta nu jadi kabeungbeurat téh. Ngahagalkeun disms, dibéjaan yén kuring teu jadi indit ka Tasik. Hanjelueun pisan. Hanjeluna, teu béda reujeung kuring tangtuna gé.
Padetna jadwal pelatihan mamaksa kuring ngurangan konték jeung manéhna. Da enyaan atuh, boro-boro keur smsan, leuwihna teteleponan dalah keur udud gé teu ari-ari acan. Teu ari udud-udud acan. Nyaan kituna téh. Atuh pleng wéh taya béja-taya carita. Haté mah kebek ku kakangen. Nu biasana tuksel smsan, kari-kari dipegatkeun aktivitas, karasana téh kokoléangan, ngoléang dialungboyongkeun kasono. Geus diajam paniatan, réngsé pelatihan mulang ti Batawi téh rék nyelang ka Tasik heula. Kirilik ponsél disada, smsna malesan tur ngahayukeun pareng tepung di tempat nu biasa. Saung ranggon di Leuwi Dahu.
Cunduk kana waktuna, ngahaja disampeur ka tempat nu biasa. Paragi jangji pasini patepung. Hareupeun SMA Negeri nu perenahna sisi jalan. Tuluy mobil téh ngageuleuyeung lalaunan muru pertelon Cilémbang. Ngahaja muter jalanna, nguruling heula ka Perum Cisalak Permai, terus meuntasan rél karéta api nu brasna ka Leuwi Dahu téa. Nu diuk gigireun téh dirérét ku juru panon. Anteng neuteup ka jauhna. Angger! Sok kitu pamolahna. Gap leungeunna diranggeum. Pipina diusapan. Ukur imut, imut nu salilana aya dina kolébat jeung kélébétna lamunan kuring.
“Kangen henteu?”
“Dika kangen henteu ka Jani?”
“Ih, bet malik nanya. Mantak ngahajakeun ka dieu heula téh mélaan rasa nu éta!”
“Enya, kangen atuh lah!”
Neg! Kana angen aya nu neunggar. Kuring kateunggar ku nada jawabanana. Aya nu robah dina lentong nyaritana. Aya naon Anjani?
Mobil dikasisikeun. Prok patepung teuteup. Manéhna ngabalieur. Gap deui leungeunna diranggeum.
“Aya naon Anjani?”
“Dika, Leuwi Dahu mah itu, naha bet reureuh di dieu?”, pokna malibirkeun pananya.
“Nyaan ieu téh rék tuluy ngajugjug ka ditu?”, ceuk kuring. Curuk lempeng nunjuk ka béh hareup.
“Enya! Jani aya dongéngkeuneun.”
Manéhna unggeuk ngayakinkeun. Gas dihirupan deui, rada nyemprung ayeuna mah, hayang buru-buru nepi. Panasaran, dongéng naon cenah nu rék ditepikeun téh. Ngadak-ngadak bet teu genah rarasaan.
Nepi ka nu dituju, mobil diparkirkeun. Jrut tarurun, muru saung nu biasa. Pangjuruna. Genah di béh dinya mah. Malidkeun panénjo téh bangblas ka pasawahan sabudeureunana. Sabudeureun wewengkon Leuwi Dahu, réstoran nu sok dipaké jangji pasini patepung. Tuluy mesen ménu nu jadi karesep duaan. Saperti biasa, ulukutek leunca, sambel tauco jeung rujak tomat jadi ciri has ménu pesenan. Dina naratayna dahareun na daftar ménu éta réstoran, nu tilu mah tara ieuh katinggaleun.
Daging hayam beunang nyuiran geus ngahunyud dina piring. Sok hayang dihuapan kapan mun dahar téh. Tapi harita mah manéhna maké bet nolak.
“Entong ngahuapan Jani ayeuna mah. Jani nu rék ngahuapan Dika!”, pokna bari neuteup. Atoh dikitukeun téh éta nu dipiharep. Ngalimed dahar téh. Tapi manéhna mah henteu kitu. Caman-cémen, semu nu teu pati niat.
“Kunaon bet ngadak-ngadak ancin?”
“Tadi ngabaso di studio, bareng jeung Téh Enuy!”, pokna. Teu hayang loba tatanya. Da engké gé sok budal sorangan. Rot kana és jeruk. Ukur disuruput. Geus mimiti teu genah rarasaan téh. Leguk, pindah ngaleguk ci entéh haneut. Léos turun ka gigireun saung, kokocok leungeun. Kitu deui manéhanana. Laju, leungeunna gugupay ka pramusaji. Sababaraha wadah sésa alas kadaharan dipérénan. Iwal gelas és jeruk, cai entéh jeung rujak tomat karesepna.
Leungeun ngusiwel ngodok roko jeung korékna. Pelenyun udud. Haseup roko nyerebeng kabawa angin. Angin Leuwi Dahu nu kiwari bet karasa béda mapagna. Béda jeung sasari. Ngimbas kana bédana rarasan kuring ayeuna. Bet terus rasa. Rét ka nu gigireun, anteng ngeunteung memener riasan wedakna, lipstikna jeung buukna. Kirilik ponsélna disada. Diukna ngésér ngajauhan kuring. Ih, naha bet kitu! Biasana gé bari ngagéléhé kana dada nampa telepon téh, masing rék ti saha baé ogé. Ari ayeuna! Keun, moal dipaido, ké ogé betus sorangan.
“Dika! Tadi Anjar nu nelepon. Dua minggu ka tukang, basa Dika pelatihan di Jakarta, Jani nepungan Anjar ka Bandung. Ngahajakeun jangjian tepung di Bandung. Ayeuna Anjar matuh di Batam, muka usaha di ditu samulangna jadi TKI ti Jepang téh”.
Hareugeueun, kuring bati hareugeueun. Roko nu keur dikenyot diteundeun dina asbak. Calacahna sawaréh mah tuluy rabeng. Rot kana és jeruk, bet jadi pahang karasana.
“Malah Anjar mahanan bekel keur Jatnika. Lobana sapuluh juta. Itung-itung naur cenah, baheula Anjar maké duit Jani, lobana sakitu, keur usaha muka béngkél. Tapi kaburu Adam nyahoeun. Tuluy Anjar kabur. Ayeuna Anjar datang deui dina kahirupan Jani jeung Adam nu keur ciga kieu. Anjar masih bubujangan!”, ngomongna bari nukangan. Bari ngomé-ngomé ponsél nu ti tatadi dikeukeuweuk ku manéhna.
Ku hayang nongtak buukna. Marieuskeun awakna, sina madep nyanghareup ukur ka kuring. Hayang neuteup bubuleud panonna. Hayang nanya haté leutikna, naon hartina diri aing salila ieu keur manéhna! Deuh, bet sulaya tina panyangka, panon anu salila ieu ucang anggé dina pipikiran, kiwari nyabeulah rasa.
“Anjar satia nungguan. Anjar satia marengan ti kaanggangan. Anjar jeung Jani dibeungkeut ku Jatnika. Basa tepung di Bandung téa manéhna mahanan ieu. Nitah Jani nu nyairkeun.”
Kusiwel, ngaluarkeun sacewir keretas tina kantongna. BG geuningan. Top dicokot, tuluy diilikan, gede ogé pangajina. Boa hal ieu nu jadi sabab-musabab barobahna sikep Anjani téh kitu? Rabengna calacah dina asbak nu mimiti katebak angin, lir rabengna pipikiran kuring. Ngulayaban nénéangan pijawabeun. Kana rasa panasaran nu kiwari meyud minuhan rohangan kalbu nyaliara dina raga, naon nu jadi kasang tukang barobahna sisikepan diri manéhna.
“Dika, Jani nyaah ka anjeun. Tapi Anjar leuwih ti heula aya dina kahirupan Jani. Geus diniatan, Jani rék ménta dipegat ka Adam. Demi Anjar!”
Gusti.........! Lamunan kagebah basa pramusaji nganteurkeun pesenan. Sanggeus nganuhunkeun, top kana ulukutek leunca, top deui leungeun ngarongkong rujak tomat. Digalokeun dina piring keramik bodas. Diramesan ku ramo-ramo nu eukeur ngemu baluas. Diri ngocomang ngomong sorangan.
“Anjani, anjeun téh ratu nu panggeulisna. Ratu monyét, ratu oa, ratu beru jeung ratu surili. Kiwari anjeun keur nyiliwuri, minda rupi ngajirim Déwi Drupadi. Anjani reujeung Drupadi kiwari aya dina ranggeuman kuring. Ranggeuman ramo-ramo kuring nu ngemu manglaksa rasa baluas, kasoran tur katambias!”
Angin Leuwi Dahu nyéahkeun tinggarupayna pucuk-pucuk daun paré, hésé rék mépéndé, ngaléléah marojéngna hiji haté, haté nu geus teuas, ngabaketrak, geunteul, rumeuk tur burakrakan.
Haturan kanggo kasepuhan, pangersa ASW, nu parantos maparinan ide carita.
Cimahi, April 2011
MANGLE, NO. 2323 19-25 Mei 2011

Sabtu, 14 Mei 2011
ANTARA GUNUNG TUA JEUNG CIMALAKA
CARPON TRIBUN JABAR - SAPTU, 14 MEI 2011
Keur meujeuhna sono bogoh hirup rumah tangga tѐh. Ninggang kana paribasa runtut- raut sauyunan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan. Barudak keur meujeuhna lalucu, kitu deui usaha nu jadi salaki, keur aya dina kamajuan. Rumah makan beunang itikurih duaan, ahirna kajojo ka mana-mana. Padamuru pada ngajarugjugan.
Tapi geuning milik mah teu pahiri-hiri, bagja teu paala-ala. Hirup jeung huripna manusa mungguh geus aya nu ngatur. Kitu ogé garis nasib nu tumiba ka diri kuring. Kersaning Gusti, alatan kasakitna, Kang Yudi tilar dunya, mulih ka jati mulang ka alam kalanggengan, dipundut ku nu kagunganana. Harita, nu karasa téh bumi alam asa tungkeb, banget ku baluweng pipikiran, kumaha nya geusan pilampaheun. Hantem midangdam nyeungceurikan peurihna papastén Hyang Widi, hantem midangdam nyeungceurikan panutan haté nu miheulaan ninggalkeun. Ninggalkeun kuring jeung barudak.
Rék teu kitu kumaha. Keur kuring mah Kang Yudi tѐh salaki idѐal. Kasabaranana, tanggung jawabna ngipayahan anak pamajikan, kasaksian ku diri sorangan. Ti enol pisan kuring jeung manѐhna ngamimitian muka usaha nepi ka saditinggalkeunana, kuring henteu kudu hirup ripuh. Mantak keur naon rumah tangga deui ogѐ. Mending hirup nyorangan, nuluykeun ngokolakeun pausahaan titinggal almarhum kalayan soson-soson.
“ Tiasa nyuhunkeun daftar mѐnu Nѐng?”, sorana agem ngagareuwahkeun lamunan. Lalaki tengah tuwuh, dangdananana nѐcis, rapih tur dandy ngajanteng hareupeun. Sikepna, rengkuhna jadi pertanda. Ajegna adeg-adeg kasopanan nyekrup kana tagog jeung penampilanana nu perlѐntѐ.
“Oh..mangga Bapa. Haturan, wilujeng sumping”, ceuk kuring bari mѐrѐkeun daftar mѐnu nu dipѐntana. Torojol Rina, pramusaji nyampeurkeun, mawa catetan keur nyatetkeun naon baé nu dipesen.
“Badѐ di palih mana, Pa?”, Rina nanya. Kuring jongjon tungkul mariksaan bon nu pabalatak dina mѐja. Karѐrѐt ku juru panon, manѐhna nyampeurkeun deui.
“Tiasa di mѐja palih lebet?” Jempolna nuduhkeun ka mѐja anu ngajѐjѐr di rohangan bѐh jero.
“Yaktos Bapa. Mangga...tiasa milih tempat nu cocog sareng kapalay”, kuring imut ngahempѐkeun.
Koloyong manѐhna ka jero, muru ka mѐja nu kaopat. Pangjuruna. Ēta rohangan ngahaja ku kuring dirancang pikabetaheun. Kentel nuansa romantisna, ngahaja keur nu mikabutuh kana ѐta hal. Teu loba mѐja anu aya di ѐta rohangan tѐh, ukur opat mѐja. Korsi anu disayagikeun gѐ ukur opat-opat. Sangeus pesenan sayaga, ku Wawan ditanggeuy, dianteurkeun ka mѐjana. Ti kajauhan ku kuring katѐnjo, Wawan milu diuk heula, ngobrol sawatara waktu. Teu lila jol Wawan ka deukeut mѐja, nyimpen baki urut nanggeuy dahareun téa. Ceuk Wawan, éta tamu téh Kepala Unit hiji bank, anu kantorna teu pati jauh ti réstoran kuring. Kabeneran deuih, mun seug éta bank keur katatamuan, atawa ngayakeun acara, sarta dina kagiatan kantor sapopoéna, parakaryawanna kabѐh sok dalahar di dieu, di réstoran kuring. Dina jero hatѐ tuluy ngomong sorangan, paingan dangdanan tur sikepna meni hadѐ kitu, horѐng lain jalma joré-joré.
“Meni saѐ nami rѐstoran tѐh Nѐng. Anteb pihartoseunana gѐ. “Hégar Sari”. Leres-leres janten tempat anu hégar sareng nyari kanggo niis, pasti parapelanggan tѐh ngaraos baretaheun pami sarumping ka ieu tempat”.
“Amin, hatur nuhun Pa!”
“Mangga diétang, sabarahaeun?”, ceuk manéhna bari ngaluarkeun dompѐt. Sabada diitung, duit téh aya pamulangan kѐnѐh. Song dibѐrѐkeun ka Wawan anu kabeneran ngaliwat ka hareupeunanana.
“Hatur nuhun kana kasumpinganana Bapa!”, ceuk kuring .
Lѐos ѐta jalma téh ngalѐos. Beuheung eueuleugeugan, basa ningal mobil anu dipakѐna kaluar ninggalkeun palataran parkir. Euleuh.......Hardtop heubeul kaluaran taun ‘83 pulasna kopi tutung, meni gugurilapan, cicirén hadѐ ropéa. Body mobil geus meunang ngamodif. Bener-bener gaya tur gagah katingalna. Ēta deuih, ku anéh, plat nomer mobilna, D 3103 HS, bet sarua jeung tanggal lahir tur inisial singgetan ngaran kuring!
*******
Poé ieu mah, réstoran tѐh pinuh pisan. Dalapan beus wisata nu rѐk ngajugjug ka Ciater ngaradon reureuh. Atuh paciweuh pisan harita tѐh. Torojol Pa Yusuf datang bareng jeung dua baturna. Cenah mah Penilik ti Kantor Cabang anu deuk ngaroris ka Kantor Unit Gunung Tua. Ku lantaran parapramusaji tѐh kabѐhanana nyanghareupan cekelan sѐwang-sѐwangan, kapaksa kuring gѐ singkil, turun tahta, mantuan milu jadi pramusaji. Pa Yusuf sabatur-batur nu disanghareupan tѐh.
Pesenan geus ngabarak dina mѐja. Angger milih tempat nu biasa, mѐja nomer opat di rohangan bѐh jero.
“Mangga Pa, wilujeng tuang!”, ceuk kuring bari merenahkeun gelas ci entѐh haneut keur nginumna.
“Hatur nuhun, sareng atuh sakantenan!” .
“Mangga Bapa, hatur nuhun. Permios!” .
“Sakedap Néng. Hapunten kumawantun. Tos sering abdi neda di dieu, asa teu acan tepang sareng tuang raka. Nuju kamana?”, Pa Yusuf nanya.
Bek! Asa aya anu nonjok kana hulu angen. Keuna kana mamaras rasa. Pertanyaan saperti kitu nu pangdipikasieunna lamun kuring panggih jeung jalma anyar. Jalma anu kakara wawuh sarta tangtu baѐ teu apaleun kana kasang tukang kahirupan pribadi kuring.
“Pun lanceuk mah parantos ngantunkeun!”.
Aya nu nyurungkuy tina jero panon. Sakuat tanaga ditahan. Jeletit kana hatѐ asa aya nu nyiwit. Kanyeri jeung kapeurih ditinggalkeun ku nu jadi salaki kahudang deui. Sajongjongan nu tiluan jempѐ. Kuring ngarahuh, narik napas panjang.
”Hapunten!” ceuk Pa Yusuf. Kuring ngalѐos bari manggut. Karѐrѐt nu saurang mah paneutepna asa rada bѐda. Ēta meureun pédah apal ayeuna mah yén kuring téh randa. Rey jadi cua.
Ti saprak ѐta kajadian, pasemon kuring rada robah mun manéhna datang tѐh. Kuraweud haseum. Ceuk pamikir tѐh, baѐ kaleungitan pelanggan hiji mah. Ké ogé bakal loba deui anu datang. Tapi jeung pundung mah kalah nerus nyambung. Komo ayeuna mah, manѐhna bet jadi deukeut jeung barudak kuring. Antukna, ulat judes ka manѐhna gѐ lila-lila mah barobah. Kasabaranana bet asa sarua jeung almarhum. Sabar nalika nyanghareupan barudak, ogé dina nyanghareupan sipat jeung adat-pangadatan kuring.
***
Geus dua poé teu bisa nungguan réstoran téh, sabab Maira, Si Bungsu gering. Sapeupeuting awakna nyebrét, panasna teu turun-turun. Ceuk dokter nu mariksana , budak téh kudu diopnameu.
Basa keur diuk dina risbang gigireun Maira suster norojol nyampeurkeun.
“Jadwal dinébu!”
“Sabaraha kali deui Néng?”
“Sakali deui ayeuna, margi katingalna mah eungapna tos sakinten”.
Budak téh ngalewé. Leungeunna diusapan. Keueung meureun, ningali pabaliutna selang anu rék ditapelkeun kana awak manéhna.Torojol aya nu asup ka rohangan, dirérét, horéng Pa Yusuf.
“Papih.....!”
Maira ngagero halon. Leungeunna ranggah ménta dipangku. Kuring ngagebeg. Maira bet nyebut papih. Ti iraha? Hayang sapok-pokeun ngahuit, nyarék Maira. Tapi biwir bet asa rapet pisan, hésé diengabkeun. Pa Yusuf nyampeurkeun. Budak téh dipangku. Selang infusna dibebener. Pok manéhna ngomong.
“Teu kedah sieun Mai, pan aya Papih. Kersa nya dilandongan, supados énggal damang!”. Kituna téh bari ngusapan sirahna. Pipina diusapan deuih. Budak téh jempé. Suster masangkeun alat nébulizer. Maira siga tingtrimeun naker aya dina lahunan Pa Yusuf.
******
Sabada Maira mulang ti rumah sakit, kuring jeung barudak diajak jalan-jalan. Kaka jeung Maira anteng dina rupa-rupa kaulinan. Ku duaan dipelong ti kajauhan.
“Lia, ngahaja Akang ngajak Lia jeung barudak ka ieu tempat. Akang téh hoyong ngobrol kalayan tumaninah. Wios nya, da barudak mah nuju anteng!”
“Perkawis naon téa?”, kuring tanggah, ngawanikeun manéh neuteup beungeutna, bari imut pok manéhna ngajawab.
“Urang duaan! Tangtos Salira gé surti kana sikep Akang salami ieu. Akang téh aya maksad badé mikanyaah ka Salira!”
Sajongjongan kuring ngaheneng. Salila ieu gé kuring téh surti. Tapi sok ngahaja disieuhkeun tina pikiran. Di sina ingkah ka tempat anu jauh, ka Sabrang ka Palémbang, ka nagara nu pangjauhna.
“Akang nyaah ka Salira, kitu deui ka barudak!”
“Kang Yus, hatur nuhun! Abdi ngartos kana pamaksadan Akang. Tapi teu gampil kanggo urang duaan mah. Naon margina? Akang aya nu kagungan!”, bari tungkul nyarita téh, bari ngucel-ngucel tungtung cindung. Cindung warna kulawu, ciga kulawuna rasa nu kiwari keur samagaha, dalit marengan.
“Kapan pameget mah wenang badé dua, tilu, atanapi opat ogé sanés? Asal tiasa lumaku kalayan adil. Rarasaan mah, Akang bakal mampuh. Boh ku sikep boh ku materi.”
“Yaktos, kitu pisan nu kauninga ku urang sadayana. Tapi tetep kapan kedah aya widi ti geureuha Salira!”
“Penting éta hal kanggo Salira?”, leungeunna pageuh nyekelan leungeun kuring. Paneuteupna asa nembus kana jajantung. Duh...éta soca! Aya ku liuh. Paneuteupna nu sok ningtrimkeun marojéngjana pipikiran téh. Luk deui tungkul, tungtung cindung milu pasrah basa ramo mimiti nyagap jeung ngucel-ngucel deui tungtungna.
“Kalintang pentingna. Kanggo abdi, pernikahan téh sanés wungkul nikahkeun urang duaan. Akang sareng abdi sipatna. Langkungna ti kitu, pernikahan téh kedah tiasa ngahijikeun dua kulawarga janten hiji beungkeutan, ngiatkeun ukhuwah, ngaraketkeun tur ngamumulé silaturahmi. Kantenan kanggo urang mah, sanés mung ukur dua kulawarga nu badé dihijikeun téh panginten. Tapi opat kulawarga. Kulawarga abdi, kulawarga almarhum, kulawarga Akang, sareng kulawarga Ceuceu.”
“Nu penting mah kapan niat Akang, Nung! Teu saheureuyeun badé migarwa Salira. Akang bakal tanggung jawab nganapakahan Salira jeung barudak. Lahir-batin, dunya-ahérat!”
“Akang, abdi yakin pisan kana éta hal. Karaos pisan kanyaah Akang ka abdi ogé ka barudak salami ieu. Tapi, kanggo katingtriman urang sadayana, saéna nyuhunkeun heula widi ka Ceuceu. Pami Ceuceu ngawidian, ka abdina gé bakal ngaraos langkung tingtrim. Dokumén pernikahan ti nagara gé bakal gampil diuruskeunana deuih pami aya widi ti istri nu kahiji mah. Ēta bakal janten payung hukum kanggo nangtayungan abdi, nangtayungan pernikahan urang, ogé nangtayungan barudak. Saterasna, tangtos abdi bakal sah janten istri Akang. Sah numutkeun aturan agama, sah ogé numutkeun aturan nagara. Akang ngartos kana naon anu nembé ku abdi disanggemkeun sanés?”
Manéhna rumahuh, narik napas panjang. Keur kitu barudak singtorojol nyampeurkeun.
“Pap, hoyong uih!”, Maira sumolondo kana lahunanana.
“Hayu!”
Maira dipangku, tuluy manéhna nungtun leungeun kuring. Kaka mah hideng, miheulaan lumpat ngadeukeutan mobil nu diparkir teu pati jauh ti lebah dinya. Bring opatan mulang, muru ka imah. Dina mobil, barudak mah talibra, tayohna carapéeun urut lulumpatan ka ditu-ka dieu, kari kuring duaan! Anteng jeung pikiran séwang-séwangan. Anteng jeung lamunan séwang-séwangan.
Teu lila ti harita, Kang Yusuf ngajak badami pikeun ngungurus dokumén pernikahan. Aya kabungah pacampur reujeung kasedih nu ngagalura jeroeun dada. Bungahna, dina waktu anu moal lila deui, kuring moal hirup nyorangan. Aya batur geusan pakumaha dina nyanghareupan kahirupan. Ngadahup ka Kang Yusuf anu pasipatanana teu béda jeung almarhum. Sedihna, kuring dicandung! Haté teu weléh galécok, paguneman jeung diri sorangan. Naha paniatan kuring nu daék dicandung téh bener kitu? Naha bener pamajikan Kang Yusuf bakal méré idin? Naha engkéna Kang Yusuf bakal bisa lumaku kalayan adil? Naha enya ieu paniatan téh pikeun milari karidoan Gusti? Kapan cenah dicandung téh mangrupakeun sunnah Rosul, jadi marga lantaran asupna kaum Hawa ka sawarga! Duh, sabilna rasa jeung pipikiran awor jeung ratugna keteg jajantung. Dulugdugdag, keukeuh paudag-udag! Antara enya reujeung kumaha!
Dina waktu keur uras-urus susuratan téa, kuring kadatangan sémah. Ibu-ibu. Turun tina sédan Vios pulas héjo kolot. Dangdanana ménor pisan. Papakéanana sarwa hadé. Umurna anu geus teu ngora deui, henteu mantak ngurangan kana kageulisanana.
“Badé ka saha Ibu téh?” , kuring mapag bari imut.
“Sareng Herlia Sriwianti?”
“Muhun!”, ceuk kuring.
Song manéhna ngasongkeun leungeun.
“Ēndah Wijiati, istrina Yusuf Himawan!”
Gebeg haté ngagebeg. Enyaan, Kang Yusuf geus bébéja ka pamajikanana. Ayeuna datang manggihan, ayeuna aya hareupeun.
“Oh..........muhun, nepangkeun, abdi Lia. Bingah pisan tiasa tepang sareng ibu!”
“Aya picarioseun abdi téh.” Teugeug pisan.
“Mangga, saé urang ngalih ka palih ditu!”, ceuk kuring nuduhkeun tempat di béh jero. Kabeneran harita keur rada tiiseun. Kuring leumpang ti heula bari nanggeuy baki, eusina cai entéh dua gelas. Manéhna hideng nuturkeun.
“Lia, urang téh papada awéwé. Sapamadegan cigana. Tangtu urang bakal ngarasa bungah kacida lamun urang dipikanyaah ku hiji lalaki. Ciga Lia ayeuna. Meni sakitu gedéna geuning kanyaah Kang Yusuf ka Lia téh, nepi ka Kang Yusuf waléh méménta idin hayang ngawin Lia. Dikumahakeun nepi ka bisa kitu, diparabunan?”, rada muncereng dibarung ku hégak napasna anu ngerepan. Beungeutna bareubeu beureum.
“Punten Ibu, nyarios naon téa nembé téh?”
“Lah, tong sok api-api. Lain geus loba beubeunangan tina hasil morotan Kang Yusuf téh! Naon waé? Emas, berlian, duit tabungan, mobil atawa naon deui?”
“Ibu, istigfar! Abdi henteu ciga kitu!”
“Teu kudu ngangles. Kitu kapan pagawéan randa mah. Morotan salaki batur. Mun teu diparabunan, maenya Kang Yusuf nepi ka kieu, pok deui-pok deui, méménta idin hayang baé kawin jeung Lia!”
“Ibu, ngaleueut heula. Supados tenang!”, kuring neureuy ciduh. Tikoro karasa nyeri. Piceurikeun nyelek, minuhan tikoro.
“Peryogi kauninga ku Ibu. Pami tuang raka pupulih, hoyong migarwa abdi, muhun, leres pisan. Tapi, abdi nu miwarang supados anjeunna mundut heula widi ka Ibu. Muhun, rumaos abdi parantos ngiring mikanyaah tuang raka, tapi nyaah nu saéstu. Teu aya niat sakedik ogé kanggo gaduh niat awon. Nu kaémut téh mung hoyong ibadah, niat meungkeut tatali silaturahmi”.
Haté mah hayang ceurik jejeritan. Asa peurih kacida disebut awéwé pamorotan téh. Kieu geuning ari nasib jadi randa. Ti peuting rungsing kumareumbing ku kasimpé haté, ti beurang ngacacang kumalayang ka alam panglamunan. Katambah-tambah bet dicacampah, disangka tukang morotan lalaki. Sing demi, hayang ceurik jejeritan!
Lila-lila, kahartieun meureun omongan kuring téh. Tuluy Bu Ēndah amitan. Leuleuyna sikep kuring meruhkeun amarahna. Peureus ogé kekecapanana. Boa pasipatanana nu saperti kitu nu ngabalukarkeun Kang Yusuf mindahkeun haténa ka kuring.
Isukna, pasosoré Kang Yusup aya nepungan. Béda ti sasari. Imutna ciga nu dipaksakeun. Panonna nu liuh, neuteup anteb. Pok manéhna nyarita, sorana méh teu kadengé, ngageter bangun keur nahan hiji rasa, rasa nu pinuh ku karumasaan.
“Lia, hampura Akang. Mimiti poé isuk, Akang pindah gawé ka Unit Cimalaka. Ngadadak puguh gé. Jeung deui Akang téh kakara mulang ti rumah sakit. Ēndah ayeuna aya di rumah sakit!”
“Ceuceu! Ku naon?”
“Ngeureut pigeulang leungeunna sorangan. Kakara dipindahkeun ti ICU ka rohangan perawatan. Sakali deui, hampura Akang. Kanyaah Akang ka Lia jeung barudak moal laas kapisah ku mangsa, nepi ka iraha baé ogé.” Aya nu ngeclak maseuhan kana tonggong leungeun. Ku tungtung cindung lalaunan cimatana disusutan.
Cimahi, Agustus 2010
(Saptu, 14 Mei 2011, TRIBUN JABAR)

Sabtu, 26 Maret 2011
WEREGU REUJEUNG WEREGU
Nyecepna hawa subuh parat nepi kana balung. Rap simbut dibebener. Sakujur awak dibulen ku pangrungkupna. Haneut meueusan. Atuh beuki horéam rék hudang téh. Tuluyna bet kalah anteng ngahérang. Panon museur, neuteup lalangit. Dina implengan aya imut nu marengan. Marengan ririakanana ieu katineung. Nu ngahaja dititipkeun dina liliuh paneuteupna. Nu ngahaja dititipkeun dina rénghap napas kanyaahna. Ngahaja disulam ku benang-benang kahéman beunang ngaréka-réka duaan. Hawa karasa beuki nyecep tiis. Ciga tiisna rasa ieu haté nu teu weléh marojéngja, disesebit kulit nasib, disasaak papastén kadar.
Maksakeun ahirna, turun tina risbang. Rut-rét ka sakuriling bungking. Simpé taya nu nyoara. Sok komo pikeun diajak cumarita. Lomari ukur ngabigeu, basa panon neuteup lelebahna. Jam nu ngadaplok ciga ngahaja keprok, keprok jarum jeung jarumna, ngeprokan kuring nu ukur bisa olohok , ngembang kadu ku lalakon kahirupan. Lebah tungtung juru wétan rérégan oyag-oyagan, diulinkeun angin janari, ciga nu ngahaja ngulinkeun garis takdir ieu diri diturihan ku kapeurih.
Brus ka jamban, seja beberesih. Karasa nyecepna hawa, tiis ngahinis batin. Ka luar ti jamban, cénghar meueusan. Bar...sajadah diamparkeun. Poé ieu, hayang husu ngajalankeun kawajiban, kumelip hiji paniatan, seja muntang kana tohagana pangriksa Mantenna pikeun sumalindung tina laipna sipatning diri. Mustari dina wancina, amparan sajadah cipruk ku cimata.
Keur kitu, panto kamar aya anu ngetrokan. Bray dibuka. Nu mapag téh imut Ibu. Najan ngahaja nyimbutan ku mamanis pasemonna, haté mah teu ieuh bisa dibohongan. Dina carindul socana Ibu ngemu kahanjelu, hanjelu ku vonis Apa nu ditibankeun ka kuring. Dalah dikumaha, vonis Apa, lir ibarat gangasna maung keur lapar, ngerekeb kamerdikaan Ibu, ngerekeb kamerdikaan kuring nu ukur pikeun padu bisa engab, nepikeun pamanggih pikir.
“Hani, sasarap heula Nung, miang téh ngahaja nyubuh, ngarah nyalsé di jalanna”, saur Ibu, tétés tur saréh.
“Mangga, seja ngiringan”, uudar mukena , jeung sajadahna tuluy ditilepan. Rét kana méja. Paneuteup bet eunteup lebah potrét nu aya luhureunana, potrét kuring jeung manéhna, nu ngahaja dipupusti, keur mapaésan éndahna taman kacinta nu dipelak jeroeun dada. Sakedapan nu keur imut téh diteuteup. Diusap lebah pipina, diusapan mastakana. Kitu kapan biasana pamundutna, bari sok tuluy ngaharéwos “honey, nu salamina sok neuteup seukeut, kanyaah Engkang nya ka Anjeun seja eunteup”. Teu kawawa, cipanon mudal deui, ngalémbéréh mapay pipi.
“Ceu Hani, énggal Ceuceu! Apa ngantosan!”, géréwékna Caca hareupeun panto kamar ngagebah mantengna lamunanan. Ceg kana wedak, las diulaskeun, ngarah beungeut henteu pias teuing jeung teu katangen sésa- sésa urut bieu nya sumegruk. Cindung pulas kayas dibebener, los ka rohangan makan, enya baé geus ngariung. Sanggeus sagala rupana tarapti, Apa ngajakan angkat harita. Bral arindit muru ka bumi Enin di Tanjakan Ciburangrang.
Sajajalan simpé, ukur gerungna mesin mobil nu kareungeu. Bet siga hayangeun dibaturan. Dibaturan hariringna kawih kuring tur paciweuh otélna adi-adi, Lukman jeung Caca. Kitu da biasana gé. Mireungeuh haliwu na jero mobil, biasana Apa ukur tiasa nyenghél gumujeng, tara ieuh osok nyarék, teras dihaminan ku lelebna imut Ibu, nangenan réngkak paripolah palaputrana.
“Ceuceu, badé lami kitu bobo di bumi Enin téh?” , ceuk Caca, adi kuring anu bungsu. Haté mah galécok ku pijawabeun! Pijawabeun kana pananyana Caca. Enya, ukur bisa dina haté galécok téh. (“Ka Apa narosna Ca! Da kapalay Apa, sanés Ceuceu anu hoyong!”). Tapi teu wasa rék pokna. Ukur kieu, ungkara nu ieu, nu jadi jawaban kuring.
“Ca, tingal itu mayakpakna kebon entéh. Ciga alketip diamparkeun nya. Bangun nu empuk nakeranan, nilam padataran satungtung deuleu. Kawasna biheung kapanggih, di mana nya mendak tungtungna?”.
Karérét ku juru panon, Apa ngabalieur ngadangu jawaban kuring. Beuki pageuh kayakinan Apa kawasna. Kayakinan kana naon nu digujrudkeun ngeunaan diri kuring salila ieu. Sedeng Ibu, ukur tumungkul nyumputkeun pasemon nu sakuduna.
Ngabigeu. Alum tur nguluwut pakebonan nu kaliliwatan téh. Karasana henteu daréhdéh. Henteu hégar cara sababaraha waktu ka tukang basa pareng dianjangan. Dina Véspa pulas bulao kuring mapay éta jalan. Ngembatna kebon entéh nu kaliwatan asa hégar marengan manggut ku imut. Motrétan gambar-gambar panineungan kuring duaan, nu harita seja mitembeyan nyulaman benang kahéman. Mageuhkeun tatali asih, maheutkeun jangji pasini nu bakal tuluy dipatri nepi ka dipisah dina wanci nu mustari.
Teu, teu karasa daréhdéhna ayeuna mah. Anjog ka lebah harieumna leuweung Pineus. Dina wangwangan kuring, tangkal Pineus rajeg ngabedega, ngabaris sapanjang jalan sorangeun. Bet siga nu nganaha-naha, nganjang henteu dibarengan ku manéhna, cara sababaraha waktu ka tukang. Enya, cara sababaraha waktu ka tukang.
”Man, ciga gulang-gulang karajaan nya tangkal Pineus nu ngajajar téh. Ngabedega, rajeg sisi jalan. Ciga sapeleton pasukan nu rék mariksa. Jeung bet ciga nganaha-naha, kunaon nu saurang bet henteu ngiringan sumping”, ceuk kuring. Lukman ukur imut, semu teu saregep mairan.
“Peureum angguran Han! Tuh, Caca jeung Lukman mah tos talibra”, Apa ngahuit. Paneuteupna manco ka hareup, kana jajalaneun. Jalan éta ogé anu pernah kaliwatan ku kuring reujeung manéhna. Jalan nu pinuh ku panineungan, mapag bagja nu duaan. Ku euweuh anu mairan kana galécokna kuring ningan. Antukna mah bep, balem ngabetem. Taya batur cacarita. Aya Ibu éta gé. Tapi nya kitu, ukur mairan ku imutna, imut maur saukurna. Beu...........ku nyaan, saréréa bet kaniaya.
Ahirna nepi ka nu dituju. Tanjakan Ciburangrang. Lembur Ibu. Saparantosna Engki sareng Enin ngantunkeun, bumi téh kosong. Diurus jeung dititipkeun ka Mang Uya nu jadi kapercayaan kulawarga. Pikeun sababaraha waktu ka hareup, di dieu nya kuring kuduna matuh. Kitu kapalay Apa. Cenah mah keur saheulaanan.
Nu ngaran kaayaan lembur, tangtu cocog pikeun dipaké tempat titirah. Kitu gé saur Apa, kuring kudu titirah. Bumetah di tempat anu ngahaja rada jauh jeung dijauhkeun tina kahirupan kulawarga. Dijauhkeun ti Apa, Ibu jeung adi-adi, kulawarga kuring sorangan. Dijauhkeun tina panineungan kuring. Panineungan jeung manéhna.
Ukur sawengi Apa sareng Ibu mah di bumi Enin téh. Ēnjingna teras marulih. Duanana didaramel, kitu deui adi-adi, sarakola kénéh. Basa sajungeun arangkat, Apa mapadonan ka Mang Uya sakulawarga, sangkan bener-bener merhatikeun kaayaan kuring, boh beurangna boh peutingna cenah. Duka atuh, kunaon Apa bet kitu, asana téh leuwih-leuwih ti ka budak.
Meunang saminggu mah karasa pisan bosenna. Bosen ulukutek baé di kamar, taya kagiatan. Tapi basa ku Bi Iam diajak ngurus kekembangan, mimiti leungit kabosen téh. Baganti ku rasa suka, mapalérkeun rasa nu dikemu ku cara miara kekembangan nu minuhan legana buruan bumina Enin. Nu pangheulana ngirut paniten téh nya dapuran rungkun Weregu. Enya, Weregu, bumi nu di Cipaku gé kapan aya tangkal Weregu deuih.
Ari di bumi Enin, di juru beulah wétan dapuran rungkun Weregu téh perenahna. Dipapaés ku ayana korsi taman. Lebah dinya mah but-bat titingalian téh. Ka lebak, nyawang upluk-aplakna pakebonan urang lembur. Kebon sosin, kebon waluh, kebon tomat jeung kebon saladah bokor. Ana pareng nyawang tonggoheunana, tingrunggunuk pilemburan. Lebah juru éta pisan kareungeu nyurugna cai susukan, mangrupa irigasi jieunan, nu ngahaja dijieun pikeun nyébor kebon sayuran bogana urang lembur. Ti harita, mimiti ngarasa betah téh. Malah ka béh dieunakeun sok ngarasa beuki betah, nu jadi marga lantaranana, kuring asa aya nu marengan.
Poé éta, mangsa nyedek ka sareupna. Kuring diuk na korsi taman deukeut dapuran Weregu téa. Nu dicekel téh novél. Keur jongjon nengetan hanca nu dicirian ku keretas scotlite warna beureum, pluk aya nu ragrag kana lahunan. Barang engeuh, horéng potrét , potrét manéhna. Keur sidakep bari imut. Maké jéans warna kopi susu mécing jeung kaméjana. Warna éta nu jadi warna karesepna. Cute pisan katingalna. Di lambaran tukangna aya tulisan, nu angger kieu unina “kanggo honey, nu salamina sok neuteup seukeut, kanyaah Engkang nya ka Anjeun seja eunteup”.
Leketey, haté ngaleketey. Nyegruk deui ceurik, nyeungceurikan Si Manéhana, nu nepi ka ayeuna angger ngancik na lelembutan. Bruh-bréh kagambar deui, éndahna lalakon mangsa ka tukang. Véspana nu pulas bulao, jeans jeung kaméjana, sorana nalika nembang, leungeunna nu sok ngusapan embun-embunan, jeung liliuh paneuteupna, pangeunteupan sih katresna, katresna kuring keur manehna.
“Honey, ulah nangis! Ieu Engkang,” sorana asa deukeut, asa ditompokeun kana ceuli.
“Engkang, naha lawas teu nepangan!”, ceuk kuring. Ceuk rarasaan kuring. Kerah kaméjana diramesan. Leungeun pageuh, tipepereket muntang kana beuheungna. Karasa leungeunna ngusapan embun-embunan, lalaunan ku manéhna diseuseup. Ēndah pisan, éndah pisan kadeudeuhna.
“Engkang, Apa téh bendu ka abdi!”, rarasaan gunem catur jeung manéhna.
“Ti sajungna Engkang miang, tur neras teu mulih deui, abdi sok rajeun ngantosan. Ngantosan di patamanan, caket rungkun Weregu payuneun bumi.” Rarasaan, harita manéhna neuteup. Anteb pisan.
“Unggal dinten abdi sok ngantosan Engkang”, beungeutna nu rada pias jeung panonna nu semu ceuleuyeu ébréh na wangwangan kuring.
Rarasaan harita, lalaunan leungeunna ngusapan deui embun-embunan. Leleb diseuseup, leleb pisan. Lelebna kanyaah duaan. Ana pareng paadu teuteup, manéhna bet tuluy tumungkul. Rarasaan harita, lalaunan pipina diusapan, bet karasa nyecep tiis. Pias deuih beungeutna ogé, tuluy manéhna rumahuh, narik napas panjang, ciga nu capéun nakeranan.
“Honey, Engkang pamit, mugi énjing tiasa patepang deui”, pokna, asa deukeut, ditompokeun kana ceuli. Rarasaan harita, leungeun pageuh silih ranggeum. Silih ranggeum maheutkeun jangji pasini, mun isuk wanci baganti seja pareng tepang deui. Rarasaan kuring dituyun, rarasaan tuluy silih tuyun, jajap manéhna. Manéhna nu geus jangji rék nepungan deui mun wanci pareng baganti.
Ihwal mindengna manéhna nemonan kuring, lebah rungkun Weregu di juru beulah wétan buruan bumina Enin, teu ieuh dipaké geruh. Moal, moal deuk dibéja-béja. Bisi jadi mantak, inggis ngabarubahkeun.
Inggis kaémpér-émpér deui ka Apa. Inggis ku bisi, rémpan ku sugan. Rék dikemu baé ku sorangan.
Saperti biasana. Pasosoré, wanci nyedek ka sareupna, kuring diuk na korsi lebah dapuran rungkun Weregu. Ngalangeu rada lila ayeuna mah, nu dianti can kénéh norojol sumping. Paneuteup melongkeun ka béh jauhna, kana ngaplakna pakebonan jeung tingrunggunukna pilemburan. Teu kanyahoan na ti mana atuh jolna manéhna pareng geus diuk gigireun, ngabagjakeun ku imutna bari tuluy pok nyarita.
“Honey, Engkang kangen!”, anteb neuteup leleb. Ceuk rarasaan kuring.
“Sami!”, tungkul ngawalon téh.
“Tos lami ngantos?”, rarasaan téh manéhna nanya deui.
“Muhun, ka mana heula kitu!”, kuring baeud, biwir ngawet, ngahaja api-api baeud, ngarah dipukpruk ku pangrungrumna. Pangrungrumna nu salawasna ngupahan mangsa rasa ogo hayangeun datang némonan. Ngahaja, ngahaja api-api ogo, puguh kuring kagémbang ku pangogona. Ukur imut, basa mireungeuh kuring baeud téh, saperti biasana. Ih....puguh imutna nu tuluy jadi pamatri pageuhna ieu kaasih.
“Néng Hani, geura lebet, sareupna!”, ceuk Mang Uya tina golodog. Gigireunana Bi Iam imut, semu surti kana naon nu kapanggiheun ku panénjona. Panénjona kana kabiasaan kuring ayeuna.
Gebeg, kuring ngagebeg sataker kebek. Reuwas jeung hariwang. Awor pagaliwota. Jajantung ratug tutunggulan. Ketegna karasa leuwih eundeur nabeuhan kana dada. Leuwih rosa manan basa disidang payuneun Apa. Gusti.......naon nu bakal tumiba. Naon deui nu bakal karandapan ku kuring. Ulah-ulah, Mang Uya jeung Bi Iam apaleun kana naon anu dipilampah ku kuring, laju nitah ngampih buru-buru.
Hal nu salila ieu disumputsalindungkeun ti Mang Uya sakulawarga kiwari boa kabokér pisan.
Karérét ku juru panon, manéhna mah bet ciga nu ayem tengtrem. Rarasaan harita, tuluy manéhna nangtung, nuyun kuring, silih tuyun deui saperti biasana, tuluy amitan.
Satutasna éta kajadian, Apa jeung Ibu sumping nepangan. Teg....panyangka téh ka Mang Uya. Pasti Mang Uya jeung Bi Iam nu wawartos ka Apa. Saha deui atuh. Da Maranéhna pisan nu moconghok kuring nalika pareng paduduaan jeung manéhna lebah rungkun Weregu di buruan bumi Enin.
Numpi wé di kamar, api-api saré. Kareungeu Apa jeung Ibu guntreng ngarobrol.
“Hudangkeun!”, saur Apa, rada nyeuneu.
“Ulah Apa, Karunya. Hani keur saré”, saur Ibu.
“Hayang geura-geura nalék!”.
“Sing sabar. Tacan cukup kitu hukuman nu ditibankeun ka Hani téh. Disingkurkeun ka dieu mangsa manéhna keur kaleleban”, saur Ibu. Simpé sakedapan.
“Apa téh éra ku batur, ku tatangga. Boga anak sok resep huleng jentul di patamanan!”
“Tapi Hani henteu kitu Apa. Urang nu kudu éra mah. Abdi ti ménak ka somah, gamparan mah ieu aing, kitu boa pibasaeunana. Mentingkeun karir reujeung jabatan manan merhatikeun lelebna kanyeri nu jadi anak satutasna ditinggalkeun maot salakina. Leuwih parna deui meureun kanyeri Hani téh, lantaran nepi ka ayeuna urang henteu pisan mukpruk ku pangbeberah. Kalah ka disingkurkeun, dipisahkeun jeung nu sakuduna haat marengan”, bari nginghak ayeuna mah nyariosna téh.
Puguh teu saré ti tadi gé. Ukur api-api saré. Ka luar ah ti kamar. Ongkoh deuih, wanci geus nyedek ka sareupna. Wanci anu mustari tur salawasna nya dianti. Ningali kuring ka luar ti kamar, leler geuning Ibu téh. Laju muru ,gabrug ngarangkul pageuh pisan, tétés tur saréh saperti biasana, pok ngalahir.
“Hampura Ibu, Hani. Hampura ogé Apa”. Kuring ukur imut. Cindung dibebener. Sanggeus munjungan, tuluy ngaléos ka hareup.
“Han, ka mana?”, saur Ibu. Dibales ku imut. Gerak gado jeung rindat mata nu tuluy méré isarah. Ngaléos ka tepas. Bring saréréa nuturkeun.
“Cobi tingal saha itu?”, ceuk kuring bari nunjuk kana korsi taman lebah dapuran rungkun Weregu.
“Mana?”, Apa nu ngawaler téh.
“Itu! Nuju calik caket dapuran rungkun Weregu”.
“Da taya sasaha!”, saur Ibu.
“ Aya Kang Ahmad!”,ceuk kuring.
Lenggerek Ibu kapiuhan.
Cimahi, Februari 2011
Weregu=ngaran sarupaning palem, daunna siga kepet (kipas), tangkalna sok dipaké iteuk
TRIBUN JABAR, 26 Maret 2011

Minggu, 13 Februari 2011
TUKANG BUNTIL
TUKANG BUNTIL
Ngasrog ka unggal imah. Atuh nu tadina teu niat meuli gé kapaksa jadi meuli. Stratégi jitu dina mayukeun daganganana dina kituna mah. Ngider unggal poé, ngurilingan wewengkon sabudeureun panganjrekanana.
Dagangana mah ukur buntil, kérécék tahu jeung goréngan, rempeyék ceuk basa Malayuna mah. Tapi loba langgananana. Payu deuih, padamuru, padangariung-riung.
“Baruntil, buntil! Haraneut kénéh yeueueueueuh, baradé!”. Sorana ngoncrang pisan. Kulutrak, panto pager disada, tayohna Ma Acah asup rék nawarkeun daganganana.
“Nyai, ieu, seueur buntil daun sampeu téh. Daun gedang sareng daun taleus gé seueur kénéh. Ngahaja Ema mayunkeun dongkap ka dieu margi kamari Nyai teu kabagéan, diborong Néng Iis putrana Haji Jumali!”
“Aduh....kaleresan tos masak , Ma! Tapi kétang pangmungkuskeun, tilu mah. Buntil daun sampeu hiji, daun taleus hiji, sareng daun gedang hiji. Badé dibantun ka padamelan, kaleresan aya réréncangan anu sedepeun pisan kana buntil.”
“Rada siang angkatna Nyai?”
“Muhun, Ma!”
Créng dibayar. Tuluy manéhna ngider, sarta biasana tuluy nagen di pasar dadakan deukeut komplék perumahan nu teu pati jauh ti imah kuring.
Najan geus kolot, Ma Acah téh jagjag kénéh. Parangina salawasna marahmay. Soméah tur daréhdéh. Pakulitanana beresih, konéng umyang. Sésa-sésa kageulisanana mangsa keur ngora napel kénéh dina tagog jeung dangdanana nu sarwa basajan. Ēta pisan nu jadi peunteun tambahan nepi ka ahirna loba jalma nu kairut jadi langganana. Geus puguh buntilna mah, raos pisan. Bungbuna nyerep sarta racikan rasana pas jeung seléra, utamana kuring sakulawarga.
Ma Acah téh sok resep ngahaleuang. Enya, nyelang-nyelang bari laladang kituna téh. Ngeunaheun deuih sorana. Teuing kumaha mimitina pangna bisa ngahaleuang téh, da lamun ngahaja diseleksek, dijawabana kalah ka sok ku cipanon. Manéhna tuluy carindakdak. Ti harita, ku saréréa tara sok ditaranya deui asbabun nujulna ngeunaan kabisana dina urusan ngahaleuang téh. Nu penting mah, kabéh pelanggana ngarasa kahibur , kaasup kuring tangtuna baé.
Mimiti wanoh ka Ma Acah téh basa kuring kakandungan ku Raga, anak kuring nu cikal. Harita kuring anyaran bumén-bumén di éta lembur. Unggal indit jeung mulang ngider, jalanna téh ka hareupeun imah. Hiji-hijina jalan motong anu pangdeukeutna pikeun ngajugjug padumukanana anu perenahna di tonggoheun imah kuring. Ku pasipatanana nu salawasna soméah, kuring gé jadi miconggah. Teu asa-asa tatanya mun pareng aya bangbaluh,, utamana dina urusan usuk-asak jeung ngurus budak. Asa aya batur sawala, pangpangna deui, asa aya gegentos Ema. Ema nu tebih aya di lembur.
“Waktos tacan aya komplék perumahan mah Ema téh teu pernah motong jalan ka dieu. Ti rorompok téh kantun mudun baé pami badé ngider téh. Tapi ayeuna mah sakuriling bungkingna tos dibénténg. Ah...teu dipaké aral subaha najan kudu leumpang rada jaug gé, geuning aya hikmahna, jadi nambahan langganan.” Sorana leuleuy, pinuh ku kaihlasan.
“Kitu nya Ma! Da abdi mah teu terang, tacan lami di dieu téh!”
“Dupi kawit ti mana Nyai téh?”
“Asli mah ti Subang. Pami pun lanceuk mah ti Tasik. Tapi duanana gé daramel di dieu!”
“Saé wéh. Janten tiasa tepang sareng Ema!”, nyaritana tara elat ti imut.
“Dupi Ema urang dieu?”
“Kawit mah ti Pamulihan. Bubuara di dieu mah, nuturkeun nu jadi alo. Inyana icalan sayur di pasar. Ari heug jadi betah ningan.”
“Lumayan tebih nya Ma.”
“Muhun, sakantenan nebihan panineunggan mangsa lawas. Panineungan nu pangéndahna dina kahirupan Ema. Panineungan éndahna mikacinta jeung dipikacinta”. Panonna melong ka jauhna. Pok ngomong deui.
Ēh...henteu kétang. Tong diémutan cariosan Ema nu nembé téh nya Nyai. Anggap guguyon wéh!”, bari imut maur, sari-sari kaduhung geus nyarita kitu hareupeun kuring. Nyaritakeun sabagian lalakon kahirupanana. Tuluy manéhna amitan. Leumpang rada rusuh ka tonggohkeun muru padumukanana, ciga nu sieun tuluy diudag, diudag ku ngahunyudna pananya kuring.
Aya kana samingguna Ma Acah teu aya dagang. Ka parapelangganna, manéhna pupulih, cenah rék nyelang heula mulang ka lemburna sabab aya kulawarga deuheusna anu kapapaténan. Teu wudu ngarasa leungiteun. Najan enya jeung Ma Acah téh teu dulur teu baraya tapi lumayan raket. Buntilna, goréngana sarta hariringna milu ngeusian warna-warni kahirupan kuring.
Isuk-isuk harita téh, pareng keur tenga-tengo di buruan. Maksud téh néangan tukang bubur. Torojol Ma Acah, ngagandong daganganana. Leungeun katuhuna ngajingjing jingjingan beureum, eusina goréngan biasana mah.
“Aéh....tos icalan deui geuning Ma! Iraha mulih ti lembur?”, ceuk kuring. Asa mobok manggih gorowong, rék néangan réncang sangu keur mumuluk isuk-isuk, jol manéhna, atuh asa dianteuran.
“Mangkukna Nyai, lah capé kénéh puguh, ieu gé maksakeun, mantakna rada siang nembé jol ka dieu. Pami teu kieu, ti mana atuh Ema tuang!”, ngawalon antaré, semu-semu dareuda sorana téh. Tara kitu biasana mah. Duka kunaon.
“Ma, ieu artosna!”, kuring ngasongkeun duit rada gedé.
“Uluh.........., tacan aya angsulan Nyai, simpen heula baé, ké uihna ku Ema disampeur”.
“Entong Ma, pamali. Jaba ngalarisan, ma enya dianjuk, antos sakedap!”, ceuk kuring, léos ka jero muru salaki anu keur nungguan di méja makan.
“Pap, aya artos sapuluh rébu? Hawatos Ma Acah, nu ieu tacan aya angsulan saurna!”
Manéhna ngodok saku calanana, song mikeun duit ka kuring. Léos deui ka hareup, kasampak Ma Acah keur tungkul bari nyusutan cipanonna.
“Ieu artosna Ma, angsulanana énjing wéh bilih tacan aya mah!”, ceuk kuring.
“Mangga Nyai nuhun!”, ngajawabna angger bari tungkul, nyusutan cipanonna.
“Ema nangis? Teu raraos panginten nya, capé kénéh mulih ti lembur?”, cékéng bari nyekelan taktakna.
“Ah..henteu Nyai, ieu mah kapireupeunan!”, angger ngangles. Nyalénggorkeun pananya, saperti biasana, tuluy amitan. Leumpang semu nu rusuh, sieuneun diudag pananya kuring.
Kabeneran poé éta mah henteu indit digawé. Meungpeung keur teu dines, rék dipaké bébérés saung. Samemena bébérés téh. Sabab, salaki geus indit ka kantor, ari barudak keur sarakola. Kareungeu bél disada, horéng Ceu Uning, tukang nagihan pérélék RT.
“Apal kana jadwal abdi nya Ceuceu mah, sumping téh kaleresan abdi nuju teu mios”, ceuk kuring.
“Muhun, ngahaja lah diapalkeun hiji-hijina, lain kurang gawé kikieuan téh. Pangangguran nengetan kagiatan batur. Ieu mah demi kelancaran bersama”, cenah capétang pisan.
“Ih...saé Ceu. Janten kader mah kedah kitu. Reugreug pikeun warga mah. Nyanggakeun ieu, janten tilu puluh lima rébu sareng uang keamanan”, bari créng mérékeun duit sajumlah éta. Maksud téh ngarah manéhna gancang ingkah. Sok resep ngagosip Ceu Uning mah. Teu munafik ieu gé, resep kana gosip mah, komo gosipna parasélébritis mah, ngan kapan kuringna keur loba gawé. Mun salaki apaleun mah komo, sok tuluy ngagelendeng. Majar cenah, tong resep ngagosip, pipilueun ngomongkeun urusan batur.
“Néng Ica! Ngider deui dagang geuning nya Ma Acah téh! Aya kana samingguna da peré, cenah mah béakeun modal.” Tah mimiti yeuh, kanceuh panyakitna.
“Saur saha Ceu?” ceuk kuring. Manéhna karacam-keureuceum, tuluy tatanggahan ningali kana lalangit imah. Ramo-ramo sukuna nu baruntet, diutek-utekeun, badami jeung haténa meureun, néangan deui keur bahan picaritaeun.
“Aya wéh atuh Néng, jeung deui loba da nu nyarita kitu téh. Cenah bari dagang téh Ma Acah sok ceurik bae.”
“Sakaterang abdi mah, Ma Acah teu icalan téh sanés séépeun modal Ceuceu, tapi mulih heula ka lemburna aya nu kapapaténan.”
“Heuheuy, aya kamajengan ayeuna mah Neng Ica téh. Geuning uninga kana gosip, up to date deuihanan kakupingna mah. Hayu ah, badé ka bumina Bi Haji Fatimah heula, lumayan, sok aya baé anu dibekelkeun ti dinya mah. Mun teu rangginang, téngténg, atawa gula kawung gé osok da.” Ngajual jenengan Bi Haji, pikeun nyalénggorkeun obrolan.
Nu ngaléos téh diteuteup, kari tonggongna. Pangawakanana nu bayuhyuh, leumpangna nu semu ngungkug sarta biwirna nu rada nyungcung nambah pantes kana kabiasaanana nu resep ngagosip. Gosip téa kapanan, beuki digosok cenah kapan beuki sip. Panto pager gancang diselotkeun. Ingetan balik deui ka Ma Acah. Bet kagambar baé pamolahna tadi isuk. Sorana nu dareuda, tungkulna, cipanonna, jeung leumpangna nu semu rusuh. Aya naon atuh Ema, kuring teu wenang tetelepék.
Saminggu ti sanggeusna éta kajadian, kuring nepungan Ma Acah ka panganjrekanana. Maksud téh rék pesen buntil. Kabeneran di kantor kuring rék ngayakeun bazar. Saur Pa Kepala, ti séksi kuring mah kabagéan muka stand “makanan khas tradisional Sunda”. Nya kuring inget ka Ma Acah. Pasakanana arénak tur nu pangutamana cocog jeung téma anu dipénta, nyaéta katuangan has tradisional Sunda. Lian ti kitu, kuring bisa mantuan Ma Acah pikeun promosi daganganana. Mudah-mudahan baé ku cara kitu bisa mantuan manéhanana. Da moal éra ngasongkeun, buntil damelan Ma Acah mah, puguh buntilna raos pisan.
Lantaran kuring jeung salaki mah lain pituin urang Cimekar, teu wudu rada hésé manggihan panganjrekan Ma Acah téh. Padahal, antara Cimekar jeung Bobojong téh teu pati jauh. Ngan rada bélot jalanna mawa kendaraan mah. Muter, kudu ka jalan gedé heula, ngaliwatan Kantor Kelurahan jeung Puskesmas Cipageran.
“Mam, terang kitu lebah-lebahna ka bumi Ma Acah téh?”, nu gigireun nanya bari anteng ngangagulak-gilekeun setir.
“Teu acan Pap! Urang tataros wéh, piraku teu arapaleun.”
“Is...atuh da ieu mah di dayeuh, lain di Cibaréngkok atawa di Cigalontang. Di dayeuh mah nanyakeun alamat gé kudu lengkep RT / RW-na, nomer imahna jeung sajabana!”
Rada ngepér dikitukeun ku salaki téh. Angger ari geus nyingsieunan téh, lain mukpruk ku harepan. Tapi, giligna patékadan kuring, ngadatangkeun hasil. Najan bari hararésé teu burung kapanggih panganjrekan Ma Acah téh.
Malem Juma’ah nganjang téh, ba’da Isa. Imahna Ma Acah téh rada béh jero. Mobil di parkirkeun sisi jalan gedé anu brasna ka Pakuhaji. Silihtungtun jeung salaki mapay-mapay galengan sawah. Kaayan reyem-reyem, ukur kacaangan lampu néon nu célak-célak ti luhur loténg hiji imah. Pangagréngna di éta tempat.
Nepi ka hareupeun panto, kuring keketrok. Selengseng kaambeu seungit menyan. Tuluy kaambeu seungit kembang kananga. Léngkah téh kandeg, henteu laju. Sed mundur, ngajauhan panto imah. Gep muntangan leungeun salaki. Pageuh pisan. Haté mimiti dag-dig-dug teu pararuguh. Ayeuna mah salaki nu maju téh. Keketrok kana panto. Sajongjongan simpé. Atra kadéngé bangkong raéng disarada, kawas milu ngendangan kana teu paruguhna rarasaan kuring. Kana ratugna keteg jajantung. Korodok-korodok sorana asa gigireun. Asa gajleng-asa gajleng wéh, ngaclog kana suku.
Kulutrak panto aya nu muka. Awéwé tengah tuwuh ngajanteng hareupeun panto. Kabayana warna beureum, bordélna ku benang emas, tingkaretip, paselang jeung muté-muténa nu buburicakan katojo ku sinar lampu.. Sampingna batik sidomukti weuteuhan kénéh, karémbong warna konéng dibeulitkeun dina cangkéngna. Buukna dirumbaykeun, ditumbu ku sobrah, ngarumbay seret cangkéngna. Hiuk, kambeu deui sengit menyan jeung kembang kananga. Atra ayeuna mah, datangna ti jero imah. Puriding.....ngadak-ngadak, bulu punduk tingpuriding.
Lamun henteu gancang nungkup biwir sorangan, sarta henteu dibarengan ku salaki, cigana kuring geus ngagorowok bari tuluy kabur, kabur ti éta patempatan. Kabur sakalumpat-lampét bari notog-notogkeun manéh. Dicicipta tangtungan Ma Acah anu mapag téh. Ma Acah anu dangdanana sarwa basajan. Kari-kari, peuting ieu bet robah dangdanan.
“Geuning Nyai! Sareng Asep deuih. Mangga kalebet!”, halon sorana semu dareuda.
“Ieu téh Ema, Ma Acah?”, rada merod basa panungtun salaki ngajak asup ka imah téh.
“Muhun Nyai, mangga lebet!”
Sup kuring jeung salaki ka jero. Diperenahkeun di ruang tamu ti dituna mah. Aya korsi awi panjang jeung méjana anu langsung nyanghareup ka patengahan. Téténjoan nyidik-nyidik nyiru nu ukur kacaangan ku lampu lima watt.. Susuguh katingalina mah. Aya Cau Muli sasikat. Tuluy sangu congcot, diluhurna diteundeunan endog. Gelas tilu siki. Katempona mah siga dieusi, sagelas ku ci kopi, sagelas deui ku ci entéh jeung nu sagelas deui mah ku cai hérang. Aya bubur bodas jeung bubur beureum deuih, diwadahan daun cau beunang nékor. Upet wéh sabungkus. Ari kembang tujuh rupa diwadahan dina piring mélamin warna kayas. Parukuyanana ngebul kahuru menyan. Haseupna ngelun, mumbul ka luhur, minuhan patengahan, nganteurkeun seungitna ki menyan nu tuluy nepi kana aambeuan kuring.
Rét ka salaki. Rada ayem katingalina mah. Tapi kahemengna kana ieu kaayaan teu bisa disumputkeun. Tarangna rada kerung bari tuluy malik ngarérét ka kuring. Sajongjongan duaan papelong-pelong. Di luar kaayaan beuki simpé.
“Ma, teu ngagangu abdi dongkap ka dieu?”, ngawanikeun manéh muka obrolan. Bari sora mah jadi ngageter, kasima ku kaayaan. Pikiran dipinuhan ku rupa-rupa sangkaan. Boa Ma Acah téh munjung. Geuning aya susuguh. Paingan dagangna payu. Boa ayeuna keur nyuguh néangan pikeun wadalkeuneun. Boa kuring nu rék dijadikeun wadal, kuring kadua salaki. Pipikiran beuki tagiwur. Jajantung beuki ratug tutunggulan.
“Henteu Nyai. Mung Ema ménta dihampura. Duméh Ema nuju kieu. Kieu cara Ema ngamprokan nu jadi salaki. Maneuh unggal malem Juma’ah Kaliwon Ema mah kikieuan téh. Dipimaksud nyacapkeun kasono ka nu jadi salaki. Kang Arnasum, nu miheulaan ninggalkeun Ema.” Segruk ceurik. Teu lila kituna téh, tuluy posisi diukna robah. Ēmok ciga sindén dina panggung. Manéhna ngahaleuang. Apal kuring gé kana kawihna. Kawih favorit kuring nu dijieun ringtone panggentra dina ponsél.
Baheula mun pareng nganjang
suguhna imut Nyi Lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan
Mmmh, deudeuh teuing
na peuting héab naraka
aya nyawa nilar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.
Mmmh, deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.
Ayeuna mun pareng nganjang
nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung
Leler tina kasedihna, Ma Acah ngadadarkeun lalakon hirupna. Ditéték taya nu kaliwat. Ti mimiti manéhna jadi sindén nepi ka prukna kawin ka Mang Arnasum nu jadi tukang kendang di éta rombongan. Sindén bekén manéhna téh. Hiji mangsa nabeuhna nepi ka hiji perkebunan. Juragan Kontrak di éta perkebunan kabungbulengan ku manéhna. Tuluy naragal ku jalan teu hadé. Mang Arnasum diiwat. Ditaragal nepi ka hanteuna bari teu puguh raratanana. Ahirna, hiji mangsa, Mang Arnasum kaimpikeun méré ilapat. Cenah lamun hayang amprok jeung salilana hayang tuluy dibaturan, Ma Acah kudu ngayakeun ritual dina saban malem Juma’ah Kaliwon. Kanyerina kana panineungan jeung almarhum Mang Arnasum kasuat-suat deui basa kamari ngahajakeun mulang ka lemburna téa. Kagambar panjangna rasa longkéwang dina dirina. Teuing nepi ka iraha. Deudeuh teuing Ma Acah.........
Cimahi, Desember katompérnakeun.
Katerangan: Kawih Mang Koko, didownload tina Wikisource – Longkéwang.
Ku: Hena Sumarni
Tribun Jabar-Sabtu, 12 Februari 2011
Sabtu, 15 Januari 2011
NU LUNTA TI LEMBUR
Tribun Jabar
Saptu, 15 Januari 2011
Moal aya nu bireuk deui ka grup jaipongan Baraya Deukeut mah, sasat jadi catur balaréa. Pikeun wewengkon pakaléran mah, moal aya nu bisa mapakan. Lian ti sora sindénna aralus jeung gareulis, parapenarina gé ngarora kénéh. Salah sahiji diantara nyaéta Nyi Cicih Kuraesin. Sok sanajan pendidikanana ukur tamatan SMP, tapi manéhna kaitung penari anu boga pangaweruh leuwih punjul ti batan penari séjénna di éta rombongan. Hal ieu katangen tina sikep manéhna nalika manggung, tina kostum panggung nu dipakéna, tina improvisasi gerakan tarina, jeung tina pola pergaulan hirupna. Napak dina adeg-adeg étika nu sawajarna. Pangna bisa kitu téh, lantaran Nyi Cicih sok loba tatanya ka beubeureuhna, Jang Iwan Wisnu Taryana, lulusan paguron luhur, nu jadi guru honor di sakola dasar, teu pati jauh ti lembur kuring. Ku lantaran kitu, pantes lamun Nyi Cicih jadi primadona téh.
“Nyi, naha henteu giras ciga batur di panggung téh, kitu deui ka bajidor!”, ceuk kuring, basa nganteurkeun bako ti Mang Ita keur bapana Nyi Cicih.
“Ceuk Kang Iwan, jaipong téh tarian pangéndahna sadunya Mang Tarsan! Ēnérjik, dinamis, éstétis jeung atraktif. Ku lantaran kitu, urang kudu bisa ngamumuléna, sangkan unsur kaéndahanana bisa langgeng tur abadi. Ulah diruruksak ku improvisasi gerakan anu teu pararuguh. Komo bari ngumbar ajén érotisna wungkul mah”, cenah ngajawabna meni capétang. Enya, bener! Da kuring gé satuju pisan.
Kasebutna gé primadona grup, tangtu baé manéhna meunang perlakuan anu leuwih istimewa dibandingkeun jeung personil séjénna. Bisa disebutkeun diogo ku pingpinan rombongan téh. Sasat cenah daya jualna pikeun dikomersikeun dina seni jeung hiburan ngadatangkeun hasil nu mucekil keur kalumangsungan ieu grup. Mun geus kitu, lain baé Nyi Cicih nu diuntungkeun téh, atawa Mang Ita pamingpin rombonganana, tapi sakumna personil anu kagabung di Grup Jaipong Baraya Deukeut kabawa senang. Dapurna bisa terus ngarebul sarta barisa nyumponan bubutuhna sapopoé.
“Omat Cim, heulakeun ngajemput Cicih mah. Keur mah rada nyingcet imahna, katurug-turug bisi keseleun nungguan!”, cenah ceuk Mang Ita basa nitah néang Nyi Cicih ka supir éta rombongan.
“Enya, siap bos! Resep uing mah ngajemputna gé. Keur geulis téh bageur Nyi Cicih mah, tara kopét kana jereki, roko sabungkus baé mah sok meunang. Bong ka nu bageur, jerekina gé alus. Ayeuna geus dilamar ku nu beunghar!”, ceuk Mang Ocim bari ngaléos moro kana mobil Suzuki Carry deuk ngajemput Nyi Cicih téa. Salaku kenék, kuring gancang nuturkeun, bisi katinggaleun. Ari pancén kuring nyaéta sok mangakutankeun babawaan sindén jeung penari, diasup-asupkeun kana bagasi mobil. Geleser mobil téh maju, rék nyampeur Nyi Cicih ka imahna di Kampung Mungkuk Jaya.
“Tarsan, iraha euy kawinna Nyi Cicih téh, ningan mimilu kénéh nabeuh!”, ceuk Mang Ocim ka kuring.
“Béjana mah sabulanan deui Mang”, ceuk kuring.
“Maké diidinan ku Juragan Durli nya euy!”, ceuk Mang Ocim bari leungeunna anteng ngagulak-gilekeun setir.
“Da can resmi jadi pamajikanana meureun Mang. Ongkoh deui Nyi Cicihna jelema butuh. Saha atuh anu jadi tulang punggung kulawargana salila ieu ari lain manéhna”, ceuk kuring.
“Bageur tuda Nyi Cicih mah. Enya gé ukur jadi penari. Harga diri téh sakitu dipupustina ningan. Bari pinter, nolak ajakan bajidor nu cunihin téh, teu mantak nyigeung kana perasaanana. Mantak pantes padamikaresep ku bajidor gé!”, Mang Ocim nyarita deui.
“Tapi siga teu katingali atoh sakitu rék meunangkeun jelema jegud gé nya Mang”, ceuk kuring.
“Heueuh, teuing atuh! Sugan jeung didinya sok ngobrol. Kapan manéh nu sok dipercaya ka ditu-ka dieu ku Nyi Cicih mah.” Ceuk Mang Ocim
“Ah..teu wani tetelepék atuh Uing gé!” ceuk kuring. Nepi ka imahna, kasampak nu diomongkeun téh keur nungguan dijemput. Sanggeus manéhna amitan ka indungna bari teu poho nyium leungeunna, Nyi Cicih asup kana mobil.
“Ka mana Si Abah Nyai, teu katingali, keur suwung?”, Mang Ocim nanya.
“Enya Mang, nuju ngangon domba bari sakalian ngarit!” témbal Nyi Cicih tungkul.
“Duh..asa rada beurat eusi koper téh Nyai ayeuna mah. Boa-boa aya kagegelen keur Uing yeuh!”, ceuk kuring bari ngasupkeun koper kana bagasi. Geleser mobil téh maju.
“Enya Mang, kabayana loba mutéan. Modél panganyarna. Niron tina majalah bawana Yeni, babaturan abdi ti Bandung!” témbalna bari imut.
“Heu heu, gan téh aya taeun...!” ceuk kuring.
“Atuh da tungtutan peran Mang. Jadi penari mah ningan kacida pentingna merhatikeun penampilan téh. Ngarah nu lalajo jeung bajidor henteu baroseneun.” Ceuk Nyi Cicih
“Enya satuju pisan Emang gé Nyi, ngarah masarakat arapaleun bédana grup jaipong urang jeung grup séjénna. Penarina gareulis tur bajuna henteu katinggaleun jaman. Harurung - harérang jeung buricak burinong”, ceuk kuring bari seuri. Nyi Cicih ogé milu seuri. Seuri maur saukurna, hambar katempona, taya dangiangan. Kuring jadi panasaran.
“Ēh..ieu aya roko Mang. Hatur lumayan nya, sabungkus éwang.” Ceuk Nyi Cicih bari leungeunna mukakeun résleting tasna. Kusiwel manéhna ngaluarkeun roko dua bungkus. Song dibikeun ka kuring sabungkus, ka Mang Ocim sabungkus. Meni bareng kuring jeung Mang Ocim nganuhunkeun.
“Pangirim Nyi?”, Mang Ocim nanya.
“Enya Mang”, témbalna pondok.
“Iraha Juragan Durli nganjang?” Mang Ocim nyusul tepus.
“Kamari. Bari mulangna riributan heula jeung abdi”, témbal Nyi Cicih, paromanna robah jadi alum.
“Naha bet bisa kitu? Lain atoh mun diamprokan pisalakieun mah!”, ceuk Mang Ocim.
“Atoh sotéh mun urangna bogoh!”, témbalna.
“Ku naon mimitina pangna jadi paséa?”, ceuk Mang Ocim.
“Teu pira alatanana mah. Manéhna nyarék abdi milu nabeuh poé ayeuna. Pédah urang rék nabeuh ka Tambakbaya lemburna Haji Wana nu ti heula kungsi deuk mileuleuheungkeun abdi. Timburuan meureun manéhna téh. Ari ceuk abdi téh kapan geus aya perjanjian. Saacan sah jadi pamajikanana, abdi meunang kénéh milu nabeuh. Lamun teu diidinan, kajeun bedo kawin téh. Ceuk pamikir abdi, can boga hak sapinuhna manéhna kudu ngatur-ngatur abdi, da can jadi salaki. Abdi deuk eureun jadi penari lamun geus sah ditikah ku manéhna. Sarta, minangka kompénsasina, sagala rupa kaperluan abdi sakulawarga jadi tanggung jawab manéhanana. Taluk asin geuning dikitukeun mah, tuluy ngahempékeun. Kuduna manéhna téh nyaho, nari téh dunya abdi. Leuwihna ti éta ieu téh pan pakasaban abdi nu salila ieu dipigawé keur ngusahakeun kulawarga abdi”, ceuk Nyi Cicih pinuh ku kakeuheul.
“Alusna mah Nyai gé nurut. Da kalah dikumaha ogé Juragan Durli téh pisalakieun Nyai!”, ceuk Mang Ocim mapatahan. Kuring mah jempé, ngahéphép wéh di jok tukang bari ngelepus udud.
“Jadi Emang gé mangmeunangkeun aki-aki itu. Ciga Abah jeung Ema baé. Naha meni taya nu ngartikeun kana perasaan abdi. Abdi téh kapaksa daék ka Juragan Durli téh. Demi Abah jeung Ema. Apan Mang Ocim gé apal meureun, salila ieu abdi téh keur papacangan jeung Kang Iwan. Abah jeung Ema teu doaeun lantaran manéhna ukur guru honor di sakola dasar.” Ceuk Nyi Cicih bari nyusutan cipanonna ku tisu. Ramona nu marucuk eurih ngaramesan tisu dina lahunanana.
“Nyai, reungeukeun ku Nyai. Ieu mah ceuk Emang nu bodo. Teu salah pamikiran Si Abah jeung Si Ema téh. Lamun Nyai meunangkeun jelema beunghar, meureun Nyai téh bakal senang. Si Abah jeung Si Ema gé bakal kabawa senang. Da hirup rumah tangga téh teu cukup ku cinta wungkul bekelna. Kolot Nyai hayang ningali Nyai aya dina kasenangan. Pamikiran nu jadi kolot mah kabéh gé sarua, hayang ningali anakna hirup kalayan pinuh ku kabagjaan”. Ceuk Mang Ocim panjang lébar mapatahan.
“Tapi pan Kang Iwan gé engké mah boga gajih Mang!”. Nyi Cicih neuteup kana beunngeut Mang Ocim.
“Lila kénéh meureun Nyai ceuk anggapan kolot Nyai téh!” Mang Ocim némbal.
“Naha atuh Abah jeung Ema téh henteu sabar ngadagoan nepi ka Kang Iwan diangkat jadi pagawé pamaréntah”. Luk Nyi Cicih tungkul.
“Sabar Nyai, meureun ieu babakti urang ka nu jadi kolot”, ceuk kuring milu mairan.
“Mun teu inget ka dinya mah, kuring gé hayang kabur Mang Tarsan. Kabur sing jauuuh téh, nyumput paduduan jeung Kang Iwan. Sangkan kuring teu jadi kawin ka aki-aki bari jadi pamajikanana anu ngora.” Ceuk Nyi Cicih bari nginghak ceurik.
“Geus, susutan ci panon téh, geus nepi ka imah Obos. Tuh batur geus karumpul. Wayahna sing sabar!” ceuk Mang Ocim. Jrut kuring jeung Mang Ocim tarurun tina mobil. Nyi Cicih mah teu milu turun. Paingan kaayeunakeun paromanna téh sok alum baé, horéng jejeroan haténa mah teu puruneun dikawinkeun ka Juragan Durli téh.
Cunduk kana waktuna, manggung téh dimimitian ba’da isa. Haji Saripudin Bakar nu mangku hajatan téh. Jelema pangjegudna di Kampung Tambakbaya. Hajat nyundatan anakna anu bungsu. Sanggeus lagu Kidung nu sok biasa dikawihkeun minangka bubuka réngsé, Mang Ita mimiti panén amplop. Amplop téh jerona duit, minangka tanda pikeun ménta hiji lagu, sarta éta amplop bakal milu nangtukeun ogé penari anu baris pinton ngigelanana. Biasana eusi amplop téh pagedé-gedé. Saha nu panggedéna ngamplop, éta anu baris pangheulana paménta laguna dikawihkeun. Pikeun bajidor kahot mah, hal kitu téh geus jadi budaya anu maneuh. Lebah dieu reputasina salaku raja sawér ditandonkeun.
Ku kabeneran, nu pangheulana dikobul ménta lagu téh Haji Wana téa. Sarta lagu nu dipéntana “Bangbung Hideung”, sedengkeun penari anu marengan ngibing di luhur panggung nya Nyi Cicih téa.
Peuting éta, Juragan Durli ogé datang. Diuk panghareupna beulah katuhueun panggung. Ari Haji Wana diukna beulah kéncaeun panggung. Ngong Bi Ijah, juru kawih kahot mimiti ngawih, coda, dina lagu “Bangbung Hideung”.
“Bangbung hideung........boro-boro teuing diriiiiiiii iiiiiii iiiii. Leuheung basa dicandak ka suka galih. Situ pinuh balong jero”, sora Ceu Ijah ngageureuleung dipirig wirahma nayaga nabeuh gamelanan.
Jung Nyi Cicih nangtung. Sangeus rengkuh méré salam ka nu lalajo manéhna ngaréngkénék ngibing, nuturkeun wirahma kendang. Uyegna, ukelna, mincigna diréka dialus-alus. Asa motah ngibingna, béda ti biasa. Biwirna nu ngagondéwa, malédog-malédogkeun imutna ka saban mahdab. Nu lalajo surak ayeuh-ayeuhan ngeprokan sang primadona nu keur motah nuturkeun wirahma kendang. Léok awakna diluak-léokeun, digibegkeun ka beulah kénca, leungeunna muka soléndang nu disampaykeun dina beuheungna. Lung éta soléndang téh dialungkeun ka lebah Haji Wana diuk. Kep éta soléndang téh ku Haji Wana disanggap. Tuluy disangsangkeun kana beuheungna. Jung Haji Wana nangtung, ngadeukeutan kana panggung. Nyi Cicih hideng deku. Tuluy leungeunna diasongkeun ngajak sasalaman ka Haji Wana téa. Kep leungeun sang primadona téh dikeupeul, lila teu dileupaskeun. Leungeun kécana ngodok saku calana. Haji Wana ngaluarkeun duit sawéranana. Duit téh diacung-acungkeun. Salambar-salambar duit warna biru téh dikeupeulkeun kana leungeun Nyi Cicih. Nu geulis téh malik nyekel. Beungeutna ngahaja dideukeutkeun kana lebah beungeutna Haji Wana. Ti beulah katuhueun panggung Juragan Durli panonna molotot. Beungeutna geuneuk nahan kaambek, kasorot ku cahya lampu néon.
Kitu jeung kitu peta Nyi Cicih peuting éta. Ngibingna motah, imutna diumbar. Tara-tara ti sasari. Nepi kalekasan manggung jam tilu subuh. Manéhna mandeurikeun manéh turun tina panggung. Nepi ka handap, Juragan Durli geus ngajega.
“Nyi, mulangna kana mobil Engkang, tong milu jeung rombongan!”, cenah, sorana teugeug sarta pasemonna sambutut manyun.
“Ari koper jeung babawaan abdi kumaha?” ceuk Nyi Cicih meni ayem. Tenang pisan sikepna, teu katingali geumpeur nyanghareupan anu keur baketut haseum dirérab rasa timburu téh.
“Tarsan! Akutan babawaan Si Nyai kana mobil. Tuh Avanza hideung diparkirkeun sisi jalan gedé!” ceuk Juragan Durli ka kuring. Regeyeng koper téh dipanggul. Juragan Durli ngaléos bari nungtun leungeun Nyi Cicih. Nu ditungtun téh ngépéskeun leungeunna. Leumpang mandeurikeun manéh satukangeun kuring.
Saminggu satutasna nabeuh ka Tambakbaya, Nyi Cicih rék dikawinkeun. Nu tadina sabulan deui téh bet dipajukeun, lantaran ti pihak calon pangantén lalaki ngaburu-buru cenah. Béja kawinna Nyi Cicih geus sumebar kamana-mana. Majar cenah sang primadona téh ayeuna mah geus aya nu boga. Dikawin juragan beunghar kalayan maskawinna ku motor matic. Loba bajidor kahot anu milu handeueuleun. Lantaran ibingan sang primadona, uyegna, mincigna, ukelna reujeung imutna moal bisa deui marengan maranéhna ngabajidor.
Piisukaneunana rék dirapalan, kuring ngamprokan Nyi Cicih ka imahna. Sakalian mérékeun kado, kapihapéan ku Jang Iwan beubeureuhna Nyi Cicih téa. Nu ditepungan téh bet pikawatireun. Beungeut pias, panonna carindul balas ceurik. Ceurik nyeungceurikan nasibna anu geus diguratkeun ti azali. Song babawaan téh dibikeun.
“Nyi, katitipan ieu ti Jang Iwan”, ceuk kuring teu hayang loba carita.
“Kang Iwan?”, Nyi Cicih curinghak.
“Enya, mangkukna mihapékeun éta ka Emang. Ka teuing naon eusina mah!”, ceuk kuring.
“Ka mana Kang Iwan téh Mang?”, Nyi Cicih nanya ka kuring.
“Lunta ti lembur Nyi! Ka Batawi omongna mah cenah. Susugan meunang pagawéan nu gedé gajihna cenah!”, ceuk kuring.
Segruk Nyi Cicih ceurik. Sorana rada dipegég sangkan batur teu milu ngareungeueun. Béréwék, bungkus kado téh dibuka. Jerona cupu leutik, aya alian. Sarta di jeroana aya surat sacewir dibungkus ku amplop bodas.
“Punten, pangmacakeun Mang!”, ceuk Nyi Cicih bari nginghak. Surat nu diasongkeun téh ku kuring ditampanan. Diuk téh ngésér, ngadeukeutan ka Nyi Cicih.
“Nyai, jimat pupujaning haté Engkang. Hampura Engkang. Ieu haté gudawang jeung peurih mireungeuh Nyai jadi milik batur. Lain Engkang embung katuturkeun basa Nyai ngajak lunta. Da puguh Engkang mah batan sakieu, sieun teu bisa nyugemakeun ka Nyai. Ieu aya cingcin, ngan dua gram. Ngahaja nyésakeun tina honor Engkang unggal bulan. Maksud mah bulan hareup Engkang rék ngalamar Nyai, tapi geuning bet aya nu miheulaan. Simpen sing tarapti, minangka tanda lelebna kanyaah Engkang ka Nyai, muga-muga Nyai sing tinemu jeung kabagjaan. Engkang pamit, seja lunta ti lebur, nuturkeun panungtun umur”.
Segruk deui Nyi Cicih ceurik, beuki angot . Bangun nu kanyenyerian pisan. Rap cingcin téh dipaké dina jari manisna. Batuna nu warna beureum boborélakan cahayaan. Lir cahya cinta di antara maranéhna duaan. Surat téh dikeukeuweuk, ditangkeup kana dadana bari cimatana angger merebey maseuhan pipina.
Janari leutik di tungtung lembur guntreng sada nu ngobrol. Tukang ojeg, hiji jajaka, jeung hiji mojang nu tuluy-tuluyan sumegruk ceurik. Ahirna, bareng jeung reangna sora hayam kongkorongok, motor teh ngageuleuyeung maju . Panumpangna jadi tiluan. Nyemprung ninggalkeun tungtung lembur, ciga nu rusuh diudag waktu.

Jumat, 22 Oktober 2010
KUEH LEBARAN
Ngahaja dangdan téh rada lila. Kuring hayang katingali tegep hareupeun manéhna. Teu hayang élѐh tagog, ѐlѐh penampilan ku manѐhna. Da rarasaan mah salila ieu, sok sanajan aya baé di imah, kuring teu tinggaleun ku informasi. Kumaha cara ngajaga awak, ngajaga penampilan, jeung nyugemakeun nu jadi salaki, sasatna diulik unggal poé. Kabéh kaweruh ngeunaan dunya kawanitaan dileukeunan ku cara maca. Macaan tabloid jeung majalah kawanitaan nu ngahaja pesen ngalanggan.
Tiung warna pink nu dipake téh, karesep kuring. Ari baju motif polkadot, kalayan warna nu dominan téh hideung jeung pink. Sapatu jeung tas ngahaja dimatchingkeun, kitu deui tata rias wajah.
Riasan kerudung, dimamanis ku asѐsoris karesep, kitu deui geulang jeung cincin nu dipakѐ, tina batu Kalimantan. Geus dirasa cukup tuluy kuring muru ka garasi. Geuleuyeung Starlѐt kuring kaluaran ’88 téh ngageuleuyeung ninggalkeun buruan imah. Sajajalan teu eureun-eureun istigfar. Dzikir jeung ngado’a sangkan kuring dibérѐ tenang, ayem dina waktu cumarita nyanghareupan manѐhna, sarta dibѐrѐ kasabaran.
Nepi ka nu dijugjug mobil tѐh diparkirkeun hareupeun pisan gerbang ѐta lѐstoran. Ngarah manѐhna ningalieun waktu kuring datang, sabab dina smsna manѐhna nyebutkeun geus aya di lokasi. Pramusaji muru ka karing bari nanya.
“Dengan Ibu Siti Aisyah?”, cenah ku basa Malayu.
“Muhun!”, ceuk kuring bari seuri. Seuri nu dibarung ku tagiwurna haté.
“Oh, mangga ka palih ditu Bu, diantos ku Bu Rahima. Ku abdi dijajapkeun!”, ѐta pramusaji tѐh nuyun lѐngkah kuring nyampeurkeun ka hiji méja, nu perenahna rada béh tukang di éta lestoran.
“Tѐh Ais!”, cenah manéhna ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman.
“Muhun nepangkeun, abdi Ais istrina Kang Danu Subrata!”, sora kuring rada ngageter. Nahan mangréwu-rѐwu rasa anu ngagalura. Teu puguh rasakeuneunana. Manѐhna tungkul basa kuring nyebutkeun ngaran Danu Subrata tѐh.
“ Hatur nuhun Yi Ima, tos kersa nyumpingan pangulem abdi dinten ieu!”, ceuk kuring neuteup kana beungeutna. Hayang sidik, kumaha kageulisan Rahima Nastiti Putria tѐh , awѐwѐ nu ahir-ahir ieu ku kuring dianggap maru lantaran manѐhna geus ngarobah perasaan cinta Kang Danu ka kuring. Enya, manis manѐhna tѐh. Irungna mancrit, panon cureuleuk, bulu mata calentrik bawana ti kudrat. Ngan kulitna hideung santen. Dina jero hatѐ kuring ngomong sorangan. “Teu ѐlѐh aing gѐ. Irung aing, panon aing, malah geuning pakulitan mah punjul kѐnѐh aing, konѐng enay, ngagurilap tandana diri aing mah hadѐ ropѐa.
“Sami-sami Tѐtѐh!”, cenah jawabanana pondok.
“Abdi tos ngobrol sareng Kang Danu. Anjeunna parantos ngangken hoyong migarwa salira, janten istrina nu kadua. Peurih jeung nyeri Yi Ima ngupingna gѐ. Tapi abdi nguat-nguatkeun manѐh. Sumѐndѐr kana kajujuran Kang Danu nu tos kersa terus terang ka abdi palay migarwa Ayi Ima. Kang Danu teu ngabohong ka abdi!”, regot kuring nginum heula. Tikoro asa tuhureun, ciga nu tacan manggih cai bubulanan.
“Tѐh Ais!”, manѐhna megatan omongan kuring.
“Punten tong waka nyarios sateuacan abdi tamat sasanggem!”, ceuk kuring teugeug. Tuluy kuring neuteup seukeut kana beungeutna. Hatѐ mimiti ngahѐab panas. Panas jeung peurih teu puguh rasakeuneunana.
Kuring terus istigfar. Sangkan bisa nahan rasa. Ēra teuing kudu ambek-ambekan hareupeun nu jadi maru. Ngaragragkeun martabat diri sorangan. Manѐhna kudu nyahoeun, yѐn kuring mah istri pinilih, tanggoh tur komaraan.
“Numawi, abdi ngahaja ngulem Ayi ka ieu tempat, supados tiasa ngobrol “empat mata”, paduduaan, silihbudalkeun rasa. Utamana perasaan abdi, abdi pamajikan sahna Kang Danu!”, sora kuring beuki ngageter.
“Naha Ayi tѐh teu payu ka nu lalagasan kitu? Ku naon makѐ daѐk ngadeukeutan ka Kang Danu. Teu sakedik kapan jajaka gandang nu lѐngoh kѐnѐh!”, kuring neuteup deui kana beungeutna.
“Kang Danu ѐh maksad abdi, Pa Danu bageur Tétéh! Romantis sareng ngogo pisan ka abdi!”, halon sorana mѐh teu kadѐngѐ. Sѐak, getih amarah mimiti nguntab kana embun-embunan. Tipepereket kuring nyekel kana korsi anu didiukan. Hatѐ galѐcok deui baѐ paguneman, “Sing kuat Ais, omat, sing kuat!”.
“Tos sabaraha lami kitu kenal sareng Kang Danu makѐ kumawani ngajawab saperti kitu?”, ceuk kuring.
“Ampir sataun Teteh!” , angger ngajawabna bari tungkul, teu wanieun neuteup beungeut kuring.
“Ayi, dua puluh opat taun Teteh nyarengan Kang Danu. Ti jaman kuliah kѐnѐh. Teteh apal kumaha pasipatanana. Utamana lamun geus boga kahayang. Nu mantak usahana maju cara ayeuna gѐ, ku kuatna patѐkadan Kang Danu dina nyanghareupan kahirupanana. Tapi, kahayangna pikeun boga deui pamajikan, kacida pisan beuratna pikeun digugu. Saha awѐwѐna nu daѐk didua. Tapi, lamun meureun ieu geus jadi takdir, abdi ukur bisa pasrah. Mugia baѐ motif Ayi kersa dijantenkeun istri kadua tѐh sarua jeung abdi , pikeun ibadah, milari karidoan Gusti!”, cimata mimiti ngalѐmbѐrѐh mapay pipi. Gustiiiiiiiiiiiiiiiiii....teu kiat abdi tѐh. Kuring indit ngalѐos ti ѐta tempat. Ninggalkeun manѐhna. Teuing naon nu aya dina pikiranana. Kuring teu hayang papanjangan ngobrol.
Dua minggu ti satutasna ѐta kajadian, perasaan kuring acan ngarasa tingtrim, sabab kabaca kѐnѐh tina pasemonna, Kang Danu bet beuki cicingeun. Resep nyorangan sakalieun aya di imah gѐ, bari sering huleng jentul. Ka budak gѐ henteu rapekan.
Tara-tara ti sasari, poѐ ѐta mah Kang Danu tѐh bet bѐbѐrѐs di kamar. Sababaraha baju diasupkeun kana tas travel. Kitu deui laptopna, diasupkeun kana tas paragina. Basa ku kuring ditanya majar isuk rѐk aya pertemuan jeung pengurus HIPMI tingkat Provinsi di Bogor.
Isukna, sabada Aleeka, anak kuring indit ka sakola, Kang Danu gé geus saged dangdan. Panonna mencrong ka kuring. Tuluy ngadeukeutan, leungeunna pageuh nyekelan taktak kuring.
“Ais, hampura Engkang. Ima tѐh embungeun dicandung. Poѐ ieu, manѐhna meredih Engkang nuturkeun ka lemburna di Subang!”, sorana ngageter, halon. Tapi kadѐngѐna ku kuring asa sora gelap salѐsѐr tengah poѐ ѐrѐng-ѐrѐngan.
“Kang Danu!”, kuring tanggah neuteup beungeutna.
“Hampura Engkang Ais!”, celengok tarang kuring dicium. Lalaunan sukuna ngalѐngkah muru kana panto hareup.
“Engkang!”, kuring metot leungeunna. Noyod teu malirѐ. Beuki pageuh kuring muntangan leungeunna. Angger henteu malirѐ. Kang Danu ingkah ti imah nuturkeun panggero napsuna anu teu bisa katuturkeun ku akal logis kuring.
Najan aya kana genep bulanna hatѐ disiapkeun pikeun narima kanyataan nu bakal disanghareupan, teu wudu kuring tѐh bobor karahayuan. Ngarumpuyuk nyuuh kana korsi di tengah imah. Satadina, kuring rѐk nahap-nahapkeun manѐh lamun nepikeun ka kudu dipangnyandungkeun tѐh, sugan jadi wasilah pisurgaeun jaga keur kuring di ahѐrat. Teu nyangka lamun ahirna bet kuring nu ditinggalkeun. Kang Danu milih kѐnѐh sekretarisna, Rahima Nastiti Putria.
Taun ieu, nincak kana puasa katilu ti saprak ditinggalkeun ku Kang Danu. Padangahatѐan ѐta gѐ ku dulur jeung sobat-sobat sangkan kuring boga salaki deui, tapi hatѐ tѐh angger mugen. Teu kapikiran nepi ka lebah dinya.
Kahiji, kuring acan ditalak ku Kang Danu. Najan ceuk aturan agama, geus sah kuring jadi randa sabab leuwih ti genep bulan kuring ditinggalkeun, tapi ceuk aturan nagara kuring tѐh boga kѐnѐh salaki. Can boga surat talak ti Kang Danu. Kaduana, asa trauma kѐnѐh. Kanyerian batin kuring acan sapinuhna pulih. Neger-neger maneh baѐ, dibangbrangkeun ku rupa-rupa kagiatan. Cara ayeuna. Saminggu deui ka lebaran, kuring pakepuk di dapur, mimiti nguѐh, nyieunan kuѐh kering keur mapag poѐ lebaran.
“Mamah, ayeuna ngadamel kueh naon?”, Aleeka nanya ka kuring.
“Kueh keju Ayang! Sok siapkeun bahan-bahanna. Tingalikeun sing saregep, mѐh kѐ jaga Lika pinter ngadamelan kuѐh!”, ceuk kuring bari ngelapan loyang.
“Ciga Mamah nya! Arѐnak da kuѐh damelan Mamah mah. Ēh..kuѐh kѐju tѐh pan kuѐh karesepna Si Papah!”, budak tѐh neuteup beungeut kuring. Males diteuteup, budak tѐh tungkul. Teu kapapanjangan. Kakara taun tukang ku kuring dicaritakeun nu sabenerna ka Aleeka, yѐn bapana boga deui pamajikan sarta tuluy milih cicing di imah itu. Dipupuruk dinasѐhatan, nya ahirna manѐhna daѐk narima kanyataan. Gancang dѐwasa geuning pamikiranana tѐh budak awѐwѐ mah. Keur jongjon kitu, kareungeu bѐl disada.
“Lika, aya tamu. Tingali ka payun. Bilih nu badѐ nyandak kuѐh ka Mamah!”, ceuk kuring. Budak tѐh nurut. Belenyeng ka hareup. Teu lila geus balik deui.
“Mamah! Tamuna aki-aki!”, cenah. Manѐhna ciga nu sieun.
“Aki-aki? Aki-aki saha! Ditaros henteu ku Lika badѐ ka saha!”, ceuk kuring nganaha-naha.
“Enya ku Lika tѐh ditaros, badѐ ka saha! Nyebatkeunana badѐ ka Mamah. Jeung nyanyandak budak deuih!”, Aleeka ngerungkeun tarangna. Mikser dipareuman, tuluy kuring muka celemѐk. Sanggeus meresihan leungeun, tiung nu nyangsang na korsi tѐh dipakѐ.
“Lika antosan di dieu nya, bari nongton tѐlѐvisi. Ulah nyampeurkeun ka payun pami ku Mamah teu disauran!”, ceuk kuring ngomat-ngomatan.
Di rohangan tamu kasampak sѐmah tѐh keur diuk bari ngalahun budak. Budak lalaki nu umurna kira-kira tilu taunan.
“Badѐ ka saha Bapa tѐh?”, ceuk kuring bari perhatian tѐh museur ka budak anu dilahunna.
“Ais! Kumaha damang?”, sora Ki Sѐmah tѐh halon pisan kadѐngѐna. Leng, sajongjongan kuring ngahuleng. Asa apal ka nu boga ѐta sora. Asa kungsi deukeut. Lalaunan beungeut tanggah, ngawanikeun manѐh neuteup nu boga sora.
“Kang Danu! Engkang....!Leres ieu teh Kang Danu!”, kuring ngageugeuweung leungeunna.
“Leres Ais. Ieu Engkang!”, manѐhna cengkat tina diukna. Budak nu dilahun tѐh didiukeun gigireun kuring. Bru manѐhna nyuuh kana lahunan kuring bari ngagukguk ceurik kanyenyerian. Sakedapan kuring ngabigeu. Olohok bengong. Samar polah samar rampa, kudu kumaha nya pilampaheun. Sajongjongan nu ceurik teh diantep. Lalaunan ku kuring diusapan tongngongna. Kacabak tulang tonggong meni norélak euweuh dagingan. Bѐda pisan jeung kaayaanana basa manѐhna ingkah ninggalkeun kuring.
Nu nyuuh tѐh lalaunan dihudangkeun, didiukeun dina urutna tadi diuk.
“Engkang nuju saum?”, ceuk kuring nanya. Manѐhna unggeuk bari nyusutan cipanon ku saputangan biru anu dikodok tina saku calanana. Maksud tѐh rѐk nyuguhan cai mun teu keur puasa mah. Teu tѐga ningali kaayaan warugana. Teu lila pok manѐhna ngomong.
“Engkang tѐh badѐ neda dihapunten ka Ais, rumaos Engkang..”, teu parat nyaritana kaselang ku batuk semu ngahanju. Pikawatireun pisan. Pikiran dipinuhan ku rasa panasaran, naon sabenerna anu tumiba ka diri Kang Danu salila ninggalkeun kuring.
“Engkang, saѐ leleson heula baѐ. Ulah waka diteraskeun ngobrolna. Kѐ saatosna tarawѐh urang teraskeun!”, ceuk kuring megatan omonganana.
“Teu kedah Ais. Bilih teu kabujeng. Engkang tos teu kiat. Engkang neda dihapunten tos ngajaheutkeun manah salira. Rumasa Engkang ѐlѐh wowotan, ngalajur napsu ngumbar sahwat, poho kana wiwaha. Geuning anu dituturkeun teh awѐwѐ racun dunya. Jauh tanah ka langit dibandingkeun jeung salira!”, napasna beuki rénghap ranjug. Kuring tungkul. Teu kuat ku paneuteupna. Teuteup nu salila ieu dipigandrung jeung nu kungsi ngaruntagkeun jajantung kuring, lѐah serah bongkokan, mikaasih ka dirina.
“Mana Aleeka! Tadi nu mukakeun panto sanѐs?”, manѐhna nanya deui.
“Muhun, kѐ urang sauran!”, kuring indit ka tukang. Budak tѐh dipukpruk deui dinasѐhatan. Sangkan lѐah hatѐna narima nu jadi bapa nu ayeuna geus kitu sarѐatna. Rada lila pidato tѐh. Budak rada mugen, embungeun ngamprokan bapana. Tuluy ceurik nyuuh kana lahunan kuring. Diusapan sirahna.
“Enung putra Mamah. Sasih saum ieu tѐh bageur. Alloh ngalungsurkeun rohmat sareng barokahna di ieu bulan. Kitu deui hidep. Bakal kenging rohmat sareng barokah Alloh saupami hidep ihlas ngahapunten Papah. Sumpingna ka dieu Papah tѐh badѐ neda dihapunten saurna. Tepangan bageur, da hidep mah putra solehah. Tingalikeun ka Papah, hidep tѐh hasil didikan Mamah. Buktoskeun ka Papah, Mamah mampuh ngatik hidep jadi istri anu berbudi, putri anu solihah!”, ceuk kuring bari reumbay cimata. Budak tѐh nurut. Nepi ka ruang tamu, Lika munjungan ka bapana. Kang Danu hujan cimata.
“Ais ogѐ Lika putra Papap. Teu aya deui waktu cigana. Sakali deui Papap neda dihapunten. Lahir batin dunya ahѐrat. Mugia hidep duaan ihlas ngahapunten ka Papap”, saputangan nu dicekelna geus cipruk ku cimata.
“Ais! Ima tѐh kabur jeung lalaki sѐjѐn. Engkang jeung budak ditinggalkeun. Nu jadi lantaranana mah sataun katukang usaha Engkang nangkub. Teu nyѐsa saeutik-eutik acan. Saenyana, lebaran taun tukang tѐh Engkang aya maksad rѐk nepungan Ais. Tapi Engkang tѐh ѐra. Ēra ku kalakuan sorangan anu sakitu geus nganyenyerina ka Ais. Ayeuna Engkang tѐh ngawani-wani manѐh, bakat ku geus teu kuat nyidem rasa hanjelu. Kaduhung sagedѐ gunung geus tѐga ninggalkeun Ais. Pati-pati euweuh umur, Engkang geus wakca mѐnta hampura! Sarta nitip ieu budak, pangdidikeun sina jadi lalaki langit lalanang jagat, lalaki anu solѐh tur pinuh ku tanggung jawab, ulah ciga Eng....”, ngomongna teu anggeus. Sorana beuki halon. Tuluy batuk teu eureun-eureun. Tina bahamna kaluar getih. Lenggerek Kang Danu kapiuhan, ngalenggerek kana lahunan kuring. Kuring kadua Lika teu puguh cabak. Jaba budak lalaki bawana Kang Danu ceurik baѐ bari sasambat bapa-bapaan. Bari babacaan kuring neger-neger manѐh. Nu ngalemprѐh tѐh dilahun sirahna. Digolѐrkeun dina korsi panjang.
“Urang ka rumah sakit nya Engkang!”, ceuk kuring. Sirahna gideug tanda teu panuju.
“Ais, nitip Raga. Eta budak Engkang ti Ima. Raga Jati Pamungkas ngaranna. Nitip nya!”, sorana halon. Kuring ukur bisa unggeuk. Pikiran nyorѐang deui ka mangsa katukang. Mangsa rumah tangga geugeut layeut. Kang Danu kungsi nyarita, cenah mun hiji waktu dipundut umur, mun meunang nawar, maot tѐh hayang dina lahunan kuring. Babacaan sabisa-bisa. Kuring nu ngalahun sirahna, Lika dina sukuna.
Sedengkeun Raga, hideng, pageuh nangkod kana tonggong kuring.
“Allohuakbar!”. Kalimah ilahiyyah panungtungan nu diucapkeun ku Kang Danu tina bahamna. Bangun nu hampangeun nakeranan. Taya kabeubeurat meureun,naon nu salila ieu jadi siksaan kana batinna geus dikedalkeun. Kuring tiluan paungku-ungku. Antara sadar jeung henteu, kuring ngagerendeng lalaunan.
“Innalillahi wainnailaihi roji’un. Asal ti Gusti mulang ka Gusti. Wilujeng angkat Engkang, mugia kѐnging kabagjaan di kalanggengan. Dihapunten pisan ku abdi, samulihna, abdi gѐ neda dihapunten bilih kantos ngajaheutkeun manah salira.”
Sanggeus dua kali manggih lebaran, Kang danu taya laratanana, puasa taun ieu mah Kang Danu mulang. Mulang ka imah nu kungsi jadi tempat bumetahna, ngalayad kuring jeung Aleeka, ngalayad kuѐh keju, kuѐh lebaran pangarasepna nu teu kungsi kaasaan. Kang Danu mulang keur salilana, dipundut ku nu rahayu, dipѐnta ku nu kagunganana.
Kenging : Hena Sumarni – Cimahi, 13 Agustus 2010
(MANGLE, NO. 2291, 7-13 OKTOBER 2010)
Langganan:
Postingan (Atom)